EphesiansEpesusEpesus 11 Ti Paulus, rasul Al Masih kalawan kersaning Allah. Kahatur dulur-dulur saiman di Epesus anu saratia ka Isa Al Masih. 2 Mugi dulur-dulur ginuluran rahmat katut karahayuan ti Allah, nya eta Rama urang, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Puji sukur ka Allah, - Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Anu geus maparinan berkah rohani ti sawarga lantaran urang raket ka Al Masih. 4 Ti samemeh alam dunya diciptakeun, Allah - dina katunggalana-Na jeung Al Masih - parantos mutuskeun ngangkat urang, supaya jadi umat-Na anu suci tur taya kuciwana di payuneuna-Na. 5 Ku karana sih piwelas-Na, urang teh geus ditakdirkeun baris diangken jadi putra-putra-Na ku karana Isa Al Masih, saluyu jeung pangersa-Na anu agung. 6 Sadaya puji kagungan Allah sabab kamulyaan sih kurnia-Na, nu geus dinugrahakeun ka urang. Eta teh, ku lantaran kamanunggalan urang jeung Anjeunna, Isa Al Masih, nya anu dipikaasih ku Allah tea. 7 Nya dina kamanunggalan eta oge, - Ku jalan pupusna Al Masih - urang geus dibebaskeun, nya dosa urang teh dihampura; eta teh luyu sareng kajembaranana sih kurnia Allah, 8 anu dipaparinkeun ka urang dina sagala rupa kawijaksanaan jeung pangarti. 9 Mantenna nganyatakeun rasiah pangersa-Na ka urang teh, saluyu jeung maksad anu memang geus dikandung sajeroning panggalih, 10 anu tanwande dilaksanakeun dina waktuna, nya eta ngabeungkeut sakuliah jagat ka salira Al Masih; saniskara anu aya di sawarga jeung di bumi baris disatunggalkeun ka Al Masih sabab Anjeunna teh, nya kapala tea. 11 Nya dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, simkuring sapara kanca — anu asal ti bani Israil — geus kapilih, ti mimitina, baris jadi ahli waris-Na. Kitu ditetepkeunana ku Allah, Anu kawasa ngalaksanakeun sagala pangersana-Na. 12 Maksad-Na, supaya bani Israil anu pangheulana ngarep-ngarep ka Al Masih — ngajadi lantaran sangkan jalma-jalma ngamulyakeun ka Allah Nu Maha Agung. 13 Dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh percaya sanggeus meunang uaran anu sajatina hal pisalameteun aranjeun; dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh, geus diterapan cap Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun. 14 Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang, pamanjer tina kamerdikaan umat Allah anu sagemblengna. Hayu urang ngamulyakeun kaagungan Allah. 15 Simkuring oge nguping, tina hal kapercayaan aranjeun ka Al Masih tur sakumaha mikanyaahna aranjeun ka sakabeh umat kagungan Allah. 16 Ku hal eta, taya wiwilanganana, simkuring nya nganuhunkeun ka Mantenna; unggal-unggal neneda oge simkuring sok mangnedakeun aranjeun, 17 supaya Allah, - Panutan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Rama Nu kagungan sagala puji, maparin pangarti jeung pituduh ka aranjeun sangkan leuwih ngarti kana pangersa-Na. 18 Kitu deuih, aranjeun oge, sina dicaangkeun pikir malar bisa ngaharti kana wujudna anu jadi pangarep-arep sanggeus disaur ku Allah. Lian ti eta, supaya aranjeun oge ngarasa kumaha rosana sarta agungna sih kurnia-Na anu baris dipaparinkeun ka umat-Na; 19 Satuluyna, kumaha rongkahna eta kakawasaan Mantenna anu barangdamel di kalangan urang anu percaya. 20 Kakawasaana-Na teh, nya eta anu ku Mantenna dianggo ngagugahkeun Al Masih ti nu maraot sarta anu ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneuna-Na di sawarga; 21 Anjeunna teh dipunjulkeun ti sakabeh raja, parapangawasa, gegeden-gegeden, jeung pamarentah-pamarentah; Anjeunna oge ngungkulan sakabeh jeneng, boh nu aya di jaman kiwari, boh engke ka hareup. 22 Al Masih ku Allah diserenan sagala-galana, dijungjung pangluhurna, sarta dipaparinkeun ka jamaah sangkan jadi Gustining saniskara. 23 Ku sabab eta, jamaah teh jadi wujudna salira Al Masih, jadi sampurnaning kamulyaan Anjeunna anu minuhan satungkebing alam. 1 Bareto, dulur-dulur teh sasat geus paraeh ku kasalahan jeung ku dosa sorangan. 2 Aranjeun teh, hirup dina eta kadorakaan sabab nurutkeun hawa dunya, muhit ka roh-roh gaib anu jarahat. Eta roh-roh jahat teh geus ngageugeuh jelema-jelema anu kiwari ngalawan ka Allah. 3 Hirup urang oge, bareto mah, nya cara kitu: Ngalajur napsu, ngumbar kahayang, sagala angen-angen hate, jeung pikiran jahatna diabur; sarua jeung nu sejen, anu pantes meunang hukuman ti Allah. 4 Tapi Allah teh pohara mikawelasna, pohara miasihna. 5 Urang anu sasatna geus paeh ku kadorakaan teh, dihirupkeun deui bareng jeung digugahkeunana Al Masih. Nya ku lantaran sih kurnia Allah pisan nu matak aranjeun salamet teh. 6 Ku manunggalna jeung Isa Al Masih, ku Allah, urang teh dihirupkeun deui sarta dipasihan tempat di sawarga bareng jeung Al Masih. 7 Eta teh pikeun nembongkeun ka urang, yen welas asih Allah anu geus dinyatakeun ku Al Masih teh, salilana jembar taya papadana. 8 Aranjeun bisa salamet soteh, nya ku sabab iman. Eta teh, ngan ku lantaran sih kurnia-Na bae; lain beunang sorangan, tapi estu anugrah ti Allah! 9 Lain beunang ihtiar aranjeun sorangan! Ulah pisan aya anu boga angkeuhan kitu! 10 Sabab urang mah darma dadamelan Allah, anu geus diciptakeun deui dina kamanunggalan jeung Al Masih pikeun ngalampahkeun kahadean, nu parantos disayagikeun ku Allah, sangkan urang ngalakonan pangersa-Na. 11 Tadina aranjeun teh henteu kaasup bangsa Yahudi. Ku urang Yahudi mah, aranjeun teh disebutna teh bangsa “kulup;” nya lantaran teu disunat cara maranehna tea. 12 Sing inget, harita mah, hirup aranjeun teh jauh ti Al Masih; aranjeun teh, luareun warga Israil keneh, nya eta acan kawengku ku katangtuan-katangtuan anu ku Allah dijangjikeun ka bangsa Israil tea. Hirup aranjeun teh, aya dina hiji alam anu sama sakali teu ngandung harepan tur tanpa Allah. 13 Sukur, ayeuna mah aranjeun teh geus manunggal jeung Isa Al Masih: Tadina mah jauh, tapi ayeuna jadi padeukeut, ku lantaran getih Al Masih. 14 Al Masih anu ngaruntutkeun urang, anu nyatunggalkeun bangsa Yahudi jeung nu lain bangsa Yahudi supaya jadi sabangsa, ku jalan nyirnakeun rasa mumusuhan nu jadi pamisahna. 15 Anjeunna ngorbankeun salira-Na, dianggo gaganti hukum Toret katut sagala aturan jeung sarat-saratna. Bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi ku Anjeunna dirapihkeun. Ku salira-Na dua golongan bangsa teh disina ngahiji, dijadikeun hiji wangunan manusa anyar. 16 Ku ngorbankeun salira-Na, nya pupus disalib tea, maranehna jadi tunggal sabadan, diangken deui ku Allah, sarta rasa mumusuhanana disirnakeun. 17 Sumpingna Al Masih teh ngadatangkeun beja pibungaheun hal karapihan, boh ka nu jauh, boh ka nu deukeut. 18 Nya ku karana Al Masih, nu Yahudi jeung nu lain Yahudi dibeungkeut dina hiji Ruh sarta widi dumeuheus ka Allah nu jumeneng Rama. 19 Ku kituna, aranjeun teh geus lain bangsa deungeun anu teu ngabogaan hak naon-naon. Ayeuna mah, aranjeun teh geus jadi warga umat Allah, anggahota kulawargi Mantenna, 20 anu diadegkeun dina hiji pademen beunang rasul-rasul jeung nabi-nabi; sedengkeun nu jadi batu pamageuhna, nya Al Masih ku anjeun. 21 Nya salira Al Masih anu jadi pamageuh adegan sagemblengna, nepi ka ngajengleng ngajadi hiji bait Allah anu suci. 22 Ku jalan manunggal jeung Al Masih, aranjeun oge diadegkeun jadi hiji wangunan panglinggihan Ruh Allah. 1 Simkuring, Paulus, pangna dipanjara teh geus kersaning Isa Al Masih keur kapentingan aranjeun, anu lain bangsa Yahudi. 2 Sakumaha dulur-dulur oge terang, yen Allah nu sipat welas asih teh, maparin tugas ka simkuring kudu digawe pikeun kapentingan aranjeun. 3 Pamaksadan Allah anu gaib teh, geus diwahyukeun ka simkuring; sakumaha nu geus dipedar saperluna dina surat simkuring. 4 Mun eta geus dibaca, tanwande ku dulur-dulur kagambarkeun nepi ka mana simkuring terang kana eta rasiah hal Al Masih teh. 5 Baheula-baheula mah, can aya anu dibere nyaho rasiahna teh. Tapi kiwari, eta rasiah teh, ku Ruh Allah geus diwahyukeun ka rasul-rasul sarta nabi-nabi-Na anu sajati. 6 Rasiahna kieu: Bangsa-bangsa anu lain Yahudi, ku jalan manunggal jeung Isa Al Masih — ku sabab diwawaran Injil — baris disaruakeun jeung urang Yahudi: Nya jadi sawaris, sabadan, jeung meunang bagian tina perjangjian Allah ge babarengan. 7 Kalayan kurnia Allah, nya simkuring anu dikersakeun ngawawarkeunana, numutkeun kakawasaan Mantenna. 8 Nya simkuring, anu panglaipna ti sasama abdi Allah, geus dipaparin kurnia pikeun ngawawarkeun eta Injil; hususna mah, ka dulur-dulur, — nya nu lain bangsa Yahudi tea — pikeun ngembarkeun yen Al Masih teh sugih taya babandinganana. 9 Oge pikeun mere terang, kumaha ngalaksanakeunana eta rasiah Allah — Anu nyipta sajagat raya — anu geus dirasiahkeun mangabad-abad lilana. 10 Tapi ari kiwari mah, ku jamaah, eta saniskara hikmat kawijaksanaan Allah teh kudu diwawarkeun ka parapimpinan sarta pangawasa sawarga; 11 sapagodos jeung pamaksadan Allah anu dikandung geus mangabad-abad tea, anu kiwari geus laksana ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 12 Ku jalan manunggal sarta iman ka Al Masih, urang teh widi ngadeuheus ka Allah kalawan hate yakin. 13 Ku sabab eta, pamenta simkuring, aranjeun ulah rek leutik hate pedah simkuring kabalangsak. Malah kudu dipake gede hate lantaran hal eta teh, nya keur kapentingan aranjeun. 14 Ku sabab eta, simkuring tapak deku ka Allah, Rama, 15 anu maparin ngaran ka sakabeh golongan anu aya di sawarga jeung di bumi. 16 Simkuring muntang ka Mantenna anu mulya tanpa tanding, supaya kawasa Ruh-Na nguatkeun batin aranjeun, 17 malar Al Masih linggih dina hate aranjeun anu ariman, sarta aranjeun bisa kuat akaran dina dasar kanyaahan. 18 Disuhunkeun ka Mantenna, malar dulur-dulur katut sakabeh jelema anu percaya ka Allah, ngarasa yen kanyaah Al Masih teh teu aya wates wangenna. 19 Eta welas asih Anjeunna anu tanpa wangenan teh, sing sumerep sumurup, sanajan henteu kahontal ku akal. Mugi-mugi jiwa dulur-dulur pinuh ku sing sarwa kasampurnaan Allah. 20 Sabab Allah teh iasa ngabulkeun panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen; sakumaha nyata tina kakawasaana-Na anu barangdamel di jero diri urang. 21 Mantenna wajib dimulyakeun di jamaah sarta dina kamanunggalanana jeung Isa Al Masih, turun-tumurun, salalanggengna. Amin. 1 Simkuring, hiji sakitan tina sabab jadi abdina Gusti, kacida ngaharepna, muga hirup dulur-dulur sing saluyu jeung maksad panyaur Allah: 2 Handap asor salawasna sarta sareh budi; kalawan tetep sabar ka papada sabab dilimpudan ku kanyaah. 3 Masing ruket layeut dina katunggalan Ruh: 4 Sabadan, sa-Ruh, — kapan anu diarep-arep oge sarupa, nya eta pangarep-ngarep anu dumasar kana maksud panyaur Allah tea — 5 sa-Gusti Jungjunan, saiman, sarta sabaptisan; 6 lian ti eta, Allah anu disembah ku urang ge kudu tunggal, nya eta Rama sakumna manusa, — Gustining sakabeh — Nu barangdamel dina sagala rupa hal, Nu jumeneng dina sagala perkara. 7 Urang geus dipaparin kurnia. Masing-masing nurutkeun kumaha perluna numutkeun timbangan Al Masih. 8 Sakumaha ceuk Kitab: “Mangsa Anjeunna munggah ka manggung, munggahna nyandak boyongan-boyongan, sarta maparin rupa-rupa kurnia ka manusa.” 9 Kecap-kecap “Anjeunna munggah ka manggung,” eta teh netelakeun yen Anjeunna kungsi lungsur ka ieu bumi. 10 Eta Anu lungsur teh lajeng munggah ka manggung nu aya di jabaning langit, pikeun jumeneng tur ngereh sajagat raya. 11 Sih kurnia-Na nu dipaparinkeun teh, nya eta aya jalma anu dijadikeun rasul-rasul, aya nu dijadikeun nabi-nabi, juru-juru Injil, pamingpin-pamingpin jamaah, sarta guru-guru jamaah. 12 Eta sakabeh dianggo jalan, sangkan umat anu percaya ka Allah bisa ngalampahkeun tugas anu geus dipaparinkeun ku Mantenna, nya pikeun kajembaranana salira Al Masih. 13 Lian ti eta, supaya urang oge bisa ngahontal katunggalan dina hal iman sarta dina hal kanyaho ka Putra Allah, malar bisa jadi Manusa nu sampurna saperti kasampurnaan Al Masih. 14 Upama geus bisa kitu, urang teh geus moal kawas budak anu masih keneh bisa dibibitaan; moal kawas ombak anu beunang diulinkeun ku angin; moal kaolo ku rupa-rupa pangajaran teu uni, nya nu diasong-asong ku jelema-jelema julig, nu rek nipu merdaya sarta nyilakakeun tea; 15 sabalikna, kalawan dibarung ku kanyaah, urang teh kudu medar nu bener; tangtu urang baris leuwih mekar nuju kana kasampurnaan saperti Al Masih anu jadi kapala urang. 16 Nya Anjeunna puseur nu ngatur sakujur badan katut sagala babagianana. Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan ngalakonan kawajibanana nurutkeun tugasna masing-masing tur didadasaran ku silih pikanyaah, tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna. 17 Kalawan asma Gusti, simkuring rek ngelingan: Omat, dulur-dulur, ulah angger bae hirup nurutan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah, anu angen-angenna marinculak. 18 Nu kararitu teh hirupna poekkeun, geus teu make kana jalan ti Allah, baredegong, tur bodo katotoloyoh. 19 Geus euweuh kaerana, resep ngalajur napsu, sarta paboro-boro nyiar kauntungan ku jalan kotor. 20 Kapan piwulang Al Masih ka aranjeun mah lain kitu! 21 Dulur-dulur geus terang ka Anjeunna, geus jaradi murid-Na sarta arapal kana piwulang-Na tina sual bebeneran. 22 Ku sabab eta, geura piceun eta adat hirup aranjeun nu heubeul teh! Geura ruang watek nu heubeul teh! Upama teu kitu, cilaka; tangtu aranjeun palid ku hawa napsu sorangan. 23 Hate jeung pikiran kudu robah, kudu anyar. 24 Kudu jadi manusa anyar anu luyu jeung keur waktu diciptakeunana ku Allah, nya eta sayakti jeung suci kaayaanana. 25 Jadi, aranjeun teh ulah silih bohongan deui. Kudu jujur pada batur sabab geus jaradi anggahota tina hiji badan. 26 Mun aranjeun pareng ambek, omat, ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa. Memeh panonpoe surup, ambek oge kudu geus sirna. 27 Masing ati-ati, Iblis mah ulah dibere omber! 28 Jelema anu pagaweanana maling, ulah pulang-paling deui. Kudu daek singkil, usaha nyiar pagawean anu halal; ngarah bisa tutulung ka nu butuh ongkoh. 29 Mun aranjeun ngucap ge, ulah matak nyugak. Sing hade pokpokanana sakumaha perluna, malar katarima ku nu ngadengena. 30 Ulah nyiar-nyiar pinalangsaeun Ruh Allah nu suci; da aranjeun teh enggeus disegel ku Mantenna pikeun tanda dina poean aranjeun narima kasalametan. 31 Aranjeun ulah sok ngunek-ngunek, ngayunkeun kakeuheul ngumbar amarah, ulah sentak-sengor, sarta supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan; kitu deuih, sagala lampah nu goreng. 32 Jeung pada batur kudu sareh, langsar hate, sarta silih hampura. Sabab aranjeun oge geus dihampura ku Allah, ku karana Al Masih. 1 Dulur-dulur geus diangken putra sarta dipikaasih ku Allah. Ku sabab eta, aranjeun teh kudu nulad ka Mantenna. 2 hirup aranjeun teh kudu dilimpudan ku kanyaah, saperti conto ti Al Masih. Geuning Anjeunna mah ku bawaning asihna ka dulur-dulur, nepi ka pupus ngorbankeun anjeun jadi hiji kurban anu seungit kaambungna ku Allah. 3 Ku sabab aranjeun geus jadi kagungan Allah, kudu mahing kalakuan rucah katut anu ingkar tina susila; kitu deui, tabeat hawek. 4 Ulah ngomong sugal, gagabah atawa cawakah, leuwih hade muji ka Allah. 5 Sabab tangtu aranjeun ge terang, yen jelema-jelema rucah, nu ingkar tina susila, sarta nu hawek, - da hawek teh kaasup nyembah ka brahala keneh - pamohalan meunang tempat di Karajaan Al Masih; hartina, pamohalan ku Allah dipaparin warisan. 6 Aranjeun ulah ngadenge kana omong pangoloan sabab anu ngalawan ka Mantenna teh pasti dibenduan. 7 Kahade, aranjeun teh ulah kabaud ku anu kararitu. 8 Bener, tadina mah, dulur-dulur teh jelema poek; tapi ayeuna mah, geus ngajadi jelema caang; Jadi, kudu hirup sakumaha pantesna nu jadi caang. 9 Sabab sipat hade, sipat adil, sarta sipat sajati teh ngajadi ngan ku caang. 10 Kalakuan aranjeun teh kudu sing sapuk jeung Gusti. 11 Ulah milu-milu kana lampah teu mangpa'at, anu asal ti nu poek. Malah anu kararitu teh kudu dicaangkeun. 12 Pagawean anu sok dilalampahkeun bari susulumputan teh, nyebutna oge geus matak era parada. 13 Sagala rupa oge, ari geus kasorot ku caang mah, ngabuliklak: Tembong kumaha kaayaanana anu sabenerna. 14 Sabab naon bae anu geus kasorot mah, jadi caang. Geuning aya kacaturkeun kieu: “Eh, nu hees! Geura nyaring, geura hudang tina paeh. Tuh cahaya Al Masih gumebyar, baris nyaangan maneh!” 15 Jadi, aranjeun teh, hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca. 16 Urang teh hirup dina jaman anu goreng; jadi, tiap waktu anu katimbang mustari kudu digunakeun enya-enya. 17 Aranjeun teh ulah balangah, sing awas kana pangersa Allah; 18 Aranjeun ge, ulah sok mabok, temahna matak ngaberung napsu; sabalikna, turutkeun panuyun Ruh. 19 Kudu silih lilipur ku lagu-lagu Zabur, lagu-lagu pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna. 20 Salawasna, aranjeun ulah kendat muji nganuhunkeun kana sagala pasihan Allah, kalawan asma Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 21 Lian ti eta, jeung pada batur, aranjeun teh kudu silih kawulaan tandaning ngabakti ka Anjeunna. 22 Pamajikan kudu ngesto ka salaki, cara ngesto ka Al Masih. 23 Sabab salaki teh anu ngapalaan pamajikan, saperti Al Masih oge jadi Kapala jamaah. Anjeunna anu ngabela jamaah teh, nya salira-Na tea. 24 Dina sagala hal pamajikan teh kudu ngesto ka salaki, cara jamaah ngesto ka Al Masih. 25 Sabalikna, salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka jamaah, nepi ka iklas naruhkeun pati; 26 nya eta teh pikeun nyucikeun jamaah, salira-Na tea; mersihkeunana teh ku cai kalawan pangandika-Na; 27 ku jalan eta, Anjeunna iasa nempatkeun jamaah dipayuneuna-Na: Ngagenclang, taya cacad kuciwana, sarta taya kusut karijutna. 28 Kitu sababna, nu matak salaki kudu nyaah ka pamajikan teh, lir ka awak sorangan tea. Nu nyaah ka pamajikan teh, sarua jeung nu nyaah ka diri pribadi. 29 Da moal aya jelema anu ngewa ka awak sorangan; sabalikna, awakna teh dimemenan dipulasara. Kitu oge, Al Masih ka jamaah teh. 30 Lantaran jamaah teh salira-Na ku anjeun, ari urang jadi anggahota-anggahotana. 31 Ceuk Kitab: “Ku sabab kitu, lalaki teh bakal ingkah ti indung bapana; terus manehna ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana bakal ngajadi tunggal sabadan.” 32 Ieu teh, rasiah anu jero hartina. Ari ceuk simkuring mah, eta teh ngeunaan kasatunggalan Al Masih jeung jamaah-Na. 33 Tapi kumaha bae oge hartina, tetep bae, salaki mah kudu nyaah ka pamajikan lir ka awak sorangan sarta pamajikan kudu ngesto ka salaki. 1 Barudak, sing nurut ka kolot, sakumaha wajibna anu percaya ka Al Masih. 2 “Sing hormat ka indung bapa.” Eta teh tina Sapuluh Timbalan, anu pangheulana ngandung jangji. Jangjina kieu: 3 “Supaya hirup maraneh jamuga tur dipanjangkeun nya umur.” 4 Aranjeun, - nu jadi kolot - poma, ulah nyieun piambekeun anak. Didik anak teh kana kasatiaan nurutkeun piwulang Al Masih. 5 Aranjeun, parakawula! Satungtung kumawula, aranjeun wajib tunduk, sieun, jeung ajrih ka dunungan. Kumawula teh kudu saiklas-iklasna, cara kumawula ka Al Masih bae. 6 Rajin teh ulah ngan rajin di hareupeun wungkul, ngarah pangalem papada jelema, tapi sing cara ngalakonan parentah Allah. Anu kumawula ka Al Masih mah wajib kitu teh. 7 Baranggawe ge kudu jeung gumbira, lir nu kumawula ka Gusti, lain ka jelema. 8 Kapan aranjeun teh terang, yen tiap jalma, — boh nu kumawula, boh nu merdika — nu hade gawe mah tangtu ku Gusti diganjar. 9 Aranjeun, paradunungan, kudu adil, ulah pilih kasih ka anu jadi kawula sarta ulah sok maen ancam. Inget: Gusti maranehna teh, tunggal keneh Gusti aranjeun nu di sawarga, anu teu ngabeda-beda harkat jelema. 10 Pamungkas, dulur-dulur, aranjeun teh kudu kuat, tapi kuatna teh kudu lantaran muntang ka Al Masih anu kawasa. 11 Gunakeun sakabeh pakarang jurit ti Allah, supaya sanggup ngayonan akal tipu muslihat Iblis. 12 Sabab anu diayonan ku urang teh, lain papada mahluk tina daging jeung getih, tapi bangsa gegedug-gegedug, nu karawasa, nu ngagareugeuh karajaan-karajaan poek kiwari, sarta roh-roh jahat ti alam gaib. 13 Ku sabab kitu, gunakeun sakabeh pakarang ti Allah, supaya dina mangsa datang panarajang, aranjeun bisa tagen sarta bisa unggul. 14 Sing tarapti. Dangdanan jeung pakarang anu kudu dipake teh nya eta: Kayaktian lir sabukna sarta kaadilan, lir tameng dadana; 15 kaiklasan nyebarkeun Injil-karukunan lir tarumpahna; 16 Iman urang, lir tamengna nu sanggup mareuman jamparing-jamparing seuneu si Jahat; 17 Kasalametan, lir balakutak panutup sirah; ari pedangna, nya eta Ruh, tegesna Pangandika Allah tea. 18 Salawasna kudu neneda, muntang kana panuyunna Ruh. Jadi, sing waspada salalawasna jeung ulah kendat-kendat neneda ka Allah pikeun kasalametan sakumna umat Mantenna. 19 Pangnedakeun oge, simkuring, mugi-mugi ku Allah dipaparin perceka pinter nyarita, malar ludeung taya kakeueung enggoning ngamashurkeun rasiah Injil, 20 anu ngalantarankeun simkuring, utusan Mantenna, dipanjara. Pangnedakeun, supaya simkuring dipaparin wawanen pikeun medarkeun dawuhana-Na, nu geus jadi kawajiban simkuring. 21 Hal kaayaan simkuring ayeuna, engke bakal didadarkeun ku Tihikus, dulur urang nu kameumeut, anu rajin ngabantu baranggawe kanggo Gusti. 22 Anjeunna diutus teh, nya sina nyaritakeun kaayaan simkuring tea; sakalian, pikeun nengtremkeun hate dulur-dulur oge. 23 Mugi-mugi Allah, - Rama - kitu deui Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, maparin katengtreman, sih piwelas, jeung iman ka dulur-dulur. 24 Mugi-mugi Allah maparinkeun rahmat-Na ka sakur anu satia, nya eta anu mikanyaah ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea.
|