ActsCarios PadamelanCarios Padamelan 11 Saderek Teopilus. Dina buku nu kahiji, simkuring parantos ngadadarkeun padamelan sareng pangajaran-pangajaran Isa, ti kawitna dongkap ka dintenna mi'rad-Na. 2 Samemeh mi'rad, ku kawasana Ruh Allah, Anjeunna maparin parentah-parentah ka rasul-rasul anu geus dipilih ku Anjeunna. 3 Satutasna tina sangsara tea, Isa teh kantos ku rupi-rupi jalan ngayakinkeun ka murid-murid-Na yen Anjeunna leres-leres hirup. Dina salebet opat puluh dinten, Anjeunna sababaraha kali nembongan ka murid-murid-Na bari nyarioskeun hal Karajaan anu diparentah ku Allah. 4 Dina hiji dinten, waktos tuang ngariung, Anjeunna amanat supaya rasul-rasul ulah waka incah ti Yerusalem; kedah tetep-tetep heula di dinya, ngantos-ngantos jangji Rama. Saur-Na, “Sakumaha anu geus dicaritakeun tea ku Kami. 5 Ari Yahya ngabaptis teh ku cai, tapi maraneh mah sakeudeung deui oge bakal dibaptis ku Ruh Allah.” 6 Pok nu karumpul teh tumaros ka Anjeunna, “Gusti Jungjunan simabdi, manawi ayeuna Anjeun bade ngadegkeun deui karajaan Israil teh?” 7 Waler-Na, “Mangsa jeung waktuna mah geus ditetepkeun pangersa Rama ku anjeun, maraneh teu kudu nyaho. 8 Ngan di mana Ruh Allah tea geus lungsur nyarengan, maraneh bakal meunang kawasa sarta jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, jeung Samaria, tug nepi ka tungtung bumi.” 9 Sanggeus sasauran kitu, seug Anjeunna diangkat ka sawarga, kasaksian ku murid-murid-Na; geus kitu, reup bae, mega mindingan salira-Na. 10 Sabot keur nareuteup langit ngawaskeun Anjeunna mi'rad. Ujug-ujug, jleg, aya anu nangtung duaan — anggoanna barodas — deukeut murid-murid. 11 Aranjeunna, sasauran kieu, “He, urang Galilea! Ku naon nareuteup bae ka langit? Isa, anu bieu dicandak ka sawarga ninggalkeun maraneh teh, bakal sumping deui kucara kawas kitu keneh, nya eta saperti mi'rad-Na.” 12 Rasul-rasul marulang deui ka kota Yerusalem ti Gunung Jetun, anu jauhna ti Yerusalem ngan saperjalanan poe Sabat. (Kira-kira salapan ratus meter). 13 Aranjeunna teh, nya eta Petrus jeung Yahya, Yakobus jeung Andreas, Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung Mateus, Yakobus bin Alpius, Simon Selotes, sarta Yudas bin Yakobus. Di kotana, maratuh di hiji imah tumpangan, nya eta nyicingan kamar anu aya di loteng. 14 Aranjeunna hirup samiuk sauyunan tur getol neneda babarengan. Lian ti aranjenna, aya oge sababaraha urang wanita katut Maryam ibu-Na Isa; kitu deui, saderek-saderek Isa. 15 Dina hiji poe, waktu keur kumpul cara sasari; di dinya, aya kira-kira saratus dua puluh urang. Petrus ngadeg lajeng sasauran kieu, 16 “Dulur-dulur, ayat Kitab Suci kudu laksana sakumaha dawuhan Ruh Allah anu kedalna tina lambey Daud ngeunaan Yudas Iskariot, anu ngaluluguan nangkep Isa tea. 17 Tadina, manehna batur urang, sarua boga tugas ngaladenan kawas urang. 18 Ki Yudas ge geus meuli lahan saluwuk ku duit ladang hianat; tapi ahirna, manehna ragrag nangkuban sarta beuteungna gudawang peujitna amburadul. 19 Urang Yerusalem ge, kabeh, nyarahoeun; matakna, eta lahan dingaranan ku basa maranehna “Akel-dama,” hartina: Lahan-getih. 20 Hal eta geus aya dina kitab Zabur, ungelna: Pakuwonna sing narikolot, masing suwung ku nu matuh. Jeung: Jabatanana sing kacokot ku nu sejen. 21 Ku sabab eta, urang butuh saurang deui, keur gagantina. Ieu jelema teh kudu salah saurang ti anu sok milu babarengan salila Isa, Gusti Jungjunan urang, aya di urang keneh, nya eta 22 ti ngawitan Anjeunna dibaptis ku Yahya nepi ka paturay-Na jeung urang, dicandak ka sawarga; supaya cara urang oge, manehna baris jadi saksi tina hal gugah-Na.” 23 Tuluy ku sakur nu aya didinya diusulkeun dua jalma. Nu saurang Yusup alias Barsabas, anu katelah oge Yustus. Saurang deui Matias. 24 Duanana diunjukkeun dina paneda, kieu, “Nun Gusti, anu langkung waspaos kana ati sanubari abdi sadaya! Mugi maparin pituduh, anu mana ti antawis ieu pun dulur, duaan, anu kamanah, 25 anu kedah nyangking tugas ngaladenan, nya eta jabatan rasul gegentos Yudas Iskariot anu parantos tigubrag ka tempat anu satimpal.” 26 Sanggeus diunjukkeun, tuluy dua jalma bieu dilotre. Undianana teh, keuna ka Matias; terus bae anjeunna teh diangkat jadi rasul, pikeun nambahan anu sabelas urang tea. 1 Dina poe Pentakosta, sakabeh jelema-jelema anu geus percaya, karumpul di hiji tempat. 2 Dumadakan aya sora ti langit, ngaguruh lir angin barat; sorana minuhan sakuliah imah anu keur dicaralikan tea. 3 Breh bae, katembong ku aranjeunna, aya anu pating suliwer mangrupa letah-letah anu harurung lir seuneu; tuluy eta letah-letah anu harurung lir seuneu teh areunteup ka aranjeunna. 4 Eta teh cirining yen aranjeunna geus kalinggihan Ruh Allah; tuluy bae, aranjeunna teh salasauran dina rupa-rupa basa numutkeun gerak ti Ruh Allah tea. 5 Harita, di Yerusalem loba urang Yahudi anu saraleh; marenehna teh, daratang ti sakuliah dunya. 6 Waktu aya sora ngaguruh kitu teh, maranehna tuluy ngagarimbung; barang ngadarenge rasul-rasul sasauran dina basa maranehna, masing-masing, pohara hareraneunana. 7 Cek maranehna bari rungah-ringeuh, “Lain urang Galilea tea maranehna teh? 8 Na geuning kadengena teh cacarita ku rupa-rupa basa, nurutkeun basa urang masing-masing? 9 Nu karumpul di dieu teh, kapan aya anu ti Partia, ti Media, ti Elam, ti Mesopotami, ti Yudea, ti Kapadokia, ti Pontus, ti Asia, 10 ti Prigia, ti Pampilia, ti Mesir, ti wilayah-wilayah Libia nu dareukeut ka Kirena, jeung aya oge anu ti nagri Rum. 11 — boh urang Yahudi, boh anu ngaragem agama Yahudi — kitu deui, urang Kreta jeung urang Arab pada ngadenge maranehna cacarita dina basana masing-masing, nyaritakeun padamelan-padamelan Allah anu araheng.” 12 Maranehna tingpelengek semu bingung, silih tanya pada batur, 13 “Alamat naon ieu teh?” Tapi cek nu sawareh deui mah, bari semu moyok, “Kabeh ge jelema mabok eta teh, loba teuing nginum anggur!” 14 Neut Petrus ngadeg, dibarengan ku sabelas rasul sejenna, pok nyarios tarik, “Dulur-dulur, urang Yahudi jeung sakur anu maratuh di Yerusalem! Muga barandungan, simkuring rek nyarita. 15 Sangkaan aranjeun yen simkuring sarerea mabok teh, teu bener. Ayeuna teh kakara pukul salapan. 16 Ieu kajadian saenyana geus didawuhkeun ku Allah, ku perantaraan Nabi Yo"el, anu kieu tea: 17 Kieu dawuhan Allah: Engke dina jaman ahir, Kami rek ngucurkeun Ruh Kami ka sakabeh manusa; anak maraneh, boh lalaki, boh awewe, bakal barisa narubuwat, barudak ngorana mareunang ilapat, nu karolotna baris mareunang tetenjoan dina impian-impian. 18 Jeung dina jaman ahir tea, Kami arek ngucurkeun Ruh Kami ka abdi-abdi Kami boh anu lalaki, boh anu awewe; maranehna bakal narubuwat. 19 Sarta di luhur, di langit, Kami rek ngayakeun mujijat-mujijat, ari di handap, di bumi, rek ngayakeun tanda-tanda: getih, seuneu, jeung haseup meledug. 20 Panonpoe bakal robah, ngajadi poek ngajumbleng, bulan ngajadi getih, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti Jungjunan urang dina poe anu agung tur mulya. 21 Sing saha anu nyambat ka pajenengan Gusti, tangtu baris disalametkeun. 22 Eh, urang Israil, barandungan ieu omongan simkuring! Anu dimaksud ku simkuring, nya eta Isa ti Nasaret tea. Anjeunna geus ditangtukeun ku Allah tur geus dibuktikeun ka aranjeun ku rupa-rupa pangawasa jeung mujijat. Kitu deui, ku tanda-tanda dadamelan Allah anu dilaksanakeun ku perantaraan Anjeunna, sakumaha anu geus kasaksian ku sarerea. 23 Anjeunna, ku Allah diselehkeun, cocog jeung maksad katut rarancang-Na; Anjeunna digantung dina salib sarta ditelasan ku aranjeun, ku jalan nginjeum leungeun ka jelema-jelema anu daroraka. 24 Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui, leupas tina siksaan maot. Sabab mustahil, Anjeunna bisa kagenggem ku kawasa almaot. 25 Tur hal ieu teh sapagodos jeung anu geus disaurkeun ku Daud kieu: Simabdi sapapaosna madep ka Pangeran, Anjeunna ngadeg di katuhueun abdi; abdi moal unggut kalinduan. 26 Kitu nu mawi hate abdi pinuh ku kabingahan, jiwa abdi surak gerah; raga pasrah sumerah, ayem tengtrem dina pangharepan ku ayana jangji-jangji Allah; 27 wireh nyawa ku Gusti moal diserenkeun ka alam maot, Gusti moal ngantep abdi-Na nu satia ruksak binasa. 28 Gusti ka abdi nuduhkeun jalan kana hirup, di payuneun pangersa, abdi tangtos ngaraos bagja. 29 Dulur-dulur! Simkuring seja satarabasna bae, nyaritakeun hal Daud karuhun bangsa urang ka aranjeun. Anjeunna parantos pupus sarta dikurebkeun; makamna ge, aya keneh nepi ka ayeuna. 30 Tapi anjeunna teh nabi, uninga yen Allah geus jangji kalawan sumpah, baris ngajenengkeun dina tahtana saurang ti antara seuweuna ku anjeun. 31 Ku kituna, anjeunna teh geus uninga ti anggalna. Jadi, anjeunna iasa nyaurkeun hal pigugaheunana Al Masih; sakumaha kasauranana anu nyebatkeun, yen Anjeunna moal dikantunkeun aya di alam maot sarta salira-Na moal keuna ku ruksak. 32 Nya Isa anu eta, anu geus digugahkeun deui ku Allah teh sarta simkuring sarerea saksina. 33 Sanggeus Anjeunna dijungjung ku panangan tengen Allah sarta nampi Ruh Allah anu geus dijangjikeun tea; kiwari, eta Ruh teh, ku Anjeunna dikucurkeun; sakumaha anu ayeuna kataringal jeung kakaruping ku aranjeun. 34 Daud teh henteu munggah ka sawarga, malah Daud ku anjeun sasauran kieu: Pangeran ngadawuh ka Gusti Jungjunan kaula: 35 Geura calik di katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun jojodog titincakan Hidep. 36 Ku sabab eta, sakumna bangsa Israil kudu terang kalawan pasti, yen Isa anu ku aranjeun geus dihukum gantung teh ku Allah geus dijenengkeun Gusti Jungjunan jeung Al Masih.” 37 Barang ngadarenge hal eta, jelema-jelema teh mani tinghareruk ngarasa kagagas. Tuluy maranehna naranyakeun ka Petrus jeung ka rasul-rasul sejenna, “Kedah kumaha atuh simkuring teh, dulur-dulur?” 38 Diwaler ku Petrus, “Kudu tarobat jeung kudu daraek dibaptis kalawan pajenengan Isa Al Masih, supaya dosa aranjeun dihampura; mun geus kitu, tangtu aranjeun bakal narima Ruh Allah. 39 Da eta anu dijangjikeun teh, nya pikeun aranjeun saanak incu, oge pikeun anu araya di tempat-tempat nu jarauh, sarta pikeun sakur nu bakal disaur ku Gusti Jungjunan urang.” 40 Rea-rea deui kasauran Petrus enggoning nganyatakeun kasaksianana sarta maparin pepeling. Kieu saurna, “Aranjeun kudu pasrah supaya bisa luput ti ieu bangsa alam kiwari anu teu jalujur.” 41 Sakur anu daek narima kana kasauran Petrus, kabeh sumerah marenta dibaptis. Poe eta, bilangan jalma nu ariman tambah kira-kira tilu rebu urang. 42 Kabeh saregep kana pangajaran rasul-rasul tur sabeungkeutan: Salawasna babarengan milu kana riungan tuang roti jeung kumpulan doa. 43 Maranehna timbul rasa kagimirna narenjo rasul-rasul sering ngayakeun rupa-rupa mujijat jeung tanda-tanda anu ajaib. 44 Kaom percaya teh, estu rempug jukung sarta sabanda saboga. 45 Unggal poe tara towong, aya bae anu jujualan, beubeunanganana dibagi keur sarerea, sakumaha bae perluna masing-masing. 46 Ti poe ka poe deui, maranehna mani rajin karumpul di Bait Allah kalawan saniat sapikir. Jaba ti kitu, sok bagilir ngayakeun riungan tuang roti di imah masing-masing, didalahar bareng dibarung ku gumbira tur iklas. 47 Maranehna maruji sukur ka Allah sarta masarakat umum oge jadi katarik. Unggal-unggal poe, jumlahna ku Gusti ditambah ku jalan lobana anu disalametkeun. 1 Dina hiji poe, geus meh waktuna sembahyang — kira-kira pukul tilu sore — Petrus jeung Yahya arangkat ka Bait Allah. 2 Di dinya, aya hiji lalaki anu lumpuh ti barang burusut, nepi ka kudu digogotong bae. Baku, saban poena, sok dipernahkeun deukeut panto gapura Bait Allah anu ngaranna Gapura Endah, sina menta sidekah ka anu rek arasup ka Bait Allah. 3 Petrus jeung Yahya oge, basa rek lalebet ka Bait Allah, ku manehna dipentaan sidekahna. 4 Ku aranjeunna, manehna diteuteup; geus kitu, Petrus sasauran, “Coba neuteup ka kula duaan.” 5 Nu lumpuh teh tuluy neuteup, hatena mah ngarep-ngarep sidekah. 6 Tapi saur Petrus, “Emas perak kula teu boga. Tapi kaboga kula ayeuna arek dibikeun. Demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, pek leumpang!” 7 Tuluy Leungeun jelema eta, ku anjeunna dicekel pikeun mantuan nangtungkeun. Harita keneh, suku jeung keuneungna jadi kuat. 8 Korejat bae hudang, — semu luncat — tuluy manehna leuleumpangan bulak-balik; seug manehna teh nuturkeun aranjeunna ka jero Bait Allah, semu ajret-ajretan, bari muji ka Allah. 9 Ku sarerea oge katingal manehna leuleumpangan jeung muji ka Allah teh. 10 Sanggeus nyarahoeun yen manehna teh anu sok musapir di Gapura Endah tea, kacida pada mikahelokna, heran ku kajadian nu kaalaman ku eta jelema. 11 Ku lantaran eta jelema teh, ngikintil bae ka Petrus jeung Yahya. Tungtungna mah, anu pada mikaheran teh, rob bae ngarubung ka aranjeunna di hiji tepas anu disebut Tepas Sulaeman. 12 Ningali kitu pok Petrus nyarios, saurna, “Dulur-dulur, urang Israil! Naha kudu heran ku ieu kajadian? Ku naon malalencrong ka kaula? Sangkana ieu jelema teh cageur lantaran pangawasa atawa ku ka ibadahan kaula sorangan? 13 Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub, — Allah nu disembah ku karuhun urang — geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Isa anu ku aranjeun geus diselehkeun sarta ditarampik di payuneun Pilatus; sanajan cek timbangan Pilatus mah, Anjeunna pantes dibebaskeun. 14 Anjeunna, Anu Adil tur Suci, ku aranjeun ditampik, ari anu ngundeur nyawa batur kalah ka dihadiahan kabebasan ti Pilatus. 19:12-15* 15 Anjeunna nu jadi Pamingpin kana hirup teh, ku aranjeun geus ditelasan. Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui ti enggon anu maraot, nya kaula sarerea saksina. 16 Ku sabab manehna percaya ka pajenengan Isa, — ieu jelema anu ku aranjeun dipikawawuh sarta katarenjo sapopoena — ku eta Jenengan geus dibere tanaga kakuatan. Nya ku lantaran manehna percaya bisana cageur teh, kasaksian ku aranjeun. 17 Dulur-dulur, kaula terang pangna aranjeun kitu pepetaan teh, bakating ku balilu; saruana jeung pamingpin aranjeun. 18 Tapi nya ku jalan kitu, Allah teh ngabuktikeun dawuhana-Na anu didawuhkeun ka nabi-nabi-Na baheula, yen Al Masih utusana-Na teh wajib nandangan sangsara. 19 Ayeuna, nu penting mah aranjeun teh geura areling sarta tarobat, malar lubar tina dosa, 20 supaya dilongsongkeun nya hate ku Allah. Supaya Anjeunna ngutus Isa, anu ti awalna keneh oge memang geus dipastikeun pikeun ngajadi Al Masih aranjeun. 21 Ari Al Masih teh, kudu mulih heula ka sawarga nepi ka sagala perkara dianyarkeun deui; sakumaha anu geus didawuhkeun ku Allah, ti baheula, ku perantaraan nabi-nabi-Na anu saruci. 22 Geuning saur Musa oge kieu: Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi saperti kami, anu asal ti maraneh keneh. Sagala kasauranana anu ditujukeun ka maraneh teh, kudu digugu. 23 Ari anu teu ngagugu tanwande dibasmi ti hirup kumbuh bangsa urang. 24 Nabi-nabi, mimiti ti Nabi Samuel nepi ka nabi-nabi sabada anjeunna, kabeh kungsi ngucapkeun wangsit ngeunaan jaman kiwari. 25 Nya ka aranjeun buktina eta wangsit teh; aranjeun anu ngabogaan hak meunangkeun jangji subaya anu ku Allah didawuhkeun ka karuhun urang, nalika Anjeunna ngadawuh kieu ka Ibrahim: Ku jalan turunan maneh, sakabeh bangsa di sakuliah bumi bakal ginuluran berkah. 26 Nya pikeun kasalametan aranjeun, utamana mah, Allah ngagugahkeun sarta ngutus Abdi-Na ka aranjeun teh; supaya Anjeunna iasa mingpin ka aranjeun masing-masing, malar bisa tarobat tina sagala kalakuan anu jahat.” 1 Sabot Petrus jeung Yahya sasauran, ngadak-ngadak diberedeg ku panghulu-panghulu dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki, 2 anu pohara arambekeunana ka aranjeunna, pedah aranjeunna ngajar kitu ka jalma rea jeung netelakeun yen Isa kawasa gugah ti nu paraeh. 3 Kerewek aranjeuna ditangkep, ditahan nepi ka poe isukna sabab harita geus peuting. 4 Tapi anu ngabarandungan kasauran aranjeunna teh loba nu terus percaya, nepi ka jumblahna jadi lima rebu urang; eta teh ngan ukur lalakina wungkul. 5 Poe isukna, pamingpin-pamingpin urang Yahudi, parakokolot, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun sidang, 6 diluuhan ku Panghulu Agung Anas jeung Kayapas, Yahya jeung Aleksander katut lian-lianna anu kaasup turunan Panghulu Agung. 7 Petrus jeung Yahya dijagragkeun, tuluy dipariksa, “Meunang kawasa ti mana atawa make ngaran saha maraneh nyieun peta kitu?” 8 Waler Petrus anu geus kaancikan ku Ruh Allah, “Parapamingpin bangsa sareng parasesepuh sadaya! 9 Saupami simkuring dipariksa teh lantaran nulungan nu gering sareng kedah nerangkeun kenging kawasa ti mana nyageurkeun ieu jalmi: 10 Mugi kauninga ku sadaya, kitu deui ku sakumna umat Israil, yen tindakan simkuring teh taya sanes estu demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, anu ku aranjeun parantos digantung tea; tapi ku Allah Anjeunna parantos digugahkeun deui ti alam nu paraeh. Nya ku karana Isa pisan cageurna ieu jalmi anu nuju dipayunan teh. 11 Mugi kauninga, Isa teh: batu anu parantos dipiceun ku tukang ngawangun imah. Aranjeun nu jaradi tukangna teh. Tapi eta batu teh parantos dijieun batu lulugu. 12 Jalmi teh, saha bae ge, teu aya anu ngagaduhan kasalametan, iwal ti Anjeunna. Margi di sakolong langit teu aya deui jenengan anu dipaparinkeun ka manusa iwal ti eta-etana sarta ngan ku lantaran Jenengan eta, urang sadaya pitiasaeun salamet teh.” 13 Wawanen Petrus jeung Yahya anu sakitu gedena — tur kanyahoan aranjeunna teh lain jalma terpelajar — estu matak heran anu keur sidang. Kabeh ge nyarahoeun yen aranjeunna teh panganut Isa. 14 Tapi ku sabab aya bukti, jelemana anu dicageurkeun jonghok di dinya gigireun rasul-rasul, sidang teu bisa ngabantah. 15 Rasul-rasul dikaluarkeun heula ti tempat sidang; sidangna terus badami, 16 “Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Mujijatna sakitu terangna ka urang Yerusalem; ku urang teu bisa dipungkir. 17 Tapi supaya hal eta ulah nepi ka tambah nyaliara, leuwih hade urang ancam bae, nya eta teu meunang nyarita-nyarita deui mamawa eta ngaran.” 18 Geus kitu Petrus jeung Yahya dijagragkeun deui ka sidang, tuluy aranjeunna dilarang cacarita atawa ngajar mamawa deui jenengan Isa. 19 Tapi Petrus jeung Yahya ngawaler, “Aranjeun kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah: Kedah tunduk ka manusa, atanapi kedah ta'at ka Allah? 20 Dupi simkuring mah, pamohalan dongkap ka henteu nyanggemkeun sugri anu kantos katingal sareng kakuping.” 21 Sidang ngancamna beuki keras, tapi kapaksa aranjeunna dileupaskeun. Sabab sidang henteu manggih jalan pikeun ngahukum, turug-turug sieun ku balarea anu geus ragem maruji ka Allah. 22 Lantaran jalma rea teh, narenjo pisan jelema anu gering sapanjang umurna, nya eta salila opat puluh taun leuwih, bisa cageur ku jalan anu sakitu ahengna. 23 Sanggeus leupas, Petrus jeung Yahya nepangan rerencanganana. Pamariksaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot teh, ku aranjeunna dicarioskeun deui. 24 Geus kitu, rerencanganana ragem sasambat ka Allah, kieu, “Nun Pangeran anu ngadamel langit, bumi, laut, katut saeusina. 25 Ku jalan Ruh Allah anu diilhamkeun ka Daud abdi Gusti tea, karuhun abdi sadaya, Gusti parantos nimbalan kieu: Ku naon bangsa-bangsa pada amarah; suku-suku bangsa ngareka perkara anu mubadir? 26 Raja-raja alam dunya tatan-tatan, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Al Masih-Na. 27 Saleresna pisan, di ieu kota, raja Herodes, Pontius Pilatus, bangsa-bangsa anu teu palercaya, sareng kaom-kaom bangsa Israil, parantos kumpul sakait ngalawan Isa, — Abdi Gusti anu suci, kenging Gusti ngalisahan — 18:28-29* 28 kanggo ngalakonan papasten anu ku Gusti dipastikeun ti awalna kalayan kawasa sareng pangersa Gusti. 29 Nun Pangeran, mugi tingali, maranehna ayeuna ngancam ka abdi sadaya. Kitu nu mawi, mugi abdi-abdi dikersakeun teuneung ludeung ngadongkapkeun pangandika Gusti tea. 30 Mugi Gusti kersa nyodorkeun panangan, maparin kacageuran ka anu aludur sareng ngadamel tanda-tanda ajaib sarawuh mujijat-mujijat demi pajenengan Isa, Abdi Gusti anu suci.” 31 Sabot-sabot rasul-rasul neneda kitu, tempat aranjeunna kumpul teh ngariyeg inggeung sarta aranjeunna kalinggihan ku Ruh Allah. Nepi ka ludeung ngembarkeun pangandika Allah. 32 Pakumpulan jelema-jelema anu geus ariman teh estu salulut, saniat sapikir, sarta teu aya pisan anu ngaku-ngaku yen bandana teh muklis milikna pribadi, estu sabanda saboga. 33 Ari rasul-rasul pohara soson-sosonna netelakeun hal gugahna Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta hirup dina kaayaan ginuluran kurnia tanpa tanding. 34 Tara aya anu kakurangan sabab sing saha bae anu boga tanah atawa imah sok tuluy dijual. Beubeunanganana dibawa, 35 disanggakeun ka rasul-rasul terus dibagikeun ka unggal jalma, luyu jeung kaperluan masing-masing. 36 Nya kitu deui Yusup, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas, — anu hartina ‘anak panglipur’ — kaasup kaom Lewi asal ti Kiprus. 37 Manehna oge ngajual lahan milikna, duitna dibawa disanggakeun ka rasul-rasul. 1 Aya hiji jelema ngaran Ananias jeung bojona Sapirah, ngajual tanahna saluwuk. 2 Tapi duit beubeunanganana, henteu disanggakeun kabeh ka rasul-rasul. Aya anu disalingkuhkeun, sailon jeung bojona. 3 Tapi Petrus uninga, saurna, “Ku naon maneh, Ananias, kapangaruhan Iblis nepi ka wani ngabohong ka Ruh Allah, nya eta nyalingkuhkeun sabagian duit ladang tanah maneh? 4 Upama tanah eta henteu dijual, naha lain tetep boga maneh? Kitu keneh upama dijual, duitna teh naha lain hak maneh keneh? Maneh ngabohong teh lain ka jelema, tapi ka Allah!” 5 Barang dilahiran kitu, bluk bae Ananias tibeubeut, paragat nyawana. Anu nyarahoeun urusanana pohara ngararenjagna. 6 Mayit Ananias diurus ku barudak ngora, diboehan tuluy digotong ka luar baris dimakamkeun. 7 Heuleut kira-kira tilu jam, jol deui bojona. Manehna teu nyahoeun naon anu geus tumiba ka salakina. 8 Dipariksa ku Petrus, saurna, “Bejakeun nu saenyana, bener tanah teh sakitu dijualna?” Jawabna, “Sumuhun sakitu.” 9 Saur Petrus, “Ku naon ieu salaki pamajikan sailon ngadoja ka Ruh Pangeran? Tuh tenjo ka lawang, jalma-jalma anu cikeneh tas ngamakamkeun salaki maneh, baris ngagotong maneh oge!” 10 Bluk awewe teh tibeubeut deukeut sampean Petrus, paeh sapada harita. Ku barudak ngora tea, eta awewe kasampak geus jadi mayit; tuluy bae eta mayit teh digotong ka luar, dimakamkan pagigir-gigir jeung salakina. 11 Sakumna jamaah, sanggeus nyarahoeun kana urusanana, pohara galeumpeurna. 12 Rasul-rasul teh sering pisan ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat. Jamaahna kalawan sauyunan sering kumpul di Tepas Sulaeman. 13 Masarakat luareunana teu aya anu wani turut campur, tapi kacida ngajenanana. 14 Bilangan anu aranut ka Gusti Jungjunan urang, terus bae nambahan saban poena, boh awewe, boh lalaki. 15 Jelema-jelema anu garering diangkutan kaluar ka jalan gede, dibawa jeung bale-balena atawa jeung samakna. Maksudna di mana Petrus ngalangkung, tangtu saurang bae mah aya anu kakalangkangan ku anjeunna. 16 Jelema-jelema ti kota-kota sakurilingeun Yerusalem oge, merul marawa anu garering atawa anu jiwana diganggu ku roh jahat: Kabeh calageur deui. 17 Kajadian-kajadian eta teh, tungtungna mah nimbulkeun dengki ti pihak Panghulu Agung katut panganut-panganutna, nya eta ti madhab Saduki. Tah ti dinya, mimitina aranjeunna ngaganggu teh. 18 Rasul-rasul ditangkep, dijebloskeun ka panjara kota. 19 Tapi peutingna, panto panjara teh dibuka ku malaikat Pangeran sarta dituyun ka luar. 20 Saur malaikat, “Bral geura arindit ka Bait Allah, embarkeun pangandika hal hirup anyar teh ka umum.” 21 Tumut kana amanat, wanci rek bray beurang, aranjeunna geus lalebet deui ka Bait Allah terus ngawulang. Sajeroning kitu, Panghulu Agung mundut ka Dewan Sanhedrin, nya eta Mahkamah Agama jeung Rengrengan Sesepuh, supaya ngayakeun sidang sarta miwarang ngala rasul-rasul ka panjara. 22 Barang anu dipiwarang daratang ka panjara, rasul-rasul teh geus teu araya di dinya. Tuluy maranehna baralik deui pikeun ngalapor, pokna, 23 “Panjara kasampak ngonci keneh, kawal-kawal tetep ngajagi satempatna-satempatna, nanging barang dibuka parantos kosong.” 24 Nampa laporan kitu, kapala kawal Bait Allah jeung imam-imam kapala bati tingpelengek teu ngarti bari mikir: Na rasul-rasul teh baris kumaha. 25 Sabot kitu, jol anu unjukan, “Geuning jalmi-jalmi anu ku bapa-bapa dipanjara teh araya di Bait Allah, nuju ngawulang ka umum!” 26 Kapala kawal sabaladna ngagidig ka Bait Allah, tuluy rasul-rasul teh digiringkeun deui. Tapi henteu bari papaksa, da maranehna teh sieuneun bisi dibaledogan ku balarea. 27 Sanggeus jagrag di Mahkamah Agama, rasul-rasul dipariksa ku Panghulu Agung, saurna, 28 “Maraneh geus diwanti-wanti pisan, nya eta teu meunang ngajar ku cara nyebut-nyebut eta Ngaran; tapi maraneh anggur ngaliar-liarkeun eta pangajaran, nepi ka pinuh sa-Yerusalem jeung rek neumbleuhkeun pangwales pati eta Jalma ka kami sakabeh!” 29 Saur Petrus sarencang-rencang, “Abdi sadaya ngaraos, langkung wajib ta'at ka Allah batan ka jelema. 30 Isa anu ku bapa-bapa dihukum gantung sareng ditelasan, ku Allah nu disembah ku karuhun urang parantos digugahkeun. 31 Anjeunna ku Allah parantos dijungjung ku panangan tengen-Na, dijenengkeun Pamingpin sareng ngajadi Juru Salamet, baris mingpin bangsa Israil kana pertobat supados kenging pangampura dosa. 32 Abdi sadaya anu jaradi saksina; kitu deui, Ruh Allah anu parantos dikurniakeun Allah ka sadaya jalmi anu anut ka Anjeunna.” 33 Meunang waleran kitu teh, aranjeunna kacida geregeteunana; niatna mah hayang maehan. 34 Di Majelis Agama aya hiji urang Parisi, ahli Kitab anu kacida dihormat-hormatna ku sakumna rayat. Neut anjeunna ngadeg, mundut ka sidang supaya rasul-rasul dikaluarkeun sakeudeung. 35 Geus kitu, anjeunna nyarios ka sidang, saurna, “Saderek-saderek urang Israil, sing atos-atos mutuskeun perkarana eta jalmi-jalmi, manahan heula sing lantip. 36 Emut, kapungkur aya si Teodas anu ngakukeun jalma luar biasa, — anu gaduh panganut kinten-kinten opat ratus urang — nanging ahirna dipaehan, panganut-panganutna ge bubar dugi ka musna. 37 Saparantos eta, nalika aya cacah jiwa tea, jol deui si Yudas urang Galilea anu ngered jelema rea pisan dibawa ngabarontak. Ieu oge ahirna tiwas sareng panganut-panganutna bencar bubar. 38 Nilik ka dinyana simkuring sumeja ngahaturkeun wawadi, keun bae eta jalmi-jalmi teh ulah dikitu-kieu. Upami pakarepan atanapi pagawean maranehna teh, timbul tina karepna sorangan, tangtos moal teu gagal. 39 Sawangsulna, upami leres kalayan kersaning Allah, atuh mustahil ku urang tiasa dibasmi; malah palangsiang matak malindes ka urang sabab urang sorangan anu ngalawan ka Allah.” Nasehatna katarima. 40 Tuluy rasul-rasul teh disaur deui; sanggeus dihukum rangket, aranjeunna dibebaskeun bari dilarang teu kawidian ngajar mamawa jenengan Isa. 41 Rasul-rasul arangkat ngantunkeun Mahkamah Agama dibarung ku kagumbiraan, dumeh ngaraos layak nyorang sangsara sarupa kitu lantaran ngagem jenengan Isa. 42 Aranjeunna, saban poe, teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah, boh ka somah-somah bari ngawawarkeun Injil hal Isa Al Masih. 1 Hiji mangsa, sanggeus murid-murid beuki loba, urang Yahudi anu sapopoena ngaromong dina basa Yunani kukulutus. Lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan ngabayuanana, beda ti randa-randa urang Yahudi asli. 2 Ku dua belas rasul, murid-murid teh dipiwarang kumpul. Tuluy ku rasul-rasul dicariosan, “Pangandika Allah teu meunang kateler-teler ku nguruskeun bae sual-sual sejen. 3 Matak eta, dulur-dulur, coba milih batur tujuhan anu kasebut hade kalakuan jeung budina. Jelema-jelema bieu, engke urang angkat keur urusan eta; 4 supaya bapa sapara kanca bisa jongjon dina urusan sembahyang jeung Pangandika Allah.” 5 Ieu usul kacida pada ngarempuganana; tuluy jamaah teh milih: Stepanus, jelema anu ibadah pisan tur kaancikan Ruh Allah, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu nyekel agama Yahudi. 6 Sanggeus anu tujuhan eta dideuheuskeun, ku rasul-rasul dipangnedakeun jeung ditumpangan panangan. 7 Pangandika Allah beuki sumebar, bilangan murid beuki loba, malah loba panghulu anu tumut kana kapercayaan jamaah. 8 Kocap, Stepanus — anu ginuluran kurnia jeung kawasa — bisa ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat hareupeun umum. 9 Geus kitu, ka anjeunna aya anu ngajak padu. Jelema-jelema anu ngajak padu teh, nya eta ti jamaah Yahudi anu disebut kaum Libertini, — anggota-anggotana teh, sawatara asal ti jamaah urang Kirena, sawatarana deui ti Aleksandria — urang Yahudi ti Kilikia, jeung ti Asia. 10 Tapi maranehna teu kuat ngalawan kapercekaan Stepanus, teu sanggup nandingan Ruh Allah anu ngatur kasauranana. 11 Seug bae maranehna ngarorojok batur, pokna, “Eta jelema teh ucap-ucapanana ngahina ka Nabi Musa jeung ka Allah!” 12 Pangaruhna teurak ka jalma rea, ka rengrengan sesepuh, jeung ka ahli-ahli Kitab; terus bae maranehna teh nangkep Stepanus sarta ngagiringna ka Mahkamah Agama. 13 Maranehna ngayakeun saksi-saksi palsu sina ngucapkeun pitenah: “Ieu jalmi teu eureun-eureun ngaluarkeun omongan anu nganistakeun tempat suci sareng hukum Toret. 14 Kakuping pisan ku simkuring sabatur-batur, anjeunna nyebat-nyebat yen Isa, urang Nasaret tea, baris ngaruag tempat suci sareng ngarobah adat tali paranti bangsa urang titilar Musa.” 15 Rengrengan marerong ka Stepanus, tapi pasemonna katembong cahayaan lir raray malaikat bae. 1 Panghulu Agung mariksa, “Enya kitu, eta dakwaan teh?” 2 Stepanus ngawalon, “Saderek-saderek sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun. Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun salira ka Ibrahim, rama karuhun urang, di Mesopotami; samemeh anjeunna ngalih ka tanah Haran. 3 Kieu timbalana-Na: “Geura incah ti lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris dituduhkeun ku Kami.” 4 Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah urang Kasdim, teras mukim di tanah Haran. Saparantos ramana pupus, ku Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat pamatuhan aranjeun ayeuna. 5 Nanging anjeunna henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah tanwande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Padahal harita anjeunna teu acan kagungan putra. 6 Kieu dawuhan Allah teh, nya eta: Turunan anjeunna baris nyiruruk di tanah deungeun, dibudakkeun, sareng dikakaya ku eta bangsa salami opat ratus taun. 7 Tapi bangsa anu nganiayana, moal henteu dihukum ku Kami; saterusna, maranehna bakal budal ti pangumbaraan baris babakti ka Kami di ieu tempat. 8 Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna puputra Isak, putrana oge dina yuswa dalapan dinten disepitan. Isak puputra Yakub, Yakub puputra dua belas urang, anu jadi luluhur urang sadaya. 9 Luluhur-luluhur urang sirik dengki ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir, nanging Yusup diaping ku Allah. 10 Ahirna, Yusup dikersakeun leupas tina kabalangsakan tur mendak kurnia sareng dikersakeun pinter wijaksana di payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon dijenengkeun raja anom, ngurus nagri Mesir sareng saeusi karaton. 11 Salajengna, timbul bahla kalaparan di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan, anu tigeratna, nepi luluhur karuhun urang teu mendak pisan bahan tedaeun. 12 Aya wartos ka Yakub yen di Mesir aya gandum; lajeng Yakub ngajurung karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan anu ngawitan. 13 Dina iangan kadua kalina, aranjeunna ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana asal-usul Yusup. 14 Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka Mesir katut wargi-wargina; sadayana aya tujuh puluh lima jalmi. 15 Yakub jengkar sareng matuh di Mesir. Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun urang, parupusna di Mesir. 16 Nanging dikurebkeunana mah di tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor urang Sekem. 17 Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesirna wuwuh jembar; 18 tug, dugi ka jumenengna raja Mesir anu anyar, anu sama sakali henteu uningaeun ka Yusup. 19 Eta raja, ngatur tipu daya pikeun ngagencet bangsa urang. Karuhun urang diteungteuinganan, orok-orok bangsa urang diparentah kedah dipiceun, supados bangsa urang ulah ngarekahan. 20 Nya dina jaman eta, Musa dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina. Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung kenging tilu sasih, teras bae dipiceun. 21 Saparantos dipiceun, Musa, dipulung ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng diasih lir ka putra ku anjeun. 22 Ku putri, Musa, dipiwarang dididik sareng diwulang elmu panemu urang Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita, sarta ageung pangaruhna. 23 Musa, dina yuswa opat puluh taun, jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil. 24 Hiji waktos, anjeunna ningali urang Israil anu dipahala ku urang Mesir, enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna dipaehan. 25 Dina panggalihna, tangtos dulur-dulur sabangsa teh baris ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun nyalametkeun bangsana; nanging panggalihna mencog. 26 Enjingna deui, anjeunna ningali urang Israil duaan garelut, enggal disapih saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon garelut silih pahala pada bangsa?’ 27 Nanging ku anu saurang, nya eta anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari sanggemna: 28 ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi kapala jeung hakim urang! Rek maehan deuih, ka kuring, cara kamari maehan urang Mesir?’ 29 Kenging walonan kitu Musa enggal kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di dinyana puputra dua, lalaki sadayana. 30 Heuleut opat puluh taun, anjeunna ningali malaikat nembongan di Gunung Sinai, di tegal keusik, dina seuneu hurung anu ngagedur dina rungkun cucuk. 31 Atuh kalintang heraneunana. Lajeng nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging aya gentra Pangeran, dawuhana-Na: 32 ‘Kami teh Allah nu disembah ku karuhun maneh, nya eta Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali. 33 Allah nimbalan deui, ‘Laan tarumpah maneh sabab tempat anu ditincak ku maneh teh, suci. 34 Kami nyaho pisan yen kaayaan umat Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge, geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.’ 35 Musa, anu ku jelema kantos ditolak ku omongan, ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?’ Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun bani Israil; kalayan pitulung malaikat anu tembong tina rungkun cucuk tea. 36 Nya anjeunna anu mingpin budalna urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-tanda sareng kaahengan-kaahengan di Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal keusik salami opat puluh taun. 37 Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen, ‘Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi anu saperti kami, asal ti maraneh keneh.’ 38 Nya anjeunna keneh, anu sasauran dina pajemuhan di tegal keusik, jadi perantara antawis karuhun urang sareng malaikat anu ngalahir di Gunung Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban dawuhan-dawuhan, pangandika anu hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun. 39 Nanging ku karuhun urang henteu diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang anggur malik tibelat ka Mesir. 40 Salajengna, maranehna meredih ka Harun, ‘Cik pangdamelkeun arca-arca aallahan pikeun lulugu urang; margi Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir teu sumping-sumping, duka katarajang naon.’ 41 Nya lajeng maranehna ngadamel hiji arca anak sapi tea; teras si berhala bubuatanana sorangan teh, disasajenan sareng dipuja-puja. 42 Kitu nu mawi, lajeng ku Allah ditilar, diantep sina nyarembah ka dangiang-dangiang, cocog sareng anu kaserat dina kitab nabi-nabi: ‘Na osok maraneh, sajero opat puluh taun di gurun alas mere pangbakti atawa kurban peuncitan ka Kami, eh, bani Israil? 43 Tara! Maraneh anggur mamawa tempat si Molok jeung bebentangan dewa Repan! Sesembahan maraneh arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami baris dibuang ka beh ditueun tanah Babul.’ 44 Di karuhun urang, di gurun alas, aya Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun pituduh Allah ka Musa. 45 Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa lian anu diusir ku Allah ti hareupeun karuhun, dina pingpinan Yosua; eta Kemah teh ngiring dibantun ka ieu tanah, tug dumugi ka jaman Daud. 46 Daud, anu ginuluran rahmat kurnia Allah, mundut diwidian ngadegkeun wangunan kanggo panglinggihan Allah nu disembah ku Yakub. 47 Nanging Sulaeman, anu kalaksanakeun ngadegkeunana mah. 48 Nanging Anu Maha Agung mah tangtos moal linggih di tempat kenging nyieun jalmi, sakumaha saur nabi: 49 ‘Singgasana Kami teh, langit; sedengkeun tatapakan suku Kami, nya eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku maneh rek dijieun pikeun Kami?’ — timbalan Pangeran — ‘atawa tempat nu kumaha pikeun Kami reureuh teh? 50 Eta sakabeh, naha lain beunang leungeun Kami?’ ” 51 “Aranjeun teh bangsa bedegong, hate jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan. Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah, saruana jeung nu jadi karuhun. 52 Nabi mana anu henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Sadayana dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan pisumpingeunana Sampurnaning Manusa teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka dipaehan pisan. 53 Kalayan jalan anu aheng aranjeun dipaparin kitab Toret, katampina ti panangan para malaikat, nanging ku aranjeun teu dipake!” 54 Barang anggota-anggota Mahkamah Agama ngadarenge omongan sarupa kitu, mani ngagalidir awakna bari tikekereket. 55 Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh Allah, tanggah ka langit; breh ningal kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di tengeneun Allah. 56 Pok sasauran, “Tuh, simkuring ningal langit muka. Putra Manusa katingal nuju ngadeg di tengeneun Allah!” 57 Dijawab ku nu tingsaroak bari nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna diambreg; 58 tuluy anjeunna disered ka luareun kuta; geus kitu, maranehna pada maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu keur narapsu teh, maruka jubahna; suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus. 59 Stepanus sasambat, “Nun Isa, Gusti Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa abdi.” 60 Bari sideku anjeunna ngagero, “Nun Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi dihampura!” Geus kitu les bae lastari. 1 Ari Saulus, dina hatena, pohara panujuna Stepanus dipaehan teh. (8-1b) Ti semet harita, jamaah di Yerusalem teh nandangan panganiayaan anu pohara hebatna. Anggota-anggotana, iwal ti rasul-rasul mah, jadi pabalencar ka wilayah-wilayah Yudea jeung Samaria. 2 Layon Stepanus dipulasara ku anu saraleh kalawan hate anu pohara nalangsana. 3 Ari Saulus, terus bae nguwak-ngawik boga niat numpes jamaah; awewe lalaki, ku manehna, disaksrak ka saban imah terus diseredan diasup-asupkeun ka pangbuian. 4 Ari anggota-anggota anu geus mencar tea mah, ngasruk ka ditu ka dieu ngawawarkeun Injil. 5 Aya hiji kota di Samaria anu didatangan ku Pilipus; terus anjeunna oge, ngawanohkeun Al Masih ka urang dinya teh. 6 Urang dinya saregep pisan ngabandungan; pituturna anu diwuwuh ku ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat ditarima kalawan hate anu buleud. 7 Karana loba jelema-jelema anu diraksuk ku roh-roh jahat, dicageurkeun; roh-roh jahatna, nyalingkir bari tingjarerit; nu lalumpuh jeung nu dareog oge, dicalageurkeun; 8 pohara matak bungahna ka urang dinya. 9 Di dinya aya hiji jelema ngaranna Simon, anu ngakukeun jalma pinunjul pedah bisa nyieun sihir anu matak bengong; manehna jadi tukang sihir teh geus lila. 10 Urang dinya, ti nu pangluhurna nepi ka nu panghandapna, kacida mupunjungna; nyarebutna oge: “Jelema anu kasinungan ku kaagungan kakawasaan Allah.” 11 Geus lila pisan maranehna keuna ku pangaruh eta jelema teh, nya eta lantaran ku sihirna tea. 12 Tapi sanggeus ku Pilipus diwawaran Injil Al Masih nepi ka palercayana; maranehna, awewe lalaki kabeh dibaptis. 13 Simon oge percaya sarta sanggeus dibaptis manehna jadi embung pisah ti Pilipus. Nenjo kaahengan-kaahengan jeung mujijat-mujijat teh, manehna bati heran bae. 14 Beja yen tanah Samaria geus narima kana pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul di Yerusalem; tuluy Petrus jeung Yahya diutus ka ditu. 15 Sasumpingna, aranjeunna neneda, nyuhunkeun supaya urang dinya pada-pada ginanjar Ruh Allah. 16 Sabab harita mah, Ruh Allah acan turun ka saurang-urang acan di Samaria teh. Maranehna kakara dibaptis ku pajenengan Isa bae. 17 Sabada ku anu duaan ditarumpangan panangan, kakara maranehna ginanjar Ruh Allah. 18 Barang katenjo ku Simon yen Ruh Allah bisa katarima ku jalan numpangkeun leungeun; seug bae, manehna teh ngahaturan duit ka rasul-rasul, 19 bari pokna, “Abdi oge hoyong gaduh kabisa kitu, tiasa nurunkeun Ruh Allah ka saha bae anu ku abdi ditumpangan leungeun.” 20 Tapi saur Petrus, “La'nat eta duit teh, kitu deui anjeun! Naha panyangka anjeun kurnia Allah teh beunang dibeuli ku duit? 21 Pamohalan anjeun meunang bagian atawa hak dina ieu perkara, sabab bengkok sembah enggoning ibadah ka Allah. 22 Leuwih hade anjeun buru-buru tobat, ulah tonggoy dina kajahatan. Buru-buru anjeun sasambat ka Pangeran, malah mandar eta pikiran anu sakitu gorengna teh dihampura ku Anjeunna. 23 Sabab kaimplengna anjeun teh badis hamperu, pait ku dengki jeung kajiret ku dosa pasirikan!” 24 Simon terus tomada pokna, “Nyuhunkeun dipangnedakeun bae ka Pangeran, mugi-mugi diri abdi ulah cios katarajang nasib anu bieu disaurkeun ku bapa.” 25 Sanggeus maparin panyaksen jeung ngawurukkeun pangandika Allah, Petrus jeung Yahya marulih deui ka Yerusalem bari sajajalan ngawawarkeun Injil di kampung-kampung wilayah Samaria. 26 Kakocapkeun, Pilipus didawuhan ku malaikat Pangeran, saurna, “Geura leumpang ngajugjug ka kidul, make jalan anu mudun ti Yerusalem ka Gasa, anu tiiseun tea.” Pilipus tumut, bral miang. 27 Harita, aya hiji mantri jero urang Etiopi, nya eta ponggawa anu ngurus harta kakayaan ratu Sri Kandasi, ratu nagara Etiopi; anjeunna teh tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah. 28 Ayeuna, anjeunna teh eukeur di jalan seja mulih, tunggang kareta bari ngaos kitab Nabi Yesaya. 29 Saur Ruh ka Pilipus, “Tuh sampeurkeun, deukeutan karetana!” 30 Sanggeus disampeurkeun, ku Pilipus kakuping, anjeunna keur ngaos kitab Nabi Yesaya tea; tuluy bae ku Pilipus teh ditaros, “Kumaha kahartos nu diaos teh?” 31 Waler mantri jero bari ngajak Pilipus unggah kana kareta, “Bade ngartos kumaha margi teu aya anu nerangkeun.” 32 Ayat anu diaosna teh kieu: ‘Lir domba anu ditungtun ka pameuncitan, jeg anak domba diguntingan buluna teu kecet-kecet: Anjeunna mindel, sakecap teu kedal saur. 33 Sajeroning nandangan panghina, Anjeunna ditibanan hukuman. Saha anu seja ngaguar asal-usul-Na? Nyawana lastari dicabut ti dunya.’ 34 Saur mantri jero, “Anu bade ditaroskeun teh eta anu dimaksad ku nabi tea: Saha? Salirana ku anjeun atanapi anu lian?” 35 Barabat ku Pilipus diterangkeun nepi ka Injil Isa, mimiti ti ayat anu bieu tea. 36 Sabot kitu, aranjeunna nepi ka hiji tempat di sisi cai. Saur mantri jero, “Kaleresan, eta aya cai. Kumaha moal aya kaabotan upami simkuring dibaptis?” 37 Pilipus, “Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.” Walerna, “Kantenan, percanten pisan: Isa teh Putra Allah.” 38 Reg karetana dieureunkeun, crub duanana, nya eta Pilipus jeung anjeunna ancrub ka cai; tuluy anjeunna dibaptis ku Pilipus. 39 Pilipus mah, barang hanjat ti cai, teu katingal deui ku mantri jero lantaran digaibkeun ku Ruh Pangeran. Ti dinya, mantri jero, terus ngalajengkeun perjalanan bari pinuh ku kabingahan. 40 Ari Pilipus terang-terang geus aya di daerah Asdod, terus kebat lalampahanana bari ngawawarkeun Injil sapanjang jalan nepi ka nagara Kesarea. 1 Sajeroning kitu, Saulus beuki ngentab bae hatena; manehna hayang ngabasmi murid-murid Gusti Jungjunan urang, nepi ka musna. 2 Manehna geus meunang surat kawasa ti Imam Agung pikeun tembongkeuneun ka Majelis-majelis Yahudi, eusina: Idin newakan jelema-jelema anu ngalakonan Jalan Lempeng Jungjunan urang, saha bae boh lalaki, boh awewe kudu digusur ka Yerusalem. 3 Waktu keur ngajugjug kota Damsik, barang manehna geus rek nepi, dumadakan manehna katojo ku cahaya anu moncorong ti langit. 4 Blug bae, manehna ngagebut kana taneuh; terus aya soara anu nyebut ngaranna, “Saulus, Saulus! Kaniaya temen maneh ka Kami!” 5 Saulus nyoara, “Saha eta anu sasauran teh?” Soara, “Kami Isa, anu dikaniaya ku maneh tea. 6 Geura hudang, tuluykeun asup ka jero kota teh, engke ku Kami dituduhan kudu kumaha nya pilampaheun maneh teh.” 7 Babaturanana mah bati tingpolongo bae, da ku maranehna oge kadarenge soara teh tapi jirimna mah teu aya. 8 Korejat, Saulus hudang, terus nangtung. Barang beunta bet manehna teu bisa nenjo naon-naon; atuh kapaksa, manehna kudu ditungtun ku babaturanana ka jero kota Damsik teh. 9 Meunang tilu poe manehna teu bisa nenjona teh, nya bari henteu kararaban cai-cai acan. 10 Di Damsik teh aya hiji murid Gusti Jungjunan urang, ngaranna Ananias. Ditimbalan ku Gusti Jungjunan urang, dina tetenjoan, dawuhana-Na, “Ananias!” Ananias ngawangsul, “Nun, ieu abdi!” 11 Dawuhana-Na deui, “Ka ditu leumpang ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus, ayeuna manehna keur neneda. 12 Ku Kami geus dibere tetenjoan yen bakal kadatangan jeung ditumpangan leungeun ku nu ngaran Ananias anu ngalantarankeun panonna baris awas deui bisa nenjo cara sasari.” 13 Wangsul Ananias, “Gusti Jungjunan simabdi, eta jalmi teh seueur pisan kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat suci, kagungan Anjeun di Yerusalem. 14 Dongkapna ka dieu oge nganggo surat kawasa ti imam-imam kapala, bade newakan sugri anu sumambat ka pajenengan Gusti Jungjunan simabdi.” 15 Tapi saur Gusti Jungjunan urang, “Jung bae teang; sabab ku Kami geus dijadikeun pangbantu pikeun ngemban ngaran Kami ka bangsa-bangsa sejen katut raja-rajana jeung ka bani Israil. 16 Memang, Kami pribadi seja mere nyaho ka manehna yen manehna baris nandangan sangsara anu pohara lantaran ngemban ngaran Kami.” 17 Bral Ananias indit, sup ka imah Yudas; tuluy anjeunna numpangkeun leungeun ka Saulus bari nyarita kieu, “Saderek Saulus, simkuring teh dipiwarang nepangan ku Gusti Jungjunan simkuring, nya eta Isa, — anu nembongan ka saderek di tengah jalan tea — supaya saderek tiasa deui ningal sareng ginanjar Ruh Allah.” 18 Sapada harita keneh, lir aya lamad anu coplok tina panonna; jadi, manehna bisa deui nenjo; tuluy manehna nangtung geus kitu terus dibaptis. 19 Di Damsik, Saulus nganjrek sababaraha lila reureujeungan jeung murid-murid. 20 Malah geus mimiti medarkeun hal Isa di tempat-tempat ibadah; anjeunna nerangkeun yen Isa teh Putra Allah. 21 Atuh anu ngadarengena teh hareraneun pisan, aromongna, “Eta teh lain anu jahat kabina-bina tea ka urang Yerusalem anu marupunjung ngaran Isa? Ka dieuna teh lain ngahaja rek nyangkalak anu karitu serenkeuneun ka imam-imam kapala?” 22 Tapi pangaruh Saulus teh, beuki tambah-tambah bae. Anjeunna ngahariwangkeun urang Yahudi anu di Damsik lantaran teu asa-asa ngayakinkeun yen Isa teh Al Masih. 23 Teu lila ti harita, urang Yahudi sakait rek maehan Saulus. 24 Tapi maksud jahat maranehna, kanyahoan manten terus dibejakeun ka Saulus. Anu ngararahna, nya eta pikeun maehan anjeunna, beurang peuting megat Saulus ku jalan ngajaraga lawang kuta. 25 Tapi dina hiji peuting, Saulus bisa diloloskeun ku murid- murid, nya eta ku jalan diulur dina karanjang tina tembok kuta. 26 Sanggeus aya di Yerusalem, Saulus nyampeurkeun ka murid- murid. Tapi maranehna sarieuneun, teu ngandel yen manehna geus jadi murid Gusti Jungjunan urang. 27 Tapi Barnabas mah, daekeun narima anjeunna. Tuluy anjeunna dibawa ka rasul-rasul, bari diunjukkeun lalakonna ningal Gusti Jungjunan urang, keur waktu di tengah jalan tur ngadenge gentra-Na. Oge diunjukkeun wawanenna, basa di Damsik, teuneung ludeung biantara ngemban pajenengan Isa. 28 Saterusna, Saulus jeung aranjeunna ngider ka sakuliah Yerusalem. Anjeunna teu inggis-inggis, biantara ngemban pajenengan Gusti Jungjunan urang. 29 Jaba ti kitu, anjeunna oge tara inggis-inggis sual jawab jeung urang Yahudi anu ngagunakeun basa Yunani, nepi ka diarah- arah patina. 30 Barang kanyahoan yen anjeunna keur diarah-arah, ku anggota- anggota jamaah disilibkeun ka Kesarea; ti dinya, terus anjeunna teh, dicandak ka Tarsus. 31 Ti semet harita, pikeun sawatara lilana, jamaah-jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria bisa nyeunghap aya dina katengtreman. Jamaah teh, ngadeg jeung hirupna aya dina rasa wedi asih ka anu jadi Gustina. Bilanganana oge beuki jembar bae ku lantaran pangdeudeul jeung panglilipurna Ruh Allah. 32 Sajeroning kitu, Petrus angkat ngider ka daerah-daerah sarta nyimpang ka murid-murid Gusti Jungjunan urang, nu matuh di Lida. 33 Di dinya, anjeunna mendakan hiji jelema anu lumpuh geus dalapan taun ngagoler bae di enggon, ngaranna Eneas. 34 Saur Petrus ka Eneas, “Eneas, anjeun tangtu cageur ku pitulung Isa Al Masih. Geura hudang, enggonna benahan.” Sapada harita keneh, Eneas ngorejat hudang. 35 Urang Lida jeung urang Saron barang nyaho Eneas cageur, tuluy bae aranut ka Gusti Jungjunan urang. 36 Kacatur, di Yopa aya hiji murid wanita ngaranna Tabita, ari dina basa Yunani mah, ngaran Dorkas (hartina: Uncal); wanita ieu teh, resep kana tutulung resep mere sidekah. 37 Brek bae, Tabita teh gering malah nepi ka hanteuna. Meunang ngamandian, mayitna, dipernahkeun di loteng. 38 Ku sabab Yopa teu jauh ti Lida, murid-murid tarerangeun yen Petrus keur aya di Lida. Tuluy murid-murid teh nitahan duaan ngangkir anjeunna, supaya enggal-enggal sumping ka Yopa. 39 Sanggeus tarapti, bral Petrus angkat gagancangan bareng jeung nu ngangkir. Sanggeus sumping, Petrus terus ka kamar mayit; anjeunna dituturkeun ku randa-randa anu bari tingsalegruk ngunjukkeun rupa-rupa pakean beunang nyieun marhumah Dorkas. 40 Tapi ku anjeunna, dipiwarang kalaluar. Geus kitu, brek anjeunna sideku, ngadu'a. Saterusna, anjeunna mayun ka lebah mayit bari saurna, “Tabita, geura hudang!” Nyah mayit teh beunta; waktu panonna ngagiler ka Petrus, eta wanita, tuluy cengkat nyanghunjar. 41 Ku Petrus dituyun leungeunna dibantuan nangtung. Geus kitu umat-umat suci jeung randa-randa teh disalaur, sina narepungan ka Tabita anu geus hirup deui. 42 Eta kajadian terus sumebar ka sakuliah Yopa, ngalantarankeun loba pisan anu tuluy aranut percaya ka Gusti Jungjunan urang. 43 Meunang sababaraha poe Petrus nganjrek heula di Yopa, di imah ki Simon tukang ngawidang kulit. 1 Di nagri Kesarea, aya hiji opsir pasukan Itali, ngaranna Kornelius. 2 Anjeunna teh hade lampah jeung getol tapakur; anjeunna, sakulawarga, ajrih ka Allah jeung mindeng mere derma ka bangsa Yahudi. 3 Dina hiji sore, kira-kira wanci pukul tilu, aya malaikat nembongan ka anjeunna, bari nyaur, “Kornelius!” 4 Sieun-sieun oge Kornelius ngawalon bari neuteup, “Aya pikersaeun naon, Gusti?” Waler malaikat, “Do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah jeung geus meunang sapaat-Na. 5 Geura nitahan jelema ka kota Yopa, angkir jalma anu ngaran Simon anu katelah Petrus. 6 Ayeuna, anjeunna keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, pernahna di sisi laut.” Geus kitu malaikat teh mulih. 7 Gancangna Kornelius nyalukan bujangna duaan jeung hiji serdadu anu geus kadeuheus. 8 Maranehna diparentah ka Yopa, harita keneh, sanggeus dibejaan naon kaperluanana. 9 Poe isukna, waktu jurungan geus deukeut ka kota, Petrus unggah ka loteng — anu aya di hateup imahna nu papak — seja tapakur. 10 Bet ngadadak anjeunna ngaraos lapar. Tapi sabot disadiakeun, leng bae pana ku pangawasa ilahi. 11 Anjeunna ningal langit muka sarta katenjo aya nu jiga lawon rubak, — anu ditalian dina kaopat juruna — diturunkeun nepi kana taneuh. 12 Eusina lawon teh, nya eta rupa-rupa sato boh bangsaning suku opat, boh nu ngarayap, jeung bangsa manuk oge. 13 Ngong aya soara kieu, “Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar eta sato teh!” 14 Waler Petrus, “Palias Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi anu najis.” 15 Ngong deui soara, “Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.” 16 Kitu jeung kitu bae, nepi ka tilu balikan. Geus kitu, eta barang teh, gancang bae dipulut deui ka langit. 17 Petrus mikiran, hal eta teh, naon pihartieunana. Sabot kitu, jurungan Kornelius geus narepi, nya eta araya di hareupeun panto, bari maluruh, 18 “Leres kitu, bapa Simon anu katelah Petrus teh di dieu calikna?” carek maranehna ka hiji jelema di dinya. 19 Ari Petrus masih keneh mikiran titingalanana tea. Tuluy Ruh nimbalan ka anjeunna, “Tuh, aya nu nareangan duaan. 20 Buru-buru tepungan ku maneh, ka handap; tuluy maneh kudu milu jeung maranehna. Lian ti eta, maneh ulah rumegag sabab ka darieuna teh dititah ku Kami.” 21 Jut, Petrus turun nepungan. “Ieu bapa,” saurna, “aya naon anu diseja?” 22 Jurungan ngawalon, “Nu mawi, ngadeuheus teh ngemban piwarangan Kornelius, opsir anu luhur budi. Anjeunna disumpingan malaikat anu ngemban pidawuh Allah, dipiwarang ngangkir bapa ka bumina; anjeunna seja ngalap piwulangna bapa.” 23 Semah ku Petrus diaku sina mareuting di anjeunna. Poe isukna, bral, anjeunna miang jeung nu ngangkir, dibarengan ku sawatara urang Yopa anu saiman. 24 Isukna, anjeunna sabatur-batur geus aranjog ka Kesarea, nya keur meujeuhna diarep-arep ku Kornelius nu geus ngangkiran sanak baraya jeung sobat-sobatna. 25 Gancang-gancang Petrus ku Kornelius diboro, terus disembah bari sideku. 26 Tapi ku Petrus, geuwat bae anjeunna diajak nangtung. Saurna, “Ngadeg bae, bapa mah jalma biasa.” 27 Sup, aranjeunna arasup bari cacarios pikeun nepungan anu di jarero imah. 28 Saur Petrus ka pribumi, “Dulur-dulur aruninga yen urang Yahudi henteu pisan kenging gaul atanapi natamu ka anu sanes Yahudi deui. Tapi bapa parantos diisaratan ku Allah, dawuhana-Na, ‘Poma ulah nganggap najis atawa haram ka pada jalma.’ 29 Atuh waktu diteang teh, bapa henteu rumegag deui; teras bae bapa ka dieu. Ayeuna bapa seja tumaros, naon pasejaanana neang bapa teh?” 30 Waler Kornelius, “Opat dinten kalangkung, kinten-kinten wayah kieu, — tabuh tilu sonten — abdi teh tapakur. 31 Jleg, aya malaikat ngadeg hareupeun. Panganggona murub mubyar. ‘Kornelius,’ saurna, ‘do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah; kitu deui amal sidekah maneh, geus meunang sapa'at di payuneuna-Na. 32 Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir Simon anu katelah Petrus, anu keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, anu pernahna di sisi laut.’ 33 Enggal-enggal abdi ngajurungan rencang ka bapa. Hatur nuhun, bapa parantos luntur manah kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan sumeja ngarupingkeun dawuhan Allah anu diemban ku bapa.” 34 Pok, Petrus muka carita, saurna, “Ayeuna ku bapa kaharti, yen mungguh Allah mah teu ngabeda-beda umat. 35 Unggal jalma, bangsa naon bae, anu ajrih ka Anjeunna jeung ngamalkeun kahadean, tangtos baris diangkeun. 36 Hal ieu teh, — Dawuhan Anjeunna tea — kudu ditepikeun ka bani Israil, nya eta pangandika anu mawa katengtreman jiwa ku karana Isa Al Masih nu jadi Gustining sakumna jalma. 37 Saderek-saderek oge, tangtos aruninga kana kajadian-kajadian di tanah Yudea anu diawitanana di Galilea, sanggeus diayakeun baptisan nu diembarkeun ku Yahya. 38 Hal ieu teh, nya ngeunaan Isa Al Masih, — urang Nasaret tea — anu parantos diistrenan ku Allah, ku jalan maparin Ruh Allah sarta kakawasaan. Lajeng, Anjeunna teh ngider bari ngamalkeun kahadean jeung nyageur-nyageurkeun sakur anu digenggem ku kawasa Iblis. Sabab Anjeunna, disarengan ku Allah. 39 Nya bapa sapara kanca anu geus nyaraksian kana sakur padamelana-Na, tug, nepi ka pupus-Na pisan; Anjeunna diperlaya ku urang Yahudi, nya eta ku jalan digantung dina tihang gantungan. 40 Nanging dina poe anu katilu, Isa teh ku Allah digugahkeun deui tina pupus-Na sarta diwidian nembongan. 41 Sanajan kitu, nembongana-Na teh, henteu ka sadayana. Tapi ngan ukur ka saksi-saksi-Na bae, — anu ti samemehna keneh parantos ditangtoskeun ku Allah, nya eta ka bapa sapara kanca — anu kungsi dahar nginum jeung Anjeunna sanggeus Anjeunna digugahkeun deui ti antara anu geus maraot. 42 Bapa sapara kanca, ku Anjeunna, dipapancenan kedah mere embaran sareng panyaksen ka bangsa sakumna; yen Anjeunna teh, ku Allah parantos dijenengkeun Hakimna sakumna jalma, boh anu harirup keneh, boh anu geus maraot. 43 Kitu oge, Nabi-nabi, sadayana sami maparin panyaksenna tina perkawis salira Anjeunna, nya eta sing saha anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku karana pajenengana-Na.” 44 Sabot Petrus cacarios, Ruh Allah lungsur ka nu keur karumpul ngabarandungan. 45 Pangiring Petrus ti Yopa, nya eta rencang-rencangna anu saiman ti golongan anu disunat, bati arolohok; pamikirna, geuning bangsa sejen oge sarua ginuluran Ruh Allah. 46 Sabab sajeroning ngamulyakeun Allah teh, maranehna, cacaritana ku basa roh. 47 Petrus sasauran deui, “Saupama ieu dulur-dulur ayeuna marenta dibaptis ku cai, naha aya anu seja mapalangan? Margi geus bukti maranehna geus nararima Ruh Allah sarua jeung urang-urang!” 48 Geus kitu Petrus ngahaturanan maranehna, supaya dibaraptis kalawan pajenengan Isa Al Masih. Sanggeus kitu, Petrus, ku maranehna diandeg, nya pikeun sosonoan heula. Di dinya, anjeunna, meunang sababaraha poe. 1 Yen ayana bangsa sejen anu narima kana pangandika Allah teh, geus kabejakeun ka rasul-rasul jeung dulur-dulur sakapercayaan nu araya di tanah Yudea. 2 Waktu Petrus ngalongok ka Yerusalem, anjeunna diweweleh ku dulur-dulur ti golongan anu disunat tea, 3 pokna, “Naha bapa teh kersa ngasupan imah bangsa nu teu disarunat, malah tuang babarengan jeung golongan anu karitu?” 4 Tuluy, hal ihwalna teh, ku Petrus dijentrekeun parele; saurna, 5 “Hiji mangsa, basa bapa keur di Yopa, sabot sembahyang dumadakan bapa kabawa ku pangawasa ilahi. Bapa ningal sarupaning barang anu mangrupa lawon rubak nu ditalian kaopat juruna. Eta barang teh, turun nepi ka srogna di hareupeun bapa. 6 Barang ku bapa ditingali, eusina, nya rupa-rupa sato, ti bangsa suku opat nepi ka bangsa nu ngarayap jeung bangsa manuk. 7 Ngong aya soara, pokna: ‘Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar Eta sato teh!’ 8 Cek bapa teh, palias Gusti, sungut abdi tara pirajeunan kana barang haram atanapi najis. 9 Tuluy, eta soara ti sawarga teh, ngong deui: ‘Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.’ 10 Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu balikan; sanggeus eta, kakara barangna dipulut deui ka langit. 11 Waktu eta keneh, wet, aya anu carunduk tiluan geus di hareupeun panto imah tempat bapa nganjrek. Sihoreng, maranehna teh, utusan ti Kesarea. 12 Geus kitu, bapa didawuhan ku Ruh Allah, saur-Na: ‘Maneh kudu milu jeung maranehna kalawan ulah rumegag.’ Ka dituna bapa teh dianteur ku genepan. Sanggeusna tepi, sarerea asup ka imah nu ngangkir. 13 Ki pribumi nyaritakeun yen anjeunna geus kasumpingan malaikat, ngadeg di imahna. Eta malaikat nimbalan, yen anjeunna kudu nitahan jelema ka Yopa pikeun ngangkir Simon anu katelah Petrus, 14 nu bakal nungtun maraneh sakulawarga kana jalan pisalameteun. 15 Sabot bapa cacarita di dinya, Ruh Allah lungsur ka maranehna, kawas ka urang-urang tea, bareto. 16 Ras bae, bapa inget kana dawuhan Gusti Jungjunan urang, anu nyaurkeun yen Yahya mah ngabaptisna ku cai, ari urang mah bakal dibaraptis teh ku Ruh Allah. 17 Sabab Allah ku manten, geus maparinkeun sih kurnia ka maranehna sarua jeung ka urang bareto, nya eta basa mimiti percaya ka Isa Al Masih. Atuh pimanaeun bapa bisa ngahalang-halang kana pangersa-Na?” 18 Geus kitu mah, anu ngaweweleh teh laleler; malah antukna mah ngamulyakeun ka Allah, pokna, “Allah teu ngabeda-beda ka bangsa deungeun; lian ti eta, oge maparin kurnia pertobat nu jadi marganing hirup.” 19 Geus kacatur, ti barang Stepanus dipaehan para panganut teh dikaniaya, nepi ka papencar arincah ka mana mendi. Aya nu nepi ka Penisia, ka Siprus, jeung ka Antioki oge. Di ditu ge, maranehna teh tetep bae ngawawarkeun Injil; sanajan ngan ka papada urang Yahudi deui oge. 20 Ti antara anu marubus ka Antioki, aya sawatara urang nu asal ti Siprus jeung ti Kirena. Maranehna ngabarkeun Injil oge ka urang Yunani. Ku maranehna diterangkeun, yen Isa teh Gusti Jungjunan. 21 Lantaran kabiruyungan ku pangheuyeukna panangan Gusti Jungjunan urang, loba pisan jelema anu jadi percaya sarta aranut ka Anjeunna. 22 Ieu hal, kabejakeun oge ka jamaah nu di Yerusalem, anu terus ngirimkeun Barnabas ka Antioki. 23 Barnabas kacida bungaheunana, sanggeus anjeunna ningal bukti buah-buahna rahmat Pangeran di eta tempat. Anjeunna nganasehatan, supaya maranehna tetep tuhu ka Gusti. 24 Lantaran Barnabas teh jelema hade budi tur kadeudeul ku Ruh Allah jeung ku iman, loba jelema anu katarik nepi ka palercayana ka Gusti Jungjunan urang. 25 Ti Antioki Barnabas terus ka Tarsus nepungan Saulus. Tuluy Saulus diajak ka Antioki ku Barnabas. 26 Duanana marukim di jamaah Antioki, meunang sataun campleng bari ngawuruk ka jalma rea. Murid-murid panganut Al Masih teh, nya di Antioki pisan mimiti disarebut ‘Urang Masihi.’ 27 Sajeroning kitu, aya oge nabi-nabi anu ti Yerusalem ngadongdon ka Antioki. 28 Salah saurang di antarana, ngaran Agabus. Anjeunna kaserepan ku Ruh, nyebutkeun yen bakal aya paila hebat di sakuliah dunya. Naon nu geus disebutkeun kuanjeunna, bukti; eta kajadian teh keur jaman Prabu Klaudius. 29 Murid-murid baradami rek arudunan, — gedena kumaha mampuhna masing-masing bae — pikeun disumbangkeun ka dulur-dulur nu marukim di Yudea. 30 Prak bae, murid-murid teh arudunan; tuluy beubeunanganana dipasrahkeun ka pangurus jamaah di Yudea ku jalan dipihapekeun ka Barnabas jeung Saulus. 1 Kira-kira dina jaman eta keneh, raja Herodes mimiti nyieun talajak keras ka sawatara anggota jamaah. 2 Yakobus, lanceukna Yahya tea, ku anjeunna dipaehan ku pedang. 3 Uninga yen talajakna kitu teh kapake ku urang Yahudi; kerewek deui bae, manehna teh nangkep Petrus, nya eta dina hari raya “Roti Teu Ragian.” 4 Terus, Petrus teh dipanjarakeun sarta dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksudna, sabada Paska Petrus teh arek dipariksa perkarana kalawan disaksian ku balarea. 5 Jamaah ngan ukur bisa mangdo'akeun ka Allah, muga anjeunna ditangtayungan. 6 Piisukaneun Herodes rek nyerenkeun Petrus, peutingna, anjeunna kulem teh dihapit ku dua serdadu sarta dirante dua beulitan. Jaba ti eta, aya serdadu sejenna deui anu ngajaraga panto. 7 Ujug-ujug, Jleg, aya malaikat ngadeg deukeut Petrus; kamar jadi hibar ku cahayana. Petrus digeuingkeun, saurna, “Geuwat hudang!” Dadak sakala, rante lesot tina leungeun Petrus. 8 “Buru pake jubah maneh, tuturkeun kami,” saurna deui. 9 Petrus ngiclik nuturkeun malaikat ka luar bari asa samar; naha ieu teh malaikat enyaan atawa titingalan bae. 10 Tempat jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi, nya eta gapura anu losna ka kota. Eta panto, bray, muka ku maneh; bras aranjeunna ka luar, maraju nepi ka tungtung jalan; barang nepi ka dinya tuluy, les, malaikat ngaleungit. 11 Barang emutanana geus jejeg, Petrus ngagerendeng, “Yakin atuh, mo salah deui, Gusti geus ngutus malaikat-Na ngaluputkeun aing tina genggeman raja Herodes jeung tina angkara murkana urang Yahudi.” 12 Sanggeus mikir-mikir sakeudeung, anjeunna terus bae ka imah Maryam, indungna Yahya Markus. Kabeneran, di dinya, loba jelema karumpul keur ngadaro'a. 13 Anjeunna keketrok, tuluy disampeurkeun ku hiji awewe ngaran Rode; anjenna teh, disaha-saha. 14 Rode ujug-ujug tenget bae kana sorana; tapi bawaning ku atoh-atohna, manehna lain buru-buru muka panto, anggur ngadon hariweusweus heula ka anu araya di jero: Petrus cenah anu keketrok teh. 15 Cek batur-baturna, “Boa ngalindur maneh mah!” Tapi manehna, keukeuh ngaenyakeun. Tuluy cek batur-baturna, “Malaikatna meureun eta mah!” 16 Petrus haben bae keketrok. Barang panto dibukakeun, gok, maranehna ngajarenghok karaget. 17 Petrus pepeta ngisarahan ulah recok, bari pok medarkeun lalakonna ditulung ku Gusti lolos ti pangbuian. “Pangbejakeun bae ka Yakobus, kitu deui ka dulur-dulur sejenna,” saurna bari terus ka luar deui muru tempat sejen. 18 Isukna, serdadu-serdadu jaga, raribut silih tanyakeun Petrus; 19 raja Herodes gancang marentahkeun supaya Petrus diteangan, tapi weleh teu kapanggih. Ari serdadu-serdadu jaga sanggeus dipariksa, tuluy bae maranehna, kabehanana, diparaehan. Beres eta, sang raja ngantunkeun Yudea, angkat ka Kesarea sarta linggih di dinya. 20 Hiji mangsa, raja Herodes bendu pisan ka urang Tirus jeung Sidon. Sanggeus samupakat, urang Tirus jeung Sidon teh ngadareuheusan ka anjeunna. Eta teh sanggeus maranehna hasil ngawujukan salah saurang pagawe karaton anu ngaran Blastus, nepi ka biluk daek ngadeudeul mangmentakeun pangampura raja. Ari sababna mah, bahan pangan Tirus jeung Sidon teh, kacida gumantungna ka wilayah cangkingan eta raja. 21 Dina hiji waktu anu geus ditetepkeun, Herodes dangdan, nya eta make anggoan karajaan; tuluy manehna linggih dina singgasana sarta ngagalantang ka rayatna. 22 Rayatna nempas ku surak, majar teh, “Ieu mah gentra ilahi, lain sora manusa!” 23 Sapada harita keneh, sang raja digebug ku malaikat Pangeran lantaran kacida teu hormatna ka Allah. Anjeunna keuna ku panyakit, salirana beak dihakanan ku bilatung nepi ka pupusna. 24 Ari pangandika Gusti beuki sumebar bae, kawentar ka jalma rea. 25 Barnabas jeung Saulus marulang deui, — ti Antioki ka Yerusalem — sanggeus tugas-tugasna beres, bari mawa Yahya anu sok katelah oge Markus. 1 Harita, di jamaah Antioki, aya sawatara nabi jeung guru agama, nyaeta Barnabas, Simeon anu katelah Niger, Lukius urang Kirena, Saulus jeung Menahem anu tadina diurusna bareng jeung raja Herodes. 2 Dina hiji poe, waktu aranjeunna nekanan ibadah jeung puasa, Ruh Allah nimbalan, “Kami menta Barnabas jeung Saulus sabab maranehna rek dibere tugas husus anu ditangtukeun ku Kami pribadi.” 3 Sabada Puasa jeung sembahyang, anu duaan teh, ku aranjeunna ditarumpangan leungeun, tuluy dijarurung laku. 4 Kalawan parentah Ruh Allah, Barnabas jeung Saulus mariang ka Selukia; ti dinya, aranjeunna balayar ka pulo Siprus. 5 Sadatangna ka tempat nu ngaran Salamis, aranjeunna, prak bae ngamimitian ngawawarkeun pangandika Allah di tempat-tempat ibadah urang Yahudi; aranjeunna teh dibarengan ku Yahya Markus, nya eta pikeun babantu. 6 Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya, aranjeunna papanggih jeung hiji urang Yahudi, ngaran Baryesus; manehna teh, tukang sihir anu ngaku-ngaku jadi nabi. 7 Eta jelema nyobat jeung Sergius Paulus, jelema pinter, anu jadi gupernur di eta pulo. Sang gupernur manggil Barnabas jeung Saulus; sabab anjeunna, hayangeun nyaho pangandika Allah. 8 Tapi aranjeunna dihalang-halang ku Elimas, — ngaran sejenna Baryesus dina basa Yunani — tukang sihir tea. Sang gupernur oge dihalang-halang tina niat ibadahna. 9 Saulus anu harita geus dilandi Paulus tur kaancikan ku Ruh Allah, mencrong ka eta jelema. 10 “He, anak setan,” saurna, “gudangna tipu daya jeung kadurjanaan, satruning bebeneran, na moal eureun-eureun maneh teh mengkol-mengkolkeun Jalan Lempeng pituduh ti Pangeran? 11 Ayeuna rasakeun, maneh pinasti lolong katiban panangan Pangeran. Sababaraha poe, lilana, maneh moal bisa neuleu panonpoe!” Sapada harita keneh, reup wae, eta jelema ngarasa poek, asa kakurung ku pepedut; tuluy manehna uyup-ayap, neangan anu ha'at daek nunungtun. 12 Nenjo kajadian kitu teh, sang gupernur terus percaya sarta pohara ngarasa katajina deuih ku ajaran Gusti Jungjunan urang. 13 Ti Pafos, Paulus jeung nu duaan deui balayar ka Perga bawahan Pampilia; tapi Yahya Markus mah, ti dinya teh, mulang deui ka Yerusalem. 14 Ti Perga, aranjeunna terus lumaku, nepi ka jol di Antioki bawahan Pisidia. Dina poe Sabatna, aranjeuna, sup ka tempat ibadah terus dariuk. 15 Anggeus maca hukum Toret jeung kitab Nabi-nabi, pangurus di dinya nawaran ka aranjeunna, pokna, “Bilih bade masihan amanat geusan ngawangun atanapi ngabeberah ka umat di dieu, mangga dihaturanan.” 16 Jung, Paulus nangtung; tuluy anjeunna mere isarah ku panangan, barabat sasauran, “Dulur-dulur bani Israil, oge aranjeun anu sumujud ka Allah, simkuring amit sumeja nyarita. 17 Allah nu disembah ku umat Israil parantos milih karuhun urang sareng ngajembarkeun eta bangsa sapanjang ngumbara di Mesir. Panangana-Na anu digjaya parantos nuyun eta bangsa budal ti eta nagara. 18 Opat puluh taun, Anjeunna tetep sabar nangankeun pamolahna eta bangsa di alas kikisik. 19 Tujuh bangsa anu ngageugeuh tanah Kanaan, ku Anjeunna ditumpes; urut tanah wilayahna diserenkeun, dibagi-bagi, ka eta umat-Na ngajadi tanah warisan. 20 Kira-kira opat ratus lima puluh taun ti harita, maranehna, ku Anjeunna dibere hakim-hakim, — tug — nepi ka jaman Nabi Samuel. 21 Geus kitu, maranehna marenta raja, ku Allah diturut; maranehna dibere Saul bin Kis, ti kaom Binyamin, meunang opat puluh taun. 22 Saul henteu kaanggo ku Allah; tuluy eta raja diganti ku Nabi Daud. Ngeunaan Nabi Daud, Allah parantos ngadawuh: Kami geus manggih Daud tur matak panuju, jelema pantes keur nyubadanan sagala maksud-maksud Kami. 23 Nya ti turunan anjeunna, — cocog sakumaha anu parantos disubayakeun Allah — digelarkeun Juru Salametna bani Israil, nya eta Isa tea. 24 Selang mangsa pisumpingeun Anjeunna, aya uar pangajak ti Yahya ka sakumna bani Israil supaya tarobat jeung dibaraptis. 25 Nalika tugasna meh rengse, Yahya nyaurkeun kieu: ‘Ulah saralah sangka, kula mah lain Anjeunna. Anjeunna mah, sumping-Na teh engke, nya eta sapandeurieun kula. Kula mah hamo wani muka tali tarumpah-tarumpah-Na acan.’ 26 Dulur-dulur! Boh anu turunan Ibrahim, boh anu lianna, anu sami-sami sieun ku Allah! Eta uaran pisalameteun teh, nya ka urang ditujulkeunana. 27 Ku urang Yerusalem mah, nya kitu deui ku parapamingpinna, Anjeunna teh ditampik. Anjeunna dihukum pati ku maranehna. Ku kituna, sakumaha anu geus disaurkeun ku nabi-nabi anu sok diaraji saban poe Sabat teh, ku lantaran talajak maranehna, jadi ngabukti. 28 Sanajan henteu bisa maranggihkeun kasalahan anu manjing kana hukuman pati, maranehna geus maraksa ka Pilatus supaya Anjeunna ditelasan. 29 Sanggeus sagala paniatanana ka Anjeunna tinekanan, — sakumaha anu geus kaungel dina Kitab — layon Anjeunna diturunkeun tina tihang panggantungan tuluy dikurebkeun. 30 Tapi Anjeunna, ku Allah, digugahkeun deui tina pupus-Na. 31 Sanggeus gugah, Anjeunna nembongan sababaraha kali ka nu kungsi ngariring ka Anjeunna waktos angkat ti Galilea ka Yerusalem. Nya aranjeunna, nu ayeuna jaradi saksi ka balarea teh. 32 Ayeuna simkuring sumeja ngadongkapkeun uaran nu matak suka ati, nya eta: Jangji anu baheula ditimbalkeun ka karuhun urang teh, 33 ku Allah parantos dibuktikeun ka urang, nu jadi turunanana, nya eta ku jalan ngagugahkeun Isa; hal ieu teh, sami sareng anu parantos diseratkeun dina Kitab Zabur anu kadua: ‘Hidep, Anaking! Poe ieu pisan hidep ku Kami diyugakeun.’ 34 Isa parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna sarta moal bisa keuna ku buruk deui. Eta teh pikeun ngalaksanakeun timbalana-Na anu ieu: ‘Jangji Kami ka Daud, jangji suci tur beunang diuji, baris dilaksanakeun.’ 35 Salajengna, dina zabur sejenna disebatkeun kieu: ‘Gusti Pangeran! Gusti moal tega ngantep jalmi-jalmi anu parantos disucikeun ku Gusti sina binasa.’ 36 Ari Daud, dina keur hirupna, ngalakonan sagala pangersa Allah sajeroning mingpin bangsana, dugi ka pupusna; salajengna, anjeunna teh dikurebkeun sagigireun karuhunna; kajabi ti eta, salirana ge buruk, sanes. 37 Nanging Isa mah henteu kungsi buruk, margi digugahkeun deui ku Allah. 38 Mugi aruninga dulur-dulur! Nya ku lantaran Anjeunna pangna dulur-dulur kenging uaran pangampura dosa teh. 39 Nya ku jasa Anjeunna sakur jelema anu percaya bisana leupas tina dosa teh, anu hamo tea bisa kaalaman ku aranjeun ku sakadar nurut kana hukum Musa wungkul mah. 40 Kitu nu mawi sing ati-ati, ulah dugi ka nyorang hal-hal anu kasebat dina kitab nabi-nabi, nu kieu ungelna: 41 ‘Ati-ati maraneh tukang-tukang ngahina! Tanwande maraneh ngararenjag sarta tumpur. Sabab jaman ieu, Kami keur ngalaksanakeun hiji pagawean; ku maraneh moal dipercaya, sanajan aya anu nerangkeun.’ ” 42 Sanggeus Paulus jeung Barnabas kalaluar, ku maranehna diparenta supaya piwulangna anu bieu teh dibalikan deui dina poe Sabat hareup. 43 Sabubarna ibadah, loba urang Yahudi jeung anu ngaragem agama Yahudi anu sarieun ku Allah naluturkeun ngiring ka aranjeunna. Ku aranjeunna terus diwurukan jeung dinasehatan, supaya hirupna masing-masing tetep dina aubna asihing kurnia Allah. 44 Poe Sabat hareupna, meh sapangeusi kota tumplek daratang seja ngaregepkeun pangandika Allah. 45 Nenjo anu daratang sakitu lobana teh, urang Yahudi jadi sirik; ucap-ucapan Paulus dibarantah. 46 Tapi kalawan henteu asa-asa ku Paulus jeung Barnabas diterangkeun kieu, “Sayaktosna, ieu pangandika Allah teh, ka aranjeun heula didongkapkeunana. Nanging ku lantaran aranjeun narolak sarta henteu ngarasa butuh ku hirup langgeng, didongkapkeunana teh ayeuna mah ka bangsa anu lian. 47 Sabab simkuring kudu ngestokeun kana parentah Allah anu kieu: ‘Maneh ku Kami enggeus dipastikeun kudu nyaangan bangsa- bangsa anu teu palercaya ka Allah, ngadatangkeun kasalametan, tug, nepi ka tungtung bumi.’ ” 48 Ngadarenge ieu ucapan, jalma-jalma ti golongan luar bangsa Yahudi teh kacida barungaheunana. Tuluy maranehna ngamulyakeun pangandika Allah; sakur anu geus ditakdirkeun hirup langgeng mah, jadi palercaya. 49 Geus kitu mah, pangandika Allah teh sumebar ka sakuliah wilayah. 50 Tapi jelema-jelema ti kaum Yahudi, henteu caricingeun. Wanita-wanita anu palercaya ka Allah tur kapandang di masarakat katut para gegeden di eta kota, ku maranehna dihasud; tuluy maranehna ngayakeun rupa-rupa tarekah, nepi ka Paulus jeung Barnabas teh diusir ti wilayah eta. 51 Sabab eta, Paulus jeung Barnabas teh ngebutkeun kekebul tina suku, keur nembongkeun ka teu sugemaanana ka maranehna; tuluy aranjeunna angkat ka kota Ikonium. 52 Ari murid-murid anu di Antioki, hatena, pinuh ku rasa bagja jeung ku Ruh Allah. 1 Di Ikonium, ieu dua rasul teh, terus ngajugjug ka tempat ibadah urang Yahudi sarta ngawulang di dinya. Piwulangna pohara ngayakinkeunana, nepi ka loba urang Yahudi jeung urang Yunani anu palercaya. 2 Tapi urang Yahudi, — ti golongan anu narolak kana piwulangna — ngahucuhkeun jalma-jalma anu teu palercaya ka Allah tea, nepi ka maranehna maralik jadi arijideun ka rasul-rasul. 3 Rada lila oge Paulus jeung Barnabas caricing di dinya teh — nya aranjeunna teh bari neruskeun ngawulangna kalawan teuneung ludeung — lantaran aranjeunna percaya ka Allah. Uaran tina hal sih kurnia Gusti teh, ku Allah dideudeul, ku jalan maparin kakawasaan ka aranjeunna pikeun nyieun tanda-tanda ajaib sarta mujijat-mujijat. 4 Harita, urang dinya bengkah jadi dua golongan; aya anu biluk ka urang Yahudi, aya anu biluk ka rasul-rasul. 5 Golongan anu teu percaya ka Allah, bareng jeung urang Yahudi katut parapamingpinna terus gerak; karepna mah, rasul-rasul teh dikaniaya sarta dibaledogan ku batu. 6 Tapi ku aranjeunna kanyahoan, nya buru bae aranjeunna teh ngejat ka kota Listra, Derbe, jeung ka kota-kota anu aya di sakurilingeunana, bawahan Likonia. 7 Di dinya, aranjeunna ngawawarkeun Injil oge. 8 Di Listra, aya hiji jelema anu lumpuh ti barang burusut; manehna teh ngan ukur bisa diuk bae, teu bisa leumpang. 9 Waktu Paulus ngawuruk, kabeneran manehna milu ngadengekeun. Ku Paulus dipencrong sarta kapeleng gede imanna, aya bahan bisa dicageurkeun. 10 “Pek nangtung sing ajeg!” Saur Paulus ka manehna, tarik pisan. Dadak sakala, jung bae, manehna bisaeun nangtung, malah tuluy leuleumpangan. 11 Bawaning ku ngarasa aneh, jalma rea raong ngaromong dina basa Likonia, pokna, “Dewa lungsur, miraga jalma!” 12 Ku jelema-jelema di dinya, Barnabas disebut dewa Zeus, ari Paulus dewa Hermes, nya eta juru sabda dewa. 13 Geus kitu, imam dewa Zeus — anu kuil pamujaanana aya di saluareun eta kota — datang ka kota bari mawa sapi jalu pikurbaneun jeung rupa-rupa kekembangan. Maksudna mah, arek ngajak urang dinya ngahaturkeun kurban ka rasul-rasul tea. 14 Paulus jeung Barnabas nepikeun ka nyosoeh jubah nu dianggo bari terus muru jalma rea, pok ngagero, 15 “Dulur-dulur! Nanaonan aranjeun teh? Kaula duaan teh jalma biasa, teu beda ti aranjeun. Ka dieu soteh seja ngawawarkeun Injil, rek ngelingan ka aranjeun supaya ninggalkeun kalakuan anu gaplah; malar hirup nyanghareup ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi jeung laut katut pangeusina. 16 Baheula-baheula mah, manusa teh, ku Allah diantep nyorang jalanna masing-masing. 17 Tapi papadaning kitu, Anjeunna tetep miasih sarta henteu kendat-kendat mintonkeun sipat murah asih-Na, maparin hujan ti langit, maparin musim bubuahan, maparin dahareun, jeung maparin lian-lianna anu matak pikabungaheun.” 18 Tapi rasul-rasul teh, meh-meh kawalahan; sabab keukeuh bae arek dihaturanan kurban ku maranehna. 19 Sabot kitu, jul-jol, — ka dinya — urang Yahudi ti Antioki jeung Ikonium. Maranehna ngarorojok urang dinya, nepi ka bariluk ka maranehna. Malahan mah, eta urang dinya teh, nepi ka maraledogan Paulus ku batu sarta nyered anjeunna ka palebah luareun kota sabab pada nyarangka geus maot. 20 Tapi waktu keur diriung-riung ku murid-muridna, anjeunna cengkat deui, tuluy indit deui ka jero kota. Poe isukna, anjeunna miang ka Derbe, bareng jeung Barnabas. 21 Di Derbe, Paulus jeung Barnabas ngawawarkeun Injil tur hasil, nya eta loba anu palercaya. Ti dinya, aranjeunna, wangsul deui ka Listra, Ikonium, jeung Antioki. 22 Di tempat-tempat eta, aranjeunna teh negerkeun murid-murid supaya murid-murid sing karuat iman; saur aranjeunna, “Asup ka Karajaan Allah mah kudu nyorang heula rupa-rupa kasangsaraan.” 23 Di tiap-tiap jamaah, aranjeunna ngangkat kokolot-kokolot jamaah, tuluy dipangnedakeun sarta dipuasaan; geus kitu, eta kokolot-kokolot teh dipasrahkeun ka Gusti Sumbering kapercayaanana. 24 Aranjeunna ngider di sakuliah wilayah Pisidia, nepi ka aranjog ka wilayah Pampilia. 25 Di wilayah Pampilia aranjeunna ngawawarkeun Injil oge, nya eta di tempat anu ngaranna Perga sarta di Atalia anu pernahna di basisir. 26 Ti dinya, aranjeunna balayar ka Antioki di tanah Siria; nya di tempat eta pisan aranjeunna ginanjar asihing Allah teh pikeun ngemban tugas nu ayeuna geus rengse dilampahkeun. 27 Di dinya, aranjeunna ngumpulkeun anggota jamaah, tuluy ngadadarkeun padamelan Allah anu diembankeun ka aranjeunna sarta nerangkeun, yen Allah parantos mukakeun lawang pikeun jalan kana iman ka bangsa-bangsa sejen oge. 28 Lila oge, aranjeunna nganjrek di murid-muridna di Antioki teh. 1 Hiji mangsa, jamaah di Antioki kadatangan dulur-dulur ti jamaah Yudea, anu nerangkeun yen jamaah Antioki kudu disarunat nyumponan adat istiadat warisan ti Musa; sabab mun teu kitu, hamo bisa salamet. 2 Tapi pendirian maranehna anu kitu teh, pohara dibantahna ku Paulus jeung Barnabas mah. Ahirna, jamaah ngutus Paulus, Barnabas, jeung sawatara urang deui ka Yerusalem pikeun nyawalakeun sualna. 3 Ku jamaah, eta utusan-utusan teh, dianteur nepi ka wates kota; ti dinya, karebat lumaku, — jalanna — ka tanah Puniki jeung Samaria. Dulur-dulur anu caricing di dinya, barang dibarejaan yen loba bangsa-bangsa anu asalna teu ngenal Allah teh, tarobat sarta meunang nugraha, kabeh marilu atoh. 4 Di Yerusalem, — sanggeus dibageakeun ku jamaah jeung ku rasul-rasul katut parakokolotna — parautusan teh ngadadarkeun beubeunanganana enggoning ngalaksanakeun padamelan Allah. 5 Tapi cek anggota-anggota anu asal ti golongan Parisi mah, anggota-anggota anu lain Yahudi teh wajib disarunat heula pikeun nyumponan hukum Musa. 6 Hal eta, ku rasul-rasul jeung parakokolot tuluy digunemcaturkeun. 7 Sanggeus sual jawab rada lila, ahirna Petrus nyarita, “Dulur-dulur tangtu aremut keneh, yen baheula, simkuring geus dipilih ku Allah jadi biwir panyambung lemek pikeun ngajak bangsa- bangsa anu teu ngenal Allah, supaya percaya kana uaran Injil. 8 Allah anu uninga kana eusi hate tiap-tiap jelema, kersa nampi maranehna sarta maranehna geus dipaparinan Ruh Allah cara urang. 9 Eta teh nandakeun, yen Anjeunna teu ngabeda-beda; jiwa urang jeung maranehna sarua; ku lantaran iman kapercayaan, maranehna oge geus disucikeun ku Anjeunna. 10 Jadi, naha atuh urang make arek ngadoja ka Anjeunna, niat rek ngamomotan papada dulur ku pasangan anu hamo baris katanagaan, boh ku karuhun, boh ku urang-urang. 11 Ari sual pisalameteun mah, kaayaan urang jeung maranehna teh sarua bae. Sabab anu jadi lantaran urang bisa salamet mah, nya eta upama urang percaya kana sih kurnia-Na Isa, Gusti Jungjunan urang.” 12 Jep, jamaah jempe; terus maranehna ngabarandungan katerangan ti Paulus jeung Barnabas anu medarkeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat padamelan Allah di kalangan bangsa-bangsa sejen ku perantaraan aranjeunna. 13 Geus kitu, ngong Yakobus nyarita, “Dulur-dulur! 14 Ku saderek Simon geus diterangkeun yen ti awalna keneh kajurung ku welas asih-Na ka bangsa-bangsa sejen, Allah parantos milih hiji bangsa anu baris ngemban pajenengana-Na. 15 Ieu teh luyu pisan jeung pisaur nabi-nabi dina Kitab anu kieu ungelna: 16 ‘Engke Kami bakal datang deui, seja ngawangun deui pondok Daud nu geus runtuh, sina ngadeg sarta weweg, 17 supaya umat sejenna oge nareangan Pangeran, nya eta sakumna bangsa-bangsa anu acan wawuh ka Allah, anu kaasup milik Kami keneh. 18 Kitu dawuhan Gusti anu padamelana-Na geus kawentar ti awit awalna keneh.’ 19 Ku sabab eta, atuh dulur-dulur urang nu teu sabangsa anu geus tarobat ka Allah teh, cek simkuring mah, ulah diririweuh. 20 Cek timbangan simkuring, hadena mah urang suratan bae. Urang nasehatan yen maranehna kudu pantrang ngadahar kadaharan-kadaharan anu disajenkeun ka berhala-berhala, kana pajinahan, ngadahar daging sato anu paeh bangkar, sarta ngadahar getih. 21 Sabab hukum Musa teh, geus sumebar di tiap-tiap tempat ti baheula keneh; tug, nepi ka kiwari oge, eta hukum teh masih keneh terus dibaraca di tempat-tempat ibadah unggal-unggal poe Sabat.” 22 Geus kitu, rasul-rasul jeung kokolot katut sakumna jamaah mutuskeun ngirim utusan ka Antioki, anu kudu indit bareng jeung Paulus sarta Barnabas. Anu kapilih jadi utusan teh, nya eta Yudas anu katelah Barsabas jeung Silas, duanana, jelema anu kapandang di jamaah. 23 Maranehna mawa surat, unina, “Rasul-rasul, parakokolot, katut anggota-anggota jamaah di dieu, ngaturkeun salam ka dulur-dulur nu teu sabangsa di jamaah Antioki, Siria, sareng Kilikia. 24 Nampi wartos, yen saderek-saderek kenging kabingung lantaran kadongkapan jalmi-jalmi ti pihak simkuring, anu pangajaranana abot katampina ku para saderek. Darongkapna teh, sanes pisan ku pangjurung ti simkuring. 25 Tumali sareng eta, simkuring, ayeuna ngutus jalmi-jalmi ka saderek-saderek, anu disarengan ku saderek Paulus sareng saderek Barnabas anu kaasih, 26 anu parantos nandonkeun nyawa demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 27 Anu diutus ku simkuring teh, nya eta saderek Yudas sareng Silas, anu baris nerangkeun eusi serat langkung paos. 28 Numutkeun putusan ti Ruh Allah, kitu deui ti jamaah; ka para saderek moal bade ditambih ku kawajiban-kawajiban anu abot sapertos kitu, iwal ti ieu pepeling: 29 Saderek-saderek kedah pantrang kana kadaharan-kadaharan anu disuguhkeun ka berhala-berhala, getih, daging sato anu paeh bangkar, sarta kana kalakuan anu kaasup jinah. Kalintang saena upami kersa ngestokeun kana ieu pepeling. Sakitu anu kahaturkeun. Mugia para saderek ginanjar kawilujengan.” 30 Sanggeus kitu, Yudas jeung Silas pamitan pikeun indit ka Antioki. Sadatangna, terus aranjeunna ngumpulkeun jamaah sarta suratna dipasrahkeun. 31 Sanggeus dibaca, jamaah ngarasa bungah sabab eusina pinuh ku ucap panglipur. 32 Saterusna, Yudas jeung Silas anu oge jaradi nabi, nganasehatan ku pituah-pituah anu matak nguatkeun iman. 33 Sanggeus mangkuk rada lila, kakara dijarurung mulang deui ka nu ngarutusna kalawan dibarengan ku pidu'ana sarerea. 34 Tapi ari Silas mah, tetep di dinya, henteu ngiring mulang. 35 Paulus jeung Barnabas masih keneh ngalanjrek di Antioki sarta ngawuruk; nya babarengan jeung urang dinya, ngawawarkeun pangandika Gusti. 36 Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, “Urang ngalongok dulur-dulur di tempat urang bareto nepikeun pangandika Gusti tea; nya hayang terang bae, kumaha kaayaanana teh.” 37 Barnabas ngarempugan asal dibaturan ku Yahya anu katelah Markus tea. 38 Tapi ku Paulus, henteu disaluyuan; sababna, Markus geus kungsi ninggalkeun aranjeunna waktu di Pampilia lantaran teu puruneun digawe babarengan. 39 Tungtungna, aranjeunna jadi cekcok nepi ka jadi paturay. Barnabas balayar ka pulo Siprus mawa Yahya. 40 Ari Paulus mah, milih Silas. Sanggeus ku jamaah dipercayakeun kana pangjaring Gusti, 41 bral, aranjeunna, mariang ka tanah Siria jeung Kilikia pikeun nguatkeun jamaah-jamaah di dinya. 1 Paulus sindang oge ka Derbe jeung Listra. Di dinya, aya hiji murid ngaranna Timoteus. Indungna urang Yahudi, — kaasup ka anu percaya ka Allah — ari bapana mah urang Yunani. 2 Ku dulur-dulur saiman anu araya di Listra jeung Ikonium, Timoteus teh dikenal pisan. 3 Paulus hoyong supaya manehna maturan anjeunna dina perjalanan. Ku Paulus, Timoteus, disina disunat heula cara urang Yahudi di dinya, ma'lum bapana teh urang Yunani. 4 Paulus jeung Silas ngider, asup kota kaluar kota, bari nepikeun putusan-putusan anu geus diputuskeun di Yerusalem ku rasul-rasul jeung kokolot-kokolot, dibarengan ku pangajak muga ditarurut ku jamaah-jamaah. 5 Jamaah-jamaah teh beuki reugreug bae imanna, anggotana oge beuki loba. 6 Ari tanah Prigia jeung Galata mah ku aranjeunna diliwat bae lantaran ku Ruh Allah dicegah ngabarkeun Injil di Asia. 7 Jol, aranjeunna, di tanah Misia, terus nyoba-nyoba asup ka wilayah Bitinia, tapi ku Ruh Isa teu diwidian. 8 Sanggeus liwat Misia, jol bae di Troas. 9 Peutingna, Paulus ningal hiji titingalan; katingalna teh, aya urang Makedoni nangtung, ngageroan ka anjeunna, “Ka dieu meuntas, kuring tulungan!” 10 Lantaran aya titingalan Paulus anu kitu, simkuring sabatur-batur sabisa-bisa seja ariang ka Makedoni. Sabab eta titingalan Paulus teh, ku sarerea dianggap tanda panyaur Allah, yen simkuring kabeh kudu ka ditu nguarkeun Injil. 11 Bral bae, sarerea arindit, nya eta ti Troas balayar ka Samotrake; isukna, ti dinya, anjog ka kota Neapolis. 12 Ti dinya, ngaheulakeun ngadatangan hiji wilayah di Makedoni, nya eta kota Pilipi; kota pangumbaraan urang Rum. Di dinya, sarerea nganjrek heula meunang sawatara poe. 13 Dina poe Sabat, simkuring sabatur-batur kaluar ti lawang saketeng. Bari mapay-mapay walungan, beh, sararea teh ningal hiji tempat ibadah urang Yahudi. Memang, ku sararea ge, geus kataksir yen baris manggih nu kitu. Bari dariuk, simkuring sabatur-batur cacarita jeung sawatara wanita anu keur karumpul di dinya. 14 Salah saurangna mah, nya eta tukang dagang lawon wungu, — jalma ibadah ka Allah, asal ti kota Tiatira — ngaranna Lidia; Hatena ku Allah dibukakeun nepi ka saregep pisan ngabandunganana kana caritaan Paulus. 15 Tungtungna mah, anjeunna sakulawarga menta dibaptis. Sanggeus dibaptis, terus ngangkir ka imahna, pokna, “Upami kagalihna ku bapa-bapa abdi teh leres-leres parantos percaya ka Gusti Jungjunan aranjeun, mugi bapa-bapa kalalersa lalinggih ka rorompok.” Ku sabab dikeukeuhan, simkuring sabatur-batur narurut geusan nedunan pangondangna. 16 Dina hiji waktu, keur simkuring sabatur-batur arindit ka tempat ibadah tea, di jalan paamprok jeung hiji awewe palayan anu kaancikan roh anu bisa nujum. Eta pangabisa teh nguntungkeun pisan ka anu jadi dununganana sabab ngadatangkeun pangasilan anu lain lumayan. 17 Manehna, hantem bae, nutur-nutur Paulus sakancana bari celak-celuk pokna, “Ieu jelema-jelema teh kabeh oge abdina Allah Anu Maha Agung, keur nuduhkeun jalan pijamugaeun!” 18 Kitu bae, petana teh, nya teu eureun-eureun; hal eta, matak ngajengkelkeun Paulus lantaran ngaganggu pisan. Anjeunna malik nyoreang ka eta awewe; terus anjeunna marentah kieu ka eta roh, “Demi pajenengan Isa Al Masih, geura ingkah maneh ti eta awewe!” Sapada harita keneh, si roh teh, ingkah ti eta awewe. 19 Nempo galagat kitu, ku anu maliara eta awewe kaerong yen maranehna baris leungit pangasilanana. Kerewek, Paulus jeung Silas ku maranehna ditewak; tuluy aranjeunna digiring ka pasar pikeun diserenkeun ka pangagung-pangagung kota. 20 Cek maranehna ka nu wajib, “Ieu jelema ngagujrudkeun kota. 21 Urang-urang Yahudi ieu teh, nyebarkeun adat istiadat anu ku urang mah, urang Rum, hamo bisa ditarima atawa dipake!” 22 Jalma rea oge milu nyaralahkeun ka aranjeunna teh. Pakean aranjeunna, ku nu wajib teh sina dibuka paksa, nya eta ku jalan disaroehkeun; geus kitu, jebrod bae, aranjeunna dihukum rangket. 23 Tuluy aranjeunna dijebloskeun ka panjara sarta diparentahkeun kudu dijaga masing tohaga. 24 Blus, Paulus jeung Silas, digebluskeun ka kamar tahanan pangjerona bari sukuna dibelok tohaga pisan. 25 Kira-kira geus tengah peuting, Paulus jeung Silas anggur ngadaru'a jeung parupujian, kadarenge ku sakitan-sakitan lianna. 26 Sabot kitu, riyeg bae, aya lini gede pisan. Gedong panjara teh, nepi ka inggeung, panto-pantona bluk-blak maruka kabeh, sarta rante-rante sakitan alaludar. 27 Kapala panjara ngorejat nyaring, kasampak teh panto-panto kamar tahanan geus marolongo. Serepet bae, manehna mesat gobang rek maehan maneh. Sabab manehna nyangka sakitan-sakitan kabeh geus kalabur. 28 Tapi Paulus ngagorowok, saurna, “Ulah waka luluasan! Araya keneh kabeh oge!” 29 Kapala panjara teh terus menta obor ka bawahanana. Manehna moro ka Paulus jeung Silas; tuluy bluk, nyuuh ka aranjeunna bari ngagibrig sakujur awakna. 30 Sanggeus eta, Paulus jeung Silas diajak kaluar. “Juragan,” cek eta kapala panjara, “kumaha ieu abdi teh malar salamet?” 31 Walonna, “Kudu percaya ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bojo tangtu salamet.” 32 Satuluyna, manehna saimah-imah, ku aranjeunna diwuruk hal dawuhan-dawuhan Allah. 33 Sanggeus manehna meresihan raheut-raheut Paulus jeung Silas; harita keneh, eta kapala panjara, sakulawarga, menta dibaptis. 34 Aranjeunna diangkir ka imahna, terus dituangkeun. Manehna pohara ngarasa bagjana ku sabab sakulawargana geus percaya ka Gusti Allah. 35 Barang bray, beurang, jol utusan-utusan ti pamarentah kota mawa putusan ka kapala panjara kieu, “Sakitan, anu duaan tea, kudu dileupaskeun.” 36 Cek kapala panjara ka Paulus, “Numutkeun kaputusan pamarentah kota, juragan-juragan ayeuna keneh kedah dibebaskeun. Mangga geura arangkat, didungakeun sing warilujeng.” 37 Tapi cek Paulus, “Simkuring duaan geus dihukum rangket kalawan kasaksian ku umum. Padahal simkuring duaan teh, warga nagara Rum; tur henteu dipariksa heula perkarana; malah mah nepi ka ngarandapan dibui pisan. Ayeuna bade dileupaskeun kitu-kitu bae, bari ririkipan. Teu tiasa nampi ari kitu mah. Sakedahna mah, aranjeunna anu kedah ka darieu ku anjeun, ngabebaskeun simkuring sacara resmi.” 38 Kasauran Paulus tea, ku utusan-utusan, dihaturkeun ka pangagung kota. Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas teh warga nagara Rum, maranehna kacida sarieuneunana. 39 Tuluy daratang bari tomada marenta hampura. Paulus jeung Silas ku maranehna dianteur ka luar, terus dijurung laku ti eta kota. 40 Sakaluarna ti panjara, Paulus jeung Silas muru imah Lidia. Sanggeus tepung jeung dulur-dulur anu araya di dinya sarta geus mere paneger hate, aranjeunna arangkat deui. 1 Paulus jeung Silas kebat lumaku deui, — liwat kota Amipolis jeung Apolonia — jol bae, di kota Tesalonika. Di dinya oge, aya tempat ibadah urang Yahudi. 2 Sakumaha kabiasaan, Paulus asup ka eta tempat. Meunang tilu Sabat, anjeunna, noron medarkeun mesek bagian-bagian Kitab Suci ka urang Yahudi. 3 Ditetek dieceskeun ka maranehna, yen Al Masih teh geus kuduna nyorang kasangsaraan sarta geus kuduna gugah deui tina pupusna. Satuluyna, cek anjeunna, “Tah eta Al Masih teh, Isa tea, anu ayeuna diuarkeun ku simkuring ka aranjeun.” 4 Aya sawatara urang anu terus percaya kalawan yakin, tuluy maranehna marilu, ngahiji, ka Paulus jeung Silas. Ti urang Yunani oge, loba pisan anu sarieun ku Allah; kitu deui, ti wanita-wanita anu terkemuka, jumblahna lain saeutik. 5 Orokaya, urang-urang Yahudi anu sejenna, jadi dararengki. Ger, maranehna nyieun huru-hara, nya eta ngaributkeun kaayaan kota; maranehna teh, dibantuan ku jelema-jelema anu teu araruni ti pasar. Tuluy maranehna ngambreg ka imah Yason, nya pikeun nyered Paulus jeung Silas ka pangadilan rayat. 6 Tapi anu dimaksudna teu kasampak; tungtungna mah, anu digusur teh, Yason jeung sababaraha deui dulur-dulur saiman anu kaparengan aya di darinya. Tuluy maranehna diserenkeun ka para pangagung kota. Anu ngarusuhkeun teh tingcorowok, pokna, “Jelema-jelema tukang ngacowkeun sakuliah jagat teh, ayeuna geus jol ka urang, 7 diampihan ku ki Yason! Kalakuanana ngalanggar aturan-aturan prabu kalawan nyebut-nyebut, aya deui raja anu ngaranna Isa.” 8 Barang aya ribut kitu, para gegeden katut rayatna jadi geunjleung. 9 Tapi Yason sabatur-batur teh, dibebaskeun deui bae. Sabab manehna, mere jaminan. 10 Peutingna, Paulus jeung Silas, ku dulur-dulur teh dijurungkeun ka Berea. Di Berea, anu dijugjug ku aranjeunna teh, nya tempat ibadah urang Yahudi oge. 11 Urang Yahudi di dinya mah, leuwih balageur ti batan anu di Tesalonika. Nya lian ti daraek tur ariklas narima pangandika Allah, maranehna oge, terus ngarulik Kitab Suci pikeun dicocogkeun jeung anu geus diterangkeun tea. 12 Teu wudu loba anu terus jeung percayana, malah ti kaom wanita terkemuka jeung kaom bapa ti urang Yunani oge aya. 13 Barang urang Yahudi di Tesalonika nyarahoeun, yen di Berea oge Paulus teh ngawawarkeun pangandika Allah; geuwat bae, jelema-jelema eta teh, maruru ka Berea ngadon ngahasud ka urang dinya, ngageumpeurkeun hatena. 14 Tuluy Paulus, ku dulur-dulur teh, geuwat diiangkeun ka daerah basisir; ari Silas jeung Timoteus mah, angger di Berea keneh. 15 Ku maranehna, Paulus teh dianteur nepi ka kota Atena; geus kitu, anu ngalanteurna, marulang deui bari mawa pesen ti Paulus yen Silas jeung Timoteus kudu buru-buru nyarusul. 16 Sabot di Atena, ngadago-dago Silas jeung Timoteus, Paulus teh pohara ngarasa ngerikna. Lantaran eta kota, pinuh ku arca brahala. 17 Ku sabab eta, urang Yahudi jeung jelema-jelema anu palercaya ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna; kitu deui jeung saha bae anu pareng papanggih di pasar saban poe. 18 Malah anjeunna mah, sual jawabna teh, sok jeung ahli-ahli pikir ti golongan Epikorus jeung Stoa. Aya anu ngomong kieu, “Rek dagang carita naon eta tukang ngobrol teh?” Aya oge anu kieu ngomongna, “Kawasna bae manehna teh mawa agama dewa anyar.” Kituna teh, lantaran anjeunna nepikeun Injil anu medar hal Al Masih katut hal gugahna deui tina pupus-Na. 19 Geus kitu, anjeunna diajak ka sidang anu disebut “Sidang Areopagus.” Kieu cek maranehna, “Meunang simkuring terang, eta agama anyar anu ditepikeun ku anjeun teh agama naon? 20 Kakupingna teh asa araraneh-araraneh pisan, estu matak panasaran, naon pimaksudeunana?” 21 Adat urang Atena, — kitu deui adat bangsa-bangsa asing anu ngaradon ngamukim di dinya — maranehna tara pisan ngamonyah-monyah waktu pikeun urusan ieu atawa urusan itu, iwal keur medarkeun atawa ngabandungan hal anu anyar karasana. 22 Jung, Paulus nangtung di Areopagus, tuluy biantara; saurna, “Para saderek urang Atena, katembong ku simkuring para saderek teh dina sagala hal estu pohara aribadahna ka dewa-dewa. 23 Buktosna, waktu simkuring jalan-jalan di ieu kota, ningal barang-barang pupujan aranjeun; malah bet bae, ningal hiji mezbah tempat sasajen make tulisan anu unina: ‘Kahaturkeun ka Allah anu acan dikenal.’ Tah anu ku simkuring dicarioskeun ka aranjeun teh, eta; nya anu ku aranjeun dipunjung bari teu wawuh tea. 24 Allah teh, nya eta anu parantos ngajadikeun ieu bumi katut sagala eusina. Anjeunna teh Gustining langit jeung bumi, linggih-Na sanes di jero kuil-kuil bubuatan leungeun manusa. 25 Tur Anjeunna ge, henteu butuh ku nu diasong-asongkeun ku leungeun manusa kawas nu aya kakurang. Sabab Anjeunna pisan malah anu maparin hirup, maparin napas, katut naon bae pangabutuh jalma sakumna. 26 Tina asal jalma saurang, Anjeunna parantos ngajadikeun umat manusa saalam dunya. Jaradi bangsa itu sarta bangsa ieu. Anjeunna anu nangtoskeun pamusiman pikeun kaperluan umat manusa teh; kitu deui, Anjeunna oge anu maparin wates tempat padumukanana. 27 Pangersana supaya maranehna teh daraek nyukcruk maluruh salira-Na, malahmandar Anjeunna ku maranehna bisa karagap sarta bisa kapanggih; da saenyana mah, ieuh, Anjeunna teh henteu tebih ti urang masing-masing. 28 Sabab urang hirup, kumelip, sarta kumelendang teh nya di jero aub-aub kakawasaan Anjeunna; eta teh, cocog sareng anu dicarioskeun ku bujangga-bujangga aranjeun. Urang teh, sadayana oge, asal turunan Allah keneh. 29 Ku margi, urang teh asal ti turunan Allah; poma, ulah garaduh pikiran yen sipat kaayaan ilahi teh sami sareng sipat emas, perak, atanapi batu. Sabab eta mah, ukur hasil tina cipta seni sareng kaahlian manusa. 30 Jaman bihari nu tuna harti, ku Allah geus teu diemut-emut deui. Kiwari, Anjeunna ngembarkeun ka umat manusa, yen nu di mana nu di mendi sadaya kedah tarobat. 31 Lantaran Anjeunna teh parantos ngadegkeun hiji poe, anu baris dianggo nerapkeun pangadilan anu saadil-adilna ka ieu dunya tur dijalankeunana ku hiji Hakim anu parantos dipastikeun ti anggalna keneh. Anu baris jadi Hakimna oge, ku Anjeunna parantos dibuktikeun ka umat manusa; nya ku jalan ngagugahkeun deui eta Hakim ti alam anu maraot.” 32 Barang maranehna ngadarenge hal hudangna anu maraot; seug bae, aya anu ngeyehkeun, malah aya anu pok pisan kieu, “Euh, sual anu kitu, saena mah carioskeun engke deui bae.” 33 Geus kitu mah, Paulus, terus bae kaluar tina sidang. 34 Tapi aya oge anu narima jeung palercaya kana pangajaranana. Terus maranehna ngahiji jeung anjeunna, nya eta aya lalaki sababaraha urang. Malah salah saurangna mah, nya eta anggota majelis Areopagus pisan, ngaran Dionisius; lian ti eta, aya deui awewe, saurang, ngaran Damaris jeung sababaraha urang deui anu harita bareng araya di dinya. 1 Ti Atena Paulus terus ka Korinta. 2 Di dinyana, anjeunna tepung jeung urang Yahudi asal ti Pontus, ngaranna Akuila sarta bojona, ngaran Priskila. Duanana anyar datang ti Itali lantaran aya parentah ti Prabu Klaudius: yen urang Yahudi, kabeh, kudu ingkah ti nagara Rum. Paulus nyimpang heula ka imahna. 3 Sihoreng, Akuila teh, sarua pacabakanana jeung anjeunna. Atuh, anjeunna teh, tuluy bae numpang di dinya bari mantuan Akuila; da saruana tukang nyieun tenda. 4 Tapi unggal poe Sabat, Paulus tetep ngawulang di tempat ibadah sarta usaha ngahudangkeun kayakinan urang Yahudi jeung urang Yunani. 5 Sanggeus Silas jeung Timoteus daratang deui ti Makedoni, Paulus jadi laluasa nguarkeunana Pangandika jeung mere panyaksen yen Isa teh, Al Masih tea. 6 Tapi lila-lila mah, anjeunna teh dimarusuhan jeung dicacampah ku maranehna; eta sababna, anjeunna ngirabkeun kekebul tina jubahna bari saurna, “Aranjeun tangtu binasa ku pamolah sorangan! Kuring teu tanggung jawab. Geus, ti seret ieu mah anggursi nepungan bangsa sejen!” 7 Leos, anjeunna kaluar; terus anjeunna ka imah Titus Yustus, jalma anu ibadah ka Allah, anu imahna pagigir-gigir jeung tempat ibadah. 8 Ari Krispus mah, kapala tempat ibadah di dinya, tuluy bae percaya ka Gusti Jungjunan urang teh, katut saeusi imahna. Urang Korinta oge anu harita marilu ngabandungan piwuruk Paulus loba anu tuluy palercaya jeung marenta dibaptis. 9 Dina hiji peuting, Pangeran nimbalan ka Paulus dina hiji titingalan, dawuhana-Na, “Tong sieun-sieun! Nguarkeun Pangandika teruskeun, ulah kandeg! 10 Ku Kami, maneh, baris dibarengan. Saurang oge, moal aya anu wani ngaragap atawa nganiaya ka maneh. Sabab di dieu teh, loba umat Kami.” 11 Ku sabab eta, anjeunna lami calik di dinyana, nya eta nepi ka sataun satengah ngawurukkeun pangandika Allah ka urang dinya. 12 Tapi barang kota Ahaya, digupernuran ku Galio; breng bae, urang Yahudi teh ngaralawan ka Paulus, saterusna anjeunna dijagragkeun ka pangadilan. 13 Cek maranehna, “Jalmi ieu teh, nyimpangkeun rayat tina tata ibadahna ka Allah ku cara-cara anu papalingpang sareng pangajaran anu kaserat dina Toret.” 14 Barang Paulus rek mimiti nyarita, Galio geus pok manten nyarios ka urang Yahudi, saurna, “He rayat, urang Yahudi! Upama dakwaan aranjeun teh sual palanggaran atawa kajahatan, wajar mun ku kaula dianggap. 15 Tapi ari sakadar sual paketrok ucap atawa sakadar pasentrok sual ngaran, atawa sual hukum anu diaranut ku aranjeun, eta mah beberes bae ku sorangan; kaula mah, teu sudi pipilueun nguruskeun anu kararitu.” 16 Tuluy sidang teh dibubarkeun, harita keneh. 17 Geus kitu, maranehna teh ngararamuk ka Sostenes, kapala tempat ibadah; nya terus bae Sostenes teh ditareunggeulan di hareupeun gedong pangadilan. Tapi ku Galio, teu dipalire. 18 Ti kajadian harita, Paulus aya keneh di Korinta, meunang sawatara poe. Geus kitu, anjeunna amitan ka dulur-dulur di dinya, — sanggeus motong heula rambutna di Kengkrea nedunan panadaranana — tuluy kebat deui balayar ka tanah Siria. Priskila jeung Akuila ge, marilu. 19 Barang geus nepi ka Epesus, Priskila jeung Akuila ditinggalkeun di dinya; ari Paulus mah, terus ka tempat ibadah pikeun nyarita ka urang Yahudi. 20 Ku anu di darinya, anjeunna diandeg heula, sangkan nganjangna rada lila. Tapi ku anjeunna, teu diturutkeun. 21 Terus bae anjeunna amitan bari saurna, “Engke oge ka dieu deui, manawi Allah marengkeun.” Tuluy bae anjeunna balayar ti Epesus. 22 Sanggeus nepi di Kesarea, anjeunna turun ka darat pikeun ngalongok heula jamaah; ti dinya, anjeunna kebat deui ka Antioki. 23 Sanggeus sawatara poe, kencling deui bae, ngadongdon sakuliah tanah Prigia jeung Galata pikeun negerkeun murid-murid. 24 Harita, ka Epesus aya anu datang, — hiji urang Yahudi asal Aleksandri — ngaranna Apolos. Ieu jelema teh perceka pinter nyarita tur paham kana ayat-ayat Kitab Suci. 25 Manehna memang geus meunang pangajaran tina hal Jalan Allah. Barabat, anjeunna nyarita, sumanget pisan sarta ngajarkeun sual Isa kalawan apik jeung taliti. Hanjakal, kanyahona teh ngan tepi ka semet mangsa baptisan Yahya wungkul. 26 Geus kitu, manehna nyobaan ngajar di tempat ibadah kalawan pohara ludeungna. Barang halna, kadenge ku Priskila jeung Akuila; ku maranehna disambat ka imahna, diaraku bari jeung diwuruk tina hal Jalan Allah nepi ka sataliti-talitina. 27 Ku sabab Apolos boga kahayang seja meuntas ka kota Ahaya, dulur-dulur di Epesus teh nyuratan ka murid-murid anu di daritu pikeun mihapekeun Apolos muga ditararima. Sanggeus aya di Ahaya, Apolos teh jadi gede pisan gunana keur sakur anu geus palercaya. 28 Manehna mah taya kabosen, teu kendat-kendat ngabantahan urang Yahudi, — kasaksian ku umum oge — bari mere bukti tina Kitab Suci yen Isa teh, Al Masih. 1 Keur Apolos aya di Korinta keneh, Paulus geus aya di kota Epesus, sabada ngider pilemburan-pilemburan nu aya di wilayah Korinta. Di Epesus, nyampak, aya sababaraha murid. 2 Tuluy dipariksa, “Aranjeun basa mimiti percaya geus nararima Ruh Allah?” Jawabna, “Teu acan. Malah nguping yen aya Ruh Allah oge nembe ayeuna.” 3 Dipariksa deui, “Ku baptisan anu mana aranjeun dibaraptis teh?” Jarawabna, “Ku baptisan Yahya.” 4 Saur Paulus deui, “Baptisan Yahya mah pikeun tanda pertobat. Kapan Yahya ngembarkeun yen kudu palercaya ka Anu rek sumping pandeurieun anjeunna, nya eta Isa Al Masih.” 1:26-27* 5 Sanggeus kitu maranehna tuluy marenta dibaptis demi pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang. 6 Sabot keur ditarumpangan leungeun ku Paulus, lungsur bae Ruh Allah ka maranehna; tuluy maranehna barisa nyarita ku basa ajib jeung narubuwat. 7 Jumblah maranehna kurang leuwih dua welas urang. 8 Meunang tilu bulan Paulus ngawuruk di tempat-tempat ibadah di dinya, bari teu aya kasieun. Anjeunna ihtiar geusan ngayakinkeun urang dinya kana Karajaan Allah. 9 Sawatara urang anu teu bisa diongget-ongget, batan beunang diyakinkeun anggur ngagogoreng Jalan Lempeng hareupeun umum. Ku Paulus tuluy ditinggalkeun, tapi anu geus jaradi murid mah ku anjeunna dipisahkeun ti anu karitu. Ngawurukna teh, nya eta di gedong kuliah Tiranus. 10 Kitu bae saterusna, meunang dua taun, nepi ka sakumna urang Asia kaembaran Pangandika Pangeran, boh urang Yahudi, boh urang Yunani. 11 Paulus, ku Allah, dianggo pikeun nganyatakeun mujijat-mujijat-Na anu luar biasa. 12 Ukur saputangan atawa lawon sejenna urut Paulus, ana diusapkeun ka nu garering terus bae calalageur, roh-roh jahat oge araringkah. 13 Aya sawatara dukun urang Yahudi, ngalider di eta nagara, nyoba jampena ka anu kaancikan roh jahat ku ngucapkeun jenengan Isa, Gusti Jungjunan urang. Pokpokanana, “Maneh ku kami ditumbalan ku pajenengan Isa Al Masih anu diuarkeun ku Paulus!” 14 Eta dukun-dukun teh, aya tujuhan; kabehanana anak hiji imam kapala urang Yahudi nu ngaran Skewa. 15 Tapi roh jahat teh anggur nambalang kieu, “Aing ka Isa wawuh, ka Paulus wawuh. Tapi ari silaing saha tea?” 16 Tuluy jelema anu ditambaan teh narajang, kabeh digaley ku manehna nepi ka lalumpatan bari barulucun, jaba awakna raruksak. 17 Eta beja, — terus nerekab ka sa-Epesus — nimbulkeun kasieun ka sararea, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani sarta pajenengan Isa teh beuki mashur bae. 18 Nu geus palercaya oge rea anu daratang, ngararaku ka balarea yen maranehna oge sok karitu. 19 Jelema-jelema anu tadina tukang metangan, loba anu ngaduruk buku-buku paririmbonna hareupeun umum. Pipangajieunana eta buku-buku teh, kira-kira lima puluh rebu duit perak. 20 Jadi, pangandika Allah teh gancang pisan sumebarna jeung gede pangaruhna. 21 Sabada kajadian eta, Paulus niat muru ka Yerusalem make jalan ka Makedoni jeung Ahaya. Saurna, “Tas ti dinya, nagara Rum oge rek diteang.” 22 Geus kitu, anjeunna ngajurungkeun Timoteus jeung Erastus sina ti hareula ka Makedoni. Sabab anjeunna mah, rek rada lila di Asia teh. 23 Dina mangsa harita keneh, ger, aya huru-hara gede tina sual Jalan Lempeng. 24 Nu jadi luluguna, nya eta hiji tukang kamasan ngaran Demetrius purah nyieun kukuilan tina perak pikeun dewi Artemis; hiji pagawean anu kacida nguntungkeunana ka tukang-tukangna. 25 Tukang-tukang teh ku manehna dikumpulkeun jeung pagawe-pagawe sejenna. Tuluy manehna nyarita kieu, “Batur-batur, ku sarerea ge karasa, yen ieu pacarian teh nguntungkeunana ka urang lain lumayan. 26 Tapi jelema anu ngaran Paulus tea, — aranjeun oge geus moal barireuk deui — geus nyasabkeun jelema-jelema tur lain di urang bae, malah meh di sa-Asia. Anjeunna uar-uar, yen bubuatan leungeun jelema mah lain dewa. 27 Talajakna anu kitu teh, jaba ti maehan pausahaan urang, kuil Dewi Artemis nu Agung oge jadi matak cambal dangiangna. Sang dewi ku anjeun, pupujaan manusa sa-Asia malah pupujan sadunya, moal diagung-agung deui.” 28 Barang ngadarenge kitu, pohara arambekeunana; ger bae, tingcorowok, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!” 29 Tuluyna mah, atuh timbul huru-hara di sakuliah kota teh. Sabab jelema-jelema eta, terus ngambreg nyerbu ka gedong kasenian bari ngagusur Gayus jeung Aristarkus, urang Makedoni batur nyaba Paulus. 30 Tadina mah, ku Paulus teh rek disampeurkeun; tapi ku murid-murid, anjeunna diharalangan. 31 Malah aya sababaraha gegeden asal Asia anu nyobat ka Paulus marepelingan ka anjeunna, supaya ulah nyampeurkeun ka ditu. 32 Sajeroning kitu, jelema-jelema di gedong kasenian tingcorowok rupa-rupa. Cek ieu kieu, cek itu kitu, nya raribut teu puguh; da lolobana mah, teu nyaraho pikeun naon maranehna kumpul teh. 33 Geus kitu, aya jelema anu disurung-surung ku urang Yahudi, ngaranna Aleksander. Manehna teh, disina nyanghareupan anu keur raribut. Sanggeus manehna meunang raratan pasualanana, tuluy ngisarahan ku leungeun menta nyarita. 34 Tapi barang nyarahoeun yen manehna urang Yahudi, ger bae jelema-jelema teh tinggorowok deui, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!” Teu eureun-eureun nepi ka aya dua jamna. 35 Ahirna beunang direpehkeun oge, nya eta ku Sekretaris Pamarentah Kota. “He, rayat Epesus,” cek Sekretaris Kota, “saha anu teu nyaho yen kota Epesus teh purah ngurus hade-hade kuil dewi Artemis, dewi anu maha agung; kitu deui, ngamumule arca anjeunna anu lumungsur ti langit? 36 Hal eta teh, hamo aya anu bisa ngabantah. Ku sabab eta, coba masing salabar, ulah ngalajur napsu ngumbar amarah. 37 Eta dua jelema ku aranjeun digusur ka dieu. Padahal, maranehna teh teu aya kasalahanana; nya teu ngarampog kuil sang dewi, nya teu ngagogoreng jenenganana oge. 38 Upama Demetrius sabatur-batur aya urusan ka salah sahiji jelema, kapan salian aya pangadilan, oge aya gupernur. Ka dinya kuduna ngasongkeun urusan teh, boh pihak ieu, boh pihak itu. 39 Kitu deui, upama aya kahayang sejenna, eta oge dibereskeunana teh kudu dina sidang rayat anu resmi. 40 Ieu urang kikieuan dina poe ieu teh, bisa dicap nyieun huru-hara. Lantaran moal bisa mere alesan, pikeun urang bisa dibenerkeun kana ieu gempungan anu sakieu matak ngariweuhkeunana.” Geus kitu, eta jelema-jelema teh, dititah bubar. 1 Sasirepna huru-hara, Paulus ngumpulkeun murid-murid, dililipur sina taleger. Sanggeus amitan, bral, anjeunna miang ka Makedoni. 2 Di Makedoni, anjeunna oge ngalilipur dulur-dudulur sarta neguhkeun imanna. Sanggeus daerah Makedoni katatab, bral, anjeunna miang deui ka nagri Yunani. 3 Sanggeus tilu bulan di dinya, aya maksud balayar ka tanah Sam. Tapi ku sabab diancam rek diarah pati ku urang Yahudi di dinya, anjeunna mutuskeun yen pimulangeun teh rek make jalan Makedoni bae. 4 Anjeunna dibaturan ku sababaraha urang, nya eta Sopater anak Pirus, urang Berea; Aristarkus jeung Sekundus, urang Tesalonika; Gayus urang Derbe, jeung Timoteus; Tihikus jeung Tropimus, urang Asia. 5 Maranehna, ku anjeunna disina ti hareula, megat di nagri Troas. 6 Simkuring jeung Paulus mah arindit teh ti Pilipi, nya kana kapal; inditna teh, sabada hari raya Roti Teu Make Ragi. Poe kaopatna geus tepung deui jeung maranehna di Troas. Sarerea nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. 7 Dina poe Ahad, waktu sarerea ngariung rek dalahar, Paulus ngawuruk heula ka duduluran dumeh isukna baris paturay. Ngawurukna ngagelendut nepi ka tengah peuting. 8 Kumpulna teh di loteng nu raang ku lampu. 9 Aya budak ngora ngaranna Etikus, diukna dina jandela; lenggut bae, manehna teh nundutan ku sabab lilana Paulus ngawuruk. Antukna, kalepasan, hees tibra pisan; tuluy gebut bae, ragrag; mangkaning tina loteng katilu. Ari diboro teh, bet, geus teu nyawaan. 10 Paulus turun, terus ngagoleahkeun anjeun kana awak budak ngora tea bari dirangkul. Cek anjeunna, “Ulah galeumpeur, aya keneh nyawaan.” 11 Geus kitu mah, anjeunna unggah deui ka loteng, ngabagi-bagikeun roti, tuluy sarerea dalahar. Anggeus dahar diteruskeun deui ngawurukna teh, nepi ka wanci carangcang tihang, kakara anjeunna amitan. 12 Budak ngora tea hirup deui, tuluy dialanteurkeun dipirig ku kabungah. 13 Simkuring jeung batur-batur ku Paulus dititah balayar ti heula ka Asos. Saurna, anjeunna kudu dipegat di dinya; da anjeunna mah, rek mapay jalan darat. 14 Sanggeus tepung di Asos, sarerea unggah kana kapal pikeun balayar ka Mitilena. 15 Ti dinya, sarerea balayar deui: Isukna, geus paeunteung-eunteung jeung pulo Kios; pagetona, nyimpang ka pulo Samos; isukna deui, nepi ka nagri Mileta. 16 Ku Paulus geus diputus teu kudu nyimpang ka Epesus, bisi waktu beak di Asia. Sabab anjeunna, keur rurusuhan; Nya sabisa-bisa mah, anjeunna, hayang geus aya di Yerusalem teh dina hari raya Paska. 17 Ti Mileta nitahan jurungan ka Epesus, manggil kokolot jamaah. 18 Cek Paulus ka kokolot-kokolot, — sanggeusna daratang — “Pagawean simkuring, sapanjang jeung aranjeun, ti barang nincak Asia, ku aranjeun geus kasaksi. 19 Tangtu kataringali, simkuring bakti ka Gusti teh bari eling kana kalaipan diri, sering ragragan cipanon, sarta teu arang manggih cocoba diarah-arah ku urang Yahudi. 20 Tangtu karasa ku aranjeun, yen simkuring tara towong nyaturkeun sakur nu baris mangpa'at keur aranjeun. Tara towong mere nasehat, boh di tempat umum, boh di rumah-rumah tangga aranjeun. 21 Teu kendat-kendat ngelingan, nya ka urang Yahudi, nya ka urang Yunani, malar tarobat ka Allah jeung ariman ka Isa, Gusti Jungjunan urang. 22 Ayeuna, simkuring teh ku Ruh Allah dipundut kudu ka Yerusalem; bari jeung teu terang, nasib nu kumaha nu baris kasorang ku simkuring. 23 Iwal ti anu digambarkeun ku Anjeunna, ka simkuring, yen di unggal tempat anu didatangan, simkuring teh keur didago ku panjara sarta didodoho ku sangsara. 24 Najan kitu, simkuring moal rek lebar ku nyawa, dapon anu jadi tujuan kahontal, nya eta ngarengsekeun papancen ti Isa, Gusti Jungjunan urang, ngawawarkeun hal kurnia piwelas Allah. 25 Simkuring geus boga pirasat yen moal patembong beungeut deui jeung aranjeun, nu beunang simkuring neang jeung ngawurukan hal Karajaan Allah. 26 Tumali jeung eta, poe ieu seja nganyatakeun, yen simkuring henteu hutang nyawa ka sakur anu baris barinasa. 27 Sabab sakabeh pangersa Allah, ku simkuring geus diwawarkeun ka aranjeun taya towongna. 28 Kawajiban aranjeun ayeuna, nya eta kudu jaga diri sarta ngajaga pakumpulan. Sabab aranjeun, ku Ruh Allah geus diangkat kana ngaraksa-ngariksa eta jamaah kagungan Allah, kenging-Na nebus ku getih-Na ku anjeun. 29 Ku simkuring parantos kasawang, di mana aranjeun geus ditinggalkeun baris kadatangan kerud-kerud, nya garalak, nya ngagalaksak ka jamaah. 30 Turug-turug, ti kalangan aranjeun keneh oge, baris aya nu nyebarkeun piwuruk palsu pikeun narik murid-murid sina bariluk ka pihakna. 31 Ku sabab eta, aranjeun sing areling. Poma sing aringet, yen simkuring teh tepi ka tilu taun nya mamatahan ka aranjeun taya towongna beurang peuting, dibarung ku hujan cipanon. 32 Ayeuna aranjeun dipasrahkeun ka Pangeran jeung kana pangandika ciciren welas asih-Na, nu kawasa ngawangun aranjeun jeung maparin ganjaran, anu disadiakeun keur sakur anu geus disucikeun ku Anjeunna. 33 Simkuring, ka saha bae oge, tara menta pupulur, naha emas, naha perak, atawa papakean. 34 Ku aranjeun oge katembong, sagala kaperluan simkuring sabatur-batur enggoning ngalalana, kabeh oge beunang itikurih leungeun sorangan. 35 Dina sagala hal, simkuring teh mere conto, yen urang teh kudu banting tulang supaya bisa tutulung, nya nalang ka anu susah tea. Aranjeun sing aringet kana kasauran Isa, Gusti Jungjunan urang, anu kieu: ‘Bagja keneh mere batan dibere.’ ” 36 Tamat mere amanat; brek, Paulus tapak deku ngadu'a ka Gusti Allah jeung maranehna. 37 Awahing ku naralangsa maranehna, nepi ka tingsalegruk; terus pada ngararangkul ka anjeunna bari nyariuman. 38 Pangpangna mah, kagagas ku kekecapanana anu nyebutkeun moal patembong beungeut deui. Sanggeus cacap sarosonoan, Paulus dijajapkeun nepi kana kapal. 1 Sanggeus silih pileuleuyankeun, bral, simkuring sabatur-batur balayar ngajugjug pulo Kos. Isukna, jol, di pulo Rodos; tuluy diteruskeun deui ka nagri Patara. 2 Di dinya, simkuring sabatur-batur pindah kana kapal anu rek ka Punikia. 3 Pulo Siprus anu tembong ngalamuk di beulah kenca teh, diliwat; kebat bae ka tanah Sam; tuluy barang geus tepi ka Palabuhan Tirus kapal balabuh sabab muatan kapal kudu dibongkar di dinya. 4 Simkuring sabatur-batur turun tina kapal, terus neang imah murid-murid anu aya di dinya; simkuring sabatur-batur teh nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. Di dinya, murid-murid meunang harewos ti Ruh, seug malihatur ka Paulus, nyarek ulah terus ka Yerusalem. 5 Tapi dina waktuna indit mah, simkuring sabatur-batur oge arindit pikeun neruskeun perjalanan; simkuring sabatur-batur teh, dialanteur ku murid-murid, saanak bojona, nepi ka basisir. Tuluy, brek bae, simkuring sabatur-batur jeung murid-murid tapak deku bari ngadu'a ka Allah, terus uluk salam. 6 Sanggeus kabeh arunggah kana kapal, nu ngalanteurkeun marulang deui ka kota. 7 Ti Tirus, simkuring sabatur-batur balayar ka nagri Petolomais, tuluy nganjrek heula di murid-murid nu araya di dinya, sapoe. 8 Isukna, simkuring sabatur-batur teh, neruskeun lalampahan nepi ka nagri Kesarea; di dinya, simkuring sabatur-batur manggihan nu ngaran Pilipus, juru Injil; anjeunna teh, salah saurang ti antara tujuh juru laden anu di Yerusalem tea; tuluy simkuring sabatur- batur teh, nganjrek di dinya. 9 Ari Pilipus teh boga opat anak parawan; opatanana geus kersaning Allah barisa narubuwat. 10 Sanggeus meunang sawatara poe, aya nabi ti Yudea ngaranna Agabus. 11 Barang tepung jeung simkuring sabatur-batur, kek bae, anjeunna kana beubeur Paulus, terus dibuka dipake nalian panangan jeung sampeanana ku anjeun. Pok nyarios, “Kieu saur Ruh Allah: Anu boga ieu beubeur bakal dibarogod kieu, — kawas kaula ayeuna — ku urang Yahudi di Yerusalem sarta bakal diserenkeun ka bangsa sejen.” 12 Ku sabab hal eta, simkuring sabatur-batur sarta dulur-dulur di dinya pada muntangan Paulus, supaya ulah tulus ka Yerusalemna. 13 Tapi Paulus keukeuh bari saurna, “Naha make dicaleungceurikan, nyiar-nyiar pinalangsaeun simkuring? Ulah boro ngan semet dibarogod wungkul; simkuring mah, dalah nepi ka nemahan pati di Yerusalem ge, — ari tina lantaran anut ka Isa, Gusti Jungjunan urang — sumeja pasrah sumerah.” 14 Ku sabab anjeunna teu beunang dihulang; ahirna mah, anjeunna ku sarerea diridokeun, aromongna, “Atuh ayeuna mah ngan kantun sumerah kana pangersa Gusti urang bae.” 15 Di Kesareana, simkuring sabatur-batur, meunang sababaraha poe, terus maraju deui muru ka Yerusalem. 16 Aya oge murid-murid anu marilu, malah nyimpangkeun simkuring sabatur-batur ka imah hiji murid nu ngaran Menason, — urang Siprus anu geus heubeul jadi murid — maksudna rek dibawa nganjrek di dinya. 17 Sadatangna ka Yerusalem, kabeh duduluran pohara ngabageakeunana. 18 Isukna, Paulus sakanca-kanca ka imah Yakobus, nepungan kokolot-kokolot anu geus kumpul di dinya. 19 Sanggeus uluk salam, Paulus muka carita. Anjeunna ngadadarkeun sakabeh padamelan Allah anu diembankeun ka anjeunna di kalangan bangsa-bangsa sejen, ti awal nepi ka ahir. 20 Parakokolot maruji ngagungkeun ka Allah, bari terus nyarita kieu, “Saderek Paulus! Tangtos saderek tingali, parantos mangrebu-rebu urang Yahudi anu ngariring percaya tur sadayana saregep kana Toret. 21 Tapi maranehna ngaruping wartos, majar teh saderek ngajarkeun anu nyimpang tina hukum Toret ka urang Yahudi anu marukim di nagara deungeun, yen barudakna teu perlu disunat, teu perlu ngukuhan adat urang. 22 Ayeuna kumaha, margi tangtos maranehna ngaruping saderek sumping ka dieu. 23 Kumaha upami kieu: Kaleresan di dieu aya opatan anu garaduh panadaran. 24 Saderek ngiring susuci bareng sareng maranehna; paparin bae waragad keur ongkos cukur maranehna. Ku jalan kieu, engke kaciri ku sadaya yen anu kawartoskeun ka maranehna teh henteu leres, margina katingal saderek oge nedunan hukum Toret. 25 Bangsa-bangsa sanes anu parantos ngariring ariman mah parantos diseratan ti dieu, yen kedah mantrang kadaharan sasajen keur brahala, mantrang ngadahar getih kitu deui kana lakuning sahwat anu ingkar tina susila.” 26 Isukna, Paulus susuci bareng jeung anu opatan tea, nurutkeun sakumaha nasehat. Anggeus susuci, terus Paulus sabatur-batur ka Bait Allah, nya eta pikeun mopoyankeun waktu pitamateunana susuci sarta waktuna nyaranggakeun kurban nyumponan panadaran. 27 Barang geus rek tujuh poe, urang Yahudi anu ti Asia narenjoeun, yen Paulus aya di Bait Allah. Paulus ditewak ku maranehna bari tingharaok ngahucuhkeun jalma rea, 28 aromongna, “He, urang Israil, barantuan! Ieu yeuh jelema tukang ngosol-ngosol batur di mana-mana teh, supaya ngamusuhan bangsa urang, sina arijid kana Toret jeung ka nagara urang! Tenjo, ayeuna oge manehna ngasupkeun urang Yunani ka Bait Allah pikeun ngananajis tempat suci!” 29 Cararekna kitu teh, pedah keur aya di kota keneh, katarenjoeun ku maranehna, yen Paulus teh bareng jeung Tropimus urang Epesus tea; panyangkana, Paulus mawa asup Tropimus ka Bait Allah. 30 Gancangna terus geunjleung sadadayeuh, jalma-jalma terus napuk ngoroyok ka Paulus. Paulus digusur ti jero Bait Allah, panto-pantona, kabeh, geuwat bae ditutup-tutupkeun. 31 Paulus rek tuluy dipaehan. Tapi aweuhan geunjleung sa- Yerusalem teh geus aya nu ngalaporkeun ka komandan pasukan. 32 Teu tempo deui, anjeunna mepek balad saperwira-perwirana, terus diangsitkeun muru tempat kaributan. Barang komandan anu mawa pasukan teh, jebul, didinya; kakara anu nareunggeulan Paulus teh areureun. 33 Paulus ku komandan disampeurkeun terus ditangkep, sina dibarogod ku rante dua beulitan. Komandan papariksa saha anjeunna jeung naon dosana. 34 Jelema-jelema narembalanana tinggorowok, cek ieu kieu, cek itu kitu. Ku sabab teu meunang katerangan anu bener, — lantaran tinggorowok teu puguh dengekeunana — Paulus disina dibawa ka markas. 35 Nepi kana tangga markas, Paulus kapaksa kudu dipunggu ku serdadu-serdadu. 36 Sabab kagencet ku jalma rea anu terus naluturkeun bari tingharaok, “Paehan mangkeluk kitu mah!” 37 Barang rek diasupkeun ka jero markas, Paulus mihatur ka komandan, “Kenging simkuring mihatur?” Jawab komandan, “Kutan bisa basa Yunani? 38 Lain maneh teh urang Mesir tea, anu bareto nyieun huru-hara jeung mawa kabur pemberontak bersenjata ka leuweung kikisik?” 39 Waler Paulus, “Simkuring urang Yahudi, asal ti Tarsus kota anu kaceluk di tanah Kilikia. Simkuring neda idin nyarita ka eta jalmi-jalmi.” 40 Kieu kasauranana, 1 “Dulur-dulur sareng bapa-bapa: Simkuring amit seja ngahaturkeun katerangan.” 2 Ngadarenge anjeunna ngagunakeun basa Ibrani, jelema- jelema beuki jempe. 3 Paulus neruskeun, “Simkuring teh bangsa Ibrani, lahir di Tarsus bawahan Kilikia, nanging digedekeun di dieu. Kenging didikan dina panalingaan ahli hukum jenengan Gamaliel, dididik enya-enya ngulik-ngulik palaturan Toret karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu suhud ngalakonan parentah Allah, cara aranjeun ayeuna. 4 Simkuring, bareto mah tukang nganiaya panganut-panganut agama anu ayeuna dianut ku simkuring, nepi ka maranehna naremahan pati. Nu ditangkepan ku simkuring mangpirang-pirang, awewe lalaki, dijeblos-jebloskeun ka pangbuian. 5 Kalakuan simkuring anu kitu teh, kasaksian pisan ku Panghulu Agung; kitu deui, ku sarengrengan sesepuh. Sakali mangsa, simkuring dibahanan surat kawasa ku aranjeunna keur ka dulur-dulur sabangsa anu maratuh di Damsik. Iang teh ngandung niat seja newakan panganut-panganut eta agama, nya eta pikeun digiring ka Yerusalem sina diharukum. 6 Sabot di jalan keneh, teu pati jauh deui ti Damsik; kira-kira wanci tengah poe, dumadakan simkuring kasorot ku hiji cahaya ti langit. 7 Bluk bae, simkuring tibeubeut kana taneuh; teras aya soara anu ditujulkeun ka simkuring, pokna: ‘Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?’ 8 Simkuring ngawalon: Saha anjeun teh, Jungjunan? Ari waler-Na: ‘Kami teh Isa, urang Nasaret, nya anu keur dikaniaya ku maneh!’ 9 Babaturan anu marengan simkuring ge, sami naringal kana eta cahaya teh; ngan gentra tea mah, teu kadarengeeun. 10 Sanggem simkuring: Nun Junjungan, kedah kumaha abdi teh? Waler-Na: ‘Geura cengkat, teruskeun ka Damsik. Engke, di ditu, ku Kami dibejaan naon pilampaheun.’ 11 Asup ka Damsik teh, dugi ka ditungtun-tungtun. Sabab urut kasorot cahaya teh, jadi teu tiasa ningal naon-naon. 12 Di eta kota, aya hiji jalmi wastana Ananias. Anjeunna teh, jalmi ibadah anu tuhu kana hukum Toret sareng hade kasebutkeunana ku urang Yahudi anu maratuh di dinya. 13 Anjeunna ngalayad ka simkuring, saurna: ‘Paulus, saderek sing bisa ningali deui.’ Sapada harita keneh, simkuring bisa deui ningal, teras mencrong ka anjeunna. 14 Saurna deui: ‘Saderek teh, ku Allah nu disembah ku karuhun urang, parantos dipilih malar ngartos kana pangersa-Na, supados weruh ka Nu Langkung Bener tea, sareng nguping gentra-Na tina lambey-Na ku anjeun. 15 Margi, saderek teh, bakal dijieun saksi pikeun sagala perkara anu engke ku anjeun baris katingal sareng kakuping ti Mantenna. 16 Ayeuna bade ngantos naon deui? Mangga urang baptis bari nyambat pajenengana-Na, supados dosa-dosa anjeun disucikeun.’ 17 Saterasna, waktu simkuring aya di Yerusalem, nya eta di Bait Allah; leng bae, simkuring kaancikan ku kawasa ilahi. 18 Sajeroning kitu, breh bae, simkuring ningal Mantenna, ngadawuh kieu: ‘Buru-buru, ayeuna keneh, tinggalkeun Yerusalem. Sabab urang dieu, arembungeun ngadarenge katerangan maneh tina hal Kami.’ 19 Simkuring ngawangsul: Nun Gusti Jungjunan simabdi, maranehna tangtos tarerangeun, yen abdi teh, asalna tukang nganiaya sareng ngagusuran jalmi-jalmi anu aranut ka Anjeun ti tempat-tempat ibadah pikeun dijeblos-jebloskeun ka panjara. 20 Kitu deui nalika pun Stepanus, sahid Gusti tea mandi getih, abdi oge ngiring nyakseni sarta nyatujuan bari mangnungguankeun papakean jalmi-jalmi anu maraehanana. 21 Dawuhana-Na deui: ‘Indit bae, sabab maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh, ka bangsa deungeun.’ ” 22 Barang Paulus nyaritana nepi ka lebah dinya, — jelema-jelema anu tadina jempling teh — ger bae, tinggorowok, “Singkirkeun eta jelema teh ti alam dunya, hirup ge cumah bae!” 23 Tinggorowokna teu eureun-eureun bari ngalung-ngalungkeun jubahna masing-masing jeung ngawur-ngawurkeun taneuh ngebul. 24 Ku sabab eta, Paulus ku komandan diparentahkeun dibawa ka markas, arek dirangket supaya daek nerangkeun naon dosana pangna nepi ka sakitu dikakalakeunana. 25 Barang geus dipentang, rek dirangket, Paulus sasauran ka hiji perwira di gigireunana, “Na wenang anjeun ngarangket warga nagara Rum tur perkarana acan dipariksa?” 26 Si perwira terus laporan ka komandanna, pokna, “Bapa, eta jelema teh geuning warga nagara Rum. Ayeuna bade dikumahakeun?” 27 Ti dinya komandan nyampeurkeun, mariksa ka Paulus, “Na enya maneh warga nagara Rum?” Walon Paulus, “Yaktos.” 28 Saur komandan, “Kami mah jadi warga nagara Rum teh beunang meuli mahal kacida.” Walon Paulus, “Simkuring mah memang turunan.” 29 Nu rek ngarangket terus undur, teu tulus ngarangketna. Barang nyaho, yen Paulus teh warga nagara Rum; eta komandan teh, malik risi. 30 Tapi anjeunna, ngarasa wajib nalungtik; naon saenyana dosa Paulus ka urang-urang Yahudi teh. Ku sabab eta, isukna Paulus dikaluarkeun tina tahanan, barogodna dilesotkeun. Geus kitu, komandan nyaur imam-imam kapala katut rengrengan Mahkamah Agama; tuluy Paulus dijagragkeun sina dipariksa. 1 Bari neuteup ka rengrengan Majelis, Paulus mihatur, “Para saderek! Dugi ka wanci ieu, simkuring lumampah di payuneun Allah kalawan budi rasa anu saiklas-iklasna.” 2 Kakara sakitu sasauranana, ku Panghulu Agung Ananias, anjeunna dititah dicabok ku anu deukeut ka anjeunna. 3 Tapi ku Paulus dibales kieu, “Eh jalma pupulasan, anu lir tembok bodas balas dikapur, anjeun engke bakal keuna ku panyabok Allah. Anjeun, di dieu teh, keur ngahakiman anu saluyu jeung hukum Toret. Naha marentah nyabok, apan eta teh mengpar tina hukum” 4 Geus kitu, anjeunna aya anu nyentak, “Maneh wani kumalancang ka Panghulu Agung Pangeran?” 5 Walon Paulus, “Panginten simkuring teh, sanes Panghulu Agung. Leres, cek Kitab oge: ‘Maneh ulah ngagorengkeun anu jadi pamingpin bangsa.’ ” 6 Saterusna, dumeh Paulus terangeun yen eta majelis teh diwangun ku golongan Parisi jeung Saduki, anjeunna mihatur kieu, “Saderek-saderek, simkuring teh urang Parisi, turunan Parisi. Dugi ka ngalaman sarupi kieu teh lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot.” 7 Balukar tina ucapanana, ger bae, di dinya jadi cekcok antara golongan Parisi jeung golongan Saduki, nya pabentar paham. 8 Sababna, cek kayakinan urang Saduki mah kiamat, malaikat, atawa roh teh euweuh; sabalikna, urang Parisi mah percaya yen aya. 9 Tuluyna mah, eta dua pihak jadi patorong-torong. Neut, sawatara ahli Kitab ti golongan Parisi narangtung terus padu, pokna, “Eta jelema cek kaula euweuh kasalahanana! Kawasna bae, aya roh atawa malaikat anu sasauran ka manehna.” 10 Ku sabab pasentrokan beuki harengheng, komandan inggiseun, bisi Paulus dipagorenyangkeun; tuluy anjeunna marentah pasukan kudu turun ngabedol Paulus ti tengah sidang, sina diasupkeun ka markas. 11 Barang geus peuting, Gusti Jungjunan urang nembongan ka Paulus, ngadeg sagigireunana sarta ngadawuh, “Sing gede hate. Sabab sakumaha maneh geus sakitu wanina jadi saksi Kami di Yerusalem; engke, di nagara Rum oge, kudu kitu.” 12 Poe isukna, urang-urang Yahudi teh nyieun komplotan; seug maranehna sarumpah yen moal nyatu moal nginum samemeh bisa maehan Paulus. 13 Eta komplotan teh, lobana, opat puluh urang leuwih. 14 Maranehna daratang ka Panghulu Agung, ngaromong kieu, “Abdi sadaya parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus. 15 Mugi bapa sareng Mahkamah Agama usul ka komandan, supados si Paulus dibantun deui ka dieu, pura-pura bade dipariksa deui langkung paos. Abdi-abdi sanggup maehan manehna samemeh dongkap ka dieu.” 16 Sukur eta akal jahat teh katohyan ku alona Paulus, anak dulurna awewe. Tuluy manehna indit ka markas, menta nepungan Paulus sarta popoyan. 17 Geus kitu, Paulus nyauran hiji opsir; saurna, “Pangdeuheuskeun ieu budak ngora ka komandan, bade aya pisanggemeun.” 18 Tuluy ku eta opsir, manehna dibawa ka komandan sarta pokna, “Sakitan Paulus ngageroan ka abdi, nyuhunkeun dipangdeuheuskeun ieu pamuda, aya anu bade diunjukkeun.” 19 Ceg, komandan nyekel kana leungeun si pamuda tea, terus dibawa nyingkur sarta dipariksa, “Aya beja naon?” 20 Jawabna, “Juragan, urang Yahudi teh parantos baradami. Enjing, Paulus teh bade disuhunkeun supados juragan nyandak deui anjeunna ka pangadilan, pura-purana mah bade diparios deui anu langkung paos. 21 Tapi eta teh, ulah dipercanten; margi sayaktosna mah, anjeunna teh bade dipegat ku opat puluh jalmi langkung. Maranehna parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus. Ayeuna, maranehna parantos taki-taki kantun ngantos putusan ti juragan.” 22 Si pamuda teh ku komandan dijurung balik bari diomat-omatan, “Kahade, ulah kanyahoan yen maneh bebeja ka kami.” 23 Geus kitu, komandan manggil perwirana duaan sarta parentahna, “Siapkeun perjurit dua ratus urang, pasukan kuda tujuh puluh urang, pasukan tumbak dua ratus urang; inditkeun engke peuting pukul salapan ka Kesarea. 24 Anteurkeun Paulus ka gupernur Peliks, sadiakeun kalde tumpakaneunana. Jaga sing kuat, ulah nepi ka cilaka.” 25 Ti dinya komandan nyieun surat: 26 “Konjuk hing pangersa anu mulya, gupernur Peliks. Ieu serat ti simkuring, Klaudius Lisias; ngahaturkeun wilujeng. 27 Ieu jalmi ditangkep ku urang Yahudi bade dipaehan, nanging kabujeng dicegah ku simkuring sareng pasukan. Salajengna, manehna, ku simkuring dibebaskeun; margi manehna ngakukeun warga nagara Rum. 28 Nanging supados katalungtik perkawis dakwaanana, ku simkuring dijagragkeun ka Mahkamah Agama maranehna. 29 Anu kapendak ku simkuring, dakwaan ka manehna teh ngeunaan sual-sual hukum Toret maranehna. Dosana nu manjing hukum pati atanapi bui mah, teu aya. 30 Teras aya jalmi ngawartosan, yen aya komplotan anu masang baya bade maehan ka manehna. Ku margi kitu, ku simkuring diparentahkeun dibantun ka kersa gupernur. Ka pihak anu ngadakwa, parantos diwartosan yen ieu perkawis kedah diasongkeun ka kersa salira.” 31 Saluyu jeung parentah, peutingna, Paulus dicokot ku pasukan pangawal dibawa ka nagara Antipatris. 32 Isukna, sabagian pasukan baralik deui ka markas. Sedengkeun anu ngawal Paulus saterusna mah, ngan pasukan kuda. 33 Sadatangna ka kota Kesarea, surat disanggakeun ka gupernur sarta Paulus diserenkeun. 34 Sanggeus surat diaos, gupernur mariksa ka Paulus asal ti propinsi mana. Sanggeus kauninga yen asalna ti Kilikia, 35 saur gupernur, “Perkara maneh baris dipariksa ku kami, lamun nu ngadarakwana geus ka darieu.” Paulus, ku anjeunna, ditahan di karaton raja Herodes. 1 Heuleut lima poe, Ananias Panghulu Agung tea, sumping ku anjeun ka gupernur; manehna dibarengan ku sawatara kokolot bangsa jeung pokrol saurang ngaran Tertulus, anu rek ngadakwa Paulus. 2 Sanggeus Paulus disaur, galantang Tertulus ngelakkeun, kieu pokpokanana, “Bapa gupernur anu mulya. Kalayan berkah tarekah bapa gupernur, abdi-abdi teu kendat-kendat ginanjar kani'matan tur karaos, yen bangsa abdi aya dina kamajengan ku kawijaksanaan bapa gupernur. 3 Eta sadayana, boh di mana bae sapapaosna estu katampi, kasuhun ku abdi-abdi sadaya. 4 Ayeuna, supados waktos bapa henteu patos kaganggu, bade dibujeng enggalna bae seja nyuhunkeun sih citeres bapa gupernur anu parantos kakoncara, mugi kersa ngadangukeun ieu pihatur sakedap. 5 Ieu jalmi teh parantos nyata jadi sasalad, tukang nagiwurkeun urang-urang Yahudi di sa-alam dunya, hiji ulon-ulon ti madhab agama Masihi. 6 Malah kantos nyobi-nyobi menalkeun kasucian Bait Allah. Kitu kawitna, nu mawi ku abdi sadaya ditangkep, bade dihukum anu satimpal numutkeun hukum Toret bangsa Yahudi. 7 Nanging kapegat ku komandan Lisias, eta jalmi teh dileupaskeun tina genggeman abdi-abdi. 8 Saurna, upami bade ngadakwa mah, kedah ka Gupernur bae. Upami jinisna ku bapa diparios, tangtos baris ka uninga saniskanten pakelakan abdi sadaya ka dirina.” 9 Kitu dakwaanana sarta dikuatkeun ku urang-urang Yahudi yen memang kitu duduk perkarana. 10 Gupernur maparin isarah ka Paulus miwarang nyarita. Pok Paulus sasauran, “Ku margi Bapa Gupernur parantos mangtaun-taun ngatur ieu bangsa, simabdi moal asa-asa deui ngunjukkeun ieu perkawis. 11 Bapa tangtos langkung tingali, simabdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten kalangkung, nya eta bade ngalakonan ibadah. 12 Iraha tea simabdi sok kapendak papaduan, sumawonten ngarusuhkeun, boh di Bait Allah, boh di tempat pangibadahan, atanapi di tempat sanesna di kota. 13 Aranjeunna sorangan moal tariasa ngabuktikeun pangdakwaanana. 14 Nanging sumeja diangken pisan ku simabdi, yen sajeroning babakti ka Allah nu disembah ku karuhun simabdi sarerea teh, abdi nganut Jalan Lempeng; nya hiji agama anu ku aranjeunna disebut Madhab. 15 Abdi ngagaduhan pangarep-ngarep ka Allah, sami sareng anu diarep-arep ku aranjeunna, nya eta pangarep-ngarep kana hudangna deui anu maraot, boh anu ibadah, boh nu doraka. 16 Dumasar kana eta pangarep-ngarep, sapapaosna abdi teh ihtiar satekah polah supados hirup teh taya kuciwana di payuneun Allah; pon kitu deui ka sasama. 17 Mangtaun-taun abdi lunta ti Yerusalem, wangsul deui teh sumeja amal ibadah ka sasama bangsa sareng bade ngalampahkeun kurban. 18 Sabot ngalaksanakeun niat, nya eta nuju abdi aya di Bait Allah, kasampak ku urang-urang Yahudi ti Asia. Harita abdi teh nembe ngalakonan susuci, 19 teu ngabantun jalmi seueur sareng henteu aya karusuhan. Ku emutan, pantesna mah anu ngadakwa teh, ya eta urang Yahudi anu ti Asia, upami aya tea mah kelakeunana. 20 Nanging anu ayeuna parantos araya di dieu oge mangga teh teuing bade ngadakwa mah, naon dosa abdi anu kapendak ku aranjeunna nalika diparios ku Mahkamah Agama. 21 Rupina anu dianggap dosa ku aranjeunna teh ku margi simabdi harita nyebatkeun kieu: Lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot, simkuring dijagragkeun ka ieu Mahkamah Agama.” 22 Tapi lantaran Gupernur Peliks parantos apal kana seluk-belukna Jalan Lempeng, papariksaan ku anjeunna ditunda. Saurna, “Ieu perkara ku kami rek diputus upama komandan Lisias geus datang.” 23 Geus kitu, anjeunna marentah ka perwira tea, supaya Paulus tetep ditahan, tapi tahanan enteng bae; bari saurna, bisi aya kanca mitrana anu niat ngalaladenan kaperluan anjeunna, ulah dihalang-halang. 24 Sawatara poe ti harita, Gupernur Peliks sumping deui jeung Drusila geureuhana, urang Yahudi. Paulus disaur, ditimbalan nyaritakeun sual iman kapercayaanana ka Isa Al Masih. 25 Barang ngabandunganana nepi kana sual bebeneran, sual mawas diri jeung sual hukuman aherat, anjeunna kacida sieuneunana; tuluy anjeunna sasauran ka Paulus, “Cukup, sakitu bae heula; jung, ka ditu deui. Mun kami aya waktu engke maneh disaur deui.” 26 Sajeroning kitu, Gupernur Peliks teh dina manahna mah, ngarep-ngarep kana hadiah duit ti Paulus. Ku sabab eta, Paulus mindeng pisan disaur diajak gunem catur. 27 Tapi heuleut dua tahun, gupernur teh diganti ku Perkius Pestus. Ari Paulus angger keneh diantep dina tahanan, dumeh Gupernur Peliks teh hayang kapake ku urang Yahudi. 1 Sanggeus tilu poe, aya di eta propinsi, Pestus miang ti Kesarea ka Yerusalem. 2 Ti dinya, imam-imam kapala jeung urang Yahudi golongan terkemuka daratang ngadeuheus pikeun ngadakwa Paulus. 3 Malah ngasongkeun pamenta anu ngabahayakeun Paulus, nya eta supaya Paulus diparentahkeun dibawa ka Yerusalem. Ku maranehna geus diatur, nya eta rek dipegat di tengah jalan baris dipaehan. 4 Tapi saur Pestus, Paulus teh rek ditahan di Kesarea bae; da anjeunna baris buru-buru ka ditu deui. 5 Saurna deui, “Alusna mah, anu nyarangking wewenang di aranjeun bareng jeung kula ka daritu. Pek manehna dakwa di ditu, ari enya aya kasalahanana mah.” 6 Pestus, di Yerusalemna, kira-kira ngan dalapan atawa sapuluh poe; tuluy anjeunna mulang ka Kesarea. Poe isukna, anjeunna marentahkeun ngala Paulus, rek disidangkeun perkarana. 7 Sanggeus Paulus aya di pangadilan, ku urang Yahudi anu ti Yerusalem dilingkung, tuluy didakwa ku rupa-rupa tudingan anu bareurat anu teu aya buktina. 8 Sabalikna, Paulus ngabela diri, kieu, “Simkuring henteu ngalanggar naon-naon, boh ka Toret urang Yahudi, boh ka Bait Allah, boh ka Sang Prabu.” 9 Tapi Pestus, ku sabab seja ngalap hate urang Yahudi, mariksa, “Kumaha upama maneh diiangkeun ka Yerusalem, dipariksa di ditu di harepan ku kami?” 10 Walon Paulus, “Ku margi simkuring parantos aya dina lingkungan pangadilan Sang Prabu, dipariksa oge kedah di dieu. Ku bapa oge kauninga leres-leres, simkuring ka urang Yahudi teh teu pisan-pisan gaduh kalepatan. 11 Upami leres-leres simkuring lepat atanapi nyieun kajahatan anu manjing hukum pati, sukalilah simkuring seja nampi. Sawangsulna, upami dakwaan maranehna henteu leres, pihak mana oge teu aya hakna nyerenkeun simkuring ka manehna. Simkuring seja naek banding ka Sang Prabu.” 12 Sanggeus anggota-anggota pangadilan rundingan, Pestus ngawaler ka Paulus, “Maneh geus naek banding ka Sang Prabu, jadi kudu ka ditu, ngadep ka anjeunna.” 13 Sawatara poe ti harita, sumping raja Agripa jeung Bernika ka Pestus tawis panghormat ka anjeunna. 14 Natamuna meunang sababaraha poe. Ku Pestus dicariosan perkara Paulus, saurna, “Di dieu aya hiji sakitan titinggal Peliks anu nembe dialihkeun ti dieu tea. 15 Nalika simkuring ka Yerusalem, eta sakitan teh didakwa ku imam-imam kapala sareng ku sesepuh bangsa Yahudi; malah saur aranjeunna mah, eta sakitan teh, kedah ditibanan hukuman. 16 Sanggem simkuring, bangsa Rum henteu biasa masrahkeun atanapi ngahadiahkeun sakitan kitu bae, nya kedah lawung heula sareng anu ngadakwana tur kedah dipaparin kasempetan ngabela diri. 17 Bral bae, aranjeunna sarumping ka dieu bareng sareng simkuring. Enjingna, eta sakitan teh dijagragkeun, perkarana disidangkeun. 18 Manehna dilingkung ku anu ngadarakwana. Nanging maranehna, teu tiasa ngabuktikeun kajahatan eta sakitan. Ku simkuring oge parantos kataksir kitu ti samemehna. 19 Perkarana mung ngeunaan sual-sual agama sareng perkawis Isa, anu sayaktosna parantos tilar dunya, nanging numutkeun Paulus mah hirup deui. 20 Simkuring bingung, kumaha mariksana perkawis sarupi kitu. Ku margi eta, Paulus teh, ku simkuring ditaros daek henteuna upami perkarana dipariksa di Yerusalem. 21 Sanggemna bade naek banding. Malah, samemeh perkarana diputus ku sang Prabu bade ngantos dina tahanan bae. Nya ditahan dongkap ka ayeuna, ngantos kana waktosna dideuheuskeun ka sang Prabu.” 22 Saur Raja Agripa, “Simkuring hoyong nguping ti jalmina sorangan.” Waler Pestus, “Manawi, enjing oge tiasa.” 23 Poe isukna, raja Agripa sumping ka Pangadilan, — nganggo anggoan karajaan — dibarengan ku Bernika, perwira-perwira, jeung jalma-jalma anu parenting di kota eta. Pestus marentahkeun supaya Paulus dideuheuskeun. 24 Geus kitu, Pestus sasauran, “Kanjeng raja Agripa anu mulya, miwah hadirin sadaya. Ieu Jalmi, didakwa ku sakumna urang Yahudi, boh ku nu di Yerusalem, boh ku nu di darieu. Ceuk maranehna, ieu jalmi ulah dibere hirup lila-lila. 25 Ku simkuring parantos dipariksa. Nanging nya kitu, teu aya kalepatanana anu manjing hukum pati. Ku margi manehna nyuhunkeun naek banding, ku simkuring bade diiangkeun ka sang Prabu. 26 Nanging naon anu kedah disanggemkeun ka sang Prabu, margi teu aya sanggemkeuneunana. Kitu margina, nu mawi ayeuna dibantun ka payuneun sadaya, utamina nya ka pangersa raja Agripa. Nyuhunkeun dipangmarioskeun, manawi aya perkawisna anu pantes dihaturkeun ka sang Prabu. 27 Margi ku emutan simkuring mah, teu pantes ngintunkeun sakitan tanpa katerangan-katerangan perkawis dakwaanana.” 1 Saur raja Agripa ka Paulus, “Maneh ayeuna aya kasempetan ngabela diri.” Paulus ngacung mere isarah; derekdek, ngucapkeun pembelaanana, kieu, 2 “Nun raja Agripa nu mulya, simabdi estu bagja wireh dinten ieu kawidian ngabantah dakwaan-dakwaan ti urang Yahudi. 3 Utamina mah, wireh kanjeng raja teh leres-leres uninga kana adat istiadat sareng hal ihwalna urang Yahudi. Ku margi eta, disuhunkeun luntur galihna mugia kersa ngadangukeun. 4 Simabdi, ti ngongora keneh dikenal ku sakumna urang Yahudi teh; margi ti aalit, simabdi teh matuh di Yerusalem, di bangsa sorangan. 5 Sakitu lamina maranehna kenal ka abdi. Jadi, upami perlu, maranehna tiasa nerangkeun di dieu, yen abdi teh kantos jadi urang Parisi, nya eta madhab agama anu pangkeras-kerasna di urang. 6 Ayeuna, nu mawi dugi ka unggah ka pangadilan teh, jalaran ngaharep kana laksananing jangji Allah anu dipaparinkeun ka karuhun urang baheula; 7 tur diantos-antos pisan ku dua belas kaom ti bangsa urang sareng dibarung ku leket ibadah siang kalawan wengi. Nya ku margi ngagaduhan pangharepan eta, nu mawi abdi didakwa ku urang Yahudi teh, nun kanjeng raja! 8 Naon margina hadirin sadaya dugi ka nganggap mustahil, yen Allah tiasa ngahudangkeun deui anu parantos maot? 9 Boh kitu boh kieu, pamendak abdi oge kapungkur mah sami sareng maranehna, yen ngaran Isa, anu ti Nasaret teh kedah dilawan sakuat-kuatna. 10 Eta oge kantos ku abdi dilampahkeun di Yerusalem. Seueur pisan jalmi anu palercaya ku abdi dijeblos-jebloskeun ka panjara, margi dipasihan kawasa ti imam-imam kapala. Sanes kitu bae, malah abdi kalintang satujuna upami heug maranehna teh dihukum pati. 11 Sering pisan abdi nyiksa maranehna, di tempat-tempat ibadah, maksa sina mungkiran imanna. Kajurung ku hate nu ceuceub, maranehna ku abdi dibeberik dugi ka kota-kota di saluareun nagara. 12 Dina kaayaan kitu, hiji mangsa simabdi mios ka Damsik, ngemban kawasa anu gembleng sareng tugas ti imam-imam kapala. 13 Dumadakan, nun kanjeng raja, tengah dinten ereng-erengan; satengahing jalan simabdi ningal aya cahaya ti langit, nyorot ka abdi sabatur-batur. Eta cahaya teh, ngagebyarna langkung ti batan cahaya panonpoe. 14 Abdi sabatur-batur sami tibeubeut kana taneuh. Lajeng abdi nguping soara, ngucapna dina basa Ibrani, ditujulkeun ka simabdi: ‘Saulus, Saulus, ku naon nganiaya ka Kami? Cilaka maneh teh nyepak panyocog mah!’ 15 Ku abdi diwangsul: ‘Jungjunan, saha Anjeun teh?’ Ari waler-Na, ‘Kami teh Isa, anu keur dikaniaya ku maneh! 16 Geura cengkat, pek nangtung. Kami nembongan teh rek ngangkat maneh, rek dijadikeun abdi sarta saksi ngeunaan sagala hal nu ku maneh geus katenjo sarta oge hal-hal anu ku Kami baris ditembongkeun ka maneh. 17 Maneh teh, ku Kami geus kapilih ti ieu bangsa sarta ti antara bangsa-bangsa lianna. Engkena, maneh baris diutus ka maranehna. 18 Nya, pikeun ngabeunta-beuntakeun panonna, malar bisa maralik ti nu poek ka nu caang sarta tina genggeman kawasa Setan ka kersa Allah. Supaya lamun geus palercaya ka Kami, dosana meunang panghampura sarta sina kabagian ganjaran anu geus disadiakeun pikeun jelema-jelema anu geus disucikeun.’ 19 Kitu nu mawi, nun kanjeng raja, eta titingalan ti sawarga teh ku abdi teu pisan-pisan bade dilalaworakeun. 20 Anu ku abdi ngawitan diwawaran teh, urang Yahudi anu di Damsik, di Yerusalem, sareng nu aya di sakuliah tanah Yudea. Bangsa-bangsa sanesna oge teu kalarung; da sami kedah tarobat, ngesto ka Allah; jabi ti eta, kalakuan-kalakuan dina hirupna oge kedah cocog sareng eta pertobat. 21 Ku jalaran hal anu kitu, simabdi teh ditangkep di Bait Allah ku urang Yahudi, bade dipaehan. 22 Nanging berekah, ku pitulungna Allah, abdi, salian tiasa keneh kumelendang di alam dunya dugi ka wangkid ieu, oge tiasa keneh maparin panyaksen, boh ka rayat, boh ka para pamingpinna. Hal anu diwawarkeun ku abdi teh teu aya sanes, lintang ti anu kapungkur-pungkur diwawarkeun ku nabi-nabi sareng ku Musa. 23 Nya eta: Al Masih teh, memang kedah nyandang sangsara sareng jadi Anu pangpayunna hudang ti antara anu maraot. Anjeunna oge baris ngembarkeun hal caang, boh ka ieu bangsa, boh ka bangsa sanesna.” 24 Tengah-tengah Paulus ngasongkeun pertanggungan jawabna, ku Pestus dipegat, saurna teugeug, “Gelo maneh, Paulus! Weureu ku elmu mana kitu oge maneh teh!” 25 Cek Paulus, “Abdi henteu gelo, nun Pestus anu mulya! Pikiran abdi masih keneh waras. Anu disanggemkeun ku abdi teh perkawis anu saleres-leresna. 26 Sagala perkawis sadayana oge kauninga ku kanjeng raja. Kitu nu mawi abdi wantun nyanggemkeun sabalakana ka mantenna. Abdi yakin ieu perkawis teh, sagala rupina oge, moal aya anu teu kadangu ku mantenna; margi kajadianana teh sanes di tempat anu mencil. 27 Nun, kanjeng raja Agripa, kumaha gamparan percanten ka paranabi? Sanggem abdi mah tangtos kana percantenna teh.” 28 Raja Agripa ngawaler, “Bis, bis bae kami ka bongroy, hayang asup Masihi!” 29 Saur Paulus, “Ku abdi sumeja pisan dipangnedakeun ka Allah. Supados sanes bae kanjeng raja enggal-enggal sing sami sapertos abdi, nanging lami-lami mah anu sanes oge anu ayeuna hadir ngabarandungan di dieu; nanging ulah sami-sami kieu, nya dina kaayaan dibangkol ku rante.” 30 Ti dinya sang raja ngadeg, dibarengan ku wali nagara, ku Bernika jeung ku sakabeh anu araya. 31 Tuluy Aranjeunna kalaluar bari guntreng, “Eta jalma teh teu aya dosana anu manjing kana hukum pati atawa panjara.” 32 Saur raja Agripa, “Sayaktosna, upami manehna henteu terus naek banding ka sang Prabu mah, da tiasa dibebaskeun.” 1 Sanggeusna diputus yen kudu diiangkeun ka Itali, Paulus jeung sawatara sakitan deui dipasrahkeun ka hiji perwira ti resimen Prabu ku anjeun, ngaranna Yulius. 2 Simkuring sabatur-batur diunggahkeun kana kapal anu ti Adramiti, nu rek balayar ka palabuan-palabuan sapanjang basisir Asia. Aya deui batur saurang nya eta Aristarkus urang Makedoni ti Tesalonika. 3 Poe isukna, simkuring sabatur-batur anjog ka palabuan Sidon. Kabeneran Yulius teh bageur ka Paulus, ngidinan anjeunna nepungan heula sobat-sobat sina marekelan. 4 Ti Sidon, ku lantaran kapal mapag angin, jadina balayar teh malipid pulo Siprus. 5 Sanggeus ngaliwatan laut hareupeun basisir Kilikia jeung Pampilia, kapal anjog ka palabuan Mira di tanah Likia. 6 Di dinya simkuring sabatur-batur dipindahkeun kana kapal anu tas ti nagri Aleksandri seja terus ka Itali. 7 Meunang sababaraha poe, balayar teh, meh taya lajuna. Hayang ngahontal kota Kenidos oge, mehmehan teu sanggup. Ku sabab angin angger goreng bae, kapal teh jalanna mipir-mipir basisir pulo Kreta liwat Tanjung Salmone. 8 Sanggeus hese beleke ngaliwatan eta tanjung; jol bae, di hiji tempat anu ngaranna Palabuan Endah, deukeut kota Lasea. 9 Tapi waktu teh, geus loba pisan kapiceunna. Sabab geus liwat usum puasa jeung lamun diteruskeun balayar teh loba pikarempaneunana. Ku sabab eta, Paulus mepelingan kieu, 10 “Batur-batur! Cek pangrasa kuring perjalanan urang teh baris balangsak jeung karurugian, lapur barang lapur umur.” 11 Tapi opsir mah, leuwih percaya ka jurumudi jeung nangkoda batan ka Paulus. 12 Sabab eta palabuan teh, kurang hade dipake pangeureunan dina musim es mah. Panumpang-panumpang oge, karereaanana mah, rempugna supaya terus; sugan bisa nepi ka kota Penik, eureun didinya bae. Penik teh, kota palabuan pulo Kreta anu nyanghareupna ngidul ngulon jeung ngaler ngulon nyela bumi. 13 Pareng datang angin leuleuy kawas nu ngajurung maksud. Tuluy ngangkat jangkar terus balayar mapay sisi-sisi basisir pulo Kreta. 14 Ari teu lila, gelebug teh, angin ribut ti darat anu disebutna angin “Kaler Wetan”. 15 Kapal henteu tahan nadah angin ti hareup. Tuluy digubag-gabigkeun ku eta angin, nya antukna mah diantep; sarerea teh pasrah kana kadar. 16 Saterusna, kapal kapalidkeun ka hiji pulo leutik nu ngaranna pulo Kauda. Lebah dinya, sabisa-bisa diihtiarkeun nyalametkeun sampan. 17 Sanggeus sampan bisa kajait, kapalna dipalincang ku tambang. Ku sabab sieun neumbrag karang anu ngaran Karang Sirtus, layar digulung sarta kapal diantep luak-leok saparan-paran. 18 Ku sabab kapal pohara galuang-galeongna, isukna, barang-barang muatan dipiceunan ka laut. 19 Malah katilu poena deui mah, pakakas-pakakas kapal oge dihaja dialung-alungkeun ka laut. 20 Srangenge geus sababaraha poe teu tembong-tembong; bentang taya hiji-hiji acan; angin ribut ngamuk terus, nepi ka sarerea geus pada nyamarkeun maneh kana salamet. 21 Geus mangpoe-poe taya nu inget dahar-dahar acan. Geus kitu, Paulus ngingetan, saurna, “Dulur-dulur, mun kamari ieu nurut mah kana omongan kuring ulah waka ninggalkeun pulo Kreta, moal balangsak kieu jeung moal kungsi karurugian kawas ayeuna. 22 Tapi najan kaayaan siga kieu, pamenta kuring aranjeun ulah pegat pangharepan. Moal, moal aya anu tiwas, ngan ari kapal mah moal katulungan. 23 Terang baris kitu soteh, tadi peuting aya malaikat Pangeran ka kuring, nya eta ti Allah anu disembah jeung anu kagungan jiwa raga kuring. 24 Saur anjeunna: ‘Ulah salempang, Paulus! Maneh pasti baris jagrag ka Prabu. Malah babaturan sakapal oge geus dipiwelas ku Allah, bakal saralamet ku karana maneh.’ 25 Ku hal eta, sing tararabah dulur-dulur! Kuring beak-beak nya percaya ka Allah yen kabeh bakal ngabukti, moal mencog ti anu didawuhkeuna-Na. 26 Ngan ari kapal mah geus pasti kandas di salah sahiji pulo.” 27 Nepi ka maleman kaopat belas, ti barang ditempuh ku angin ribut, kapal masih angkleung-angkleungan di Laut Adriatik. Tapi dina tengah peutingna, ku kalasi-kalasi karasa yen kapal asa nyampeurkeun daratan. 28 Tuluy maranehna nyemplungkeun batu pangjugjug, kanyahoan jerona aya dua puluh deupa. Maju saeutik deui dijugjugan deui, ngadeetan jadi lima belas deupa. 29 Ku sabab sieun kandas kana karang, tuluy labuh jangkar — opat jangkar — beulah tukang, bari ngarep-ngarep hayang geura beurang. 30 Tapi kalasi-kalasi arek maringgat ti kapal, narurunkeun sampan pura-pura rek nurunkeun jangkar hareup. 31 Ku Paulus dipopoyankeun ka opsir saperjuritna, saurna, “Upami maranehna diantep naringgalkeun kapal, taya harepan aranjeun bisa salamet.” 32 Geuwat sampanna ku perjurit-perjurit ditilas; tuluy eta sampan, diantep ngangkleung sorangan. 33 Wanci rek bray beurang, Paulus ngingetan sarerea yen kudu dalahar. Saurna, “Geus opat belas poe aranjeun teu kararaban naon-naon, balas ngarep-ngarep salamet. 34 Geus meujeuhna, ayeuna mah dalahar heula bae. Paksakeun malar jagjag. Sing percaya, moal sakara-kara, moal aya nu leungit buuk-buuk acan najan salambar.” 35 Anjeunna nyontoan nyandak roti sawatara siki, tuluy ngadu'a ka Allah, kasaksian ku sarerea. Sanggeus rotina disemplek-semplek terus didahar. 36 Geus kacontoan mah, maranehna jadi tarareteg hatena, tuluy sarerea dalahar. 37 Kabehna, nu araya di kapal teh, dua ratus tujuh puluh genep urang. 38 Sanggeus dalaharna sarareubeuh, muatan gandumna dipiceun ka laut ngarah kapal ngahampangan. 39 Barang bray, beurang, tembong aya teluk anu basisirna ngampar, teu nyarahoeun ngaranna mah pulo naon. Kabeh rempug arek balabuh di dinya sabisa-bisa. 40 Tali jangkar ditilas, jangkarna diantep ngerelep ka dasar laut. Tali kamudi diudar, tuluy nebengkeun layar hareup, supaya kapal katebak angin ka basisir. 41 Tapi kapal, ujug-ujug ngagesruk teu bisa maju, kandas kana dasar laut anu munjul. Eta kapal, beulah hareupna nyeblok pageuh teu obah-obah; ari ti tukang mah, diteumbragan ku ombak nepi ka amburadul. 42 Kahayang serdadu-serdadu mah, sakitan-sakitan teh diparaehan bae sina peren kabeh, bisi ngarojay terus maringgat. 43 Tapi perwirana mah, ku sabab hayang nyalametkeun Paulus, marentah supaya anu barisa ngojay mah, ngarojay bae ti heula ka darat. 44 Nu teu barisa ngojay, kudu nyusul muntang kana papan-papan atawa naon bae bebejadan kapal. Gancangna, sarerea geus araya di darat kalawan salamet. 1 Sanggeus sarerea salamet, bisa nepi ka basisir. Kakara kanyahoan, yen eta daratan teh, pulo Malta. 2 Pribumina darehdeh arakuan pisan. Maranehna teh, mangnyieunkeun durukan sagala, ajang saliduru; kawantu poe eta teh kacida tirisna, turug-turug hujan deuih. 3 Ari Paulus ngumpulkeun pangpung; tuluy brus, diasupkeun kana durukan. Ana borengkal teh, oray matih pisan, ngaleor tina tumpukan pangpung lantaran kapanasan. Cok bae, macok kana panangan anjeunna. 4 Mireungeuh oray meulit kana panangan Paulus, urang dinyana mani pukpok pada batur, “Eta jelema teh moal salah deui tukang maehan! Najan geus luput ti laut, ku Dewi Kaadilan mah hamo diantep hirup terus.” 5 Tapi si oray teh ku Paulus dikepretkeun kana seuneu, ari anjeunna mah teu sakara-kara. 6 Tapi tetep pada nyarangka moal teu bareuh, moal teu ngagolepak maot sapada harita. Ari seug sakitu geus lilana, wet, teu kua-kieu; ahirna, cek maranehna anjeunna teh dewa. 7 Teu jauh ti dinya aya tanah kagungan gupernur Publius, gupernur eta pulo. Eta gupernur nyuguhan ka kuring sapara kanca tur kacida darehdehna, nepi ka meunang tilu poe diaku di bumina. 8 Harita teh, ramana Publius keur teu damang, nya muriang nya disentri. Ku Paulus dilayad, dipangnedakeun sarta ditumpangan leungeun, terus cageur. 9 Geus kitu mah, jul-jol, nu garering teh daratang ka anjeunna; eta oge kabeh dicageur-cageurkeun. 10 Ku kituna kuring sapara kanca teh pohara dihormat-hormatna. Barang geus waktuna kana balayar deui, ku maranehna sarerea dibekelan ku sakur anu jadi pangabutuh simkuring sarerea. 11 Ngendek di eta pulo teh, meunang tilu bulan. Geus kitu, unggah ka hiji kapal asal ti Iskandaria anu kabeneran keur balabuh di dinya salila musim es. Eta kapal make perlambang bentang kembar Dioskuri. 12 Barang nepi ka kota Sirakusa, kapal balabuh heula tilu poe. 13 Ti dinya terus mipir-mipir basisir, jol, nepi ka Regium. Heuleut sapoe ti harita, — kabeneran aya angin ti kidul — isukna, deui geus nepi ka kota Putioli. 14 Simkuring sakanca mitra nepungan heula anggota-anggota jamaah di dinya, disambat diaraku, reureujeungan meunang tujuh poe. Kakara neruskeun deui, nya balayar ka nagara Rum. 15 Dulur-dulur nu di darinya teh, geus mareunang beja ngeunaan hal-ihwal simkuring sapara kanca. Tuluy maranehna dararatang ka Forum Apius jeung Tras Taberne, narepungan. Paulus mah, barang tepung jeung maranehna teh, tuluy bae muji sukur ka Allah lantaran ngarasa gede hate. 16 Ku pamarentah Rum, Paulus diwidian nyicingan imah dibaturan ku salah saurang perjurit pikeun ngajaga. 17 Tilu poe ti harita, Paulus ngumpulkeun pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi. Sanggeus karumpul, anjeunna nyarios kieu, “Para saderek! Simkuring, boh ka bangsa, boh kana adat istiadat karuhun urang, teu gaduh salah naon-naon. Tapi di Yerusalem simkuring ditangkep ku bangsa sorangan, diserenkeun ka pamarentah Rum. 18 Lantaran bukti, yen simkuring beresih tina kasalahan nu manjing hukum pati, ku aranjeunna mah rek dibebaskeun bae. 19 Tapi orokaya urang Yahudi ngalalawan, nepi ka kapaksa simkuring kudu naek banding ka Prabu. Sanajan kitu, simkuring teu pisan-pisan niat ngadakwa bangsa sorangan. 20 Ku sabab eta, simkuring menta supaya bisa papanggih sarta cacarita jeung aranjeun. Sabab simkuring nyandang rante teh, sualna mah, lantaran tina hal anu jadi pangarep-ngarep bangsa Israil tea.” 21 Ku maranehna dijawab kieu, “Nanging da teu aya serat-seratna acan perkawis anjeun ti Yudea. Nu ti ditu oge teu aya anu ka dieu; jadi, teu kantos mendak wartos yen anjeun teh jelema jahat. 22 Sanajan kitu, simkuring sadaya hoyong terang perkawisna. Margi sakaterang mah, eta madhab anyar teh, di mana di mendi oge mung dilalawan bae.” 23 Tuluy maranehna nangtukeun poe pikeun narima katerangan- katerangan ti Paulus. Dina poeanana maranehna daratang deui ka dinya, ngabrul, loba pisan. Derekdek, Paulus nerangkeun sarta mere panyaksen tina hal Karajaan Allah. Sabisa-bisa anjeunna ngahudangkeun kayakinan maranehna ngeunaan Isa Al Masih, make dasar Toret Musa jeung kitab nabi-nabi. Nerangkeunana hal eta teh, ti isuk nepi ka sore. 24 Hasilna, aya anu bisa diyakinkeun, aya nu angger bae teu percaya. 25 Nepi ka bubaran gempungan, tetep maranehna henteu bisa sapaham. Memeh bubar Paulus ngucap kieu, “Tetela, pangandika anu ku Ruh Allah ditepikeun ka karuhun urang, ku perantaraan Nabi Yesaya teh, teu mencog saeutik-eutik acan. Kieu ungelna: 26 ‘Geura tepungan eta bangsa. Caritakeun: Ku ceuli bakal kadenge, ngan teu bisa ngahartikeunana. Ku panon bakal katenjo, tapi maraneh weleh teu terang. 27 Sabab ieu bangsa, hatena geus ngabatu, pangdengena geus mintul, matana geus rarapet merem; malar matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah kungsi ngadenge, bisi matak kaharti ku hatena, heug tarobat ka Kami geusan bisa disalametkeun.’ 28 Ayeuna, mugi kaaruninga, ieu jalan pisalameteun ti Allah teh baris dibikeun ka bangsa-bangsa sejen sarta tangtu bakal ditararima.” 29 Sanggeus Paulus namatkeun cariosanana, urang Yahudi tuluy balubaran bari tetep pasalingsingan paham. 30 Meunang dua taun campleng, Paulus nyalikan imah sewaan teh. Nu daratang ka anjeunna, kabeh ge diaku ditarima. 31 Kabeh ku anjeunna diwawaran hal Karajaan Allah sarta diwurukan hal Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Teu aya anu didingding kelir tur lungsur-langsar teu aya halangan naon-naon.
|