2 Thessalonians2 Tesalonika2 Tesalonika 11 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat Allah Nu jumeneng Rama jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 2 Mugia aranjeun dipaparin sih kurnia katut rahayu ti Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Simkuring sapara kanca sapara kanca, kudu teu petot-petot muji sukur ka Allah; ku sabab, iman aranjeun ka Isa Al Masih jeung kanyaah aranjeun ka pada batur, anu beuki tambah jembar. 4 Munasabah, mun aranjeun, ku simkuring sapara kanca dipake reueus ka jamaah-jamaah umat Allah teh. Sabab memang saenyana. Sakitu aranjeun teh digencet jeung dikaniaya, tapi tetep junun ngalakonan iman kapercayaan. 5 Eta teh jadi bukti, tina adilna katangtuan hukum Allah; nu geus nganyatakeun, yen aranjeun layak jadi warga Karajaana-Na lantaran aranjeun geus nandang sangsara ku karana eta. 6 Nya ku sabab adil tea, Allah baris ngahukum ka jelema-jelema anu ayeuna ngagencet ka aranjeun. 7 Ari aranjeun, — anu ayeuna eukeur digencet — tanwande ku Mantenna baris diganjar bareng jeung simkuring sapara kanca. Eta moal teu bukti, dina waktu Isa, Gusti Jungjunan urang, rawuh ti sawarga dina gedurna seuneu jeung diiring ku malaikat-malaikat-Na anu garagah. 8 Sakur anu dina hirupna henteu malire ka Allah, kitu deui anu henteu malire kana amanat Injil tina hal Isa, Gusti Jungjunan urang, baris dihukum. 9 Tur dihukumna teh salalanggengna; disingkirkeun ti payuneun Gusti, nya eta dijauhkeun tina kamulyaan nu maha agung nu jadi kagungana-Na. 10 Eta pasti kajadian; di mana geus datang poe nu agung, nya eta rawuhna Al Masih pikeun dimulyakeun di antara umat-Na anu suci; dita'juban ku sakabeh nu percaya, kaasup oge aranjeun, anu percaya kana amanat pangandika-Na anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca. 11 Ku sabab hal eta, simkuring sapara kanca teu petot-petot mangnedakeun ka kersa Allah. Mugi-mugi aranjeun teh, ku Mantenna, dipandang layak pikeun panyaur-Na. Mugi-mugi ku kawasa Mantenna, dulur-dulur bisa disampurnakeun boh dina kahoyong migawe sagala anu hade, boh dina nohonan darmaning iman. 12 Upama kitu, tangtu hirup dulur-dulur matak mulya ka pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang; tur dulur-dulur oge baris dipaparin kamulyaan ku Anjeunna: Ku berkahna sih kurnia Allah jeung kurnia-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 1 Tumali jeung pisumpingeuna-Na — Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — sarta hal urang baris kumpul jeung Anjeunna teh, simkuring seja pepeling: 2 Pacuan, aranjeun teh ulah beunang kapangaruhan, — nepi ka tuluy bae bingung teu puguh — lamun aya beja anu nyebutkeun yen wancina Gusti Jungjunan urang sumping teh geus datang: Boh beja ti roh, boh tina hutbah, atawa tina surat-surat simkuring sapara kanca. 3 Kajeun kumaha oge, aranjeun teh ulah gampang kabobodo. Sabab eta Wanci moal waka nepi, samemeh jelema-jelema malurtad sarta anu jadi ulon-ulon kadorakaanana katangen. 4 Eta nu jadi ulon-ulon kadorakaan teh, baris ngalawan ka anu disebut Allah, ka Anu disembah dibakti ku manusa. Malah baris anegleng di Bait Allah jeung susumbar nyebut ieu kami Allah. 5 Hal ieu, bareto ku simkuring geus dibablaskeun basa keur aya di aranjeun. Aranjeun aringet keneh? 6 Jadi, tangtu geus moal bireuk deui, naon sababna ayeuna manehna acan wanieun ngamimitian. Tapi upama wancina geus tepi mah, tangtu nembongkeun maneh. 7 Tapi saenyana, cicing-cicing soteh, eta tukang ngadorakakeun teh keur tatan-tatan. Acan prak soteh lantaran aya keneh anu nahan. 8 Geus nepi kana waktuna mah, — eta ulon-ulon kadorakaan teh — tangtu nembongkeun maneh. Tapi pinasti manehna baris tiwas, mun Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping; manehna baris dihebos ku napas tina baham-Na jeung baris musna ku cahaya Anjeunna. 9 Munculna eta ulon-ulon teh, bari nyangking pangawasa setan; jadi, manehna teh, baris dibarengan ku rupa-rupa kakawasaanana, nya eta bisa nyieun rupa-rupa kaahengan jeung kaajaiban-kaajaiban nu mawa sasar. 10 Cilaka sakur anu nolak kana kayaktian nu mawa kana jamuga; sabab pasti, maranehna, kagoda ku rupa-rupa tipu dayana. 11 Batin maranehna ku Allah disina lolong, nepi ka percaya ka anu nipu merdaya. 12 Ku sabab milihna teh, lain kana pijamugaeun atawa kana nu sayakti, tanwande maranehna baris dihukum. 13 Dulur-dulur, kakasih Gusti! Nilik kana kaayaan aranjeun, simkuring wajib muji sukur ka Allah. Sabab aranjeun teh, asup kana golongan jalma-jalma nu dipilih Allah pikeun disalametkeun pangheulana: Ku jalan disucikeun ku kawasaning Ruh jeung ku sabab aranjeun percaya ka nu sayakti. 14 Ku Mantenna, aranjeun teh geus disaur, nya eta ku jalan Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring sapara kanca; sangkan aranjeun layak nampa kamulyaan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 15 Ku sabab eta, sing pangger sarta sing pageuh nyekel pangajaran anu ditepikeun ku simkuring sapara kanca, boh ku lisan boh ku surat. 16 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, kitu deui Rama, — nya eta Allah anu ka urang teh kersa miwelas miasih, maparin panglipur abadi jeung pangharepan anu agung — 17 kersa maparinan kakuatan jeung wawanen pikeun ngamalkeun kahadean, boh ku ucap, boh ku lampah. 1 Doakeun simkuring. Pangnedakeun, mugi-mugi sing bisa neruskeun nyebar pangandika Gusti, sina tumuwuh turta gancang kaala kalawan hasil anu gumilang saperti di aranjeun. 2 Pangnedakeun simkuring sapara kanca, muga ucul ti nu hasud sarta bisa leupas ti nu niat jahat; ma'lum, da henteu kabeh jelema daraek percaya. 3 Tapi Pangeran mah, satia. Dulur-dulur tangtu ku Mantenna baris dipaparinan kuat hate sarta diraksa ti Setan. 4 Simkuring menta, demi Gusti, muga sagala papatah sarta pituduh simkuring, ku aranjeun teh dilakonan: Ayeuna jeung saterusna. 5 Ka Gusti, simkuring nunuhun; mugia ati sanubari aranjeun dipingpin kana welas asihing Pangeran sarta tahan uji saperti Al Masih. 6 Kalayan pajenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, simkuring seja meredih, sangkan dulur-dulur ngajauhkeun maneh ti jalma kedul, anu teu daek ngalampahkeun papatah anu ti simkuring sapara kanca. 7 Simkuring geus mere conto: Salila di aranjeun, tara teuing ngalulungkut nangkeup tuur embung digawe. 8 Sagala anu kadahar ku simkuring, teu aya anu teu dibayar; eta teh beunang dekal-dekul barang gawe beurang peuting, sangkan ulah matak ngaripuhkeun ka aranjeun. 9 Lain ku dumeh simkuring teu layak meunang sokongan, tapi ku bawaning hayang mere conto pikeun turutaneun aranjeun. 10 Basa keur di aranjeun tea, simkuring geus mere ieu pamadegan: “Mun teu ngoprek moal nyapek.” 11 Sabab harita, simkuring ngadenge aya jelema-jelema anu taya gadag sarta gawena teh ngan ngarerecok urusan batur bae. 12 Ka jalma-jalma nu kitu, demi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, simkuring sapara kanca ngawawadian: Kudu daek ngoprek jeung kudu daek susah payah, sangkan anu didahar teh beunang ladang kesang sorangan. 13 Ari aranjeun, dulur-dulur! Ulah kapok-kapok tatalang reujeung tutulung. 14 Teu mustahil, ieu pituah-pituah ti simkuring sapara kanca teh aya anu embung ngadenge. Upama aya cirian, ulah dirapetan, sina eraeun sorangan. 15 Tapi ulah ari dimusuhan mah, leuwih hade pepelingan sakumaha pantesna ka dulur. 16 Mugi-mugi Pangeran Nu jadi sumbering bagja, maparinkeun nugraha-Na ka aranjeun, dina sagala perkara. Mugi Mantenna kersa nangtayungan aranjeun. 17 Ahirna, ayeuna, ieu simkuring ngotretkeun tulisan salam ku leungeun sorangan: “Salam sono ti Paulus.” Ieu teh cirina surat-surat simkuring. Tah kitu rupana tulisan simkuring teh! 18 Mugia aya sih piwelas Isa Al Masih ka aranjeun.
|