RomansRumRum 11 Ieu surat ti simkuring, Paulus, — abdina Isa Al Masih, anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul teh, nya eta pikeun nguarkeun Injil Allah. 2 Eta Injil ti baheula keneh geus dijangjikeun ku Allah, diserat dina Kitab Suci ku nabi-nabi-Na. 3 Eusina, nyaturkeun hal ihwal Putra-Na tea, anu mungguhing jasmanina mah lahir ti turunan Daud. 4 Tapi mungguhing rohani mah, Anjeunna teh Putra Allah nu kawasa, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Hal ieu nyata, ku gugahna Anjeunna ti nu maraot. 5 Anjeunna anu ngersakeun simkuring jeung batur-batur jadi rasul, nya eta pikeun mawa sagala bangsa, supaya palercaya jeung tigin ka pajenengana-Na. 6 Aranjeun ge teu kaiwalkeun, milik Al Masih keneh nu pada-pada disaur, 7 dumateng sakumna dulur-dulur, — anu beunang nyaur, beunang nyucikeun, tur anu diasih ku Allah — anu marukim di nagara Rum. Hatur salam ka sadayana, mugi-mugi aranjeun ginanjar kurnia ti Allah, Rama urang tea, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 8 Ti payun simkuring matur puji sukur ka Gusti Allah demi Isa Al Masih, rehna nguping yen iman aranjeun geus kaceluk ka jauhna. 9 Demi Allah anu ku simkuring disembah dibakti enggoning ngemban Injil ngeunaan Putra-Na, yen sajeroning neneda, hate mah teu weleh cumantel ka aranjeun. 10 Dina paneda tara towong nya nyuhunkeun, mugi-mugi Anjeunna kersa marengkeun simkuring bisa patepung jeung aranjeun. 11 Pohara hayangna nepungan aranjeun teh, bari hayang mawakeun pangdeudeul eusining batin; 12 malakmandar, ku kitu teh, simkuring oge beuki pangger. Jadi, urang silih kuatkeun iman. 13 Geus lila simkuring hayang nepungan teh, dulur-dulur! Simkuring hayang nyaho buah-buah rohani anu aya di antara aranjeun, nya kawas anu kaalaman di kalangan sejen nu sarua lain bangsa Yahudi. Tapi saban-saban, sok aya bae halanganana. 14 Boh ka urang Yunani, boh ka nu lain, boh ka nu terpelajar, boh kanu henteu, simkuring teh kahutangan budi. 15 Ku kituna ka aranjeun oge, anu marukim di Rum, simkuring teh mani kumejot hayang nguarkeun Injil. 16 Simkuring moal rek era-era nguarkeun Injil teh, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani. Sabab Injil teh, pangawasa Allah pikeun nyalametkeun sing sakur anu percaya: Pikeun urang Yahudi mah pangheulana; geus kitu, kakara bangsa-bangsa sejenna. 17 Dina Injil, nyata, yen Allah teh estu mikersa supaya manusa satia iman ka Mantenna, malar bisa diangken. Sabab ceuk Kitab Suci oge: ‘Jalma anu diangken ku Allah lantaran iman ka Mantenna, tinangtu dipaparin hirup.’ 18 Ka jelema anu resep kana masiat jeung kadorakaan, anu ngidek-ngidek bebeneran ku kajahatan, bebendu Allah geus nompo ti sawarga. 19 Sabab maranehna teh lain can nyaho kana hal-hal ka-Pangeranan, da ku Allah teh geus dibejaan. 20 Kapan ti barang aya dunya oge, sipat-sipat Anjeunna, — sanajan teu bisa katenjo, upamana bae kakawasaana-Na anu langgeng — geus nyata tur tetela tina yasa dadamelana-Na, nepi ka maranehna teh taya pikeun ukal-ekol. 21 Tapi sakitu maranehna nyaho, yen Allah teh aya; maranehna, keukeuh mungkiran Anjeunna; boro-boro daek muji nganuhunkeun kana padamelana-Na. Tangtu bae, ari kitu mah, sagala kalakuanana teh manjing kana sia-sia; hatena ge, beuki mintul jeung beuki poekkeun bae. 22 Heug bae, maranehna dadaku pinter ge; padahal, maranehna teh, geus kabalinger. 23 Kamulyaan Allah anu sipatna langgeng, diganti ku titironana-Na anu sipatna teu lana, nya eta arca jalma, arca manuk, jeung arca sato nu suku opat atawa anu ngarayap. 24 Kulantaran maranehna geus teu malire ka Allah; jadi, ku Allah oge, maranehna teu dipalire; maranehna teh dilurkeun bae, kumaha karepna anu rarujit tea; malah mah, di antara maranehna teh nepi ka silih ngahinakeun dirina. 25 Maranehna, nyokot bohong miceun kayaktian Allah. Tuluy maranehna nyembah ka mahluk dadamelan, lain ngabakti ka Anu midamelna. Padahal, anging Mantenna nu wajib disembah salalanggengna. Amin. 26 Eta sababna, maranehna ku Allah diantep kaimpungan napsu teu jujur. Awewena ngalampahkeun sapatemon anu henteu munasabah; 27 lalakina saruana, ngaleok kana birahi nu jorok, nya eta tepung sahwat jeung papada lalaki. Tangtu bae, pikeun maranehna, aya balukarna; temahna malindes ka diri, upah tina getering birahi nu rujit. 28 Leuwih goreng deui, maranehna geus ngarasa teu perlu ngendahkeun ka Allah, dumeh ngarasa gagah jeung pinter. Ku sabab eta, ku Allah oge, maranehna dilurkeun. Pipikiranana, jadi mahiwal; laku lampahna, 29 pinuh ku napsu teu patut: Jejel ku kadorakaan, sarakah, licik, dengki, wani maehan, resep pasea, cidra, jail, 30 resep ngupat, mitenah, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung adiguna, pinter kana kagorengan, basangkal ka kolot, 31 baid kana diajar, linca-linci, taya karunya, sarta taya hampura. 32 Nyucudna pisan, sakitu nyaraho kana hukum Pangeran yen kalakuan-kalakuan kitu teh manjing kana hukum pati, tapi tonggoy bae dilalampahkeun. ku sabab maranehna sorangan kitu, mun aya nu kawas kitu deui teh, kacida panujueunana. 1 Ari jadi jelema, boh pangkat naon oge ulah sok nyalahkeun ka batur. Sabab nyalahkeun batur teh, sasat ngahukum maneh; da dirina sorangan anu ngahukum ge, sarua doraka. 2 Tapi papadaning kitu, urang masing yakin, yen nu nyarieun dosa teh moal teu dihukum saadil-adilna ku Pangeran. 3 Na ku ngahukum dosa batur, urang bisa luput tina pangadilan Allah? 4 Naha piwelas jeung kasabaran Allah nu taya watesna teh ku urang rek dianggap kalemahan Anjeunna? Teu maphum kitu, yen kasabaran Allah teh, maksudna mere kasempetan pikeun urang tobat? 5 Jelema anu neugtreug nolak pertobat, eta teh numpukkeun bebendu Allah anu baris mahala ka dirina kalawan jujur tur adil, di mana enggeus mangsana. 6 Moal henteu, tangtu baris nandangan wawales ti Allah, satimpal jeung kalakuanana. 7 Nu ngamalkeun kahadean, ngipuk kamulyaan budi ngutamakeun jatnikaning lampah, baris ginanjar hirup langgeng. 8 Ari nu wangkelang ka Pangeran, nu resep keneh ngawula ka dosa batan ngabdi ka Pangeran, baris nandangan bebendu jeung wawales-Na. 9 Sangsara reujeung rurubed baris tumiba ka jelema anu resep kana kagorengan: Pangheulana ka urang Yahudi, terus ka urang Yunani. 10 Sabalikna, — sakali deui — kamulyaan, kahormatan, jeung katengtreman batin baris ganjaran saban jalma nu ngamalkeun kahadean: Pangheulana urang Yahudi, terus urang Yunani; 11 da Allah mah heunteu pilih kasih. 12 Nu migawe dosa bari teu terang kana hukum Toret, maotna moal didakwa ku Toret. Sabalikna, nu migawe dosa, padahal terang kana hukum Toret, baris dihukum nurutkeun Toret. 13 Sabab anu bener di payuneun Pangeran mah, lain anu dapon terang kana Toret, tapi anu ngamalkeun eusina. 14 Upama bangsa nu can terang kana hukum Toret, ku perbawa watekna migawe anu sapagodos jeung Toret, najan nyatana teu boga Toret, dina hakekatna mah geus ngabogaan. 15 Sabab lampahna tea, nyirikeun yen hukum Toret geus kaukir dina hatena. Jaba ti eta, lelembutanana ge, sajalan jeung eta hukum; lantaran budi rasana daek ngamudi pikir, nya eta nyalahkeun atawana ngabenerkeun. 16 Sing percaya, eta kabeh baris dibalitungkeun dina poean pamutusan nangtukeun hukuman. Sagala lampah anu buni baris nembrak, nya eta dina waktu Allah — ku Isa Al Masih — mimiti ngahakiman, sakumaha anu ditetelakeun dina Injil anu ku simkuring diwawarkeun. 17 Aranjeun teh rasa maneh urang Yahudi, reueus pedah boga Toret, agul pedah jadi umat Allah, 18 ngarasa diri terang kana pangersa-Na, terang ka nu bener jeung nu salah, dumeh geus ngaji Toret. 19 Heug bae arumangkeuh, ieu aing tukang tuduh jalan ka batur, ngarasa jadi obor keur nyaangan batur nu hirupna poekkeun, 20 purah nungtun nu balilu, ahli ngawarah ka barudak, dumeh ngarasa nyekel jejer bebeneran, nya eta Toret sumberna elmu nu luhung. 21 Cik, majar ahli papatah teh kersa kitu mamatahan maneh? Ka batur mah, anjeun ngalarang ulah maling; ari anjeun tara pulang-paling kitu? 22 Anjeun ngalarang ka batur ulah jinah; ari anjeun tara jinah kitu? Anjeun ceuceub ka brahala-brahala; ari anjeun teu ngarasa yen aranjeun teh sok mupusti barang-barang asal ti imah brahala? 23 Anjeun nu reueus ku Toret, naha teu ngarasa yen anjeun geus ngahina Allah lantaran ngarempak Toret? 24 Dina Kitab geus sidik ditulis: Ku pamolah tabeat urang Yahudi, temahna pajenengan Allah goreng dianggapna ku bangsa-bangsa sejen! 25 Mungguhing sunat, eta memang hiji tanda yen urang kagungan Allah. Kitu soteh lamun anjeun ta'at kana parentah Toret. Ari anjeun henteu ta'at mah, najan disunat oge, sarua jeung henteu. 26 Sabalikna, anu teu disunat, tapi ngalampahkeun hukum Toret, na eta teh lain kaasup disunat? 27 Ku sabab eta, jelema anu teu disunat, tapi tunduk kana hukum Toret; tangtu eta jelema bakal nyalahkeun ka aranjeun. Sabab aranjeun mah, geus teu make kana Toret teh. Padahal, eta Toret teh milik aranjeun tur aranjeun teh geus disunat. 28 Sabab nu disebut ‘Yahudi’ teh, lain pedah nurutkeun lahirna bae Yahudi. Sajatining sunat ge kitu, lain sunat nu jasmani. 29 Yahudi sajati mah, lain ku dumeh bangsa Yahudi; tapi saenyana mah, jelema anu jiwana madep ka Allah. Sajatining sunat ge kitu, lain hiji ciri lahir; tapi saenyana mah sual kajiwaan, anu timbulna ku karana iman: Lain ku karana parentah Toret; lain ngarah meunang pangakuan ti papada jalma, tapi ngan ti Allah. 1 Ana kitu naon leuwihna urang Yahudi? Jeung ari sunat aya gunana? 2 Aya, malah loba. Pangpangna mah, maranehna teh geus ginuluran jangji Allah. 3 Memang aya sababaraha urang anu teu daraek percaya kana hal eta, tapi naha eta matak ngaleungitkeun kasaestuan Allah? 4 Henteu, kasaestuan Allah moal sirna. Allah tetep saestu, sanajan manusa euweuh nu bener. Cek Kitab: ‘Margi sugri timbalan Gusti teh nyata saestu, tur moal mencog sanajan kedah diuji.’ 5 Tapi upama heug kadorakaan urang teh anggur matak nyata yen Allah saestu, na pantes urang nyalahkeun Pangeran teu adil upama Anjeunna ngahukum? Upama aya anu nanya kitu mah, kama'lum. 6 Jawab simkuring kieu: Allah teh sama sakali lain teu adil. Upama enya Allah teu adil, naha bisa jadi Hakimna umat manusa? 7 Tapi upama kateubeneran urang tea matak tambah nyata kasaestuan Allah, naha atuh eta dosa urang teh masih kudu dihukum keneh bae? 8 Kapan sidik yen urang teh mencog, majarkeun: Atuh urang teh kudu nyieun dosa, supaya kaciri aya nu bener. Jelema anu kieu palsapahna mah, munasabah pisan upama dihukum oge! 9 Ana kitu, naon atuh punjulna urang Yahudi teh? Sama sakali teu aya! Kapan ku simkuring geus disebutkeun, boh urang Yahudi, boh urang Yunani, kabeh ge, geus kabeulit ku dosa. 10 Cek Kitab: ‘Euweuh nu bener saurang oge! 11 Euweuh anu kaancikan budi, euweuh nu hayang nyukcruk ka Pangeran. 12 Geus malurtad, taya pigunaeunana, euweuh nu bener lampahna, teu hiji-hiji acan. 13 Genggerongna jeg makam nu geus gorowong, letahna keur palacidra, biwirna pikeun ngaracun. 14 Sungutna gampang sasapa. 15 Sukuna merod kana ngocorkeun getih, 16 tapak-tapak lengkahna ngan ukur ruruntuhan jeung kasangsaraan. 17 Kana jalan karapihan nyaho ge henteu. 18 Taya pisan semuna sieun ku Allah.’ 19 Urang pada terang, yen hukum Toret teh pikeun nu kabawah ku eta hukum, supaya maranehna euweuh anu bisa mungkir deui pikeun ngabela diri. Sabab sadunya oge, kabeh, kudu ngadep ka payuneun pangadilan Allah. 20 Sabab di payuneun Allah mah, jelema teh moal disebut bener dumeh nedunan sareat Toret. Karana ari hukum Toret tea, sipatna teh, ngan ukur jadi pituduh nu nerangkeun naon dosa urang teh. 21 Tetela tanpa Toret oge, kasaestuan Allah mah, geus nyata. Komo ieu sanggeus dinyatakeun ku Toret jeung kitab nabi-nabi, yen: 22 Kasaestuan Allah tumerap ka sakur nu baroga iman ka Isa Al Masih. Sabab Allah mah, moal ngabeda-beda. 23 Lantaran kabehanana oge, geus nyieun dosa, jauh mengpar tina kamulyaan Allah. 24 Diangken bener soteh, estuning ku piwelas kurnia Allah bae, nu geus ngersakeun supaya urang ditebus ku Isa Al Masih. 25 Anjeunna ku Allah diserenkeun sina pupus disalib, pikeun jadi marga lantaran panghampura dosa umat anu percaya. Ieu teh ngabuktikeun Allah saestu, dugi ka kersa mupus dosa anu geus sakitu lilana ku Anjeunna disabaran. 26 Oge keur bukti di jaman kiwari, yen Anjeunna estu Maha adil, nepi ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih ku Anjeunna diangken bener. 27 Tumali jeung eta, upama jalma masih keneh ngagul-ngagul lampah, ayeuna mah geus teu jaman. Agul ku naonana? Ku amal perbuatanana? Ayeuna mah kudu robah: Piceun eta kaagulan teh, hirupkeun iman kapercayaan! 28 Sabab geus tetela, yen anu bener di payuneun Allah mah, nya eta anu nyata iman kapercayaanana teh ka Juru Salamet ti Allah, lain ku dumeh ngalakonan parentah Toret. 29 Allah teh lain milik urang Yahudi wungkul, tapi milik bangsa-bangsa nu lain Yahudi oge. Ieu kudu dicekel bener-bener! 30 Hartina, boh nu disunat demi imanna, boh nu teu disunat tapi boga iman, ku Allah anu Tunggal baris diangken bener. 31 Naha pedah urang geus boga iman, Toret jadi batal? Henteu! Sabalikna! Ku lantaran iman, urang teh malah ngukuhkeun Toret. 1 Ari ka Ibrahim, nu dina sareatna jadi pupuhu karuhun urang, kumaha larapna sual iman teh? 2 Kieu: Upama anjeunna diangken benerna teh ku sabab hade lampahna, arek agul oge pantes. Tapi pamohalan, anjeunna ngagulkeun anjeun ka Pangeran. 3 Cek Kitab oge kumaha? Cek Kitab: ‘Ibrahim percaya ka Pangeran sarta eta kapercayaanana ku Pangeran dietang jadi bebeneranana.’ 4 Buruhan anu katampa ku nu digawe, memang geus hakna, lain hadiah. 5 Tapi upama aya jalma anu geus nampa panghampura, lain tina hasil pagaweanana; jadi, muklis ku lantaran manehna percaya ka Anu baris ngahampurana. Eta anu katampana teh, estu sih kurnia. Sabab anu jadi dasar teh, kapercayaan manehna, lain dibalitungkeun jeung pagaweanana. 6 Tah ieu anu matak bagja mah, nya eta diangken bener tina iman, lain tina lampah. Sakumaha saur Daud: 7 ‘Bagja jamuga jalma anu dihampura kadorakaanana, anu dipupus dosana. 8 Estu bagja jelema anu kaluluputanana henteu dibalitungkeun ku Pangeran.’ 9 Naha ieu hal bagja teh ngan keur jelema anu disunat wungkul? Atawa oge keur nu teu disunat? Ieu pertanyaan dumeh aya katerangan, yen Ibrahim diangken bener ku karana imanna tea. 10 Harita kumaha, — basa hal eta dinyatakeun ka Ibrahim — anjeunna geus disunat? Acan, acan disunat. 11 Kengingna tanda sunat mah, pandeuri, nya eta pikeun tanda cap kasaestuanana, demi imanna ti memeh anjeunna disunat. Tumali jeung eta, anjeunna teh geus jadi bapa pikeun sakumna jalma iman najan teu disunat, nya eta anu diangken bener ku karana iman. 12 Oge jadi bapa sakumna umat sunat anu lain ngan ukur disunat wungkul, tapi lakuning hirupna ge kudu sakumaha Ibrahim, pupuhu karuhun urang, anu geus iman ka Pangeran ti samemehna disunat. 13 Jangji Allah, yen Ibrahim katut turunan-turunanana baris diwaris jagat teh, lain ku sabab anjeunna ngalakonan hukum Toret; tapi ku sabab boga iman, anu ngalantarankeun lampahna jadi bener. 14 Sabab upama hal anu dijangjikeun ku Allah teh bisa katampa ku ngalakonan hukum Toret, iman teh, atuh cumah bae; tur jangji tea oge, taya eusina. 15 Sabab Toret mah, ngandung ancaman. Memang, lamun Toret tea henteu aya, palanggaran oge moal aya. 16 Ku sabab eta, tetela, yen lampah bener anu dumasar kana iman teh geus nimbulkeun sih kurnia. Ku kituna, jangji Allah ka Ibrahim saturunanana teh, lain ngan pikeun anu boga Toret bae; tapi oge pikeun anu boga iman, kawas Ibrahim. Jadi, tetela, Ibrahim teh karuhun sarerea. 17 Sakumaha cek Kitab: ‘Maneh ku Kami diangkat jadi bapa pirang-pirang bangsa.’ Ku kituna, Ibrahim teh, jadi bapa sarerea. Mungguh kanggo Allah mah, Allah anu ku anjeunna dipercaya, anu iasa ngahirupkeun anu maot, anu ku lantaran pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya. 18 Sanajan harita mah, jangji tea, acan aya buktina; tapi pangharepan Ibrahim teu kalis ku kitu. Anjeunna yakin, yen moal mencog deui tangtu bakal jadi bapa pirang-pirang bangsa teh. Cek Kitab Suci: Kitu reuayna katurunan maneh engke. 19 Najan ngemutkeun kana yuswana anu geus saratus taun; tanagana ge, geus suda kabina-bina; turug-turug Sarah oge geus taya bahan kana bisa ngandung; 20 kapercayaanana kana eta jangji Allah, teu galideur. Malah beuki pageuh bae, dibarung ku mumuji ka Mantenna. 21 Tetep manteng tur yakin, yen Allah kawasa ngalaksanakeun jangji-Na. 22 Eta sababna, anjeunna diangken bener. 23 Kecap ‘anjeunna diangken bener,’ lain ngan ka Ibrahim wungkul, 24 tapi oge pikeun urang. Sabab urang oge ku Allah diangken kitu, tegesna urang anu percaya ka Anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, ti nu maraot; 25 Isa teh, geus dikurbankeun ku karana dosa urang; tapi Anjeunna ge geus digugahkeun deui, supaya urang bisa diangken jelema bener ku Allah. 1 Sanggeus urang diangken bener lantaran iman, urang teh dicandak rapih deui ku Allah ku karana Isa, Gusti Jungjunan urang. 2 Ku karana Anjeunna, urang anu iman meunang asup kana alam sih kurnia, alam hirup anu pinuh ku bagja sarta dipaparin harepan baris meunang kamulyaan ti Allah. 3 Untungna deui, sanajan dina lara balangsakna, bagjana mah mo weleh karasa; dumeh urang terang yen kasangsaraan teh ngan keur nguji kasabaran wungkul. 4 Lamun geus bisa sabar, tangtu baris tahan uji; ari anu tahan uji boga pangharepan. 5 Eta pangharepan teh, moal matak kaduhung ahirna; sabab urang geus meunang sih kurnia Allah, nya eta Ruh Allah anu ngancik di jero hate. 6 Sajeroning urang dina kaayaan teu daya teu upaya keneh, — dina mangsa nu ku Allah geus dipasti — Al Masih geus nemahan pati pikeun nalangan urang jalma doraka tea. 7 Manusa mah arang langka aya nu bela pati, sanajan ka jalma anu teu tuah teu dosa. Di ayana ge, tangtu anu dibelana teh jalma anu luar biasa hadena. 8 Ari Allah mah, ti alam urang hirup dina kadorakaan keneh oge geus ngabuktikeun asih-Na, nya eta nepi ka Al Masih kudu pupus pikeun urang. 9 Komo ayeuna, sanggeus urang diangken bener ku karana getih Al Masih, tinangtu luput tina bebendu-Na. 10 Ti alam urang nyatru keneh, Anjeunna kersa ngarapihkeun anjeun jeung urang ku jalan maparin panebus, nya eta nyawa Putra-Na. Komo ayeuna, sanggeus puguh aya karapihan; urang teh, ku Anjeunna tangtu kana leuwih dirahayukeun deui ku lantaran Putra-Na anu jumeneng di jero diri urang. 11 Lain ngan sakitu bae, ayeuna mah, urang teh malah bisa maruji sarta ngagungkeun ka Allah ku lantaran Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, nu geus maparinkeun karapihan tea. 12 Ku sabab dosa nu mateni teh asupna ka alam dunya ku pamolahna jelema saurang, temahna kabeh manusa kudu paeh; lantaran kabeh ge, geus karingkus ku dosa. 13 Ari dosa teh, ayana di alam dunya, jauh ti samemeh aya Toret. Ngan samemeh aya Toret mah, dosa teh teu dibalitungkeun. 14 Najan kitu, ari paeh mah teu meunang henteu; sabab ajal mah geus murba, ti jaman Adam nepi ka jaman Musa. Kabeh keuna ku paeh, najan dosana henteu sarua jeung dosa anu dilampahkeun ku Adam, nya eta manusa anu jadi gambaran Anu baris pisumpingeun tea. 15 Sukur, ari sih kurnia Allah mah, beda deui sipatna ti pangrempak Adam. Ari pangrempak mah najan anu ngalampahkeunana ngan saurang, balukarna matak paeh ka sarerea. Sabalikna, kamurahan sarta sih kurnia Allah, matak jembar ka kabeh manusa. Sabab ku lantaran hiji Manusa, nya eta Isa Al Masih kabeh manusa geus ginuluran berkah tanpa wangenan. 16 Kaasihan jeung sih kurnia Allah mah sabalikna ti dosa anu saurang tea, anu nungtunna kana pangdakwa jeung hukuman. Ari sih kurnia Allah mah ngalantarankeun kabeh manusa najan geus migawe kadorakaan mangpirang-pirang oge dihampura, dietang bener. 17 Sabab nyata, pangrempak nu saurang ngalantarankeun kabeh manusa kapurba ku ajal; sabalikna, padamelan nu saurang deui mah, nya eta Isa Al Masih, matak jembar taya babandinganana, nepi ka kabeh manusa meunang sih kurnia anu taya wiwilanganana, nya eta diangken bener tur baris hirup murba jeung kawasa. 18 Jadi ku lantaran dosa jalma saurang, sakabeh manusa geus keuna ku hukuman; nya kitu deui, sakabeh manusa geus diangken bener ku lantaran benerna manusa anu saurang tea. 19 Cindekna, tina sabab teu ta'atna manusa anu saurang, sakumna manusa geus kabawah ku dosa; nya kitu oge, ku ta'atna manusa anu saurang deui teh, sakabeh manusa geus diangken bener. 20 Sanggeus aya hukum Toret, dosa teh anggur beuki tambah-tambah. Tapi puji sukur ka Pangeran, sih kurnia Anjeunna estuning tanpa wangenan! 21 Sabab sakumaha dosa, geus ngawasaan alam maot; kitu keneh sih kurnia-Na oge, murba di alam hirup anu langgeng ku karana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 1 Kumaha sikep urang? Arek jongjon migawe dosa malar sih kurnia Allah beuki rosa? 2 Salah kitu mah! Urang anu geus paeh pikeun dosa, mustahil bisa keneh hirup dina dosa! 3 Sageuy geus paroho, yen urang sakabeh geus dibaptiskeun ka salira Al Masih; ku kituna, urang teh, dina hakekatna mah geus milu maot babarengan jeung Anjeunna. 4 Ku lantaran geus dibaptis, urang teh geus milu paeh sarta dimakamkeun bareng jeung Anjeunna; malar bisa asup ka alam hirup anu anyar, sakumaha Al Masih oge ku kawasa Rama geus dihirupkeun deui ti nu maraot. 5 Sabab lamun urang geus satunggal jeung Anjeunna dina pupus-Na, tangtu oge baris satunggal dina gugah-Na. 6 Tegesna, kamanusaan urang anu heubeul teh, geus disalib bareng jeung Anjeunna, supaya diuculkeun tina panyerek dosa; 7 sabab ari urang geus maot mah, moal teurak ku dosa. 8 Ku sabab eta, lamun urang geus tunggal maot jeung Al Masih, tangtu oge bakal tunggal hirup deui jeung Anjeunna. 9 Sabab sanggeus Al Masih gugah ti nu maraot, Anjeunna henteu nyorang deui pupus lantaran geus teu bisa kapurba deui ku kakawasaan maot. 10 Sakali Anjeunna pupus, geus cukup keur ngamusnakeun dosa salalawasna; ari hirup-Na nu anyar mah ngan kanggo Allah. 11 Jadi, kudu kieu mandangna: Urang geus maot pikeun dosa. Ku lantaran satunggal jeung Isa Al Masih, urang geus dipaparin hirup nu anyar sanggakeuneun ka Allah. 12 Ku sabab eta, badan urang anu sipatna teu langgeng teh, ulah nepi ka sina kapurba deui ku dosa katut panggodana. 13 Anggahota-anggahota badan urang oge, ulah dibikeun jadi pakakasna dosa. Malah sanggakeun diri urang, — anu tadina geus aya di alam maot — ka Allah; sabab ayeuna mah, geus aya deui di alam hirup. Sakujur awak urang oge pasrahkeun ka Anjeunna, jadikeun pakarang kayaktian Pangeran. 14 Sabab dosa teh, kiwari mah, geus lain dunungan urang deui. Lantaran urang geus henteu diparentah ku Toret, tapi aya dina panangtayungan sih kurnia Allah. 15 Naha pedah urang teh geus diereh ku sih kurnia, lain ku hukum Toret deui, arek terus migawe kadorakaan? Sing eling! 16 Sageuy teu terang, yen samangsa-mangsa urang masrahkeun diri kana hiji kawasa bari ulun kumawula ka dinya, saenyana urang teh geus ngabdikeun diri: Boh kana kawasa dosa anu ngabalukarkeun maot; boh kana kawasa Allah anu nungtun kana kasaestuan. 17 Puji jeung sukur ka lenggah Allah! Memang, bareto mah urang teh badegana dosa; tapi kiwari mah, buleud nurut kana piwuruk anu enggeus katarima, 18 geus dibebaskeun tina dosa, sarta jadi kawulaning kasaestuan. ( 19 Simkuring ngomong kieu teh make alam pikiran sapopoe bae, supaya gampang kaharti). Tadina, anggahota-anggahota badan aranjeun teh sina kumawula kana rereged jeung hirup rucah, nu matak jadi nambahan doraka. Ayeuna mah, sakujur badan teh kudu dipake ngabdi kana hal anu pibenereun, supaya jadi suci. 20 Sabab waktu aranjeun dijajah ku dosa, aranjeun teh lesot tina bebeneran. 21 Naon hasilna nu geus kapetik? Estu matak muringhak nginget-ngingetna oge; sabab nu kapetik teh, taya lian, iwal ti maot! 22 Tapi ayeuna, sanggeusna ngabakti ka Allah aranjeun bebas tina dosa sarta metik hal anu suci, hiji jalan anu brasna kana hirup anu langgeng. 23 Sabab upahna dosa teh, Maot; sabalikna, berkahna sih kurnia mah, hirup langgeng jeung Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 1 Dulur-dulur! Piraku teu terang, yen hukum teh, kakuatanana ngan keur satungtung urang hirup keneh. (Ieu omongan simkuring teh ditujulkeun ka anu geus arahli). 2 Contona: Hiji awewe, kakurungna ku hukum tikah teh ngan sapanjang salakina hirup keneh. Ari salakina geus maot mah, manehna leupas tina eta hukum. 3 Satungtung salakina hirup keneh, upama awewena kawin kanu sejen, ngaranna jinah. Lamun kawinna deui sanggeus salakina maot mah, lain jinah; sabab manehna, geus teu kakurung deui ku hukum. 4 Nya kitu pisan, pupusna Al Masih dina tihang salib teh geus ngalantarankeun aranjeun maot, leupas tina hukum Toret. Ku sabab eta, aranjeun bisa kapimilik ku nu lian, nya eta ku Anu geus dihirupkeun deui ti nu maraot, pikeun ngabijilkeun buah-buah pagawean anu hade kanggo Allah. 5 Waktu urang hirup dina sipat jasmani, ku sabab kapangaruhan ku Toret, tabeat teh pinuh ku napsu kana ngalampahkeun dosa; nya anu balukarna mah, maot tea. 6 Tapi ayeuna mah, urang teh geus dibebaskeun tina hukum Toret. Jadi, pikeun Toret anu sakitu ngabeungkeutna teh, urang geus paeh. Ku kituna, urang geus lugina enggoning ngabakti ka Allah. Lain ngabakti nurutkeun cara anu heubeul, sakumaha sacerewelena uni Toret, tapi ku cara hirup nu anyar kalawan panuyun Ruh. 7 Kumaha anggapan urang ayeuna? Naha ari Toret teh dosa? Lain! Malah simkuring terang kana dosa teh tina hukum Toret. Simkuring moal terang naon dosana jalma hawek, lamun teu aya hukum Toret anu unina: ‘Maneh ulah hawek.’ 8 Ku sabab aya eta larangan, dosa teh boga kasempetan ngahudangkeun rupa-rupa napsu teu uni di diri simkuring. Da mun teu aya hukum Toret mah, dosa teh paeh. 9 Waktu keur di luareun hukum Toret mah, simkuring teh hirup. Tapi sanggeus kabeungkeut ku undang-undangna, jadi tibalik, nya eta dosa anu hirup, 10 ari simkuring anu paeh. Jadi, eta undang-undang anu kuduna nungtun kana hirup teh, malah maehan ka simkuring. 11 Ku ayana eta undang-undang, dosa teh bisaeun ngagoda ka simkuring, nepi ka simkuring paeh ku eta undang-undang. 12 Najan kitu, ari Toretna mah estuning suci. Undang-undangna oge suci, adil tur hade. 13 Jadi, na enya eta anu sakitu hadena teh matak paeh keur simkuring? Mustahil! Kieu nu saenyana mah: Dosa teh dasar dosa, eta hal nu hade teh ku dosa tetep dipake alat maehan simkuring. Tetela, pohara jahatna, dosa teh! 14 Sarerea oge terang, hukum Toret teh sipatna rohani, ari simkuring sipat jasmani, geus kabeuli sarta kabeulit ku dosa. 15 Simkuring nepi ka helok ku lampah diri sorangan; dumeh anu dipilampah teh, salawasna, wet lain nu dipimaksud, tapi anu ku sorangan ge dipikaijid. 16 Papadaning kitu, unggal-unggal, simkuring teh ngalampahkeun anu dipikaijid tea; ari kitu mah, simkuring ngaku, yen hukum Toret teh hade. 17 Ana kitu atuh anu ngalampahkeun kagorengan teh lain simkuring, tapi anu nyayang di diri simkuring, nya dosa tea. 18 Simkuring rumasa pisan, yen sakumaha ilaharna manusa simkuring teh sama sakali henteu kaancikan ku bebeneran. Aya oge karep anu hade, tara sok nepi ka prakna. 19 Da anu dipilampah teh lain anu hade, sakumaha anu dicita-cita, anggur anu jahat jeung anu dipikaijid tea. 20 Atuh tetela, anu ngalampahkeun pagawean nu teu dipikahayang teh, saenyana mah lain simkuring, tapi dosa anu nyayang dina diri tea. 21 Jadi simkuring teh manggih pangalaman kieu: Unggal boga niat ngalampahkeun nu hade, anu jahat teh enggeus nyampak. 22 Ari batin kataji ku hukum Allah; 23 tapi dina awak karasa aya kakuatan sejen anu merangan budi rasa, anu temahna simkuring teh kaboyong ku eta kakuatan dosa anu ngawasaan sakujur awak simkuring. 24 Beu, tetela, jalma cilaka simkuring teh! Saha atuh anu bisa nulungan simkuring tina ieu hirup nu katungkul kupati teh? 25 Aya, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Sembah nuhun ka Allah. 26 Tah kitu simkuring teh, mun diantep karep mah: Ari cek budi rasa kudu ngawula teh ka hukum Allah, tapi perwatekna diri ngajak biluk kana kakawasaan dosa. 1 Ku sabab eta, pikeun anu geus manunggal jeung Isa Al Masih mah, hukuman teh geus teu aya. 2 Sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa, anu mateni tea; geus dibebaskeun ku Ruh anu nungtun kana alam hirup dina kamanunggalan jeung Al Masih. 3 Sabab hal anu teu bisa dilaksanakeun ku hukum Toret, — dumeh perwatek manusa mah teu daya teu upaya — enggeus dicumponan ku Allah, nya eta ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, Isa Al Masih. Eta Putra-Na teh, sumping-Na, nganggo kaayaan anu sarua jeung perwatek manusa anu kabawah ku dosa sarta ngajadi kurban pikeun dosa; geus kitu, dosa anu tumerap dina perwatek manusa teh dihukum. 4 Ku jalan kitu, hukum Toret teh bisa jalan dina hirup urang; lantaran urang geus henteu kapurba deui ku napsu badani, tapi nurut kana pangersa Ruh Allah. 5 Hirup nurutkeun napsu badani, mikirna oge nurutkeun karepna; tapi hirup nurutkeun Ruh, mikirna oge kana hal-hal anu rohani. 6 Pangajak badani balukarna ajal maot, pangajak Ruh nungtun kana alam hirup anu jamuga. 7 Pangajak badani ngamusuh ka Allah lantaran embung tunduk kana hukum-Na, ongkoh pamohalan daekeun tunduk. 8 Hirup ngawula kana pangajak badani mah, mustahil sapagodos jeung manah Allah. 9 Sabalikna, lamun aranjeun kaancikan ku Ruh Allah, mustahil beunang kaperuhkeun ku pangajak badani; anu diturut teh tangtu pangajak Ruh. Anu henteu kaancikan ku Ruh Al Masih, tangtu lain kagungana-Na. 10 Upama Al Masih ngancik dina hirup aranjeun, jasad anu pinuh ku dosa teh memang pipaeheun; tapi rohna mah, hirup-hurip lantaran geus diangken ku Allah. 11 Upama Ruh anu geus ngahirupkeun Isa Al Masih ti nu maraot tea ngancik dina hirup aranjeun, tangtu baris ngahirupkeun deui jasad aranjeun anu sipatna teu lana tea. 12 Ku sabab eta, dulur-dulur, urang teh geus kahutangan; nya tapi lain ku nu sipat badani, anu kahayangna kudu bae diturut tea. 13 Kapan hirup nurutkeun badani mah, temahna teh paeh. Jadi, kahutangan teh ku Ruh, anu maehkeun jasad nu pinuh ku dosa sarta anu nungtun kana sajatining hirup. 14 Kabeh jalma anu nurut kana panuyun Ruh Allah, jadi putra-putra Allah. 15 Hartina: Bebas tina perbudakan anu pinuh ku kasieun, dumeh geus nampa Ruh anu ngalantarankeun urang jadi putra-putra Allah tur laluasa nyebut ‘Abba, Ama,’ ka Allah. 16 Ruh teh ngayakinkeun hate urang, yen urang teh memang putra-putra Allah. 17 Ku sabab urang teh putra-putra-Na, tangtu oge jadi ahli-ahli waris-Na. Urang boga hak narima sakur anu ku Mantenna dijangjikeun, sakumaha ka Al Masih. Upama urang geus milu sangsara jeung Al Masih, supaya urang oge dimulyakeun jeung Anjeunna. 18 Simkuring boga kayakinan, yen kasangsaraan ayeuna teh dibanding jeung agungna kamulyaan anu ku Allah baris dipaparinkeun mah, meh taya hartina. 19 Ayeuna sakumna mahluk pohara nyongsrongna, kumejot ngarep-ngarep kana wanci diembarkeunana saha anu kaasup putra-putra Allah. 20 Sababna mahluk taluk ka nu sarwa mubadir teh, lain ku karepna sorangan, tapi ku kersaning Mantenna Anu geus nalukkeunana. Tapi sajeroning kitu, ku Mantenna dipaparin hiji pangharepan, 21 yen mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah. 22 Geus teu matak bireuk deui, yen nepi ka kiwari kabeh mahluk nu kumelip nandangan kanyeri, lir kanyeri nu ngajuru. 23 Lain batur bae anu kitu teh, urang oge anu geus ti heula ginanjar Ruh, sarua rumahuh jeroning kalbu; eta teh bawaning kumejot ngarep-ngarep hak kaputraan tea, nya eta leupasna badan urang tina kabinasaan tea. 24 Pangna urang salamet teh lantaran boga pangharepan eta. Tapi inget, ari pangharepan teh, nya eta hiji hal anu can bukti. Ari geus breh buktina mah, atuh naon deui anu rek diarep-arep? 25 Ku sabab anu diarep-arep can ngabukti, urang teh kudu sabar tawekal. 26 Dina keur lemah, urang teh dideudeul ku Ruh tea. Sabab urang mah teu terang, kudu kumaha neneda teh; nya Ruh tea anu mangnedakeun urang ka Allah teh: Nepikeun kereteg-kereteg hate anu henteu kakedalkeun ku urang. 27 Allah anu tingali kana usiking ati sanubari urang uninga, yen anu dipangnedakeun ku Ruh teh, nya eta jalma-jalma anu disebut suci, anu sapagodos jeung pangersa-Na. 28 Jadi, sing sakur anu ngesto ka Allah, nya eta anu geus disalaur saluyu jeung pangersa-Na, ku Mantenna oge dibantu dina sagala perkarana supaya hade temahna. 29 Sabab sakabeh jalma anu memang geus kapilih mah, ti barang mimiti keneh, ku Mantenna geus ditangtukeun baris jadi saharkat jeung Putra-Na sarta Putra-Na tea diangkat jadi dulur cikal maranehna. 30 Sakur anu geus ditangtukeun kitu, baris disalaur dina waktuna. Sakur anu disalaur, tangtu ku Mantenna diangken bener. Sakur nu diangken bener, tangtu dipaparin kamulyaan. 31 Ku kituna, urang teh rek ngucap naon deui? Lamun Allah di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang? 32 Mantenna geus sakitu iklasna nyerenkeun Putra ku manten guna urang; ku sabab eta, sagala-galana oge, ku Mantenna moal teu dipaparinkeun ka urang. 33 Saha anu bisa ngagugat-gugat jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, anu ku Mantenna geus diangken bener? 34 Saha nu wenang ngahukum ka maranehna? Anging Al Masih nyalira! Tapi papadaning kitu, Anjeunna malah nepi kapupus enggoning ngabelaan urang. Gugah-Na deui oge, pikeun urang. Anjeunna linggih di tengeneun Allah ge, pikeun ngabelaan urang. 35 Saha nu bisa megatkeun urang tina asihna Al Masih? Kasangsaraan atawa panganiayaan, naha bisaeun megatkeun? Hal tuna sandang tuna pangan, naha bisaeun megatkeun? Bahaya atawa kakuatan pakarang bisaeun misahkeun? 36 Memang geus aya tulisanana dina Kitab: ‘Ku margi anut ka Gusti, saban-saban dinten abdi-abdi diriung ku bahya pati, disamikeun sareng domba peunciteun.’ 37 Najan kitu, hamo! Sabab sajeroning kitu, urang teh geus leuwih ti unggul ku karana Anjeunna anu sakitu asih-Na ka urang. 38 Simkuring estu yakin, boh kawasa pati, boh hirup, boh malaikat-malaikat, boh pamarentahan-pamarentahan, boh nu kiwari boh nu bakal datang, 39 boh kakawasaan nu ti luhur atawa anu ti handap, boh mahluk-mahluk lianna, pamohalan aya anu bisa megatkeun urang tina asihing Allah anu ngancik di Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 1 Demi Al Masih, nu rek diterangkeun ku simkuring teh nu saenyana. Lain bohong, estu medal tina getering ati sanubari, Ruh Allah oge tingalieun. 2 Simkuring teh teuing ku nalangsa, hate teu weleh asa digerihan. 3 Ari ras ka dulur-dulur, anu sare'atna mah tunggal sabangsa; simkuring teh iklas najan upamana nepi ka kudu paturay ti Al Masih oge, asal matak jamuga ka maranehna. 4 Ngingetkeun maranehna teh bangsa Israil bangsa anu dibere hak jadi putra Allah, dibere kamulyaan, dibere perjangjian, kitu deui Toret jeung tuduh jalan ibadah, katut jangji-jangji Allah. 5 Maranehna teh rundayan para luluhur anu ngayugakeun Al Masih gumelar ngajadi manusa, nya Manusa Ilahi nu nyakrawati, agungkeuneun salalanggengna. Amin. 6 Tapi pangandika Allah mah, pamohalan kana meleset. Sabab henteu kabeh turunan Israil, kaasup bangsa Israil teh. 7 Oge henteu kabeh terah Ibrahim, enya-enya kaasup turunan Ibrahim. Sabab (dawuhan Allah ka Ibrahim): ‘Nu baris jadi turunan maneh teh anu gumelar ti Isak.’ 8 Tegesna, putra-putra Allah mah, lain anu gumelar tina jasmani, tapi anu medal ku karana perjangjian Mantenna. 9 Ari perjangjian Mantenna teh kedal dina dawuhan ieu: ‘Tepung waktu mangsa ieu, Kami rek ka dieu deui; dina mangsa eta, Sarah bakal pibogaeun anak lalaki.’ 10 Nu leuwih eces mah dawuhan ka Rabeka, basa Rabeka keur kakandungan kembar ti carogena, Isak tea, karuhun urang. 11 Ti memeh kakandunganana tea medal, jadi acan lakon hade atawa goreng, nu hiji enggeus dipilih sarta Allah geus netelakeun yen pamilih Mantenna henteu dumasar kana hade gorengna kalakuanana, estu wungkul ku karana pangersa-Na bae. 12 Kieu dawuhana-Na: ‘Lanceukna bakal kumawula ka adina.’ 13 Oge kauni dina Kitab: ‘Ka Yakub Kami teh asih, ari ka Esau mah giruk.’ 14 Kumaha ari kitu! Naha urang rek nyalahkeun, majarkeun Allah teu adil? Piraku Allah teu adil! 15 Baheula Mantenna ngadawuh ka Musa: ‘Kami rek mikarunya ka sakur anu geus ditangtukeun ku Kami. Kami niat ngurniaan ka sakur nu geus kapilih ku Kami.’ 16 Eta teh, netelakeun yen Allah henteu gumantung kana kahayang atawa tingkah laku jelema. Kabeh gumantung kana pangersa-Na. 17 Oge dina Kitab aya dawuhan Mantenna ka Piraon: ‘Nu matak maneh ku Kami dijungjung teh lantaran ku Kami arek dipake pikeun nembongkeun kakawasaan, supaya ngaran Kami kakoncara ka sakuliah dunya.’ 18 Jadi, Allah mah, mikawelas teh ka saha bae anu kamanah ku Mantenna; kitu oge, upama Mantenna ngersakeun jelema jadi bedegong, nu mana bae. 19 Meureun cek aranjeun: ‘Ana kitu, naha atuh Mantenna sok ngaweweleh kalakuan manusa, da saha atuh jelemana anu bisa mapalangan kana pangersa-Na?’ 20 Kieu saenyana: ‘Ambeu, naha saha manusa teh make wani-wani ngalawan ka Allah?’ Upama urang barang jieun, eta barang anu dijieun teh moal bisa nyalahkeun kieu: ‘Ku naon kuring dijieun kieu?’ 21 Upamana bae Ki panjunan, tangtu bisa kumaha karep kana taneuh lempung, naha rek dijieun wadah anu endah atawa anu basajan bae. 22 Jadi, upama Allah rek nibankeun bebendu jeung pangawasa-Na ka anu ku Mantenna rek dibenduan jeung diruksak, tapi kersa nyabaran keneh; 23 eta teh taya lian, ti seja mintonkeun kamulyaana-Na anu tanpa wangenan, ka nu baris dipiwelas jeung baris diangkat kana kamulyaan. 24 Nya eta urang tea, anu ku Mantenna geus disaur. Ari anu disalaur teh lain ngan ti urang Yahudi wungkul, tapi ti bangsa-bangsa sejenna oge. 25 Sakumaha dawuhana-Na dina kitab Hosea: ‘Anu tadina lain umat Kami, seja diaku jadi umat Kami. Kami seja nerapkeun kaasih ka anu tadina henteu dipikaasih. 26 Kitu deui di tanah anu tadina disebut: Maraneh mah lain umat Kami, — baris diaku jadi putra-putra Allah Anu jumeneng.’ 27 Nabi Yesaya oge, kieu saurna ngeunaan urang Israil teh: ‘Sanajan bani Israil lobana, lir keusik lautan, nu baris dirahayukeun mah ngan sabagian leutik.’ 28 Sabab sakur anu ku Pangeran geus ditimbalkeun, tinangtu ku Mantenna dibuktikeun di ieu bumi kalawan sahinasna tur sampurna. 29 Memeh eta, Nabi Yesaya nyaurkeun kieu: ‘Cacakan upama Pangeran henteu ngarikeun binih, nasib urang teh moal beda ti nagara Sadumu jeung Gomora.’ 30 Kumaha ayeuna cek urang? Kieu: Bangsa-bangsa lian, anu teu nareangan jalan kana kayaktian geus diangken ku Allah, ku lantaran imanna. 31 Sabalikna, urang Israil, sanajan naluturkeun tuduh jalan kanu sayakti, ku Allah teu diangken. 32 Naon sababna? Sabab naluturkeunana, lain ku iman kapercayaan, tapi ku amal-amalan sorangan. 33 Cek Kitab: ‘Kahade, Kami di Sion neundeun hiji batu sesentugan, hiji cadas tatajongan. Tapi sing saha anu percaya ka Anjeunna, pinasti moal hanjakal.’ Urang Israil mah, titajong kana eta batu (Al Masih) teh. 1 Dulur-dulur! Nurutkeun rasa katineung mah, malah ditedakeun pisan ka Pangeran, mugi-mugi maranehna teh pinarinan salamet. 2 Da anu kasaksian ku simkuring oge, maranehna teh saregep ka Allah, ngan bae teu bener dina ngahartikeunana. 3 Ku sabab teu nyarahoeun kana kasaestuan Allah, heug bae maranehna nyarieun bebeneran sorangan, tungtungna embung tunduk kana kasaestuan Allah. 4 Padahal bukti palaksanaan Toret teh, nya Al Masih pisan. Sing saha anu percaya ka Anjeunna, tinangtu meunangkeun nu saestuna. 5 Sabab ku Musa oge diserat kieu: ‘Jalma anu ngalakonan bebeneran anu aya dina Toret, tangtu ti dinya meunangkeun hirup.’ 6 Ari bener ku karana iman teh nyoko dina kalimah ieu: ‘Ulah ngomong dina hate: Saha anu bisa ka Sawarga pikeun mawa Al Masih turun ka urang? 7 Atawa: Saha nu bisa nurunan jurang pati pikeun ngahanjatkeun Al Masih ti nu maraot?’ 8 Kumaha atuh? Kieu: ‘Rasiahna Pangandika deet bae, ngukir dina biwir, nete dina hate.’ Eta rasiah iman teh, anu diwawarkeun ku simkuring sakanca mitra. 9 Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh Gusti Jungjunan tur percaya dina hate, yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun ti nu maraot, tanwande urang ginanjar salamet. 10 Kapan percaya teh ku hate, ngalantarankeun urang diangken bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu ngalantarankeun urang disalametkeun. 11 Cek Kitab: ‘Sakur nu percaya ka Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.’ 12 Sakur teh, hartina, sing saha bae kalawan teu dibeda-beda, taya urang Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah anu tunggal teh Allah nu disembah ku kabehan, lautan kurnia keur sakur anu sumambat ka Mantenna. 13 Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun. 14 Tapi kumaha arek sumambat ka Mantenna, ari maranehna embung percaya ka Anjeunna? Kumaha arek percaya ka Anjeunna, ari henteu ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran? 15 Saha anu rek ngabaran, ari teu aya anu diutus? Cek Kitab: ‘Ku endah lengkahna jalma-jalma anu ngemban warta pikabungaheun!’ 16 Tapi anu narima eta kabar pikabungaheun teh, henteu kabeh. Nepi ka Yesaya ngarahuh: ‘Nun Pangeran, saha anu daek nguping kana ieu pangwawaran?’ 17 Padahal iman kapercayaan teh asalna tina ngadenge, ari anu kudu didengena, nya eta dawuhan Al Masih. 18 Simkuring sok nanya dina hate, naha kitu maranehna teh can ngadarenge kana hal eta? Padahal simkuring terang maranehna teh enggeus ngadarenge, sabab: ‘Sorana parat ka saampar jagat, lisan-lisanna tepi ka satungtung bumi.’ 19 Simkuring tumanya deui: Didarenge atawa henteu ku maranehna? Tapi piraku teu didarenge mah, sabab saur Musa: ‘Kami baris nimbulkeun sirik maneh ka jalma-jalma anu henteu kaasup umat, jeung nimbulkeun amarah maneh ka bangsa nu gejul keneh.’ 20 Komo Yesaya mah, leuwih wani deui ngeceskeunana: ‘Kami geus ngahaja sina kapanggih ku jalma anu teu nariat neangan, sarta geus nembongan ka jalma-jalma anu tara maluruh hal Kami.’ 21 Ari ngeunaan urang Israil mah, kieu saur anjeunna: ‘Sapoe jeput Kami teh nyodorkeun leungeun ka ieu bangsa anu wangkelang jeung tukang ngabantah.’ 1 Ieu teh nimbulkeun pertanyaan: Na geus dipiceun kabeh eta umat teh ku Pangeran? Piraku! Kapan simkuring oge urang Israil, turunan Ibrahim ti Kaom Binyamin. 2 Moal enya Allah miceun ka umat-Na, kenging-Na ku manten milih! Cek Kitab, basa Elias rumahuh ka Allah ngadukeun urang Israil: 3 ‘Nun Pangeran, maranehna teh parantos maraehan nabi-nabi Gusti. Mezbah-mezbah Gusti ge, ku maranehna diruntuh-runtuhkeun. Mung kantun abdi nu masih hirup, nanging abdi ge diarah-arah pati.’ 4 Kumaha waleran Allah? ‘Aya keneh pikeun Kami. Ku Kami dikarikeun tujuh rebu urang deui anu henteu marilu sembah sujud ka arca Baal.’ 5 Nya kitu kiwari oge, aya keneh saeutik anu nyesa, lantaran aya piwelas Allah. 6 Disesakeun soteh, ku lantaran aya sih kurnia, lain pedah bener kalakuanana. Ari ngukur kana kalakuanana mah, atuh lain oge sih kurnia. 7 Jadi, kumaha cindekna? Kieu: Urang Israil teh henteu kabeh bisa ngahontal udaganana, ngan anu kapilih bae. Nu sejen-sejenna mah geus naleugtreug. 8 Cek Kitab: ‘Maranehna ku Allah disina talibra. Matana sina teu arawas, ceulina sina norek, tug nepi ka kiwari.’ 9 Oge saur Daud: ‘Sukan-sukanna sing jadi jiret jeung burang, jadi mamala katut wawales ka maranehna keneh. 10 Panonna sina kalampud ulah sina awas, tonggongna sing barengkung balas nanggung.’ 11 Simkuring sok mikir kieu: Naha pedah maranehna geus lalabuh teh ngandung harti moal bisa marenyat deui? Henteu, lain kitu! Eta mah, lalabuh soteh, pedah ngalalawan. Eta sababna, kasalametan teh diragragkeun ka bangsa-bangsa lian; maksudna, pikeun mapanas maranehna, bangsa Israil tea. 12 Kagagalan maranehna, geus matak jadi bagja ka saalam dunya sarta kakuranganana, matak jembar ka bangsa-bangsa sejen; geus komo deui lamun maranehna satia mah. 13 Hal ieu diwakcakeun ka aranjeun nu lain bangsa Yahudi. Malah ku sabab simkuring teh rasul pikeun nu luareun bangsa Yahudi, ku ngawakcakeun eta hal teh, tugas karasulan simkuring jadi karasa mulyana. 14 Mudah-mudahan ku jalan kitu bangsa simkuring hatena bisa kageuing sarta tarobat; malakmandar ku kitu teh, aya anu bisa kasalametkeun. 15 Sabab upama dipiceunna eta bangsa geus ngalantarankeun bangsa-bangsa luareunana salamet, komo lamun maranehna ditarima deui; naon pibasaeunana, lian ti lir nu geus paeh hirup deui? 16 Ibarat roti, lamun bibitna beresih, rotina oge beresih. Atawa lamun akarna mulus, dahan-dahanna oge tangtu mulus. 17 Ku sabab eta, lamun dahan-dahan tina tangkal jetun piaraan, aya anu ditilas; tuluy aranjeun, anu lir sirung tina tangkal jetun leuweung, dicangkokkeun kana urut dahan nu ditilas tea jeung milu nyeuseup kahakanan tina akarna, 18 aranjeun ulah rasa maneh leuwih utama ti batan dahan anu ditilas tea. Upama nepi ka boga rasa kitu, mangka areling; lain aranjeun anu ngahuripan akar, tapi akar anu ngahuripan aranjeun. 19 Bisa jadi cek aranjeun: ‘Nu matak eta dahan ditilas ge pikeun tempat aing sirungan.’ 20 Lain, lain kitu! Nu matak maranehna ditilas teh, tina bonganna embung percaya. Sabalikna, aranjeun dicangkokkeun soteh lantaran daek percaya. Jadi, poma ulah rek nyombong, anggur kudu sieun! 21 Sabab upama Allah teu lebar-lebar nilas dahan anu pituin, ka aranjeun oge moal ngaraos lebar nilas. 22 Ku sabab eta, mangka tigin kana welas asih-Na; kitu deui, kana sipat Mantenna anu keras. Keras soteh, ka nu baredegong. Upama aranjeun tigin mah, welas asih-Na tangtu karasa. Lamun teu tigin, aranjeun oge moal teu ditilas. 23 Tapi maranehna oge, ari geus tarobat mah tina kateupercayaanana, tinangtu dipulihkeun; da Allah mah, kawasa nyangkokeunana deui. 24 Sabab upama aranjeun, anu tadina saibarat sirung tina tangkal jetun leuweung, geus dicangkokkeun kana jetun piaraan sanajan beda sipat beda bakat; komo deui maranehna, nu asalna oge sasipat, tangtu baris dipulihkeun deui kana tangkal asalna. 25 Dulur-dulur! Simkuring ngaharep, supaya aranjeun ulah ngarasa guminter. Ku sabab eta, simkuring rek mere ieu rasiah: Sabagian urang Israil geus naleugtreug. Kituna teh, ngan nepi ka mangsa jejegna bilangan anu disalaur ti bangsa-bangsa luareunana geus asup ka karajaan Allah. 26 Upama eta geus kahontal, pinasti Israil baris disalametkeun, sakumaha cek Kitab Suci: ‘Ti Sion baris sumping Pambebas, sagala kadorakaan ti Yakub baris dieuweuhkeun. 27 Ieu jadi jangji ti Kami ka maranehna, di mana dosa-dosana ku Kami geus dilubarkeun.’ 28 Maranehna teh, ari ditilik ti pihak Injil mah, satru Allah. Ku lantaran hal eta, nu untung teh aranjeun, nu lain urang Yahudi. Tapi ku sabab tadina oge umat kapilih tur ngaraskeun ka karuhunna, tetep maranehna ku Allah dipikaasih. 29 Sabab Allah mah, sakali miasih jeung mikurnia moal barobah deui. 30 Aranjeun nu asal teu ngesto ka Mantenna, ayeuna malah ginanjar murah asih-Na; eta teh, balukar ti maranehna teu ngesto ka Allah. 31 Kitu oge maranehna, tinangtu ngalaman sakumaha anu kaalaman ku aranjeun, — sanajan ayeuna maranehna teu ngesto ka Allah — nya eta baris pinarinan deui murah asih-Na. 32 Sabab sakabeh manusa ku Allah geus dikerem di jero lingkungan kabasangkalan, supaya Mantenna iasa mintonkeun murah asih-Na ka sakabeh. 33 Beu, pohara matak helokna ari kawijaksanaan jeung timbangan Allah! Putusana-Na henteu bisa kajugjugan, pangreka manah-Na henteu bisa kateuleuman! 34 Ku kitu tea mah: ‘Saha nu awas kana mamanahan Pangeran? Saha nu geus kungsi nganasehatan ka Mantenna? 35 Atawa saha anu geus kungsi ngahaturanan naon-naon, nepi ka Mantenna kedah mulangkeun? 36 Sabab saniskara oge, asal ti Mantenna, kenging Mantenna, jeung kanggo Mantenna, salalanggengna. Amin.’ 1 Ku sabab kitu, dulur-dulur, demi Allah nu murah asih, simkuring rek mere pepeling. Sanggakeun ka Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun jadi korban anu hirup, suci tina rereged, sarta kamanah ku Mantenna. Eta teh, lakuning ibadah ka Allah anu sajati. 2 Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya anu ilahar; enyana mah, anyarkeun batin pikeun ngarobah hirup, supaya terang ka anu jadi pangersa Allah, nya eta nyaho mana nu hade tur sampurna anu sapuk jeung pangersa-Na. 3 Simkuring anu geus nampa sih kurnia-Na, arek papatah ka aranjeun masing-masing. Ulah rek mikiran nu lain-lain nu pamohalan; hadena mah, anu baris kabedag bae, anu saimbang kana kamampuhan jeung iman kurnia ti Allah. 4 Tilik bae awak; anggahotana rupa-rupa; gunana oge beda-beda. 5 Urang oge nya kitu: Lobaan tapi tunggal sabadan lantaran iman ka Al Masih sarta anggota pada anggota silih pikabutuh. 6 Demi murah asih-Na Allah, urang masing-masing pada-pada meunang kurnia, tapi henteu sarua; da bakat urang ge, beda-beda. Ku sabab eta, anu dipaparin bakat mere piwejang, gunakeun eta bakat teh, asal saluyu jeung iman urang. 7 Anu dipaparin bakat ngalalayanan, gunakeun kana ngalalayanan. Anu dipaparin bakat ngajar, gunakeun kana ngajar. 8 Anu dipaparin bakat bisa mere nasehat, pake nganasehatan. Dina barang bere, merena kudu jeung iklas. Anu kudu mingpin, kudu mingpin bari jeung tanggung jawabna. Anu seja mere pitulung, nulungna kudu bari bear budi. 9 Ulah nyaah pupulasan! Dosa kudu dilawan, nu hade lampahkeun. 10 Aranjeun kudu silih raketan, lir jeung dulur sorangan, jeung kudu paheula-heula ngajenan. 11 Enggoning lakon gawe nu karana Allah, aranjeun ulah melencing, tapi sing saregep jeung sumanget. 12 Enggoning mantengkeun harepan ka Al Masih teh kudu jeung ngarasa bagja, sing sabar tawekal dina nandangan cocoba, jeung ulah petot-petot neneda. 13 Dulur saiman anu keur kakurangan kudu dideudeul, mun kasemahan kudu daek kapondokan. 14 Ka nu nganyerikeun ulah males nganyenyeri, anggur doakeun sing hade-hade. 15 Ka nu meunang kabungahan kudu milu bungah; ka nu kasusahan kudu milu susah. 16 Jeung pada batur kudu akur sauyunan. Dina mikir ulah mikiran nu pamohalan, sing salayakna bae. Poma, ulah asa pinter sorangan. 17 Nu jahat ulah dibales jahat; ulah teu payaan ku sikep batur. 18 Sabisa-bisa urang mah, ka itu ka ieu oge, kudu repeh kudu rapih. 19 Weu, dulur-dulur kadeudeuh! Poma, urang mah ulah hayang ngabales. Sual wawales mah kagungan Allah. Cek Kitab Suci oge: ‘Hak wawales aya di Kami. Kami nu wajib ngabales.’ Kitu dawuhan Pangeran. 20 Maneh mah, mun musuh lapar, bere dahar; mun musuh halabhab, bere nginum! Ku dikitukeun teh, si musuh moal teu asa nyunyuhun ruhak. 21 Poma, ulah kaelehkeun ku sipat jahat; tapi elehkeun eta sipat jahat teh, ku sipat nu hade. 1 Unggal jelema kudu nurut ka pamarentahna, nu nyekel kakawasaan. Sabab kakawasaan teh kabeh ge asal ti Allah. Pamarentah nu keur ngadeg, eta geus kersaning Allah. 2 Ku sabab eta, bahula ka pamarentah teh, sarua jeung ngalawan pangersa Allah; anu ngalawanna, tinangtu dihukum. 3 Pamarentah teh, pikeun rayat nu hade mah, teu matak sieun; kajaba pikeun nu jahat. Malar ulah sieun ku kakawasaanana, urang kudu bener, supaya jadi pujieun pamarentah. 4 Aranjeunna teh kawula Allah anu baris nangtayungan ka urang. Matak sieun soteh pikeun nu jahat; sabab kakawasaan pamarentah teh, moal tambuh-tambuh; tur sapagodos jeung pangersa Allah, nya eta pikeun nibankeun hukuman ti Mantenna ka jelema anu jahat. 5 Ku sabab eta,urang wajib nurut ka pamarentah. Lain samata-mata malar salamet bae, pangpangna mah,lantaran geus wajibna kudu bener lalampahan. 6 Jaba ti eta, urang teh wajib mayar pajeg, ngingetkeun aranjeunna teh kawula Allah tea, anu ngatur rayat. 7 Sakur anu diwajibkeun kudu dicumponan: Iuran bayar ka nu narik iuran; pajeg bayar ka nu wajib narik pajeg; ka nu pantes dipiajrih kudu ajrih; ka nu pantes dihormat kudu hormat. 8 Ka itu ka ieu oge, ulah aya hutang, kajaba ti hutang budi. Hartina, kudu nyaahan. Sabab jelema anu nyaahan teh, hartina, nyumponan hukum Toret. 9 Cek Toret: ‘Maneh ulah jinah. Maneh ulah maehan. Maneh ulah maling. Maneh ulah kabongroy ku barang batur.’ Ieu kabeh, kitu deui saeusining Toret, ari inti sarina mah nyoko dina timbalan nu kieu ungelna: ‘Kudu nyaah ka batur, lir ka awak sorangan.’ 10 Nu nyaahan mah, pamohalan nyieun kagorengan ka batur. Tah eta sababna, pangna nu gede kanyaahna kasebut geus nekanan hukum Toret teh. 11 Eta teh wajib pikeun urang. Sabab ku aranjeun oge tangtu karasa, yen jaman kiwari teh geus nitih kana wanci nyaring. Sabab kasalametan nu ti Allah geus beuki leuwih deukeut bae, tibatan bareto-bareto. 12 Peuting geus meh beak, geus tereh beurang. Kalakuan-kalakuan jahat anu biasa dilampahkeun popoekan geus kudu ditinggalkeun, geus kudu sadia saged keur baranggawe dina waktu caang. 13 Kudu pantes nya lampah sakumaha pantesna ti beurang. Beurang teh ulah dipake balakecrakan, ulah dipake mamabokan, ulah dipake rucah ngumbar sahwat, ulah dipake pasea, jeung ulah dipake sirik pidik. 14 Diri urang sakujur, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, jadikeun abdi Al Masih. Ulah migusti karep badani, nu kahayangna ngalajur napsu. 1 Sing ngama'lum ka batur nu kurang yakin. Sual kurang kayakinan ulah direcok-recok. 2 Jelema mah, kayakinanana teh teu sarua. Aya nu yakin yen ngadahar naon oge meunang; aya nu ukur ngadahar bangsa sayuran lantaran kurang yakin meunang henteuna ngadahar sagala rupa. 3 Dina sual ieu, anu sok ngadahar sagala rupa, ulah nyawad ka nu tara. Masing-masing bae, da Allah mah ka duanana oge nampi. 4 Barina oge naon hak aranjeun nyawad ka bujang batur? Masih kumaha bae oge, ari anu wenang nangtukeun mah, dununganana; naha bujangna teh, suhud atawa henteu. Urang ulah manghamhamkeun, da Allah mah iasa bae ngarobah jelema jadi suhud sumujud. 5 Aya jalma anu nganggap, yen ‘poe anu’ leuwih penting batan poe-poe sejen; aya oge anu nganggap poe mah kabeh ge sarua. Keun, eta mah, nurutkeun kayakinan masing-masingna bae. 6 Anu yakin, yen aya poe anu istimewa, yakinna teh ka Gusti Allah. Anu dahar, daharna teh bari teu poho ka Gusti, ku ngucap sukur ka Allah anu maparin dahareunana. Anu puasa, puasana bari eling ka Gusti, ku ngucap sukur pedah bisa ngajalankeun puasa. 7 Sabab jelema mah, — boh hirupna, boh paehna — lain ngan keur sadirieunana bae. 8 Eukeur hirup, hirupna teh kanggo Gusti; ana paeh, nyawana teh kanggo Gusti. Boh hirupna, boh paehna, nyawana teh kagungan Gusti. 9 Nya kitu oge pangna Al Masih pupus sarta hirup deui teh, supaya jumeneng Gusti Jungjunan: Boh keur nu geus paraeh; boh keur nu harirup keneh. 10 Ku sabab eta, nanaonan cuwud-cawad kana kayakinan batur? Naha kayakinanana dianggap hina? Urang teh, kabeh oge, kudu jagrag kana pangadilan Allah ku manten. 11 Sabab cek Kitab: ‘Demi Kami jumeneng, timbalan Pangeran, unggal jalma baris tapak deku ka Kami. Kabeh jalma baris ngamulyakeun ka Allah.’ 12 Jadi, urang teh moal bisa sumingkir deui; kudu tanggung jawab kana laku lampah masing-masing. 13 Ku sabab eta, poma ulah silih cawad deui. Rek nyawad mah kana kalakuan sorangan bae. Jaga, supaya batur ulah nepi ka kasigeung perasaanana. 14 Simkuring yakin, — dina kamanunggalan jeung Isa, Gusti Jungjunan urang — yen dina hakekatna mah, taya barang anu najis. Najis soteh, cek nu nganggap najis. 15 Jadi, upama aranjeun nyigeung perasaan batur ku alatan anu didaharna; hartina, aranjeun geus ingkar tina kanyaah. Poma, ulah nyieun nu matak tideuha ka batur ku sual kadaharan; sabab Al Masih teh, pupusna, keur guna manehna ongkoh. 16 Anu hade pikeun aranjeun ulah dipake ngadorakakeun batur. 17 Sabab Karajaan Allah mah, moal ngarecokkeun sual naon nu wenang didahar atawa diinum. Karajaan Allah mah, ukur mentingkeun sual kasaestuan, karapihan, jeung kabagjaan hirup dina aub-aubna Ruh Allah. 18 Sing saha anu ngawula ka Al Masih ku cara kitu, tangtu ku Allah kamanah, ku pada jalma oge diajenan. 19 Ku sabab eta, hayu rampak ngudag hal-hal anu nuju kana karapihan sarta silih kuatkeun iman kapercayaan. 20 Poma, ulah ngaruksak padamelan Allah ku sual kadaharan! Enya kadaharan teh taya nu najis, tapi ari ngadaharna matak nyigeung hate batur mah, kacida gorengna. 21 Utamana, ari matak jaheut hate batur mah, hade ge, ulah ngadahar daging atawa inuman keras jeung sabangsana. 22 Nu dipake kayakinan ku sorangan, tungkus sajeroning ati; da eta mah, urusan iman sorangan ka Gusti Allah. Bagja, jalma anu teu kaganggu ku budi rasana enggoning milampah naon-naon anu cek kayakinanana hade. 23 Sabalikna, jalma anu hamham, — tapi teu burung ngalampahkeun anu cek kayakinanana teu meunang — eta teh geus kahukum; lantaran ngalampahkeunana, henteu dibarengan ku imanna. Sabab naon-naon anu henteu dibarengan ku iman, eta teh dosa. 1 Anu kuat imanna, wajib ngadeudeul ka anu kurang kuat, ulah genah-genah sorangan bae. 2 Kamampuhan urang masing-masing kudu dimangpa'atkeun pikeun batur, supaya imanna dikuatkeun. 3 Kapan Al Masih oge tara mentingkeun salira ku anjeun, sakumaha cek Kitab: ‘Pamoyokna jalma-jalma ka maraneh, keunana ka Kami.’ 4 Sabab anu ditulis baheula teh, maksudna, keur pepeling ka urang kiwari. Upama dibaca, eta Kitab Suci teh, bisa nguatkeun pangharepan urang ku lantaran pangajaranana tea, nya eta ngeunaan katawekalan jeung panglipur. 5 Mugia Allah anu jadi sumber kapengkuhan jeung lautan panglipur, marengkeun aranjeun runtut-raut sauyunan, — luyu jeung pangersa Isa Al Masih — 6 supaya aranjeun bisa ragem, sasora sabiwir, ngamulyakeun ka Allah nu jadi Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 7 Ku sabab eta kudu silih tembrakeun hate, sakumaha Al Masih oge geus nembrakkeun manah-Na ka aranjeun, supaya jadi kamulyaan ka Allah. 8 Nu dimaksud ku simkuring tegesna kieu: Pikeun ngabuktikeun kasaestuan Allah, Isa Al Masih teh geus kumawula ka bangsa anu disunat, pikeun ngayakinkeun eta bangsa tina hal perjangjian Allah ka karuhun-karuhunna. 9 Jaba ti eta, supaya bangsa-bangsa lianna oge ngamulyakeun Allah, anu sakitu welas asih-Na ka maranehna. Cek Kitab: ‘Abdi sumeja ngagung-ngagung Anjeun di kalangan bangsa-bangsa lian. Pajenengan Gusti sumeja dipuji-puji.’ 10 Saterusna: ‘He bangsa-bangsa, masing suka bungah, babarengan jeung umat Mantenna!’ 11 Saterusna deui: ‘He bangsa-bangsa kabeh, paruji Pangeran! Sakabeh umat mangka ngamulyakeun ka Mantenna.’ 12 Terus saur Nabi Yesaya: ‘Tina bongkot Isai, engke bijil hiji seuweu, baris ngereh bangsa-bangsa, sarta jadi pangharepan pikeun bangsa-bangsa lian.’ 13 Mugia iman aranjeun ginanjar kabagjaan jeung katengtreman ti Allah, supaya ku kawasaning Ruh Allah pangharepan aranjeun tambah manteng jeung tambah manteng bae. 14 Dulur-dulur! Saenyana simkuring percaya, yen aranjeun teh geus kaancikan ku watek-watek anu hade, asak pangalaman, tur sanggup silih geuing. 15 Hanas kitu, simkuring teh, ngawani-wanikeun maneh nyuratan ka aranjeun. Lantaran kajurung ku karumasaan yen, simkuring geus dikersakeun ku Gusti jadi rasul jeung awahing ku keyeng hayang ngingetan. 16 Bubuhanana simkuring teh dikersakeun jadi rasul anu kudu ngawawarkeun Injil ti Allah ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Maksud simkuring mah, ngan seja nyanggakeun bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea ka pangkon Allah, sanggeus maranehna disucikeun ku Ruh Allah. 17 Enggoning ngawula ka Allah ku kersaning Al Masih, simkuring teh asa agul. 18 Ari nyaritakeun nu sejen-sejen mah, simkuring teh, teu wani. Nyaritakeun soteh nu kaalaman ku sorangan, perkara padamelan Anjeunna anu dipercayakeun ka simkuring, nya eta nungtun anut bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea. Eta ku simkuring parantos dilakonan boh ku ucap, boh ku lampah, 19 sarta ku tanda-tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung pangawasaning Ruh Allah. Simkuring ngawawarkeun Injil Kasalametan teh, estu nepi ka tutugna: Mimiti ti Yerusalem jeung sakurilingeunana, tug nepi ka Ilirikum. 20 Ngawawarkeunana ge ka tempat-tempat anu sama sakali can ngadenge jenengan Al Masih. Atuh simkuring teh, pohara ngarasa agulna lantaran tetela, ngawangun teh di tempat anu sama sakali can aya tapak batur. 21 Eta teh saluyu jeung tulisan dina Kitab Suci: ‘Jelema-jelema anu tadina can kasumpingan, malah eta nu baris diparengkeun narenjo ka Anjeunna. Anu tadina can kawawaran, malah eta nu baris diparengkeun ngadarenge jeung ngalarti kana hal eta.’ 22 Tah kitu sababna, nu matak unggal rek ngalongok ka aranjeun, aya bae halanganana. 23 Tapi ayeuna mah, pagawean di dieu teh geus teu perlu ditungkulan deui. Jaba ti kitu, ongkoh geus mangtaun-taun simkuring hayang nepungan aranjeun. Atuh pohara kumejotna. 24 Mudah-mudahan engke, ari rek ka tanah Sepanyol, simkuring bisa nyimpang heula ka aranjeun. Kahayang mah, sanggeus urang sosonoan, hayang dianteurkeun ku aranjeun ka ditu, ka Sepanyol tea. 25 Ayeuna simkuring teh keur di jalan rek ka Yerusalem, mawa kiriman keur ka jamaah di dinya. 26 Nya eta kikiriman ti urang Makedoni jeung Ahaya, sidekahna beunang maranehna iuran, sumbangkeuneun ka anggota-anggota jamaah anu mariskin di Yerusalem. 27 Maranehna teh ngarasa wajib; nya kitu itung-itung mulang tarima, dumeh ngarasa kahutangan budi ku urang Yerusalem. Maranehna nu lain urang Yahudi, rumasa geus ngabogaan harta anu sipat rohani ti urang Yahudi. Jadi, ngarasa wajib ngabantu ku harta anu sipat jasmani. 28 Di mana ieu urusan masrahkeun eta sumbangan ti bangsa-bangsa sejen geus beres dilakonanana ku simkuring, simkuring rek terus ka Sepanyol sarta tangtu nyimpang ka aranjeun. 29 Simkuring yakin datang ka aranjeun teh baris rebo ku berkah-berkah ti Al Masih. 30 Sajeroning kitu, dulur-dulur, — demi Isa Al Masih sarta demi kanyaah anu asal ti Ruh Allah — simkuring teh menta dibantu dipangnedakeun ka Allah. 31 Mugi-mugi simkuring ulah kungsi meunang gangguan naon-naon ti jelema-jelema anu marantangul di Yudea; kitu deui jeung tugas simkuring nepikeun kikiriman, bisa lungsur-langsar katarima sakumaha mistina ku umat-umat suci di Yerusalem. 32 Supaya di mana geus diparengkeun ku Allah bisa tepung jeung aranjeun teh, urang masing-masing bisa sosonoan kalawan senang jeung gumbira. 33 Mugi-mugi Allah, anu jadi sumber kabagjaan, nyarengan ka aranjeun. 1 Simkuring nitipkeun Pebe, dulur urang nu awewe, anu ngabantu jamaah di Kengkrea. 2 Demi Gusti, pangnarimakeun sakumaha pantesna ka umat nu suci. Bantu-bantu tugasna, dina perluna. Manehna sorangan geus pohara ngabantuna ka jalma rea; kitu deui ka simkuring. 3 Pangnepikeun salam katineung ka Priskila jeung Akwila, anu kungsi babarengan lakon gawe jeung simkuring demi Isa Al Masih. 4 Maranehna geus naruhkeun pati, ngabelaan nyawa simkuring. Ka maranehna, lain simkuring bae anu nganuhunkeun teh, malah sakumna jamaah nu lain Yahudi oge. 5 Kitu deui ka anggota-anggota jamaah anu caricing di imahna, salam ti simkuring. Salam ka Epenetus, katineung simkuring, cikalna panganut Al Masih ti Asia. 6 Salam ka Maryam, anu geus digawe keur aranjeun sakitu temen wekelna. 7 Salam ka Andronikus jeung Yunias, batur sabangsa simkuring anu kungsi bareng dipanjara jeung simkuring. Di antara rasul-rasul, duanana oge jelema-jelema terpandang, tur jadina Masihi oge heulaeun simkuring. 8 Salam ka Ampliatus katineung simkuring, papada anut ka Al Masih. 9 Salam ka Urbanus, batur gawe demi Al Masih, oge ka Setakis. 10 Salam ka Apeles anu geus kauji percayana ka Al Masih. Salam ka saeusi imah Aristobulus. 11 Salam ka Herodion, baraya simkuring. Salam ka sakur nu anut ka Gusti Jungjunan urang di imahna Narkisus. 12 Salam ka Tripena jeung Triposa, anu geus banting tulang digawe pikeun Gusti. Oge ka Persis anu geus enya-enya digawe pikeun Gusti. 13 Salam ka Rupus; kitu deui ka ibuna, anu karasana ku simkuring mah, lir ka indung teges. 14 Salam ka Asinkritus, ka Plegon, ka Hermes, ka Patrobas, ka Hermas, katut kum duduluran Masihi sakumbuhan eta. 15 Oge ka Pilologus jeung Yulia, Nerkus jeung dulurna nu awewe, jeung ka Olimpas, katut umat-umat suci lianna nu araya di maranehna. 16 Muga aranjeun pada patarema leungeun masing-masing, sasalaman saiklasing ati minangka wawakil simkuring. Aya oge salam ti sakumna jamaah Al Masih, ka aranjeun. 17 Aya keneh nasehat ti simkuring, nya eta muga aranjeun sing telik jeung ati-ati ka jelema-jelema anu boga niat ngalindih pangajaran anu ku aranjeun geus kacekel, niat ngagoda, jeung ngabengkahkeun. Poma, nu karitu mah, ku aranjeun teh kudu dijauhan. 18 Jelema-jelema anu karitu teh, saenyana mah, lain rek lakon kumawula ka Al Masih, Gusti Jungjunan urang; tapi maranehna mah, ngan rek ngaradon ngabelaan beuteung wungkul. Lamun kurang-kurang awasna, lamun urangna bolostrong, weu, matak katipu enya-enya; ma'lum maranehna teh palalinter ngolo, maranis omonganana. 19 Simkuring pohara bungahna ngadenge aranjeun tigin jeung satia tur kagurnita ka mana mendi. Ku simkuring didoakeun pisan sing parigel ngalakonan anu hade, ulah mirucaan kagorengan. 20 Mugi-mugi Allah nu jadi sumberna kabagjaan, sing enggal-enggal ngancurkeun Iblis dina dampal suku aranjeun. Mugi-mugi aranjeun pinarinan berkahna Isa, Gusti Junjungan urang. 21 Salam ti Timoteus, anu ngabantu simkuring. Kitu deui ti Lusius, Yason, jeung Sosipater, batur sabangsa simkuring. 22 (Panyelang ti simkuring Tertius, anu mangnyeratkeun ieu serat. Simkuring oge, sami-sami saiman sareng aranjeun, nyanggakeun salam baktos). 23 Salam ti Gayus, anu mere tempat tumpangan ka simkuring jeung mere tempat ka sajamaah. Salam ti Erastus panitera kota; kitu deui ti Kwartus nu saiman keneh jeung urang. 24 Mugi-mugi aranjeun ditangtayungan ku sih kurniana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Amin. 25 Simkuring ngahaturkeun pirang-pirang nuhun ka Mantenna, anu kawasa nguatkeun ka aranjeun sabada meunang wawaran ti simkuring, jeung ku hibaring piwulang Isa Al Masih ku anjeun. Eta teh cocog jeung eusi rasiah, anu kiwari mah geus ditembrakkeun. 26 Eta rasiah anu geus mangabad-abad diarep-arep teh, kiwari mah malah geus kamashur. Eusina cocog jeung anu diwartakeun dina kitab-kitab paranabi kalawan parentah Allah Nu Maha Langgeng, diwawarkeun ka sagala bangsa, supaya maranehna ngabakti ka Mantenna lantaran geus palercaya tea. 27 Demi Isa Al Masih, anging ka Mantenna anu jumeneng Allah, pulangna sagala kamulyaan salalanggengna. Amin. Wassalam, Paulus.
|