1 John

1 Yahya

1 Yahya 1

1 Ieu anu seja dipicatur, nya eta hal: Sabda Hirup (Sabda nu jumeneng Hirup), anu estu geus kasaksi ku rasul-rasul pribadi, geus karungu ku pangrungu, katingal ku siki mata, sarta kacabak ku dampal leungeun. 2 Sabab eta Nu jumeneng Hirup teh, anu tadina ngancik di Anu jumeneng Rama, enggeus gumelar mijalma jeung kasaksian ku simkuring, rasul-rasul. Ayeuna, eta Anu jadi Hirup langgeng teh diwartakeun ka aranjeun. 3 Tah eta, anu geus katingal jeung kadenge ku rasul-rasul teh, ku simkuring rek diwanohkeun ka aranjeun; supaya aranjeun oge asup kana beungkeutana-Na, saperti simkuring sapara kanca, hirup satunggal jeung Anu jumeneng Rama miwah Putra-Na, Isa Al Masih. 4 Sagala perkarana ku simkuring seja dipedar, malar cacap kasukaan hate. 5 Perkara anu katarima ti Anjeunna, anu ku simkuring seja diwartakeun ka aranjeun, nya eta: Allah teh Sumbering terang. Di Mantenna mah sama sakali teu aya poek. 6 Jadi, upama urang ngaku geus hirup satunggal jeung Mantenna tapi resep keneh di alam poek, eta teh ngabohong sabab urang teh patonggong-tonggong jeung perkara anu sabenerna. 7 Sabalikna, upama enya, urang geus aya di alam caang sakumaha Mantenna; tanwande urang teh ngajadi hiji, sabeungkeutan, sarta baris disucikeun tina dosa ku getih Isa Putra-Na. 8 Upama urang ngakukeun teu boga dosa, eta teh tetela ngabobodo maneh tur beda jeung kanyataan. 9 Sabalikna, upama urang balaka ngaku dosa ka Mantenna; tinangtu, ku Mantenna, baris dihampura jeung kadorakaan urang teh dipupus; karana Allah teh, adil tur satia tuhu kana jangji. 10 Upama urang nyebutkeun teu boga dosa; atuh eta mah, sasat nyebutkeun Allah teh Tukang bohong sarta pangandika-Na teu ngancik di diri urang.

1 Yahya 2

1 Anaking! Bapa nulis ieu teh kalawan tekad ngelingan, malar aranjeun ulah milampah dosa. Dina ayana oge anu milampah dosa; di Anu jumeneng Rama mah aya Anu adil, Anu pingabelaeun urang, nya eta Isa Al Masih. 2 Nya Al Masih ku anjeun anu ngahapunten dosa teh. Nu dihampura teh lain dosa urang bae, tapi oge dosa sakabeh jelema saalam dunya. 3 Kumaha jalanna sangkan urang enya-enya wawuh ka Anjeunna? Ku jalan anut, tumut kana dawuhan-dawuhan Allah. 4 Ngaku wawuh ka Anjeunna, tapi teu nurut kana timbalana-Na; eta teh, tetela bohongna; jelema anu kitu teh henteu kaancikan ku bebeneran. 5 Sabalikna, pikeun anu nurut kana timbalana-Na, saestuna kaasihan Allah teh geus sumerep sumarambah sajeroning dirina. Upama geus kitu, tanwande baris karasa enya-enya yen bener urang teh hirup geus manunggal jeung di Allah. 6 Jadi, sing saha anu ngaku yen hirupna geus manunggal jeung Allah, lampahna ge kudu sakumaha lampah Al Masih. 7 Paramitra! Ieu anu ditulis di dieu teh, lain timbalan anyar; sabalikna, nya anu lawas keneh bae, anu geus kungsi kadarenge ku dulur-dulur ti barang mimiti diwawarkeunana. 8 Tapi papadaning kitu, memang ieu teh anyar, nya eta hal anu sayaktina ngeunaan salira Al Masih sarta oge ngeunaan aranjeun. Sabab poek teh, nya geus musna; diganti ku caang padang. 9 Ayeuna, sing saha anu ngakukeun dirina lumampah di alam caang, tapi ijid ka papada kaula; eta hartina manehna masih keneh hirup di alam poek. 10 Anu hirup di alam caang mah ka papada kaula teh nyaah, tur pamohalan kana nyangka goreng. 11 Anu ijid ka pada kaula mah hirupna teh aya di alam poek keneh, teu nyaho kudu jig ka mana. Sabab euweuh nu katenjo manehna, lantaran ku poek tea. 12 Barudak! Ieu bapa nyuratan teh rek ngabejaan; ku karana pajenengan Al Masih, dosa maraneh teh geus dihampura. 13 Bapa-bapa! Simkuring nyuratan teh lantaran aranjeun geus kenal ka Anjeunna, nya eta anu geus jumeneng ti kawitna. Paranonoman! Kuring nyuratan teh lantaran aranjeun geus sanggup ngelehkeun pangajak Setan. 14 Barudak! Maraneh teh ayeuna mah geus wawuh ka Anu jumeneng Rama. Bapa-bapa, sakali deui: Aranjeun teh geus kenal ka Anjeunna, nya eta Anu geus jumeneng ti kawitna. Paranonoman! Tetela aranjeun teh digjaya; salian eta, pangandika Allah ge geus ngancik di aranjeun sarta aranjeun teh enggeus ngelehkeun si Jahat. 15 Ulah rek kabungbulengan ku kadunyaan katut sagala unak-anikna. Anu batinna kaered ku kadunyaan mah, mustahil kaancikan ku asihing Nu jumeneng Rama. 16 Sabab dunya mah ngan jadi enggon kahayang jasmani wungkul, enggon pangajak mata, enggon hirup angkuh, enggon kahayang-kahayang anu asalna ti dunya, lain ti Nu jumeneng Rama. 17 Padahal dunya katut sagala rupa anu matak kabungbulengan teh, keuna ku musna. Sabalikna, jelema anu tumut kana pangersa Allah mah, baris hirup salalanggengna. 18 Anaking! Ayeuna teh geus jaman ahir. Geus nepi kana wancina datang si Dajal anu bareto disebut-sebut tea. Ayeuna, eta dajal-dajal teh geus loba nu narembongan. Eta, ciciren yen ayeuna geus jaman ahir. 19 Ari jelema-jelemana mah, asal ti urang-urang keneh. Ngan maranehna geus naringgalkeun. Ma'lum tadina ge, miluna henteu niat saenyana. Cacak mun niat enya ge, tangtu tetep ngahiji jeung urang. Ku kituna tetela, yen maranehna, ti mimiti keneh oge geus henteu kaasup ka urang. 20 Tapi aranjeun, dulur-dulur, geus dipaparin kakuatan ku Al Masih, geus dibekelan ku pangarti. 21 Jadi, disuratan soteh, ku simkuring, lain ku sabab aranjeun can ngarti kana eta kayaktian. Malah sabalikna, nya eta ku lantaran geus ngalarti kana hal eta; tur ngarti, yen ti nu sayakti mah pamohalan bijil bohong. 22 Saha Tukang bohong eta teh? Lain sasaha deui, lian ti nu nyebutkeun yen Isa teh lain Al Masih. Eta teh si Dajal, anu embungeun ngaku, boh ka Nu jumeneng Rama boh ka Putra-Na. 23 Sabab sing saha anu nampik ka Putra, tegesna nampik ka Anu jumeneng Rama. Sing saha anu narima ka Putra, tegesna narima ka Anu jumeneng Rama. 24 Ku sabab eta, cekel sing pageuh amanat anu geus katarima ti barang diwawarkeun teh, masing nyantel dina hate. Lamun kitu, tinangtu aranjeun baris bisa reureujeungan, boh jeung Putra, boh jeung Anu jumeneng Rama. 25 Da pahlana mah sakumaha anu enggeus dijangjikeun tea, ya eta hirup anu langgeng. 26 Tah simkuring ngabejaan, yen aya jelema-jelema anu nyoba-nyoba rek nyasabkeun aranjeun. 27 Sukur pisan aranjeun geus meunang kakuatan ti Anjeunna jeung diaping ku Ruh Allah. Jadi teu perlu ku pangajaran ti nu sejen deui. Sabab sagala perkara oge, ku Ruh Mantenna geus diwurukkeun ka aranjeun; tur kalawan sayaktina, taya bohongna. Cekel kabeh eta piwulang teh jeung sing tetep satuhu ka Anjeunna. 28 Ayeuna, anaking, sing tetep satuhu ka Anjeunna, supaya ari Anjeunna sumping aranjeun henteu rumegag jeung teu kudu era-era ngadeuheus. 29 Aranjeun mo bireuk deui yen Anjeunna teh adil bener. Ku sabab eta, masing inget, yen sing saha anu hirupna adil bener, baris diangken jadi putra Allah.

1 Yahya 3

1 Pan karasa, kumaha asih-Na Anu jumeneng Rama ka urang teh, nepi ka urang diangken jadi putra-putra-Na; da memang urang teh putra-putra Allah! Hal ieu, ku dunya mah teu kahartieun; ma'lum dunya mah teu ngaku ka Allah. 2 Tapi najan geus jadi putra-putra Allah oge, acan bisa ngira-ngira kumaha engkena kaayaan urang teh. Ngan lamun Al Masih geus sumping, urang teh baris sarua jeung Anjeunna. Kaayaan Anjeunna, nu sajatina, engke tangtu ebreh ka urang. 3 Saha-saha anu ngarep-ngarep kana eta kaayaan sarta ngandel ka Al Masih, kudu ngajauhan dosa, sabab Al Masih teu kagungan dosa. 4 Anu milampah dosa, eta ngarempak hukum Allah; sabab dosa teh ngalawan kana hukum Allah. 5 Ku dulur-dulur geus kaharti, yen nu matak Al Masih mijalma teh geusan nyirnakeun dosa-dosa manusa. Geus tarerang deuih, yen Anjeunna teu kagungan dosa. 6 Anu geus jinek anut ka Anjeunna, tangtu moal milampah dosa. Sing saha anu milampah dosa keneh, hartina can awas jeung can wawuh ka Anjeunna. 7 Anaking! Kahade ulah beunang kasasabkeun ku batur. Anu lampahna adil teh, bener: Sakumaha Al Masih anu bener tea. 8 Anu tonggoy milampah dosa, eta mah anak-anak Iblis. Sabab Iblis mah ti awitna keneh oge, geus milampah dosa. Putra Allah nu matak mijalma teh nya geusan ngagagalkeun pagawean-pagawean Iblis tea. 9 Sing saha anu jadi putra Allah, moal milampah dosa. Lantaran hirupna geus kaancikan ku kakawasaan Allah; malah moal bisaeun milampah dosa teh, lantaran diyugakeun ku Allah. 10 Gampang bae ngabedakeunana, nu mana putra-putra Allah, nu mana anak-anak Iblis: Mana-mana anu goreng lampah jeung teu nyaah ka dulur-dulur, tah nu kitu, nu lain putra Allah teh. 11 Ti kawitna keneh dulur-dulur geus diwurukan, supaya silih pikanyaah jeung pada batur. 12 Ulah kawas Kain, anak Iblis, anu maehan adina tea. Ku naon Kain kitu kalakuanana? Bawaning ku jahat adatna, teu cara adina, ibadah ka Allah. 13 Ulah heran upama dulur-dulur dipikangewa ku dunya. 14 Urang terang yen geus pindah pileumpangan, tina paeh kana hirup, lantaran aya kanyaah ka dudulur. Anu teu boga kanyaahan mah, kaayaanana tetep paeh. 15 Anu mikageuleuh ka dulur, ngaranna maehan. Ari tukang maehan mah, teu kaancikan ku hirup langgeng. 16 Ti Al Masih, urang geus terang nu kumaha ari nu nyaah jeung asih teh. Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang. Urang oge wajib ngorbankeun diri keur kapentingan duduluran. 17 Jelema beunghar, tapi cadu nulung ka nu butuh; majar boga kanyaah ti Allah teh, tapi mana buktina? 18 Anaking! Ulah ngan semet biwir wungkul nyebut-nyebut nyaah teh! Buktikeun kalawan prakna jeung iklasna. 19 Engkena, tangtu karasa yen enya urang teh kaasup jelema bener; jadi, bisa teger di payuneun Allah. 20 Memang dina sagala hal hate urang sok ngadakwa. Tapi Allah mah langkung uninga, ti batan anu karasa ku urang sorangan. Mantenna uninga kana sagala rupa. 21 Upama tina budi rasa urang taya dakwaan naon-naon, rek barang suhunkeun ka Allah teh tangtu moal rumegag; 22 naon bae anu disuhunkeun ka Mantenna, tangtu dikabul; lantaran urang nurut kana timbalana-Na jeung laku lampah urang teh sapuk jeung pangersa-Na. 23 Ari timbalana-Na teh, urang kudu mantep percaya ka Isa Al Masih, Putra-Na; bari silih Pikanyaah, sakumaha anu dipiwarang ku Al Masih. 24 Anu nurut kana timbalan Allah, eta teh manunggal jeung Allah sarta Allah linggih dina hatena. Bisana ngarasa yen Allah linggih di jero hate urang teh, nya ku karana Ruh Allah anu ku Mantenna geus dikurniakeun ka urang tea.

1 Yahya 4

1 Paramitra! Kahade ulah gampang percaya ka anu ngaku-ngaku kalinggihan roh. Uji heula sing taliti; na enya roh anu ngancik dina dirina teh, Ruh Allah? Ayeuna mah, loba pisan nabi palsu anu kulayaban. 2 Pikeun nganyahokeunana kieu: Lamun enya, Ruh dina dirina teh Ruh Allah, tangtu ngaenyakeun yen Al Masih geus sumping ngajadi manusa. 3 Anu teu ngaku ka Isa, tetela roh anu ngancik di dirina teh, lain Ruh ti Allah. Nu kitu mah roh Dajal, nya eta satru Al Masih. Dulur-dulur geus dibejaan yen baris aya anu karitu. Nya ayeuna pisan daratangna maranehna teh. 4 Anaking! Aranjeun mah umat Allah, geus bisa ngelehkeun anu karitu. Sabab Mantenna anu linggih dina hate aranjeun, langkung-langkung kawasana ti batan pangaruh-pangaruh dunya. 5 Lantaran nabi-nabi palsu teh, ti bawahan dunya; jadi, anu diaromongkeunana, nya urusan dunya jeung digaruguna ge, nya ku urang dunya. 6 Ari urang mah ti Allah. Anu nyaho ka Allah tangtu daek ngagugu ka urang. Anu teu nyaho ka Allah mah moal daekeun. Kitu bedana antara Ruh anu sayakti jeung roh anu mawa kana sasar teh. 7 Paramitra, aranjeun, kudu silih pikanyaah. Sabab kanyaahan teh asalna ti Allah. Anu nyaahan, eta teh putra Allah, wawuh ka Allah. 8 Anu tuna kanyaah, ciri can wawuh ka Allah, sabab Allah mah sipat asih. 9 Kumaha asihna Allah ka urang, nyata tina kurnia-Na: Geus ngutus Putra-Na anu tunggal ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang ngamilik hirup. 10 Dina sual kanyaah; lain urang anu nyaah ka Allah, tapi Allah anu asih ka urang; malahan nepi ka nyelehkeun Putra-Na, supaya ku jalan kitu dosa urang dihampura. 11 Ku sabab Allah sakitu asihna ka urang, urang oge kudu silih pikanyaah. 12 Urang memang can aya anu geus kungsi nenjo Allah. Tapi upama urang silih pikanyaah, tangtu Mantenna ngalinggihan hate urang; tur cacap asih-Na ka urang. 13 Ciri yen urang teh hirup manunggal jeung Mantenna sarta Mantenna ngalinggihan hate urang, — kapan geus kabukti — nya eta urang dipaparinan Ruh Mantenna. 14 lian ti eta, Allah Anu jumeneng Rama ge, geus ngutus Putra-Na pikeun nyalametkeun manusa saalam dunya; nya simkuring, rasul-rasul, saksi-Na anu nyaksian ku sorangan, tur wani nyaturkeunana. 15 Sing saha anu ngaku yen Isa teh Putra Allah, hirupna manunggal jeung Allah sarta Allah ge manunggal dina hirup manehna. 16 Ari urang mah, lian ti terang teh jeung percaya ongkoh, yen Allah teh asih ka urang. Memang Allah teh maha asih. Sing sakur anu nyaahan, hirupna teh manunggal jeung Allah sarta Allah ge manunggal jeung hirupna. 17 Kanyaah urang baris ngajadi sampurna, upama laku lampah sajeroning hirup nulad ka Al Masih. Eta teh baris ngalantarankeun urang teger dina Poe Hukuman. 18 Sabab kanyaah mah bebas tina rasa kasieun. Kanyaah anu sajati mah bisa nyirnakeun kasieun. Bijilna kasieun teh lantaran nyaho baris disiksa. Ari jalma anu ngandung kasieun teh, lantaran kanyaahna henteu sampurna. 19 Urang boga kanyaah, lantaran Allah mikaasih ti heula ka urang. 20 Anu ngaku nyaah ka Allah, tapi ngewa ka pada jalma; eta teh tetela bohongna. Upama ka pada jalma anu aya bungkeuleukanana bae geus teu nyaah, pamohalan bisa nyaah ka Allah anu sipatna gaib. 21 Ieu Amanat ti Mantenna teh, nya eta: Sing saha anu nyaah ka Allah, kudu nyaah ka papada jalma.

1 Yahya 5

1 Sakur anu percaya yen Isa teh Al Masih, disebut putra-putra Allah. Upama urang mikanyaah ka nu jadi bapa, tangtu mikanyaah ka nu jadi anak-anakna oge. 2 Kitu keneh ka putra-putra Allah; Urang teh mikanyaah ka maranehna, upama urang nyaah ka Allah sarta nurut kana timbalana-Na. 3 Sabab nyaah ka Allah teh, hartina nohonan parentah-Na. Tur, parentah Mantenna teh, teu beurat-beurat teuing. 4 Jeung ongkoh anu yuga ti Allah mah, kabeh oge, sanggup ngalawan hawaning dunya ku iman kapercayaanana. 5 Jadi, anu sanggup ngelehkeun hawaning dunya teh, ngan anu percaya yen Isa Al Masih teh Putra Allah. 6 Isa Al Masih, sumping-Na ka dunya teh nya ngalakonan dibaptis ku cai, nya ngalakonan mandi getih dugi ka pupus-Na. Jadi, Anjeunna teh henteu ngan semet dibaptis bae, tapi nepi ka mandi getih, nya eta pupus disiksa. Ruh Allah ngiring nyaksian kana benerna ieu perkara; tur Ruh Allah teh, kapan sipat saestu. 7 Jadi, aya tilu saksina, nya eta 8 Ruh Allah, cai, jeung getih. Panyaksen anu tilu teh, kabeh sapagodos. 9 Upama panyaksen ti manusa ge bisa dipercaya, komo panyaksen ti Allah mah; sabab pertelaanana leuwih kuat. Panyaksen Allah ngeunaan Putra-Na, estu cocog jeung bukti anu saenyana. 10 Sakur anu percaya ka Putra Allah, percayana teh nya kana panyaksen ti Allah. Sabalikna, anu teu percaya kana panyaksen ti Allah, eta tegesna nganggap Allah teh Tukang bohong. Lantaran teu percaya kana pertelaan Mantenna, ngeunaan Putra-Na tea. 11 Demi aci-acining eta panyaksen kieu: Allah teh, ka urang, ngurniakeun hirup langgeng. Ari hirup langgeng teh, dicangking ku Putra-Na. 12 Anu percaya ka Putra-Na, tinangtu baris ngamilik eta hirup langgeng. Sabalikna, anu teu percaya ka Putra mah, hamo bisa ngamilik. 13 Dina ieu surat simkuring rek nerangkeun, yen eta hirup langgeng teh ku dulur-dulur geus beunang, lantaran dulur-dulur percaya ka Putra Allah. 14 Dulur-dulur bisa ngunjukkeun angen-angen ka Allah kalawan kapercayaan, yen sagala panuhun anu sapuk jeung manah-Na tinangtu dikabul. 15 Sabab terang, yen iraha-iraha oge Mantenna kersa ngadangukeun panuhun urang, yakin yen sagala anu disuhunkeun dina paneda urang tangtu dipaparinkeun. 16 Upama aya dulur anu milampah hiji kasalahan anu teu matak mateni, pangnedakeun ka Allah, anu tangtu kersa maparin keneh umur ka eta jelema. Ieu teh ngan pikeun anu kasalahanana henteu matak mawa kana hukum pati. Sabab aya kasalahan atawa dosa anu matak mateni. Pikeun anu kitu mah simkuring moal nitah mangnedakeun. 17 Tiap-tiap lampah anu salah kabeh ge dosa. Tapi teu kabeh dosa anu nemahkeun paeh. 18 Jelema anu yuga ti Allah mah moal milampah dosa. Sabab diraksa ku Putra Allah jeung moal bisa dijailan ku Iblis. 19 Urang terang yen urang teh asal ti Allah. Terang yen saalam dunya kabeh aya dina kakawasaan Setan. 20 Tapi urang oge terang, yen Putra Allah geus sumping ka ieu dunya, maparin pangarti ka urang malar kenal ka Allah Nu Sajati. Urang hirup teh geus manunggal jeung Allah Anu Sayakti, lantaran ngahiji jeung Putra-Na, Isa Al Masih. Nya Mantenna Sayaktining Allah; Nya Mantenna Nu jadi Hirup langgeng. 21 Anaking! Ati-ati, sing waspada ka brahala-brahala!





AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE