1 Thessalonians1 Tesalonika1 Tesalonika 11 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat kagungan Rama, — nya eta Allah — jeung kagungan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Mugia aranjeun sing marendak rahmat rahayu. 2 Upama nilik kaayaan dulur-dulur, simkuring sapara kanca teh teu weleh-weleh muji sukur ka kersa Allah jeung teu petot-petot mangnedakeun. 3 Sababna inget bae teh, lantaran iman dulur-dulur wuwuh nyata kalawan prakna; teu eureun-eureun ngajalankeun amal kanyaahan, bari teu pegat ngandel ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, di payuneun Allah, Rama urang. 4 Eta teh tandaning dulur-dulur geus dipilih jeung diasih ku Mantenna. 5 Sabab simkuring sapara kanca ngawawaran jalan pisalameteun ka aranjeun teh, lain ku caritaan wungkul, estu dibarengan ku kayakinan anu kuat sarta dituyun ku Ruh Allah. Ku dulur-dulur oge geus kanyahoan, kumaha soson-sosonna simkuring sapara kanca harita upaya pikeun dulur-dulur. 6 Ayeuna dulur-dulur geus daek narurut kana pangajak simkuring sapara kanca, nya eta anut ka Gusti. Sanajan loba halangan-harungan oge, aranjeun daek narima; tur kalawan sukana ku sabab hibarna Ruh Allah. 7 Aranjeun teh, nepi ka dipiconto ku dulur-dulur saiman di Makedoni jeung Ahaya. 8 Pangandika Gusti teh, ti dulur-dulur, terus nerekab; — lain ngan semet Makedoni jeung Ahaya bae — kaimanan dulur-dulur ka Allah teh, geus kauar-aerkeun ka mana-mana; jadi, ku simkuring sapara kanca geus teu perlu diutik-utik deui. 9 Aranjeun teh, diparuji ku sarerea tina hal panarimaan ka simkuring sapara kanca, bareto; kitu deui hal aranjeun geus ninggalkeun brahala-brahala sarta malik ngabakti ka sayaktining Allah Anu jumeneng; 10 bari nganti-nganti sumping Putra-Na ti sawarga, nya eta Isa — anu geus digugahkeun ti antara nu paraeh — anu ngabebaskeun urang tina bebendu Allah. 1 Ku dulur-dulur oge tangtu karasa, yen pagawean simkuring sapara kanca keur aranjeun teh henteu gaplah. 2 Di Pilipi mah, simkuring sapara kanca teh dianiaya jeung dihina; kapan dulur-dulur oge terang. Tapi sanajan kitu, kalawan pitulung Allah nu disembah ku urang, simkuring sapara kanca dipaparin wawanen ngawawarkeun ka aranjeun, sanajan loba nu ngahalang-halang. 3 Sabab maksud teh lain arek nyasabkeun, macikeuh atawa ngabobodo. 4 Sabalikna, lantaran ngarasa dipercanten ku Allah ngemban Injil. Lain malar dipikaresep ku pada jalma, estu seja nyiar nu dipikamanah ku Allah, anu uninga kana eusi hate urang. 5 Dulur-dulur tangtu aringet keneh, iraha teuing simkuring sapara kanca sok lumah-lameh. Iraha teuing sandar-sindir anu asal tina hate hawek. Allah nu langkung tingali. 6 Tara deuih malar pamuji ti pada jalma, boh ti aranjeun, boh ti nu lianna. 7 Padahal lamun simkuring sapara kanca rek boga niat kitu mah, bisa bae; da simkuring sapara kanca teh, rasul-rasul-Na Al Masih. Nu karasa mah simkuring sapara kanca teh kacida nyaahna ka aranjeun, ngasuh ngamumule lir indung ka anak. 8 Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, ulah-bon Injil Allah, nyawa oge moal dikoretkeun, tina awahing kabeuli nya hate. 9 Tangtu aringet keneh, kumaha tohtohanana simkuring sapara kanca harita: Bari ngawurukkeun Injil Allah teh, simkuring sapara kanca digawe beurang peuting nyiar kipayah sorangan, malar ulah ngaripuhkeun ka aranjeun. 10 Tangtu kasaksian ku aranjeun teh; tur Allah oge ningali, kumaha jujurna, terus terangna, jeung taya cawadeunana simkuring sapara kanca, sapanjang keur aya di aranjeun teh. 11 Enggoning ngawurukan jeung negerkeun hate aranjeun teh, simkuring sapara kanca, teu beda ti bapa ka anak; 12 bari ngaping, sangkan hirup aranjeun teh sapuk jeung pangersa Allah, anu geus nyaur aranjeun sangkan arasup ka Karajaana-Na anu mulya. 13 Teu weleh ngarasa sukur ka kersa Allah, reh dulur-dulur teh geus sakitu leahna narima pangwawaran simkuring sapara kanca; kalawan kayakinan yen anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca teh, lain asal ti manusa, tapi hal pangandika Allah anu geus ngagerakkeun hate aranjeun datang ka percaya. 14 Anu kaalaman ku aranjeun, sarua jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di Yudea, nya eta sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur dikakaya ku dulur sabangsa; maranehna oge kitu, dikakaya ku bangsana, nya eta bangsa Yahudi. 15 Urang Yahudi teh nepi ka nelasan Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung nabi-nabi; saterusna, sakur umat Gusti nu aya di ditu ge dibeberik ku aranjeunna. Ku kituna, urang Yahudi teh ku Allah henteu ditolih, ku sasama manusa ge dipikaijid. 18:12* 16 Anu ngawawarkeun pangandika Allah ka sejen bangsa supaya pada salamet, dihalang-halang ku maranehna. Maranehna sorangan tonggoy henteu euih-euih, nu matak dosana teh beuki gede bae. Ayeuna wawalesna geus datang, maranehna nandangan bebendu Allah. 17 Geus lila naker urang kapaksa papisah kieu teh, dulur-dulur! Tapi papisah soteh raga, ari batin mah tetep padeukeut. Rasa kasono geus teu kaampeuh, tur geus satekah polah simkuring sapara kanca teh narekahan hayang papanggih. 18 Pangpangna nya pihak simkuring, Paulus, anu pohara nyongsrongna teh. Geus aya dua kalina ihtiar, tapi ku Iblis dihalang-halang bae. 19 Saha deui atuh anu baris jadi harepan, pibungaheun, atawa anu jadi poko agulkeuneun simkuring sapara kanca — ari Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih geus sumping — salian ti aranjeun? 20 Lain bebenjon, ngan aranjeun pibungaheun sarta reueus simkuring sapara kanca teh! 1 Ku sono-sonona, ahirna ceuk pikir, keun bae sorangan di Atena oge! 2 Nya tuluy ngajurung Timoteus heula, sina negerkeun hate aranjeun jeung mepeling iman aranjeun; sanajan anjeunna teh penting keur maturan simkuring sapara kanca ngawawarkeun Injil Al Masih. 3 Nu dimaksud, sangkan dulur-dulur, saurang ge, ulah kungsi aya nu mundur ku disusuker. Dulur-dulur tangtu geus ngama'lum, urang teh baris loba nu nyusahkeun pedah boga kapercayaan kieu. 4 Basa babarengan keneh ge, kapan ku simkuring sapara kanca teh geus dibejaan yen urang baris katarajang kasukeran. Bukti geuning karandapan. 5 Eta sababna, nu matak ngutus Timoteus teh, lantaran hate pohara kumejotna hayang buru-buru terang kana kaayaan iman dulur-dulur; awahing ku risi bisi aranjeun beunang kagoda ku setan. 6 Tapi saenggeusna Timoteus datang deui jeung mawa carita anu ngagedekeun hate, nya eta tetela yen dulur-dulur teh tetep pengkuh boh dina sual iman, boh dina sual kanyaah. Saurna deui, dulur-dulur teh kacida mikatineungna ka simkuring sapara kanca; eta teh, teu beda ti simkuring sapara kanca; da simkuring sapara kanca oge, mikatineung jeung mikasono ka aranjeun teh. 7 Iman kapercayaan aranjeun anu sakitu pengkuhna, mawa tengtrem kana hate simkuring sapara kanca, nepi ka poho kana kasusah jeung kasukeran. 8 Sanggeus sidik mah yen dulur-dulur tetep mantep ka Pangeran, simkuring sapara kanca ngarasa teger deui. 9 Simkuring sapara kanca teu manggih pikecapeunana, nya eta kudu kumaha simkuring sapara kanca teh ngahaturkeun nuhun ka kersa Allah. Ku sabab Anjeunna geus maparin kabungahan patali jeung kaayaan aranjeun di payuneun Mantenna, Allah nu disembah ku urang. 10 Beurang peuting simkuring sapara kanca neneda, hayang diparengkeun tepung deui, malar matak ngagedean iman kapercayaan aranjeun. 11 Mugi-mugi Allah, — Rama urang jeung ka Isa, Gusti Jungjunan urang — maparin jalan geusan urang patepung deui; 12 jeung disuhunkeun sih Mantenna, sangkan dulur-dulur beuki leuwih silih pikanyaah, boh pada batur, boh ka sasama sejenna; sakumaha gedena kanyaah simkuring sapara kanca ka aranjeun. 13 Mugi aranjeun tetep dikersakeun pengkuh ka Mantenna; sangkan ari Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping bari diiring ku sakur anu jadi kagungana-Na anu saruci, dulur-dulur kapendak mulus beresih di payuneun Allah, Rama urang. 1 Urang teruskeun deui. Dulur-dulur geus diwuruk, kumaha kuduna sangkan hirup sapuk jeung pangersa Allah. Hal eta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu, kalawan pajenengan Gusti Jungjunan urang, simkuring sapara kanca meupeujeuhkeun, sangkan leuwih enya-enya. 2 Kalawan timbalan Isa, Gusti Jungjunan urang, tea kapan ku simkuring sapara kanca oge geus dibere pituduh-pituduhna. 3 Allah mundut, sangkan lampah aranjeun teh kudu sapuk jeung pangersa-Na, nya eta suci beresih: Sipat cawokah kudu dijauhan ku aranjeun. 4 Pek bogaan ku aranjeun pamajikan sewang-sewangan; sanajan kitu, tetep kudu jeung tatakrama anu pantes. 5 Ulah kajurung ku pangajak napsu, saperti jelema anu teu wawuh ka Allah. 6 Jeung omat, ulah pisan aya anu ngalakukeun dosa jeung ngabobodo ka dulur-dulur saiman. Bareto ku simkuring sapara kanca geus diomat-omatan, yen kalakuan sarupa kitu teh pasti keuna ku bebendu Gusti. 7 Nu matak disaur ku Allah teh, nya eta sangkan ulah sakarep-karep, tapi hirup dina jalan Mantenna. 8 Ku sabab eta, sing saha anu teu malire kana eta katangtuan, lain teu malire kana aturan jelema; tapi teu malire kana aturan ti Allah, anu geus maparinkeun Ruh Allah anu suci ka aranjeun. 9 Ari sual kudu silih pikanyaah mah ku simkuring sapara kanca moal ditetek deui; kapan dulur-dulur ge, geus tarerang sorangan tina piwulang Allah; 10 tur ku aranjeun geus dibuktikeun ka dulur-dulur saiman di Makedoni. Anu dipenta ku simkuring sapara kanca, sing leuwih ti kitu. 11 Lian ti eta oge, kudu boga tekad seja itikurih sorangan, ngudag hirup anu cukup. Ieu teh, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring sapara kanca bareto, 12 malar jaradi jalma nu kaajen jeung henteu gumantung ka batur. 13 Dulur-dulur! Simkuring sapara kanca hayang nerangkeun hal nu geus paraeh. Dina sual ieu, dulur-dulur teu kudu rempan hariwang; ulah kawas nu teu baroga pangharepan jaga. 14 Urang, anu percaya ka Isa, — anu geus gugah tina pupus-Na — yakin yen anu maot dina iman ka Anjeunna baris kumpul jeung Anjeunna di payuneun Allah. 15 Sumender kana piwulang-Na Gusti, simkuring sapara kanca ngabejaan: Jelema-jelema anu harirup keneh dina wanci Gusti Jungjunan urang sumping, moal rek dianak-emaskeun ti batan nu geus maraot. 16 Di mana geus aya tangara, malaikat kapala baris cumeluk handaruan sarta tarompet Allah ditiup, ti dinya Gusti Jungjunan urang, ku anjeun lumungsur ti sawarga. Anu maraot di jero iman ka Al Masih baris harudang ti heula. 17 Ari nu harita harirup keneh, kabeh baris dikumpulkeun jeung anu kakara harudang tea; saterusna, urang baris diangkat babarengan jeung maranehna kana mega di awang-awang, mapagkeun Gusti Jungjunan urang. Ti dinya urang kabeh baris ngancik di Gusti salalanggengna. 18 Tumali jeung eta, urang teh kudu silih tegerkeun hate. 1 Simkuring sapara kanca sama sakali teu terang, iraha Gusti Jungjunan urang teh baris sumping. 2 Teu perlu diterangkeun mangsa pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi; sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting urang teu nyangka-nyangka baris kaasupan bangsat. 3 Waktu anu ku jalma-jalma disangka aman sarta taya naon-naon, ana geletuk teh harita pisan kadatangan bahla, nepi ka maranehna teu bisa sumingkir deui: Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu keur ngajuru. 4 Tapi hirup aranjeun mah, kapan henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun moal kabongohan ku eta Wanci, kawas kabongohan ku bangsat. 5 Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku caang, nya eta beurang tea. Ari peuting mah urang moal bisa naon-naon lantaran poek. 6 Kahade urang mah ulah keuna ku teu eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu tetep nyaring pikir, eling salalawasna. 7 Mun aranjeun hees atawa mabok mah, atuh teu beda tina jeung ti peuting! 8 Urang mah anu di lingkungan caang, nya eta beurang tea, kudu waspada jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu make bae baju kere iman jeung kanyaah; ari balakutakna pangharepan kana mangsaning rahayu. 9 Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun geusan nadah hukuman, tapi geusan dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 10 Isa Al Masih geus pupus pikeun nalangan urang, sangkan boh keur hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep sasarengan jeung Anjeunna. 11 Tumali jeung eta, sing tetep kawas ayeuna, nya eta silih aping silih geuing. 12 Simkuring sapara kanca meredih: Muga aranjeunna, anu nungtun ka dulur-dulur jeung ngelingan enggoning anut ka Gusti, anu geus didaramel sakitu paeh-posona pikeun aranjeun; ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung diajenan. 13 Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna asih. Hargaan padamelanana. Masing layeut runtut-raut. 14 Jeung omat, lamun aya anu ngedul, papatahan; nu geus pegat pangharepan lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah, belaan; ka itu ka ieu sing sabar. 15 Poma, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan raresep kana melak kahadean, boh ka pada batur, boh ka masarakat umum. 16 Salawasna kudu janglar kudu hegar. 17 Ulah tinggal ti neneda. 18 Tarimakeun sagala nu dikersakeun. Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu anut ka Isa Al Masih. 19 Poma ulah mareuman Ruh. 20 Ulah ngabaekeun kana ucapan-ucapan kanabian. 21 Sagala rupa kudu diuji jeung dipaluruh. Nu hade pageuhan, 22 sakur nu goreng kudu disinglar. 23 Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun aranjeun tina sagala kaluluputan sarta jiwa raga katut roh aranjeun ge, tetep jeung mulus banglus nepi ka wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 24 Anu geus nyaur dulur-dulur teh, nya eta Anu Maha Saestu, tangtu ngalaksanakeun jangji-Na. 25 Doakeun simkuring sapara kanca. 26 Salam sono ka sakabeh dulur-dulur. 27 Demi Gusti, bacakeun ieu surat simkuring ka sakumna jamaah. 28 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinan rahmat ka aranjeun.
|