JamesYakobusYakobus 11 Surat ti simkuring, Yakobus, abdining Allah jeung abdining Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea. Kahatur dulur-dulur saiman ti dua belas kaom anu araya di pangumbaraan. 2 Dulur-dulur! Cocoba teh kudu dianggap hiji rahmat. 3 Sabab upama geus lulus tina cocoba, iman urang beuki mencrang, 4 jaga, malar iman tetep pengkuh, supaya dulur-dulur jaradi jalma pasagi, pepek jeung lengkep taya kakurang. 5 Upama aya nu kurang panemu, sina neneda nyuhunkeun ka Allah, tanwande dipaparin; sabab Allah mah, jembar pangasih ka sarerea. 6 Saratna neneda teh, kudu jeung yakinna ulah cangcaya. Jalma cangcaya mah saibarat ombak laut, beunang digebah diluak-leok ku angin. 7 Jalma kitu, ulah boga rasa baris meunang kurnia Pangeran. 8 Anu lanca-linci mah, hirupna, hamo bisa anteng. 9 Anu miskin sapantesna ngarasa bagja, upama dijungjung harkatna ku Allah, 10 sabalikna, nu beunghar kudu tawekal dina mangsa tijungkel. Sabab kabeungharan teh, lir kembang jukut anu babari sirna. 11 Ana katinggang ku panas panonpoe anu ngentak-ngentak, jukut teh perang: Kembangna murudul, musna kaendahanana. Nya kitu oge nu beunghar bakal tijungkel dina keur jongjon-jongjonna usaha. 12 Jalma anu imanna henteu eleh ku cocoba, estu bagja. Sanggeus lulus tina cocoba, eta jelema baris nampa hiji pahla, nya eta hiji hirup anu geus dijangjikeun ku Allah keur sakur anu iman ka Mantenna. 13 Anu keuna ku cocoba, ulah pisan nyebutkeun: “Ieu cocoba ti Allah!” Allah mah moal beunang dicoba ku nu jahat, tur tara teh teuing maparin cocoba ka manusa. 14 Saenyana, cocoba teh asalna tina kahayang manusa sorangan keneh, nepi ka manehna beunang kagelo jeung kajiret ku tariking napsuna sorangan. 15 Ana napsu jahatna diabur, temahna ngajadi dosa. Ana dosa teh geus jucung; temahna mah, paeh tea. 16 Sing ati-ati dulur-dulur, ulah beunang kasasabkeun. 17 Mana nu hade reujeung sampurna, asalna tangtu ti sawarga, ti Allah sumbering sagala sipat terang. Mantenna ku anjeun mustahil barobah atawa owah gingsir. 18 Geus jadi pangersa Mantenna, urang dipaparin hirup ku jalan pangandika-Na anu sayakti; malar urang bisa jadi umat-Na anu pangpunjulna ti sakabeh mahluk-Na. 19 Regepkeun, dulur-dulur! Ulah sok gancang-gancang nyarita. Dengekeun heula sing bener. Jeung ulah gancang-gancang ambek. 20 Sabab nu gampang amarah teh, teu sapuk jeung kersa Allah. 21 Ku sabab eta, piceun kabiasaan-kabiasaan anu matak aeb jeung goreng teh. Sing pasrah ka Allah. Tarimakeun pangandika-Na anu dicecebkeun dina ati sanubari aranjeun, anu kawasa ngaraksa jiwa. 22 Kahade ulah bodo: Pangandika Allah teh teu cukup ku didengekeun wungkul, tapi kudu jeung prakna dilampahkeun. 23 Ari ngan ukur didenge bari henteu jeung prakna ngalampahkeun mah; eta teh, lir nenjo beungeut sorangan dina eunteung. 24 Sanajan geus telek oge, ana indit mah, poho deui bae kana rupa beungeut sorangan teh. 25 Sabalikna, anu terus ngeunteung kana pituduh Injil nu sampurna, anu ngabebaskeun manusa tina hukuman; jadi, lain nu ngan ukur ngadengekeun terus poho, tapi nu jeung prakna ngalampahkeun; sagala usahana, tangtu baris nyugemakeun hatena. 26 Jelema anu umangkeuh ibadah, tapi sungutna teu dikadalian biwirna henteu diwengku, ngaranna ngabobodo maneh sarta ibadahna teh cumah bae. 27 Sajatining ibadah anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nya eta anu rumawat ka nu yatim, ha'at ka randa-randa, bari ngajaga diri malar henteu katepaan ku reregedna dunya. 1 Dulur-dulur! Anu anut ka Isa Al Masih mah, — Gusti Jungjunan urang anu mulya tea — teu meunang ngabeda-beda jelema. 2 Upamana bae: Aya dua jelema datang kana kumpulan. Nu saurang ginding diali emas, nu saurang deui rudin. 3 Ka nu ginding mah kieu ngakuna oge: “Mangga di dieu linggihna di nu utami.” Ari ka nu rudin: “Maneh mah nangtung bae di dinya.” Atawa: “Tah sila deukeut suku kami!” 4 Peta kitu teh, tandaning ngabeda-bedakeun jelema, goreng hate jahat pikiran. 5 Sing emut dulur-dulur! Anu mariskin cek pandangan dunya ku Allah dikersakeun beunghar ku iman, sina jaradi ahli waris karajaana-Na, anu dijangjikeun keur sakur anu wedi asih ka Mantenna. 6 Ari heug, ku aranjeun dihina. Cik saha anu sok ngagencet jeung ngajagragkeun aranjeun ka pangadilan? Kapan anu baleunghar! 7 Naha lain maranehna oge anu sok ngagogoreng jenengan Al Masih anu sakitu mulyana sarta anu geus jadi milik aranjeun teh? 8 Kacida hadena dulur-dulur daraek nohonan timbalan anu pangutamana dina Kitab Suci, anu kieu unina: “Masing nyaah ka batur lir ka awak sorangan.” 9 Tapi ari sok ngabeda-beda jelema tina sabab harkatna mah, aranjeun teh kabeulit ku dosa jeung ku Kitab Suci oge dicap ngarempak eta timbalan. 10 Sabab ngarempak salah sahiji timbalan Toret, sarua jeung ngarempak sakabeh timbalan Toret. 11 Sabab Anu nimbalan: “Maneh ulah ngaranyed,” oge nimbalan: “Maneh ulah maehan.” Jadi, sanajan upamana anjeun henteu ngaranyed, tapi maehan; eta teh, dosa keneh. 12 Boh ucap boh lampah, kudu sakumaha layakna umat anu baris diserenkeun kana hiji hukum anu kawasa ngabebaskeun. 13 Sabab pamohalan, Allah mikawelas ka jelema anu teu boga rasrasan. Papadaning kitu, sipat welas asih mah bisa ngungkulan hukum. 14 Dulur-dulur! Naon gunana pikeun anu ngaku-ngaku: “Aing boga iman,” tapi teu nyata dina lampahna. Na bisa, eta imanna teh, nulung ka dirina? 15 Urang upamakeun kieu: Aya duduluran lalaki atawa awewe anu kurang pake kurang dahar. 16 Ku aranjeun ukur didoakeun, sing cukup pake cukup dahar, ari pangabutuhna teu dicumponan. Na aya gunana, eta pangdoa aranjeun teh? 17 Tah iman teh kitu: Iman nu teu dibarengan jeung amal; eta iman teh, hakekatna mah paeh. 18 Bisa jadi aya nu ngomong: “Jalma mah aya nu boga iman, aya nu boga amalan.” Simkuring rek nanya: Iman teh rek bisa tembong kumaha lamun taya amalanana? Simkuring mah nembongkeun iman teh ngan ku amalan. 19 Aranjeun tangtu percaya yen Allah teh tunggal. Hade! Tapi iblis-iblis oge percayaeun kana hal eta, tur kacida galimireunana. 20 Nu matak jelema teh kahade kalangsu. Kumaha ayeuna dulur-dulur daraek ngaenyakeun, yen iman tanpa amalan teh kosong molongpong? 21 Cik kumaha jalanna pangna Ibrahim, karuhun urang, ku Allah diangken bener teh? Kapan ku amal padamelanana nu ngiklaskeun Isak, putrana, dianggo kurban. 22 Sakitu tetelana, yen iman anjeunna teh dibarengan ku amalanana. Sarta nya ku amal padamelanana pisan iman anjeunna ngajadi sampurna. 23 Cocog jeung anu kaserat dina Kitab Suci, yen: “Ibrahim percaya ka Allah. Ibadahna, ku Allah diangken lantaran imanna.” Sarta ku lantaran eta, Ibrahim teh disebut mitra Allah. 24 Ayeuna tetela pisan, jelema bisana diangken bener ku Allah teh lain ku dumeh iman wungkul, tapi katut jeung amal perbuatanana ongkoh. 25 Inget deuih hiji awewe anu ngaran Rahab. Manehna awewe palacuran. Tapi ku Allah, diangken jelema bener; lantaran ku pagaweanana nulungan mata-mata anu dikirim ku urang Yahudi, mere jalan pileupaseun nepi ka mata-mata tea leupas tina bahaya. 26 Cindekna, iman tanpa amal pagawean teh, nya eta jeg raga taya nyawaan, paeh ngaranna. 1 Dulur-dulur! Ulah sarerea harayang jadi guru. Ku urang ge geus karasa, guru mah ana geus disalahkeun sok leuwih beurat ti nu lian. 2 Mangkaning urang teh sarerea oge tara luput tina kasalahan-kasalahan. Anu ucap-ucapanana tara salah tur sanggup ngadalian diri, nya jelema sampurna tea ngaranna. 3 Kuda beunang dikadalian, sina nurut dikuah-kieuh ku urang. 4 Kapal kajeun sakumaha gedena tur lajuna ku tanaga angin gede, geuning bisa digulak-gilek ku kamudi anu sakitu leutikna. 5 Letah oge nya kitu: Kajeun leutik, tapi mungguhing kalungguhanana mah kacida pentingna. Seuneu saenyay, bisa ngahuru leuweung geledegan. 6 Letah oge kawas seuneu, jadi sumbering balai anu ngancik dina diri, anu bisa nyebarkeun kajahatan jeung ngahuru tata cara kahirupan urang sagemblengna. Sabab letah teh, sategesna mah mawa seuneu naraka. 7 Jelema bisa ngalilindeuk mahluk sejen: Sato leuweung, manuk, sato bangsa kadal, kitu deui lauk. 8 Tapi letah mah, hamo aya anu bisa ngalilindeuk. Letah mah, estuning mangprung teu beunang diatur-atur, jadi sumber werejit anu mateni. 9 Ku urang sok dipake muji sukur ka Pangeran, Allah Nu jumeneng Rama tea. Tapi sok dipake nyumpahan ongkoh, nyumpahan papada manusa anu dijadikeunana ngalap ka salira Allah. 10 Nya pamuji sukur nya panyapa, ngaburulana tina sungut eta-eta keneh. Dulur-dulur ulah nepi ka kitu. 11 Sageuy, aya cinyusu ngabijilkeun cai tawar ongkoh cai asin ongkoh. 12 Sageuy, aya tangkal kondang buahan jetun atawa anggur buahan kondang. Sageuy, aya cai ti laut anu rasana tawar. 13 Saha di aranjeun anu alim jeung luhung panemu? Kudu bukti tina caraning hirupna ku amal-amal anu hade, anu medal tina usiking budi anu lemes tur lantip. 14 Ari boga hate sirik-pidik, ngunek-ngunek jeung hawek mah ulah waka agul-agul! Ulah nyiar ekol pikeun ngalawan sual nu bener. 15 Budi pangarti kawas kitu mah kaluaran ti dunya, lain bijilan sawarga, tapi asal tina hawa napsu idajil. 16 Sipat sirik jeung hawek mah, perbawana ngan ngajak kusut, mawa kana lampah jahat. 17 Sabalikna, budi pangarti anu asal ti sawarga, — sipat anu pangutamana — nya eta suci. Lian ti eta: Resep rapih, darehdeh, nurut, karunyaan, jembar ku amal, leubeut ku kahadean, tara beurat sabeulah, sarta tara munapek. 18 Buah-buahna oge tangtu hade jeung bener, anu disebarkeun ku sing saha anu resep kana karapihan. 1 Naon tea nu ngalantarankeun dulur-dulur pasentrok jeung pabengkah teh? Naha eta teh lain ku lantaran hawa napsu anu salawasna ngagoda? 2 Ana kahayang henteu kahontal, dulur-dulur tega nepi ka maehan. Hayang anu, tapi teu bisa laksana, dibelaan ribut nepi ka garelut. Tapi keukeuh henteu beunang, da puguh henteu neneda tea. 3 Atawa neneda, tapi teu dikabul lantaran tekadna salah, nya eta ngan seja muaskeun kahayang sorangan. 4 Dasar golongan henteu satia! Kawas nu teu nyaho bae, yen misobat kana kadunyaan teh ngamusuh ka Allah. Raket kana kadunyaan teh, hartina jauh ti Allah. 5 Ulah dikira taya maksudna Kitab Suci nyebutkeun: “Ruh anu ku Allah diancikkeun di diri urang, dimaksad kanggo Mantenna ku anjeun.” 6 Sabalikna, kurnia-Na oge ka urang leuwih agung batan eta, sakumaha ceuk Kitab Suci: “Jelema nu garumede ku Allah ditolak, sabalikna, nu rarendah hate ku Mantenna diberkahan.” 7 Ku sabab eta, masing sumerah ka Allah. Lawan Setan teh, tanwande manehna kabur. 8 Sing raket ka Allah, tanwande Mantenna oge raket ka aranjeun. Sucikeun leungeun, ulah daroraka kitu! Sucikeun hate, ulah marunapek kitu! 9 Aranjeun teh kuduna mah nalangsa, ceurik, ngerik, jauh ti matak gumbira jeung bagja. Kudu prihatin! 10 Tundukkeun diri di payuneun Pangeran, tangtu ku Mantenna dijungjung. 11 Omat dulur-dulur, ulah silih gorengkeun. Sing saha anu ngagorengkeun atawa ngahukuman batur, eta tegesna moyok jeung nyebut teu bener kana hukum. Lamun aranjeun nyebut teu bener kana hukum, tandaning embung nurut kana hukum, malah sasat jadi hakimna. 12 Anging Allah Anu wenang ngaluarkeun jeung nyalahkeun hukum teh. Anging Mantenna Anu kawasa nyalametkeun jeung ngaruksakna. Saha karah aranjeun teh, make nyebut teu bener ka batur? 13 Aranjeun sok ujub kieu: “Poe ieu atawa poe Anu, urang rek ka dayeuh Anu, sataun lilana; nya rek balantik nyiar untung.” 14 Padahal teu nyaho isukan baris kumaha. Tur hirup teh ibarat halimun ipis, aya sakeudeung les leungit deui. 15 Kuduna ngomong teh kieu: “Manawi Allah marengkeun, kuring teh gaduh niat seja anu.” 16 Ari aranjeun anggur ujub jeung takabur. Salah kabina-bina eta teh! 17 Ku sabab eta, anu nyaho kana lampah hade, tapi teu prak dipilampah; eta teh dosa! 1 He nu baleunghar, dengekeun: Aranjeun saenyana mah kudu careurik nyeungceurikan diri baris katarajang bahla. 2 Kakayaan aranjeun saenyana geus bulukan. Papakean aranjeun ge, geus rarenyah ku geget. 3 Emas perak aranjeun geus karahaan sarta karahana baris ngajadi saksi anu malik ngalawan, malah baris ngahuru lir seuneu, ngahakan daging aranjeun nepi ka beak! Taya gunana numpuk-numpuk kabeungharan lantaran aranjeun tereh enggeusan. 4 Aranjeun ngagawekeun jalma percumah, buruhanana henteu dibayar. Koceak maranehna teh, geus tepi kana cepil Allah Nu murbeng alam. 5 Hirup aranjeun di ieu dunya ngahenang-ngahening taya kakurang. Awak haben dilintuhan nepi ka gigiblihan, meujeuhna pisan eukeur peunciteun. 6 Aranjeun nyiksa, malah maehan jelema-jelema anu teu tuah teu dosa tur teu werat ngalawan! 7 Dulur-dulur! Sing tagen, sing sabar ngadago sumpingna Gusti Jungjunan urang. Tenjo patani, teu weleh sabar ngarep-ngarep sangkan pepelakanana hade hasilna. Teu weleh sabar ngarep-ngarep usum hujan. 8 Sing salabar sarta kuatkeun hate; sabab Gusti Jungjunan urang teh, moal lila deui oge sumping. 9 Ulah luhlah ngarasula, bisi keuna ku hukumanana. Tuh Hakimna geus sumping, geus sayagi. 10 Kudu nyonto ka paranabi purah ngemban timbalan Allah, geuning sakitu salalabarna najan salangsara oge. 11 Saenyana, anu sabar tawekal teh, ceuk simkuring mah jelema bagja. Saha anu bireuk kana carita Ayub anu sabar taya babandinganana? Geuning ari geus waktuna mah, teu luput tina ganjaran Allah; sabab Allah mah, sugih ku asih jembar ku piwelas. 12 Ari nyarita ulah jeung bari sumpah sagala, demi langit demi bumi, atawa demi itu demi ieu. Kudu dipahing kikituan teh. Sebutkeun bae “enya” lamun enya; “henteu” lamun henteu, supaya henteu keuna ku hukuman ti Allah. 13 Upama aya anu meunang karerepet, ulah poho neneda. Sabalikna, anu meunang kasenangan ulah poho muji sukur. 14 Dulur anu gering kudu dipangneangkeun pangurus jamaah, anu kudu mangnedakeun jeung ngolesan ku minyak kalayan nyambat pajenengan Allah. 15 Ku paneda anu medal tina iman kapercayaan, nu gering baris katulungan, ku Gusti baris dikersakeun cageur. Malah upama aya kasalahanana oge, baris dihampura. 16 Ku sabab eta, ari aya kasalahan pada batur teh sing daraek waleh, sing daraek silih hampura, bari silih doakeun. Pangdoa jelema nu hade hate mah, gede maunatna. 17 Contona Nabi Elias. Anjeunna oge jelema biasa cara urang. Tapi waktu anjeunna nyuhunkeun ka Allah supaya satanah Israil ulah turun hujan, bukti hujan henteu turun-turun nepi ka campleng tilu taun satengah; sabab anjeunna, nyuhunkeunana panteng. 18 Kitu deui, waktu anjeunna neneda nyuhunkeun hujan, cur bae hujan teh turun ti langit, nepi ka tanah teh subur deui. 19 Dulur-dulur! Kumaha upama aya anu kasasar lampah, mengpar tina bebeneran? Sing saha nu bisa nungtun eta jelema kana jalan anu bener deui; 20 eta teh, sasat baris nyalametkeun patina sarta nyegah manehna tina ngalampahkeun deui dosa.
|