HebrewsIbraniIbrani 11 Baheula, Allah sering ngandika nganggo rupa-rupa cara ka karuhun urang, ditepikeunana ku nabi-nabi. 2 Kiwari, — dina jaman ahir — ngandika-Na ka urang teh, ku perantaraan Putra-Na anu geus diserenan sakabeh perkara. Langit jeung bumi oge, dijadikeunana teh, nya ku Putra-Na. 3 Nya Anjeunna nu jadi cahaya kamulyaan Allah, nu ngalap kana salira Allah ku manten. Nya Anjeunna anu murba ka saniskara ku Pangawasa Pangandikana. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosa, Anjeunna munggah deui ka sawarga, linggih di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa. 4 Allah ngajungjung Putra-Na leuwih luhur batan paramalaikat; hal eta, tetela tina gelaran-gelarana-Na anu aragung. 5 Taya hiji malaikat oge, an u geus didawuhan kieu ku Allah cara Anjeunna: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami kiwari.” Taya hiji malaikat anu kenging dawuhan cara Anjeunna: “Nya Kami pi-Ramaeunana, ari Anjeunna nya Putra Kami.” 6 Nalika eta Putra Cikal teh diutus ka dunya, Allah ngandika kieu: “Malaikat-malaikat Allah, kabeh wajib ngabakti ka Anjeunna.” 7 Ari hal malaikat-malaikat mah didawuhkeuna-Na teh kieu: “Malaikat-malaikat ku Mantenna dijadikeun gelebugna angin ribut, abdi-abdi-Na dijadikeun gedurna seuneu.” 8 Ngeunaan Putra-Na: “Singgasana Gusti, nun Pangeran, sapapaosna moal oyag moal gedag. Gusti ngereh Karajaan kalawan adilna. 9 Gusti miasih ka nu satuhu, cua kana kajahatan. Eta margina, nu mawi ku Allah, Panutan Gusti diserenan kawasa nyangking kamulyaan, punjul ti anu sanes-sanesna.” 10 Aya deui, kieu: “Kawitna, nun Gusti, Gusti ngajadikeun langit jeung bumi, dipidamel ku panangan ku anjeun. 11 Eta sadayana bakal sirna, nanging Gusti mah tetep jumeneng. Sadayana baris bobo sapertos anggoan, 12 ku Gusti baris ditilepan sapertos nilepan lawon, baris digentos jeg ngagentos anggoan. Dupi Gusti mah hamo barobah, hamo aya heubeul-Na.” 13 Ka paramalaikat mah, Allah teu kantos ngadawuh kieu: “Hiap, hidep diuk katuhueun Kami, Kami baris ngagusuran musuh-musuh hidep, sina ngajaloprak dina suku hidep.” 14 Ana kitu, naon atuh ari paramalaikat? Taya lian, eta mah kabeh oge bangsa roh purah ngalalayanan; nu diutus ku Allah purah ngadeudeul manusa anu rek dipaparin kasalametan. 1 Ku kituna, urang kudu beuki saregep kana perkara-perkara anu geus tepi kana ceuli urang. Sabab lamun teu kitu, urang baris leungiteun padoman. 2 Amanat anu ditepikeun ngan ukur ku malaikat-malaikat ge sakitu penting kabina-bina. Tepi sing saha nu teu malire, nya teu nurut kana eta amanat teh, pinasti meunang hukuman anu satimpal. 3 Rek bisa lolos kumaha urang tina hukuman, upama urang teu daek malire kana eta amanat kasalametan. Nya anu ngawitan ngembarkeunana teh, Gusti Jungjunan urang ku anjeun. Ti dinya, ku sakur anu ngarupingna dinyatakeun ka urang yen hal eta, estu saenyana. 4 Tur, hal eta teh, dikuatan ku Allah ku manten anu mintonkeun rupa-rupa tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung dadamelan-dadamelan anu araheng. Lian ti eta, Allah teh ngurniakeun Ruh Allah, numutkeun pisapuk manah-Na. 5 Dunya, dina jaman anu bakal datang, ku Allah henteu dikawasakeun ka paramalaikat. 6 Anggur sakumaha ceuk Kitab: “Nun Pangeran, naon tea manusa teh, pangna ku Gusti dugi ka dipikamelang? Sareng saha manusa teh, nu mawi ku Gusti dilayad? 7 Mung pikeun sakedap bae, Anjeunna, ku Gusti dikersakeun aya di sahandapeun malaikat-malaikat teh; salajengna mah, Anjeunna dimakutaan ku kamulyaan sareng kaagungan. 8 Dikawasakeun murba kana saniskara, nalukkeun sagala rupi kana dampal sampeana-Na.” Ari anu ku Allah ditalukkeun ka Anjeunna teh, estuning saniskara perkara. Tegesna, taya pisan anu diiwalkeun. Kiwari, yen saniskara geus ditalukkeun ka Anjeunna teh, ku urang acan katembong. 9 Anu ku urang geus kasaksian mah, nya eta: Isa teh kantos sakeudeung ku Allah disina leuwih rendah batan malaikat, sina pupus pikeun kabeh manusa anu kalintang dipiwelas-Na ku Allah. Tapi sanggeus Anjeunna nemahan pati, lajeng ku Allah dimakutaan ku kamulyaan jeung kaagungan. 10 Sabab ku Allah, — anu jadi Maha Cipta jeung anu jadi panyacapan sakabeh perkara — Isa teh dijadikeun jejer jalan kasalametan; Anjeunna ge, geus disina nyorang sangsara heula, nya pikeun ngahontal kasampurnaan tea, sangkan Anjeunna iasa nyandak loba manusa manjing kana kamulyaan sawarga. 11 Anjeunna, — anu nyanggakeun manusa ka pangkon Allah — jeung manusa anu disanggakeuna-Na teh, asalna sami tunggal sa-Rama. Ku kituna, Anjeunna teh henteu lingsemeun ngangken dulur ka manusa. 12 Saur-Na oge: “Pajenengan Ama, nun Allah, ku Abdi sumeja dimashurkeun ka sadaya dulur-dulur, sumeja dipuji di jamaah. ” 13 Saur-Na keneh: “Kami nanggeuhkeun pangharepan ka Allah.” Jeung: “Ieu Kami, babarengan jeung anak-anak Kami paparin ti Allah.” 14 Ku sabab anu diangken jadi putra-putra-Na teh manusa biasa, Anjeunna iklas nyamikeun salira ka maranehna; nya hurip-Na teh sakumaha hirup maranehna, supaya ku jalan pupus-Na, setan anu ngereh alam maot teh, ditumpes. 15 Lian ti eta, supaya sakur anu saumur hirupna teu leupas-leupas tina kasieun ku kawasaning ajal, bisa leupas tina geugeuhanana. 16 Tetela, anu dibela dipiwelas ku Anjeunna teh lain paramalaikat, tapi umat turunan Ibrahim. 17 Kitu, pangna Anjeunna dina sagala perkara disamikeun jeung dulur-dulur-Na teh; nya supaya enggoning maranehna ngabdi ka Allah, Anjeunna iasa jadi Imam Agung anu satia tur welas asih enggoning nebus dosa umat-Na. 18 Ku lantaran Anjeunna kantos nandangan rupi-rupi cocoba, Anjeunna iasa maparin kakuatan ka sakur anu keuna ku cocoba. 1 Dulur-dulur! Aranjeun anu ku Allah enggeus disaur jadi umat kagungana-Na. Puseurkeun perhatian aranjeun ka Isa, anu ku Allah geus diutus pikeun jadi Imam Agungna urang. 2 Anjeunna kacida kumurebna ka Allah, anu ngajenengkeuna-Na; sakumaha Musa kumureb kana nohonan papancen di sakuliah wangunan Allah. 3 Parandene, Isa mah leuwih-leuwih hormateuna-Na ti batan Musa. Da sawajarna, ari nu ngawangun mah, leuwih mulya ti batan nu diwangunna. 4 Tiap wangunan, tangtu aya anu ngawangunna. Ari wangunan jagat alam raya, diwangunna teh ku Allah. 5 Di jero eta wangunan kagungan Allah, nya Musa anu jadi abdi Allah anu tuhu kana papancen. Papancenna teh, nya eta jadi saksining timbalan Allah anu bakal diandikakeun. 6 Tapi Al Masih mah, kumureb-Na teh, sakumaha kumurebna nu jadi Putra, anu dikawasakeun ngurus panglinggihan kagungan Rama. Urang bisa ngarasa betah matuh di dinya, tapi saratna urang kudu berjuang kalawan temen-tinemenan tur tahan uji tepi ka panganggeusan, jeung manteng cengeng ka anu diarep-arep. 7 Regepkeun dawuhan Ruh Allah ka aranjeun, anu ungelna: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, 8 poma, ulah neuaskeun hate kawas nu enggeus-enggeus, waktu maraneh ngalawan ka Allah, jaman diuji di tegal kikisik tea. 9 Harita, karuhun-karuhun maraneh geus wani wangkelang sarta curiga ka Kami; padahal, nepi ka opat puluh taun pisan maranehna teu petot-petot nyaksian padamelan Kami. 10 Ahirna, Kami nepi ka kudu amarah ka maranehna. Nepi ka ceuk Kami: ‘Dasar tukang sasar pikir, arembung nyaho kana jalan nu ti Kami.’ 11 Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: ‘Maranehna hamo bisa milu ka tempat pangreureuhan Kami.’ ” 12 Ku sabab eta, masing ati-ati; ulah nonggongan jeung nyieun pamolah anu matak jaheut manah Allah Anu jumeneng. 13 Anggur kudu silih elingan unggal-unggal poe, satungtung anu disebut “poe ieu” aya keneh, supaya ulah nepi ka aya anu sasar kasered ku dosa, tuluy bae mengpetan hate! 14 Mun rumasa jadi anggota kaluwarga Al Masih, kudu teguh kudu pengkuh nangtung dina kayakinan anu enggeus diyakinkeun ti awal-awalna, kudu tagen nepi ka jucungna. 15 Sing inget, kumaha ceuk Kitab: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet bae kawas ka tukang-tukang, waktu maraneh ngalawan ka Allah.” 16 Saha jelema-jelemana, anu ngadarenge timbalana-Na, tapi anggur ngaralawan? Nya eta jelema-jelema anu ku Musa dituyun budal ti Mesir tea. 17 Saha jelema-jelemana, anu ku Allah dibenduan salila opat puluh tahun? Nya eta jelema-jelema anu daroraka, anu disina paraeh di alas kikisik. 18 Saha jelema-jelemana, anu diragragan supata sina ulah bisa manjing ka tempat pangreureuhan Allah? Na saha atuh lamun lain anu warangkelang ka Mantenna? 19 Munasabah teu barisa manjing ka dinya oge, bongan henteu palercaya! 1 Widi Allah pikeun manjing ka tempat pangreureuhan Mantenna, saenyana laku keneh tepi ka kiwari. Tinggal urangna anu kudu ati-ati, sangkan ulah aya anu nepi ka tinggaleun cara maranehna. 2 Padahal maranehna oge kawas urang ngadarenge uaranana. Tapi tetela, eta uaran anu sakitu pentingna teh, pikeun maranehna mah teu aya berkahna lantaran ngadarenge ge embung percaya. 3 Tapi urang, anu percaya saestu-estuna, tangtu widi ka tempat pangreureuhan Mantenna, tempat anu ku Mantenna ditimbalkeun: “Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: Maranehna hamo asup ka tempat pangreureuhan Kami.” Kitu ditimbalkeunana, sanajan saniskara padamelana-Na geus rengse ti barang dunya dijadikeun. 4 Tumali jeung poe anu katujuh, aya timbalan anu kieu: “Dina poe nu katujuh, Allah reureuh tina sagala damel-Na.” 5 Parandene, bet aya timbalana-Na, anu ungelna: “Maranehna hamo manjing ka tempat pangreureuhan Kami.” Naha? 6 Jadi, tetela aya hiji tempat reureuh, anu bisa kajugjug ku sabagian manusa. Tapi jelema-jelema anu pangheulana ngadarenge uaran anu sakitu pentingna, malah teu barisa nepi ka dinya lantaran arembung nurut. 7 Ku sabab eta, sakumaha urang terang, Allah teh nyayagian keneh hiji poe anu disebut “Poe ieu,” anu enggeus mangpirang-pirang alam ku Mantenna ditimbalkeun ku parantaraan Daud, ungelna: “Upama maraneh, poe ieu, ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet hate.” 8 Upama jaman harita Yosua bisa mingpin rayatna ka tempat pangreureuhan Allah tea, Allah teh moal kantos nyayagian poe sejen. 9 Jadi, umat Allah teh masih keneh kudu nunggu datangna hiji Sabat (poe kareureuhan) nu sajatina. 10 Sabab sing saha anu manjing ka tempat pangreureuhan Allah, baris reureuh tina sagala kawajibanana; sakumaha Allah oge anu geus reureuh tina sagala damel-Na. 11 Ku sabab eta, urang kudu ihtiar sing junun malar bisa asup ka eta tempat; ulah nepi ka tikosewad lantaran wangkelang cara anu daroraka tea. 12 Pangandika Allah teh, saestu hirup tur kawasa; leuwih seukeut alah batan ti pedang anu dua pangadekna, bisa parat kana puseurna nyawa jeung roh, sanggup tembus kana sungsum reujeung tulang, sanggup maca kalayang taliti sagala angen-angen jeung pipikiran manusa. 13 Taya hiji mahluk anu bisa nyingkuran Mantenna, kabeh ge nembrak nonggerak di hadirat-Na. Nya ka Mantenna urang kudu tanggung jawab teh. 14 Sing pageuh ngagem iman kapercayaan teh. Sabab urang boga Imam Agung anu geus nyungsi sawarga, nya eta Isa, Putra Allah. 15 Imam Agung urang teh kalintang mihawatirna kana kahengkeran urang, da puguh Anjeunna oge geus sami-sami ngarandapan cocoba kawas urang. Bedana teh, Anjeunna mah teu kagungan dosa. 16 Ku hal eta, urang teh bisa ngarasa reugreug nya hate nyolondo ka payuneun singgasana Allah anu maha welas asih. Tanwande, urang, ku Mantenna diangken, ditampi kalayan asih sarta dipaparin rahmat dina danget urang butuh. 1 Tiap imam agung, dipilihna teh, pikeun ngawakilan bangsana ngajalankeun ibadahna ka Allah; nya pikeun nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung kurban panebus dosa tea. 2 Anjeunna kudu tahan jeung sabar mayunan rayat anu kurang pangarti tur sok sarasab. 3 Ku sabab papada lemahna, pangbakti-pangbakti jeung kurban teh, lain keur nebus dosa bangsana wungkul, tapi oge keur nebus dosana ku anjeun. 4 Pikeun nyangking pangkat anu sakitu agungna teh, henteu bisa ku ngajenengkeun anjeun, tapi kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Imam Harun. 5 Al Masih oge, kenging-Na kahormatan jadi Imam Agung teh lain ngajenengkeun anjeun, estu ku timbalan Allah anu kieu: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami poe ieu.” 6 Sakumaha dawuhana-Na dina salah sahiji enas lianna: “Hidep teh Imam langgeng, numutkeun papagon Melkisidik.” 7 Sapanjang jumeneng di dunya, Anjeunna teu lesot-lesot tina neneda ka Allah, anu sanggup nyalametkeun Anjeunna ti alam kubur. Neneda-Na teh sok nepi ka lumengis sarta ku lantaran kasalehan-Na, matak paneda-Na ku Allah dikabul bae. 8 Najan jadi Putra Allah, Anjeunna suka lilah diajar sadrah nandangan sangsara, 9 nepi ka ngahontal kasampurnaan jeung jadi marganing kasalametan langgeng keur anu palercaya ka Anjeunna. 10 Lajeng ku Allah dijenengkeun Imam Agung, saperti Melkisidik. 11 Tina sual Isa jadi Imam Agung teh, saenyana mah, loba pisan anu kudu diterangkeun teh. Tapi rek nerangkeun nepi ka eces mah, hese; da aranjeun mah kana ngarti teh laliat pisan. 12 Pantesna mah, aranjeun teh geus bisa; malah kuduna mah, geus ngajarkeunana; lantaran nya geus sakitu lilana, dialajar nyaho kana eta pernyataan Allah teh. Ari heug, aranjeun masih keneh bae nguyek dina alip-alipanana. Hayoh bae masih nyarusu, acan kuat kana sangu! 13 Orok tea atuh ngaranna, ari nyusu keneh bae mah; da masih keneh bae balata-boloto, teu nyaho di anu bener. 14 Sabab ari geus sawawa mah, tangtu sangu anu didahar teh sarta kudu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng kalawan ngagunakeun budi akalna. 1 Ku sabab eta, pangajaran alip-alipan tina hal Al Masih teh, urang teruskeun kana tahap anu leuwih luhur jeung pepek; ulah haben bae ngucel poko-poko pertobat tina lampah siwah jeung poko-poko iman ka Allah, kayaning: 2 Pituduh rupa-rupa baptisan, hal numpangkeun leungeun, hal hudangna nu paraeh, sarta hal hukuman langgeng. 3 Hayu maju! Sual-sual eta mah urang sampeur deui engke, manawi Allah marengkeun. 4 Sanajan hate urang geus meunang caang, geus meunang nikmat ti sawarga, geus meunang bagian Ruh Allah, 5 geus ngasaan kumaha matak bagjana ari pangandika Allah, geus bisa ngileng-ngileng pikumahaeunana jaman nu bakal datang, 6 ari murtad deui mah cumah, pamohalan bisa dihadean deui, pamohalan bisa tobat deui. Sabab sategesna, eta teh nyalibkeun deui Putra Allah sarta nganista-nistakeun deui Anjeunna ka balarea. 7 Ibarat tanah anu rea nyeuseup cihujan tur subur ku pepelakan anu mangpa'at, tangtu nguntungkeun ka nu bogana, kaseundeuhan ku berkah Allah. 8 Sabalikna, mun eta tanah teh pinuh ku areuy-areuyan jeung rungkun-rungkun cucuk, taya pisan gunana. Tanah kitu mah, moal lila deui ge diduruk; da katinggang ku la'nat Allah tea. 9 Dulur-dulur! Sakieu resagna simkuring nya ngomong. Tapi ari hate mah, yakin yen dulur-dulur teh masih boga keneh berkah anu leuwih utama, nu matak jamuga. 10 Sabab Allah hamo jalir; moal teu emut kana pagawean jeung kanyaah aranjeun ka Mantenna, nya eta nulung dulur-dulur anu saiman tea. 11 Anu pohara dipenta-pentana ku simkuring mah, muga aranjeun masing temen-tinemenan kawas bareto, sangkan anu ayeuna keur diarep-arep teh nepi kana laksanana. 12 Poma, ulah laliat! Kudu nyonto ka anu ariman jeung anu salalabar, sangkan jangji Allah tinekanan katarima. 13 Harita, mangsa Allah nimbalkeun jangji ka Ibrahim, Mantenna lajeng sumpah demi salira-Na; lantaran taya deui anu jadi saluhureun Mantenna, nya eta anu pantes pikeun jadi saksi-Na. 14 Sumpah-Na: “Kami sumpah, seja ngaberkahan ka maneh jeung mere turunan anu lobana tanpa wilangan.” 15 Ibrahim pohara sabarna ngantos-ngantos eta jangji, nepi ka laksana tinekanan. 16 Manusa upama sumpah kudu make saksi anu saluhureun, sangkan sumpahna boga kakuatan hukum anu hamo bisa diganggu gugat. 17 Allah oge ngaraos peryogi mintonkeun kaestuan jangji-Na ka anu dipaparinan subaya, yen hamo cidra. Nya lajeng dikukuhkeun ku sumpah tea. 18 Boh jangji-Na boh sumpah-Na, hamo batal. Jadi, pamohalan Allah cidra tina subaya. Pikeun anu sumalindung ka Mantenna, sumpah-Na teh jadi hiji pamageuh pangharepan kana laksananing jangji Mantenna tea. 19 Ieu pangharepan teh, jadi jangkar anu pageuh tur aman; nanceb dina hirup urang tur sanggup nembus reregan Bait Suci sawarga, tepi ka Kamar Pangsucina pisan. 20 Ka dinya teh, Isa mah geus ti heula lebet-Na guna kapentingan urang, dumeh Anjeunna mah geus jeneng Imam Agung salanggengna, saperti Melkisidik tea. 1 Melkisidik teh raja nagara Salem, oge Imam Allah Nu Maha Agung. Nalika Ibrahim mulih jurit, tas nalukkeun raja-raja; anjeunna teh, dipapag jeung diberkahan ku Melkisidik. 2 Tuluy ku Ibrahim dihaturanan barang jarahan saperpuluhna. Harti Melkisidik teh, tina jenenganana, saenyana “rajaning kaadilan.” Ari harti raja Salem nya eta “rajaning karahayuan.” 3 Saha ibu ramana, saha karuhun-karuhunna, kumaha awal ahir jumenengna, teu aya nu terang. Ngan anjeunna teh sababad jeung Putra Allah, nya eta Imam salalanggengna. 4 Kaagungan pangkatna, Melkisidik teh, tetela tina panghaturanan Ibrahim, barang-barang jarahan nepi ka dihaturkeun saperpuluhna! 5 Turunan-turunan Lewi anu jaradi imam, saluyu jeung hukum kudu narik pajeg pangasilan rayatna, najan papada turunan Ibrahim keneh. 6 Tapi Melkisidik, najan lain turunan Lewi, bet narik pajeg ti Ibrahim pisan; tur Ibrahim anu geus kenging jangji ti Allah ge, ku anjeunna teh, diberkahan deuih. 7 Ku sarerea oge mo bisa dipungkir, yen harkat anu ngaberkahan mah tangtu leuwih luhur ti batan anu diberkahanana. 8 Imam-imam anu wenang narik perpuluhan tea, kabeh ge mahluk anu kakurung ku pati. Ari Melkisidik mah ceuk Kitab Suci tetep jumeneng. 9 Saenyana, Lewi ku anjeun anu wenang narik perpuluhan teh; tapi malah tibalik, sasat mayar perpuluhan ka Melkisidik, ku jalan Ibrahim tea. 10 Memang keur jaman Ibrahim, Lewi acan gelar ka dunya. Tapi anjeunna teh kapan terah Ibrahim, karuhunna, anu dipapagkeun ku Melkisidik tea. 11 Bani Israil narima aturan kitu teh lantaran patali jeung kaimaman kaom Lewi. Upama enya, kaimaman kaom Lewi teh sampurna; naha bet kudu aya deui imam sejen, kawas Melkisidik anu lain turunan Harun? 12 Sejen kaimaman tangtu sejen deui aturanana. 13 Gusti Jungjunan urang anu ayeuna dicaritakeun ge, beda kaom-Na; da ti kaom Anjeunna mah, teu aya anu kapapancenan mingpin upacara kurban dina mezbah. 14 Tangtu sarerea ge terang, yen Anjeunna mah asal ti kaom Yuda, nya eta hiji kaom anu dina sual kaimaman teu disebut-sebut ku Musa. 15 Sual anu keur dicaturkeun teh, baris leuwih tetela; nya lantaran aya deui Imam anu saperti Melkisidik tea, 16 anu dijenengkeunana luareun katangtuan-katangtuan beunang manusa, tapi ku karana hiji kawasaning hirup anu teu keuna ku musna. 17 Hal ieu Imam, kieu diumumkeunana: “Maneh dijenengkeun Imam pikeun salalanggengna, saperti Melkisidik.” 18 Aturan-aturan heubeul, — lantaran tetela taya dayana jeung taya gunana — kudu dipiceun. 19 Toret Musa teh, geus tetela, teu nungtun manusa kana kasampurnaan sarta geus aya gantina, nya eta anu mere harepan leuwih utama sarta anu baris ngaraketkeun urang ka Allah. 20 Turug-turug, dikuatkeun pisan ku ikrar sumpah Allah. Sabab imam-imam lianna mah, taya saurang oge anu dikuatkeun ku sumpah Allah. 21 Tapi nalika Anjeunna dijenengkeun Imam, Allah teh ngikrarkeun sumpah-Na: “Pangeran geus ragrag sumpah, hamo ku Mantenna diudar. Sumpah-Na: Maneh dijenengkeun Imam keur salalanggengna.” 22 Lebah dieu kaciri bedana teh: Ku jalan kitu, Isa teh ngajadi hiji tanggelan tina hiji perjangjian anu leuwih kuat. 23 Bedana deui: Imam-imam kaom Lewi mah, gunta-ganti; taya nu bisa terus jadi imam lantaran kapegat ku ajal. 24 Tapi kaimaman Isa mah, hamo aya anu megat sabab jumeneng salanggengna. 25 Ku kituna, Anjeunna kawasa maparin kasalametan kalawan sampurna ka sing saha anu sumeja dumeuheus ka Allah ku perantaraan Anjeunna; nya ku lantaran Anjeunna teh jumeneng salalanggengna tea. 26 Nya ieu Imam Agung anu dipikabutuh ku urang teh: Suci, tanpa salah, tanpa noda, teu keuna ku dosa, sarta raket ka Allah. 27 Imam Agung nu sejen mah, unggal poe kudu kurban keur miceun dosana jeung dosa bangsana. Sedengkeun Isa mah, henteu. Sakali korban salira, maunatna keur salalawasna. 28 Imam Agung anu diangkatna nurutkeun Toret Musa mah, mahluk anu sipat hengker tea. Tapi Imam Agung sanggeus jaman Toret, dijenengkeunana teh kalawan ikrar sumpah ti Allah, nya Putra Allah tea sampurnaning Imam Agung salalanggengna. 1 Eusi ieu pedaran, nya eta: Urang boga Imam Agung, anu lenggah tengeneun singgasana Nu Maha Agung di sawarga. 2 Nyepengna pancen di Kamar Pangsucina, sajatining Kemah Suci kenging Pangeran ku anjeun ngawangun, lain beunang manusa. 3 Sakumaha mistina, Imam Agung teh nyepeng papancen nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung korban; Imam Agung urang oge kudu ngajalankeun sarupaning korban. 4 Keur jumeneng-Na di dunya mah, Anjeunna teu jeneng Imam; sabab geus aya imam-imam anu kapapancenan nyanggakeun kurban anu ditangtukeun ku Toret. 5 Tapi eta mah ukur cangkang jeung kalangkang ti nu di sawarga, sakumaha anu ku Allah ditimbalkeun ka Musa nalika dipiwarang ngadamel Kemah Suci tea. Timbalana-Na: “Kemah teh dijieunna kudu make conto ti Kami, sakumaha anu geus ditembongkeun ka maneh basa di luhur gunung tea.” 6 Pancen kaimaman Isa mah leuwih mulya ti pancen imam-imam sejen. Sabab Anjeunna mah, Wawakiling tina Perjangjian anu leuwih mulya deui, anu eusina oge hiji jangji anu pangagungna. 7 Upama perjangjian anu ti heula taya kakuranganana mah, perjangjian kadua teh moal aya. 8 Pangeran memang geus ngiberan kieu ka umat-Na: “Bakal datang mangsana, Kami rek nyieun hiji perjangjian anyar, pikeun bani Israil jeung bani Yuda. 9 Eusina beda ti nu diikrarkeun ka karuhun-karuhunna, basa maranehna ku Kami ditungtun budal ti Mesir. Ku sabab maranehna ngalaleupaskeun maneh tina jangji Kami, ku Kami teu dipalire deui.” Kitu, timbalan Allah teh. 10 “Kieu perjangjian anyar ti Kami ka bani Israil sanggeus eta: Papakon Kami dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna. Jeung Kami baris jadi Allah nu disembah ku maranehanana, ari maranehna nya umat Kami. 11 Ka hareupna maranehna geus teu kudu dialajar ku parawarga, atawa ku pada dulur dititah: ‘Geura wawuh ka Allah!’ Sabab kabeh gede leutik, moal teu wawuh ka Kami 12 Sagala salahna ku Kami dihampura. Sagala dosana ku Kami dipupus tina ingetan.” 13 Ku sabab Mantenna geus ngikrarkeun jangji nu anyar, jangji anu ti heula teh resmi ku Mantenna dianggap batal. Sagala anu heubeul jeung batal, sakeudeung deui ge baris euweuh. 1 Perjangjian nu ti heula ge, boga tata cara ibadah jeung tempat suci beunang nyieun manusa. 2 Di bagian panghareupna, aya tempat karamat, disebutna “Kamar Suci.” Di jerona aya kendil, aya meja, jeung roti pangbakti. 3 Satukangeun reregan anu kadua, aya deui hiji kamar, disebutna “Kamar Pangsucina.” 4 Di jerona aya tungku parukuyan emas paranti meuleum seuseungitan; aya peti anu ngaranna “Peti Perjangjian” anu disaput ku emas, eusina: Buli-buli emas nu dieusi sabangsa kadaharan anu ngaranna “manna;” aya iteuk Imam Harun anu kungsi sirungan tea, jeung papan batu anu diukiran ayat-ayat perjangjian. 10:3-5* 5 Di luhureun eta peti perjangjian aya dua mamalaikatan, cahayana tingkeredep, make jangjang anu mayungan rohang paranti menta hampura ka Allah. Tapi geus bae, sual-sual bubuk leutikna mah teu kudu diwincik deui. 6 Kitu, diaturna eta tempat suci teh. Imam-imam netepan ibadahna teh saban-saban waktu, di Kemah anu panghareupna bae. 7 Anu wenang asup ka kamar anu kadua mah ngan Imam Agungna, sataun sakali. Lebetna bari nyandak getih kurbankeuneun kanggo ka Allah, nya eta keur panebus dosana ku anjeun jeung dosa bangsana anu kurang pangarti. 8 Dina sual ieu, Ruh Allah netelakeun, yen salila aya keneh anu netepan ibadah di Kemah anu kahiji, Kamar Pangsucina dilarang diasupan. 9 Eta kabeh teh, ngan ukur kalangkang atawa kias jaman kiwari. Luyu jeung kaayaan harita, korban-korban jeung pangbakti-pangbakti teh, teu bisa ngaberesihkeun kana diri sakumaha anu dicita-cita ku anu ngalakonan. 10 Ma'lum, kabeh oge, — nya kitu deui pangbakti-pangbakti anu mangrupa kadaharan jeung inuman katut rupa-rupa deui — ngan ukur sare'at lahiriyah; kakuatanana ge, ngan nepi ka semet gumelarna jaman saniskara dianyarkeun ku Allah. 11 Tapi Al Masih rawuh ngajadi Imam Agung anu nguruskeun sagala hal anu harade, anu marengan sumping-Na. Kemah tempat Anjeunna netepan kawajiban teh, ambahanana leuwih lega, leuwih sampurna, jeung lain beunang nyieun manusa; jadi, teu kaasup bagian ti ieu dunya ciciptan. 12 Anjeunna geus lebet ka Kamar Pangsucina tur keur saterusna. Nu dikurbankeunana lain getih domba jalu jeung getih anak sapi, tapi getih-Na ku anjeun. Eta sababna, ku Anjeunna mah, urang bisa salamet salalanggengna. 13 Upama kurban getih domba jalu, getih sapi jalu, katut lebuna anak sapi tea bisa ngaberesihkeun maranehna tina rereged nepi ka lahirna jadi suci; 14 atuh komo getih Al Masih! Ku kersaning Ruh anu langgeng, Anjeunna ngorbankeun salira-Na anu mulus taya kuciwa ka Allah. Memang, getih Anjeunna mah, sanggup nyucikeun ati sanubari urang tina rupa-rupa lampah jahat anu maehkeun. Ku jalan kitu, kapan matak urang leuwih leket ibadah ka Allah Anu jumeneng teh. 15 Ku marga Anjeunna jadi aya Perjangjian Anyar, sangkan anu disalaur ku Allah meunang hibahan anu langgeng, anu dijangjikeun tea. Sabab kadorakaan-kadorakaan salila jaman perjangjian anu ti heula tea, kabeh geus ditebus ku pati Anjeunna. 16 Jelema nu nyieun wasiat, lamun maot kudu sidik bukti-bukti tina maotna. 17 Sabab wasiat mah, kakara bisa dilaksanakeun lamun anu nyieunna geus sah ti dunya. Satungtung anu ngawasiatan hirup keneh, wasiatna moal bisa dijalankeun. 18 Eta sababna, perjangjian anu ti heula kudu make sarat getih, supaya sah. 19 Ari prak-prakanana kieu: Mimitina Musa mangaoskeun heula hukum-hukum Toret ka sakabeh bangsa. Ti dinya nyandak getih anak sapi, getih domba jalu, jeung cai; tuluy dikepret-kepretkeun kana Kitab Suci Toret jeung ka sakumna bangsa, make bulu-bulu warna beureum jeung hisop, 20 bari sasauran: “Ieu getih panguat Perjangjian Allah ka maraneh.” 21 Kemah Suci katut parabot-parabot ibadah oge, dikepretan. 22 Nurutkeun hukum Toret mah, meh kabeh bae sagala rupa kudu disucikeun ku getih, supaya jadi suci. Lamun taya sarat getih, moal aya panghampura. 23 Jadi, kurban-kurban teh, maksudna sarat pikeun nyucikeun kias-kias anu ngagambarkeun kaayaan anu sajatina di sawarga. Pikeun anu sajatina mah, — di sawarga — anu dikurbankeun teh leuwih luhur ajenna. 24 Sabab anu dilebetan ku Al Masih teh, lain Kamar Suci tiruan beunang manusa. Anu dilebetan teh sawarga pisan, ngadep ka hadirat Allah guna kapentingan urang. 25 Lian ti eta, urang ge teu perlu nyangga-nyanggakeun deui kurban. Sabab Anjeunna mah, sakali ngurbankeun salira geus cumpon. Henteu cara imam-imam agung sejen, anu saban taun kudu asup ka Kamar Pangsucina tea, seba getih nu lain getihna pribadi. 26 Upama kurban Al Masih ge, cara kitu mah; atuh, ti sajleg aya dunya teh, Anjeunna tinangtu kudu sering nandang sangsara. Tapi dina jaman ahir ieu, cukup ku sakali bae Al Masih nebus dosa manusa, nya eta ku ngurbankeun salira-Na. 27 Sakumaha manusa bae, kapan paehna teh ngan sakali, tuluy diadilan. 28 Al Masih oge kitu. Anjeunna ngan sakali pupus, ngurbankeun salira pikeun nebus dosa-dosa manusa. Dina kasumpingana-Na deui, — nu kadua kali — Anjeunna teh, geus henteu kamomotan deui ku dosa, tapi pikeun maparin nugraha ka sakur anu ngaharep ka Anjeunna. 1 Kurban-kurban anu dikudukeun di urang Yahudi, eta ukur kalangkang tina kurban nu sajatina. Dilampahkeunana teu petot-petot unggal-unggal taun; kurbanna ge, nu kitu kitu keneh bae, tur teu bisa mere kasampurnaan ka anu ngalakonanana. 2 Mun enya bisa, tangtu teu kudu terus-terusan dilampahkeun. Sakali ge geus kudu bisa mupus dosa keur salawasna. 3 Kurban-kurban anu dikurbankeun ku maranehna teh, anu saban-saban taun tea, malah nembongkeun yen dosa tetep aya. 4 Memang pamohalan, yen dosa bisa leungit ku getih sapi jeung getih domba. 5 Eta sababna, barang Al Masih sumping ka ieu dunya unjukan kieu ka Allah: “Pamundut Ama sanes kurban hewan sareng rupi-rupi pangbakti, nanging Anjeun parantos nyayagikeun salira kanggo Abdi. 6 Kurban durukan, kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea. 7 Kitu nu mawi Abdi sumeja miunjuk: ‘Nun Allah, Abdi pasrah bakti diri, seja tumut kana pangersa, sakumaha anu dikedahkeun dina Kitab Suci.’ ” 8 Kawitna piunjuk-Na teh: “Kurban hewan, rupi-rupi pangbakti, kurban durukan sareng kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea,” tur eta kurban-kurban teh dikudukeun ku Toret. 9 Piunjuk-Na deui: “Abdi pasrah bakti diri, sumeja tumut kana pangersa.” Tetela, yen kurban nurutkeun talari kuno teh, ku Allah geus teu kaanggo sarta digentos ku anu sajatina, nya eta ku salira Al Masih. 10 Pikeun nyaosan eta pamundut Allah, Al Masih teh geus ngurbankeun salira-Na: Ngan ukur sakali, tapi pikeun salalanggengna. Ku lantaran pangorbanan-Na, urang geus diberesihkeun tina dosa. 11 Imam-imam urang Yahudi, unggal poena teh, repot; nya netepan upacara-upacara kurban anu kitu kitu keneh bae, anu pamohalan bisa mupus dosa. 12 Tapi ku kurban Al Masih mah, sakali ge dosa teh sirna. Sanggeus ngorbankeun salira-Na, Al Masih teh jumeneng salalanggengna tengeneun Allah. 13 Ayeuna Anjeunna keur ngantos lawan-lawan anu ku Allah baris diserenkeun pikeun idekkeun Anjeunna. 14 Ku kurban tunggalna, Al Masih geus nyampurnakeun sakur anu ku Anjeunna geus disucikeun, tur pikeun salalanggengna. 15 Hal eta ku Ruh Allah diterangkeun kieu ka urang: 16 “Kieu perjangjian Kami ka maranehna: Hukum Kami baris dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna.” Kitu timbalan Pangeran. 17 Jeung: “Dosa-dosa maranehna ku Kami geus dipupus tina ingetan.” 18 Ku sabab eta, sing saha anu geus meunang pangampura, teu perlu deui kurban pikeun panebus dosa. 19 Tah dulur-dulur, berkahna getih Al Masih tea, urang meunang widi asup ka Kamar Pangsucina di jero Bait Allah. 20 Sabab Al Masih geus ngayakeun jalan anyar anu brasna kana hirup, nembus rereganana, tegesna nembus salira-Na ku anjeun. 21 Anjeunna, Imam Agung urang, anu ngapalaan padaleman Allah. 22 Ku sabab eta, hayu dumeuheus ka Allah kalawan hate nu iklas, iman nu yakin, batin anu suci tina kagorengan, jeung raga anu geus beresih ku cai pangbaptis. 23 Masing teguh, nangtung dina pangharepan jeung pangaku kapercayaan urang teh; sabab Allah mah, tigin kana jangji. 24 Hayu urang silih titipkeun nya diri, silih sangsangkeun kanyaah. 25 Jeung ulah ngabaekeun kana kumpulan ibadah bareng, ulah kabawakeun ku nu tara milu. Anggur silih ajak, sing tambah junun sabot nganti-nganti pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang anu sakeudeung deui tea. 26 Sabab mun urang dibere jalan pisalameteun, tapi kalah ka ngahaja nyieun pidorakaeun, geus hamo aya deui kurban anu bisa mupus dosa. 27 Nu aya teh, nya ngan ukur nunggu hukuman anu dipikasieun tea, nya eta seuneu anu baris ngabasmi sakur anu doraka. 28 Kapan anu miceun hukum Musa oge, sarta bukti tina panyaksi dua atawa tilu urang, geuning geus taya hampura; terus bae dihukum dipaehan. 29 Komo mun nincak ka Putra Allah, nyapirakeun getih perjangjian anu nyucikeun diri, ngahina Ruh anu geus maparin pangampura; weu, kumaha teuing pibeurateunana hukumanana! 30 Urang apal ka Anu ngandika: “Kami moal teu ngabales, moal teu mere timpalan!” Piraku teu apal ka Nu ngandika: “Pangeran moal teu nibankeun hukum adil ka umat-Na!” 31 Mun urang nepi ka dicerek ku panangan Allah Anu jumeneng, duh pikumahaeun teuing! 32 Aranjeun sing inget ka bareto, basa mimiti pisan meunang papadang. Geuning aranjeun teh tahan, dina nandangan paneungteuinganan anu sakitu beuratna; 33 aranjeun ge, teu burung tabah najan sok dijieun tongtoneun, dihina-hina, sarta dikakaya di hareupeun balarea, bari milu tunggara ka sasama saiman anu sarua dikaniaya. 34 Memang, aranjeun teh geus milu prihatin, ka anu digeblus-gebluskeun ka panjara. Kitu deui, waktu harta banda milik aranjeun dirayah; aranjeun sadrah, narimakeun kana bagja awak dumeh yakin, yen aranjeun teh boga harta banda anu leuwih berharga. 35 Omat, ayeuna ulah nepi ka pecat iman. Sing percaya, gede piganjareunana. 36 Ngalakonan pangersa Allah pikeun meunangkeun ganjarana-Na teh, memang meredih kasabaran luar biasa. 37 Ceuk Kitab Suci oge: “Ngan kari sakeudeung deui pisan, Anjeunna Anu geus mutuskeun baris sumping tangtu gancang-gancang sumping, moal diengke-engke. 38 Umat Kami anu aribadah, asal terus tigin ka Kami, tinangtu meunang hirup. Tapi sing saha anu undur, ku Kami mo dipisuka.” 39 Sageuy, urang daek kaasupkeun ka anu disebut undur ti Mantenna nepi ka binasa tea mah; da urang mah, jelema nu geus miboga hirup, lantaran iman ka Mantenna. 1 Hartina percaya nya eta: Panteng ka nu diarep-arep. Yakin kana ayana hiji perkara, sanajan ku panon henteu katenjo. 2 Loba jalma-jalma baheula anu kamashurkeun wawangina, lantaran kapercayaanana. 3 Ti mana urang terang, yen bumi alam dijadikeun ku marganing pangandika Allah? Nya tina percaya tea! Ku kituna, urang percaya yen sakur anu katenjo bungkeuleukanana teh, asalna mah ti anu henteu katenjo. 4 Tina sabab PERCAYA, Habil ngahaturkeun kurban anu leuwih hade ka Allah, ti batan Kain. Tina sabab PERCAYA, Habil ku Allah diangken bener sarta kurbanna ditampi. Tina sabab PERCAYA, sakitu enggeus perlaya, Habil masih nyoara. 5 Tina sabab PERCAYA, Hanok digaibkeun ti alam dunya henteu nyorang ajal heula. Anjeunna teh, teu aya nu manggihan deui lantaran dicandak ku Allah. Nurutkeun panyaksen Kitab suci, samemeh anjeunna digaibkeun, hirupna teh sapuk jeung pangersa Allah. 6 Cacak, mun henteu percaya mah, mustahil eta teh. Sabab mun hayang datang ka Allah, kudu percaya yen Mantenna aya jumeneng; jeung kudu percaya yen Mantenna baris maparin pahla ka nu temen-tinemenan milari Mantenna. 7 Tina sabab PERCAYA, Enoh kersa ngahartoskeun ma'lumat Allah ngeunaan bahla nu harita acan aya remeng-remengna. Tumut bae dipiwarang ngadamel kapal, pikeun ngaluputkeun anjeun sakulawargi tina eta pibahlaeun. Ku sabab eta, anjeunna wenang ngahukuman dunya jeung dipaparin kayaktian. Lantaran PERCAYA. 8 Tina lantaran PERCAYA, Ibrahim tumut kana panyaur Allah, anu nimbalan iang ka hiji tanah anu ku Mantenna dijangjikeun pikeun anjeunna turun-tumurun; sanajan eta tanah teh, duka dimana ayana. 9 Tina percayana tea, anjeunna sadrah ngumbara di tanah anu dijangjikeun teh, kawas urang asing; eta sababna, anjeunna teh ngan ukur nyaung-nyaung bae dina kemah. Kitu deui, Isak jeung Yakub anu pada-pada kaasup kana eta jangji. 10 Eta teh, lantaran manahna manteng kana pingadegeunana hiji nagara anu tohaga, anu baris dicipta jeung diadegkeun ku Allah ku manten. 11 Tina sabab PERCAYA, sanajan geus sepuh pisan, Ibrahim iasa kagungan putra ti Sarah, geureuhana, anu geus liwat ti mangsa. Anjeunna percaya, yen jangji Allah pasti bukti. 12 Tina sabab PERCAYA, anjeunna nu geus rerempo bisa ngajadi bapa; nya jadi karuhun hiji bangsa gede, anu bilanganana lir bentang-bentang di langit, tanding keusik di basisir. 13 Nepi ka parupusna aranjeunna tetep percaya, sanajan acan ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi ti anggalna, ku aranjeunna teh geus kasawang pasti laksana; malah mah, geus dibageakeun ti memehna. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara, ukur nganjrek sakedapan. 14 Sakur nu rumasa kawas anjeunna, tandaning geus sadia nyungsi lemah cai nu sajati, tanah maneuh asal teureuh. 15 Ku sabab manahna tetep cumantel ka tanah asal-muasal, dina rek mulangna deui teh leahna kabina-bina. 16 Anu dipitineungna teh, nya eta lemah cai anu sagala-galana leuwih utama, nya sawarga tea. Ku sabab eta, Allah henteu lingsemeun dipuhit ku aranjeunna, jeung geus mangdamelkeun hiji pamatuhan keur aranjeunna. 17 Tina sabab PERCAYA, Ibrahim rido nampi ujian ti Allah anu mundut Isak kudu dikurbankeun. Putra anu ngan hiji-hijina tur yugana ku jangji Allah, dipundut deui teh teu diowelkeun, 18 bari ngandel kana jangji Allah: “Nu baris jadi turunan maneh teh ngan anu runday ti Isak.” 19 Ibrahim yakin, yen Allah kawasa ngahirupkeun deui Isak; najan Isak geus maot. Tur memang kitu kanyataanana, Isak teh sasat hanjat tina pati, teu tulus dikurbankeun. 20 Tina sabab PERCAYA, Isak nibankeun berkah ka putrana, Yakub jeung Esau. 21 Tina sabab PERCAYA, Yakub nalika rek puput yuswa ngaberkahan dua putra Yusup. Anjeunna neneda ka Allah, bari nguat-nguatkeun anjeun ngadeg ditunjang ku iteuk. 22 Tina sabab PERCAYA, Yusup samemeh — dug — pupus, nyarioskeun sawanganana yen bangsa Israil baris budal ti Mesir sarta amanat sangkan tulang-taleng anjeunna kudu kacandak budal. 23 Tina sabab PERCAYA, ibu rama Musa teu inggis-inggis ngalawan parentah raja, nyumputkeun Musa, — orok anu sakitu kasepna — nepi ka yuswa tilu bulan. 24 Tina sabab PERCAYA, Musa sanggeus dewasa narah diangken deui putra ku putri Piraon; 25 anggur milih ngiring sangsara jeung bangsana, ti batan milih kasenangan anu lamokot ku dosa tur umurna moal lana. 26 Keur anjeunna mah, Al Masih anu dihina-hina teh, leuwih diutamakeun ti batan harta banda sanagara Mesir lantaran enggeus kasawang pitemaheunana. 27 Tina sabab PERCAYA, Musa teh ngantunkeun Mesir, teu sieun ku angkara murkana sang raja; nya ku lantaran mandang ka Allah Nu sipat gaib tea. 28 Tina sabab PERCAYA, anjeunna ngawajibkeun lampah “Paska,” jeung miwarang sangkan tarang panto imah bangsana diulasan ku getih domba, supaya cikal-cikal lalaki kulawarga Israil ulah jadi mangsa malakalmaot. 29 Tina sabab PERCAYA, bangsa Israil, bisa meuntasan Laut Beureum; jeg, kawas nyorang daratan bae. Urang Mesir mah, nu ngaberikna, teu barisaeun; anggur paraeh, titeuleum. 30 Tina sabab PERCAYA, urang Israil, bisa ngarubuhkeun kuta tembok nagri Yeriko, ukur ku dikurilingan tujuh kali di jero tujuh poe. 31 Tina sabab PERCAYA, Rahab — sundel tea — daek nulungan mata-mata ti Israil, nepi ka Rahab teu milu cilaka jeung urang Yeriko nu daroraka tea. 32 Rek terus nataan conto-conto kawas kitu? Wah, matak beak waktu, sabab loba keneh, kayaning: Gidion, Barak, Simson, Yepta, Daud, Samuel, jeung paranabi. 33 Ku iman kapercayaanana, aranjeunna mampuh nempuh karajaan-karajaan jeung ngahontal kaunggulan, mampuh ngamalkeun amal saleh, mampuh ngahontal anu diparentahkeun ku Allah, mampuh ngonci sungut singa, 34 mampuh nyirep amukan seuneu, sarta bisa lolos tina seuseukeut pedang teu kungsi kasambut. Sanajan aranjeunna golongan lemah, tapi aranjeunna sanggup ngahontal kaunggulan, tandang dina peperangan, sarta sanggup ngagempur pasukan musuh. 35 Tina sabab PERCAYA, kaom wanita teu tulus kaleungitan kaom lalaki; sabab bisa marulang deui ti medan jurit, sasat kalaluar ti enggon paeh. Lian ti eta, teu kurang-kurang anu milih kajeun pejah ku panyiksa ngabela kapercayaan; lantaran percaya baris hudang deui pikeun ngahontal hirup anu leuwih sampurna. 36 Oge teu kurang-kurang anu milih kajeun dinista-nista, dikaniaya, nandangan barogod, disered ka pangberokan, 37 dirajam, digencet dina papan panyiksaan, dibeulah ku ragaji, sarta ditugel sirah. Aya anu balangsak, dikaniaya, sarta diteungteuinganan: Utrak-atrokna teh, nya ngan ukur marake kulit domba jeung kulit embe. 38 Aranjeunna mah, teu layak pikeun dunya teh. Ku kituna, aranjeunna teh kudu kadungsang-dungsang di alas kikisik, di pagunungan, caricing di guha-guha, jeung gorowong-gorowong. 39 Aranjeunna pada kamashurkeun wawangina, ku marga iman kapercayaanana. Kabeh, taya iwalna! Parandene, aranjeunna mah taya saurang-urang acan anu kungsi ngasaan laksananing Perjangjian Allah teh, teu cara urang. 40 Sabab kaayaan anu leuwih utama tea mah, disayagikeunana ku Allah teh pikeun urang. Aranjeunna mah mareunangkeun eta teh kudu bareng jeung urang. Di saluareun urang, aranjeunna moal bisa ngahontal kasampurnaan. 1 Sakitu lobana, conto-conto ngeunaan jelema-jelema anu karandel iman kapercayaanana teh. Ku sabab eta, cag, geura aranjeun ecagkeun momotan dosa anu sakitu beuratna jeung ngagokan kana hirup teh! Malar urang, hampang-himping bisa ancrub ka pakalangan, nya pikeun balap ngudag anu diwajibkeun tea. 2 Ti barang prak nepi ka anggeus, aranjeun kudu museurkeun perhatian ka Isa; malar teteg nempuh halangan-harungan. Anjeunna oge, geuning, henteu jejerih ku salib. Guna ngahontal kamulyaan, Anjeunna henteu ngahiding najan kedah pupus ku jalan disalib, nya bari dipoyok, sarta dihina-hina tea. Ayeuna, Anjeunna teh enggeus jumeneng, linggih, di tengeneun singgasana Allah. 3 Anjeunna nandang panganiayaan anu sakitu beuratna ti anu daroraka. Pek eling-eling, malar aranjeun ulah melempem jeung jejerih. 4 Aranjeun mah, dina tarung jeung dosa teh, acan nepi ka ngeclakkeun getih. 5 Piraku, aranjeun teh, geus paroho kana timbalan Allah; nya anu dikedalkeunana teh, jeg, bapa mapatahan anak: “Anaking! Ulah ngabaekeun pameperih Pangeran. Ulah sungkan mun ku Mantenna diseukseukan. 6 Sing saha nu dipeperih, eta tandaning diasih. Sing saha anu diwarah, tandaning diangken putra.” 7 Maksudna teh pikeun ngadidik, wayahna tarimakeun. Allah, ka aranjeun teh, lir bapa ka putra. Bapa mana anu tara nyepret-nyepret acan ka anak? 8 Lamun aranjeun tara diwarah ku Mantenna, sakumaha ka putra, eta nyirikeun aranjeun lain putra-Na, tapi nya anakna si manyang-munyung tea. 9 Ka bapa sorangan oge, kapan urang teh teu weleh ngahormat; sanajan anjeunna osok ngahukum urang. Komo ka Allah, — anu leuwih-leuwih agung-Na ti bapa sorangan — urang kudu leuwih-leuwih hormat tilawat; malar urang bisa ngahontal sampurnaning hirup. 10 Bapa ti papada mahluk mah, ngahukumna ka anak teh, kumaha ceuk pamikirna bae jeung henteu awet. Tapi Allah ngawarah urang mah, nya eta pikeun pijamugaeun urang; malar urang bisa ngiring kana kasucian Mantenna. 11 Ku kitu tea mah, saha nu rek bungah ku diwarah! Barang prak ge geus nalangsa. Tapi lamun heug sadrah nandanganana jeung terus dipake eling, tangtu kaala rahmatna, hirupna tangtu jamuga. 12 Nu matak, heug, geura babatek! Batek eta leungeun anu lembek teh sarta jagjagkeun tuur nu leuleus! 13 Terus pake leumpang mapay-mapay anu lempeng supaya nu pincang teu tijalikeuh, sangkan cangker jeung jadi waluya. 14 Sing akur jeung sasama kaula jeung kudu diajar hirup suci. Mun teu kitu, mustahil wawuh jeung Gusti. 15 Poma, ulah aya anu nepi ka ngalalaworakeun kana kurnia Allah. Ulah nyieun tugenah atawa ngabaruntakkeun jamaah, kawas eurih anu nyaliara matak nyusahkeun. 16 Ulah aya nu kawas Esau tea, nya munapek nya gagabah; nepi ka nukeurkeun kacikalan kana hakaneun keur sakalieun. 17 Kumaha caritana, kapan aranjeun ge terang. Antek-antekna mah, manehna teh ngarenghik ka nu jadi bapa, — ngurihit — menta berkahna. Tapi najan nepi ka ceurik balilihan ge, pamentana henteu bisa disubadanan; hal eta teh, ku lantaran manehna geus kaleungitan hakna jeung geus teu bisa deui ngarobah kakaliruanana. 18 Aranjeun mah, lain ngajugjug ka Gunung Sinai, anu aya jentulna sarta bisa diragap tea. Anu ka darinya mah bangsa Israil, anu ti eta gunung teh narenjo rupa-rupa pikasieuneun: Seuneu hebat anu ngagugudag, narenjo angkeub jeung poek mongkleng ditimpalan angin ribut. 19 Malah aya sora, sengekna, sangkakala jeung timbalan anu ungelna: 20 “Najan sato pisan, anu nete ka ieu Gunung kudu dirajam ku batu!” 21 Anu katingal mutuh matak ketir, nepi ka Musa ku anjeun nyebatkeun: “Kami ngadegdeg, bakat ku sieun!” 22 Lain, lain ka dinya. Aranjeun mah keur nyungsi Gunung Sion; ngajugjug kota panglinggihan Allah Anu jumeneng, nya Yerusalem ti sawarga katut malaikat-malaikat-Na nu mangrebu-rebu. 23 Aranjeun keur ngajugjug kana pestana putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna ditulis di sawarga. Keur ngajugjug ka Allah, — Hakim sakumna manusa — jeung ka tempat kumpulna jiwa-jiwa nu geus sampurna, nya eta jiwa jalma-jalma anu aribadah. 24 Keur ngajugjug ka Isa, anu jadi pangukuh Perjangjian Allah anu anyar; keur ngajugjug ka getih-Na, anu geus dikucurkeun jadi kurban tea: Nya anu leuwih hade batan getihna Habil. 25 Ku sabab eta, poma, ulah baha kana timbalana-Na. Aya conto: Jelema-jelema anu ngabaha kana amanat Allah, anu diembarkeunana di ieu dunya bae teu bisa luput tina hukuman. Komo urang, pimanaeun bisa luput, upama urang nyocokan ceuli embung ngadenge timbalana-Na anu diandikakeun ti sawarga? 26 Baheula, timbalana-Na teh nepi ka genjlong jagat. Timbalan anu ayeuna mah, komo, matak genjlong ka langit-langit! Sabab timbalana-Na teh: “Ku Kami baris digenjlongkeun deui. Lain bumi bae, langit ge rek digenjlongkeun.” 27 Eta kecap “deui,” nandakeun yen saniskara dadamelana-Na baris genjlong terus musna. Tapi anu teu keuna ku owah gingsir mah, baris tetep ayana. 28 Ku sabab eta, urang kudu ngarasa sukur; sabab anu katarima ku urang mah, hiji karajaan anu teu keuna ku owah gingsir. Hayu urang ngabakti ka Allah, kumureb kana sakersa-Na, hormat jeung ajrih. 29 Sabab Allah, nu disembah ku urang teh, kagungan kakawasaan anu ngandung daya pangbasmi kawas seuneu. 1 Kanyaah ka pada batur saiman teruskeun. Ka semah kudu daek ngaku, keun bae teu wawuh oge. 2 Ku perbawa akuanana, aya anu kungsi ngampihan semah teu kanyahoan yen semahna teh, sihoreng, malaikat. 3 Sing mangkarunyakeun ka sakitan-sakitan, upamakeun ka diri sorangan. Sing manghawatirkeun ka anu diteungteuinganan, larapkeun ka awak sorangan. 4 Pupusti tatali laki rabi. Salaki pamajikan kudu pada-pada satia. Ulah serong sarta ulah nyelewer, matak dihukum ku Allah. 5 Ulah mata duiteun; tarimakeun milik nu aya. Ulah hamham, da Allah parantos ngadawuh: “Maneh ku Kami moal diantep nepi ka teu dipalire.” 6 Ku sabab eta, kalawan teger hate urang bisa ngucap: “Tong salempang, Pangeran Anu ngaraksa! Naha wet sieun ku pada jalma?” 7 Ulah mopohokeun ka sakur anu geus nungtun aranjeun, nya eta anu geus nyaangan aranjeun ku amanat pangandika Allah. Eling-eling deui lakuning hirupna nepi ka dugna parupus. Piconto iman kapercayaanana. 8 Sing inget, Isa mah teu owah gingsir: Bareto, ayeuna, malih dugi ka salalawasna. 9 Jadi, poma, aranjeun ulah kapangaruhan ku rupa-rupa ajaran bid'ah. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan rupa-rupa sarat tina sual kadaharan. Nu karitu mah, sama sakali taya mangpa'atna dilakonan ge. 10 Di Kemah Suci aya altar pangurbanan. Imam-imam teu boga hak ngadahar kurban tina mezbah anu eta. 11 Anu ku Imam Agung dikurbankeun di dinya teh, nya pikeun nyirnakeun dosa. Anu dikurbankeunana mah, ngan ukur getihna wungkul; da ari awak satona mah, diduruk di luar. 12 Isa oge kitu; Anjeunna digiring ka luar kota, getih-Na anu dianggo nyucikeun umat-Na. 13 Ku sabab eta, tinggalkeun eta kemah teh; anggur urang muru ka Isa, nya milu kana kahinaan Anjeunna. 14 Sabab dunya ieu mah, lain padumukan urang anu matuh. Urang kudu nyungsi pangancikan pikeun jaga. 15 Ku sabab eta, ku parantaraan Isa, urang salawasna kudu ngunjukeun pamuji sukur ka Allah minangka kurban ti urang, nya eta ngaku, — ku cara lisan — yen Mantenna teh Pangeran. 16 Silih talang silih tulung pada batur, eta saenyana hiji kurban anu pohara sapukna jeung pangersa Allah. 17 Sing nurut, ka nu ngatur dulur-dulur. Imankeun wewelingna. Aranjeunna ngatur ngasuh dulur-dulur teh, estu jeung tanggung jawabna. Ihtiaran, supaya aranjeunna janglar ngajalankeun kawajibanana, — henteu bari jeung nguluwut — sangkan paedahna ulah nepi ka teu kaala ku aranjeun. 18 Doakeun deuih simkuring. Sing percaya, tekad simkuring estu beresih. Unggal waktu, taya deui nu dipamrih lian ti seja melak kahadean. 19 Pangpangna mah pangnedakeun, mugi-mugi simkuring ku Pangeran dikersakeun bisa buru-buru balik deui ka aranjeun. 20 Mugi-mugi Allah, sumbering karahayuan tea, — Nya Anjeunna pisan anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, tina pupus- Na (Isa teh, lir Pangangon Agung sakur nu percaya); anu getih-Na teh, geus jadi pangukuh perjangjian anu langgeng — 21 maparin berekah sangkan aranjeun bisa ngalakonan sagala timbalana-Na. Mugi-mugi Mantenna kersa nuyun sangkan urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na, ku karana Isa Al Masih. Sadaya Kaagungan kanggo Mantenna bae, salalanggengna. Amin. 22 Muga ieu pepeling-pepeling simkuring, dina ieu surat, anu pondok ditarimakeun jeung iklasna. 23 Sakalian simkuring wawarti, dulur urang Timoteus geus kaluar ti panjarana. Upama anjeunna geus datang, simkuring seja buru-buru nepungan ka aranjeun bareng jeung Timoteus. 24 Salam ti simkuring ka pamingpin-pamingpin aranjeun; kitu deui, ka dulur-dulur sakapercayaan umumna. Ti Itali aya salam keur aranjeun. 25 Mugi-mugi aranjeun marendak rahmat sih kurnia Allah.
|